Naskah Drama

27
Naskah Drama Sunda SASAKALA SITU BAGENDIT Kacaritakeun di hiji desa anu leutik. Aya hiji awewe anu katelahna nyi Endit, manehna teh keur mondar-mandir di buruan lantaran bingungeun ku kakayaana anu sakitu lobana. Kumaha carana meakeun harta bandana anu sakitu lobana, padahal disagedengeun imahna loba tatanggana anu kalaparana, tapi manehna teu haying nyaho saeutik-eutik acan. Babak I Nyi Endit :Aduh mani bararingung teuingnya hirup téh! nya malumlah ari jadi jalma pangbeungharna di lembur mah, lamun ceuk paribasana téa mah éstuning bru di juru bro di panto ngalalayah di tengah imah! sawah satungtung deuleu, aprtement papencar dimamana! Pokona mah, bingung euy méakeun duit téh!!! éh ké..ké ari si Papih geus balik acan nya ti London? Da rarasaan mah poe ayeuna balikna the! Papih : Assalamu’alaikum……..,mamih….mamih….! Papih geus mulang yeuh!! buruan ah, geura siapkeun cai panas ka si Ijah, keur papih mandi! maklum, AC di mobil ruksak yeuh!! Nyi Endit : Ijah…ijah….!! Ijah : nya, Gan…..? Nyi Endit : éta pangnaheurkeun cai keur si Papih….. Ijah : mangga, Gan……! Nyi Endit : Pih, kumaha di London téh? bérés teu ténder jeung si Michael téh? Papih : Nya atuh, sanés Papih ngaranna lamun teu suksés mah! malahan mah, tuan Michael memperpanjang deui kontrak kerja jeung urang, cenah Burger jéngkol nu diproduksi ku urang loba peminatna! Nyi Endit : Wah, alus atuh Pih! teu hanjakal mamih kawin jeung papih téh atuh…. Ijah : gan itu caina parantos siap!!!

description

drama

Transcript of Naskah Drama

Page 1: Naskah Drama

Naskah Drama Sunda

SASAKALA SITU BAGENDIT

Kacaritakeun di hiji desa anu leutik. Aya hiji awewe anu katelahna nyi Endit, manehna teh keur mondar-mandir di buruan lantaran bingungeun ku kakayaana anu sakitu lobana. Kumaha carana meakeun harta bandana anu sakitu lobana, padahal disagedengeun imahna loba tatanggana anu kalaparana, tapi manehna teu haying nyaho saeutik-eutik acan.

Babak I

Nyi Endit        :Aduh mani bararingung teuingnya hirup téh! nya malumlah ari jadi jalma pangbeungharna di lembur mah, lamun ceuk paribasana téa mah éstuning bru di juru bro di panto ngalalayah di tengah imah! sawah satungtung deuleu, aprtement papencar dimamana! Pokona mah, bingung euy méakeun duit téh!!!

éh ké..ké ari si Papih geus balik acan nya ti London? Da rarasaan mah poe ayeuna balikna the!

Papih               : Assalamu’alaikum……..,mamih….mamih….! Papih geus mulang yeuh!! buruan ah, geura siapkeun cai panas ka si Ijah, keur papih mandi! maklum, AC di mobil ruksak yeuh!!

Nyi Endit        : Ijah…ijah….!!

Ijah                  : nya, Gan…..?

Nyi Endit        : éta pangnaheurkeun cai keur si Papih…..

Ijah                  : mangga, Gan……!

Nyi Endit        : Pih, kumaha di London téh? bérés teu ténder jeung si Michael téh?

Papih               : Nya atuh, sanés Papih ngaranna lamun teu suksés mah! malahan mah, tuan Michael memperpanjang deui kontrak kerja jeung urang, cenah Burger jéngkol nu diproduksi ku urang loba peminatna!

Nyi Endit        : Wah, alus atuh Pih! teu hanjakal mamih kawin jeung papih téh atuh….

Ijah                  : gan itu caina parantos siap!!!

Papih               : mih papih mandi heula nya,, eh jah sakalian pang cokotkeun anduk di lantai 7 make lift we nyokotna

Ijah                  : mangga gan!!

Emod              : Assalamu’alaikum…………., mamih…..3x. Emod tos mulang sakola yeuh..!

Nyi Endit        : Éh, anak mamih nu panggantengna tos mulang gening!! kumaha tadi di sakola téh?

Page 2: Naskah Drama

Emod              : Ih……mamih….!tadi Emod di lédék ku babaturan Emod, cenah sapatu Emod mah geus katinggaleun jaman….babaturan Emod ayeuna boga sapatu buatan Amerika.

Nyi Endit        : Aduh….., kurang ajar pisan éta barudak téh! geus tong sieun ké ku Mamih dipangmeulikeun sapatu buatan ti Cibaduyut tina kulit buaya. éh, ké heula kétang! apan korét téh pangkal kaya! can jebol mah moal pang meulikeun ku Mamih,paké heula wé nu éta! tuh si Papih geus mulang ti London!

Emod              : Oh, Papih tos mulang ti London, mih? asyik….pasti nyandak oléh-oléh nu loba euy!!

Emod              : Papih…….3x, meunang naon ti London téh? aya oléh-oléh teu keur Emod?

Papih               : Ah…, di Londonna gé euweuh nanaon! sarua wé jeung di Indonésia, euwueuh nu anéh. Kalah wé hargana nu mararahal!

Emod              : Jadi Papih mawa naon atuh?

Papih               : Nya éta wé mawa jéngkol London sakarung.

Emod              : Jéngkol deui….jéngkol deui! cenah wé jalma beunghar! ari dahar jeung jéngkol!

Papih               : Éh, manéh tong ngomong kitu! mun euweuh jéngkol manéh moal bisa sakola.

(Nyi Endit nyampeurkeun).

Nyi Endit        : Aya naon ieu téh? gawé téh guntreng waé!

Emod              : Mih, maenya jauh-jauh ka London gera! ari oléh-oléhna jéngkol deui, jéngkol deui!

Nyi Endit        : Eh, tong salah! jéngkol London téh ngeunah pisan…..! ké ku Mamih pang nyieunkeun semur jéngkol special rasa strawberi keur Emod.

Emod              : Ah, mamih mah saruana jeung si papih!

(si Emod ngaléos).

Papih               : Eh, rék kamana deui? kakara datang langsung indit deui!

Emod              : rék ulin ah ka babaturan!! lieur di imah waé!! bau jéngkol!!

Papih               : Budak téh ulin wéh jeung ulin waé!! lain  ngabantuan kolot!

Babak II

Di jalan, si Emod panggih jeung si Sekar, Lastri, jeung Fitri keur arulin catur dipinggir jaln.

Fitri                 : A Emod!

Page 3: Naskah Drama

Sekar               : Mod, rék kamana manéh?

Emod              : rék ulin wéh, néangan batur!

Sekar               : cenah Bapa manéh karék balik ti London euy! mawa oléh-oléh atuh?

Emod              : nya geus tangtu atuh! urang dipangmeulikeun sapatu buatan London asli……….

Sekar               : wah, pasti alus pisan atuh!

Lastri               : Emod mah bagja pisan nya boga kolot nu benghar!

Emod              : Nya geus tangtu atuh, iyéy……..!

lastri                : mana atuh oléh-oléh kanggo Lastri?

Emod              : ah…, hilap! pami hoyong mah, tuh di bumi seueur jéngkol London.

Sekar               : aduh, hayang atuh urang, Mod! pasti pééd pisan meureunan nya?!

Emod              : tapi keur manéh mah sasiki baénya?

Sekar               : Ah, manéh mah dasar korét.

Emod              : Manéh tong loba-loba dahar jéngkol euy! bisi jéngkoleun!!

Emod              : nya geus atuh urang rek balik heula, nyiapkeun hadiah keur lastri.

Emod              : Sekar kadieu heula, kumaha geus disalamkeun acan ka si Lastri teh?

Sekar               : beres atuh mod!!

Babak III

Si Emod balik ka imah. Manéhna ka dapur néangan jéngkol keur Lastri. Tuluy manéhna ngérésékan jéngkol nepi ka adina datang.

Iroh                 : keur naon manéh?

Emod              : keur ngérésékan jéngkol.

Iroh                 : jéngkol keur saha?

Emod              : keur Lastrilah……

Iroh                 : rék naon manéh bura-béré ka si éta! Pikasebeleun jelema na gé! Béjakeun ka si Mamih, siah! Mamih…..mamih…..( si Iroh ngageroan indungna).

Page 4: Naskah Drama

Nyi Endit        : Naon Iroh….? siga di leuweung waé ngomong téh!

Iroh                 : Eta gera tingali si Aa, ngérésékan jéngkol mani loba keur si Lastri.

Nyi Endit          : Eh….budak téh! Ulah….ulah………! sia mah barang béré ka batur! Batur gé tara méré ka urang!sing inget atuh! Korét pangkal kaya…….!

Emod              : baé atuh mih, da loba lin?

Nyi Endit        : loba-loba ogé, béak mun dibikeun ka batur mah!

Emod              : ah, si Mamih mah korét!

Nyi Endit        : mun teu kitu mah! Sia ogé moal bisa dahar! Sing inget…korét téh pangkal kaya! Eh..eh! geus éta kaluarkeun deui jéngkolna!

( Nyi Endit mangkat, bari kukulutus : ’dasar budak leutik teunyaho apan? Korét téh pangkal kaya!)

Babak IV

Disagédéngeun éta, aya hiji kulawarga anu kaayaanana patukang tonggong jeung kulawarga Nyi Endit. Imahna ogé mung saukur imah leutik, nu témbokna ogé can ditémbok-témbok acan. Pokona mah jauh ti imah nu layak ditempatan.

Ma Ipah           : Bah….kumaha atuh ieu téh? Ema mah mani aréra ka guru si Romlah. Ayeuna si Romlah geus tilu bulan nunggak can bayaran, terus hutang kasasaha. Can deui anu diwarung bi Kokom mah!

Abah               : Nya kumaha atuh, Ma? Da kabeneran usaha Abah keur tiiseun, komo ayeuna mah keur usum hujan! Pan Es Cendol Elisabet mah teu cocok dijualan mangsa keur usum hujan, lin? Nya urang ihtiar sakuat tanaga heula wéh!

Ma Ipah           : Kudu ihtiar naon deui atuh, Bah? Ingon-ingon geus béak dijualan, keur dahar sapopoé. Boga tatangga beunghar teu bisa di andalkeun. Sigana téh Nyi Endit sakulawarga  mah meureun teu boga haté nya, bah? Maenya aya tatangga kalaparan teu naglieuk-ngalieuk acan! Boro-boro méré, ngahutangkeun gé teu méré!

Abah                 : geus atuh ambu, urang téh keur mah geus susah dunya téh, tos nepi susah ahérat atuh! Geus, ulah ngomongkeun batur, keun wé da éta mah keur maranéhanana sorangan.

Romlah            : Assalamu’alaikum………., Ma….Abah….! Romlah meunang surat ti sakola.

Abah               : surat naon, neng?

Ma Ipah           : ah, si Abah mah sok pura-pura baé! Nya pastina ogé surat nitah mayar atuh! Pan apal meureun, si Romlah geus tilu bulan nunggak SPP.

Page 5: Naskah Drama

Romlah            : Ma….Bah…., Romlah éra ku babaturan. Romlah sok di lédék waé ku babaturan, cenah mah geus wé teu boga duit mah tong sakola!

Ma Ipah           : Innalillahi…Abah, nya kudu kumaha atuh? Ema mah geus teu sanggup deui ngalakonan kahirupan téh! Duh, meuni kieu-kieu teuing hirup téh, Bah!hiks…hiks….

Abah               : Istigfar.., ambu….istigfar…..! yeuh, dimana-mana ogé Gusti mah moal ngantepkeun mahlukna sangsara, insyaAlloh pasti rejeki mah bakal datang ti panto nu moal disangka-sangka. Tapi urang kudu usaha anu sakuat tanaga heula.

Ma Ipah           : nya usaha naon dieu atuh, bah? Pan apal meureun  abah gé! Urang ayeuna geus teu boga nanaon deui keur jualkeuneun!

Abah                 : ké, ambu! Abah rék nyobaan ngalamar gawé ka Ny Endit., sugan wé butuheun tukang kebon.

Ma Ipah           : atuh éta sarua baé jeung bohong! Pan apal meureun sifat meditna ogé euweuh nu nandingan?

Abah               : Atuh, Ambu! Urang téh ’ulah kuméok saméméh dipacok’, sok sanajan Abah geus apal ka Nyi Endit kumaha, nya sugan wé jeung sugan aya hidayat ti Gusti Alloh.

Ma Ipah           : nya éta mah terserah Abah wé lah!

Romlah             : Ma, Bah, geus waélah mémang Romlah geus kudu eureun sakola, Romlah mending milu jeung mang iwan ka Jakarta. Lumayan jadi pembantu-pembantu ogé, pan di Jakarta mah gajihna gedé. Sugan mun balik jadi jalma suksés!

Abah               : Eh entong! Sok sanajan Abah jeung Ema teu boga duit, tapi Romlah kudu tetep sakola. Kumaha baé carana. Baé tong dipikiran masalah duit mah, keun ku Abah ditarékahan. Sok sanajan sirah dijadikeun suku, suku dijadikeun sirah. Peupeujeuh Abah jeung ema mah teu lulus-lulus acan, nya Romlah sugan atuh bisa leuwih ti Ema jeung Abah.

Abah               :  Ambu!!

Abah               : Ambu…du’akeun abah  nya…. Ayeuna Abah rék ka imah Nyi Endit rék ngalamar gawé.

Ambu              : mangga Bah…ngan omat wé lamun rék datang ka Nyi Endit mah kudu nyiapkeun méntal nu ékstra.

Abah               : Romlah…du’akeun Abah nya..! Ngarah Romlah bisa sakola deui saperti biasa.

Romlah            : Muhun Bah…

Si Abah ninggalkeun imah anu leutik. Saléngkah, dua léngkah nepi ka teu kaitung deui sabaraha léngkah Abah leumpang. Ahirna nepi ka imah Nyi Endit.

(Tok…tok…tok… bari ngetrok panto si Abah datang pinuh ku harepan)

Page 6: Naskah Drama

Nyi Endit        : Emod…! (3x). Éta pangnempokeun di luar aya saha meuni gandéng ngetrok panto téh! Cukup ku sakali wé atuh! Meni lebay pisan! Tapi inget nya Mod! Lamun éta di luar téh pangemis, langsung wé usir tong dibageuran nya! Hiji deui, yén korét téh pangkal kaya hahaha…(Nyi Endit seuri kuatka geunah)

Emod              : Siap Mih! (bari leumpang nyampeurkeun panto)

Abah               : Dén, dupi mamah na aya?

Emod              : Oh…aya mang. Dupi aya peryogi naon nya? Mangga atuh kalebet heula, ké ku abi diwartosan heula si Mamahna…

Abah               : Oh..muhun mangga atuh (bari di haténa ”ieu budak téh sopan pisan nya, patukang tonggong pisan jeung indungna”)

Emod              : Mih…tuh aya tamu, cenah mah aya perlu ka Mamih.

Nyi Endit        : emang saha kitu Mod? (mamih nanya panasaran)

Emod              : Duka atuh…da Emod ogé teu apal.

Nyi Endit        : saha nya? Rék naon ka dieu?!!

Abah               : Kieu Gan…kaleresan abdi téh nuju peryogi pisan bantosan ti Agan, kaleresan abdi ayeuna nuju nganggur sedengkeun kabutuhan hirup kudu terus dicumponan, intina mah…abdi dongkap ka dieu téh badé ngalamar gawé.

Nyi endit         : Oh…rék ngalamar gawé? Sugan téh rék nginjeum duit! Nyaho teu? Di dieu mah euweuh lowongan gawé keur baramaen!!!

Abah               : tapi gan abdi butuh pisan bantosan ti Agan!!

Nyi Endit        : yeuh teu beunang diomongan maneh mah, kaditu mantog siah!

Abah               : Nya atuh ari kitu mah, hatur nuhun pisan Gan…. Punten pisan tos ngarépotkeun…

Nyi Endit        : Heueuhlah jug geura indit tong loba bacot!

Sabenerna di jero haté Abah, hayang ceurik. Ceuk pikirna kieu pisan jadi jalma miskin téh, hirup mung jadi saukur mangandeuh nu bisana nyusahkeun batur wungkul.

Léngkah anu tadina karasa hampang ngadadak jadi karasa beurat, pikirna deui kumaha jadina mun tepi di imah ngomong naon ka Romlah jeung ka Ambu. Léngkah beuki beurat, harepan geus leungit kamana, di imah Ambu jeung Romlah geus ngarep-ngarep kabar naon nu rék dibawa ku si Abah, sok sanajan si Ambu geus apaleun yén pasti moal mungkin meunang kabar nu alus. Teu pati lila, Abah nepi ka imahna.

Page 7: Naskah Drama

Sanggeus kajadian éta, Abah mulai usaha dagang cingcaw. Dina hiji peuting Abah kakara balik dagang cingcaw.

Abah               : Assalamu’alaikum…

Ambu              : Wa’alaikumsalam…

Abah               : kamana si Romlah?

Ambu                : Tos peureum Bah ti sanggeus isya. Kumaha dagang cingcaw teh Bah? (bari ngasongkeun sacangkir kopi )

Abah               : Hampura nya…céndol téh teu pati payu, itu aya kénéh sabuleng…

Ambu              : Oh…. Teu ku nanaon atuh Bah, meureun emang sakitu rizkina. Ari tadi Abah mawa sabaraha sabuleng?

Abah               : sabuleng…(pasemon nu tiis)

Fitri                 : Abah Fit, hoyong emam!

Abah               : kutan, ambu si neng teu acan emam?

Ambu              : Fit pan tadi teh entos emam?

Fitri                 : atuh ambu da masih lapar kenenh.

Ambu              : Fit entos atuh pan itu aya sapiring oge keur si abah!

Abah               : neng kadieu atuh dihuapan ku abah!

Aambu            : abah pan abah can dieusian nanaon ti isuk oge, ngan ngaleueut cai herang wungkul sagelas.

Abah               : ah keun wae ambu abah mah masih kuat, ieu karunya si fitri bisi teu tibra bobona.

Abah               : anggursi, ambu itu pang mindahkeun dagangan abah ka jero imah nya!

Babak V

Kacaritakeun di Imah Nyi Endit, si Emod jeung Iroh keur balakecrakan dahar. Nya maklum da poé  harita téh poé minggu. Sok sanajan biasana poé minggu téh dipaké beberesih imah, tapi ku sabab Nyi Endit mah boga pembantu jadi gawé sakulawarga téh senang-seneng waé. Teu pati lila datang si sekar jeung si lastri babaturanna si Emod.

Sekar               : punten..punten..punten

Emod              : mangga, eh sekar asup kar!

Page 8: Naskah Drama

Sekar               : kieu mod, kamari téh hadiah keur si lastri geus di bikeun ku dewék tapi….

Emod              : terus..terus…! (motong omongan si sekar)

Sekar               : sabenerna mah si lastri ogé jigana aya hate ka emod téh. Ngan si lastri  ngahanjakalkeun naha maké nitah batur sagala, heunteu ku sorangan.

Emod              : atuh kumaha jang, pan apal meureun emod eraan, komo lamun deukeut jeung awéwé mah, sok ngadadak kaluar kesang badag kesang lembut.

Sekar               : Ah maneh mah nanaon ogé perlu kawani, da lamun teu kitu mah mana atuh anu ngaranna pangorbanan. Komo ieu mah keur jalma anu dipikanyaah jeung nu dipadeudeuh ku emod.

Keur serius ngomongkeun neng lastri antara emod jeung sekar, kadengé sora panto aya nu ngetrokan!

Baramaen        : Sampurasun, sampurasun….. Sampurasun….

Emod              : Iroh, itu pangbukakaeun panto jigana mah aya tamu!

Iroh                 : Ih, si aa mah nitah, bi Ijah tuh pang mukakeun panto!!!

Ijah                  : mangga gan,,,

Baramaen        : neng..pasihan neng…!, ema tos tilu dinten teu acan ngadahar sangu!

Emod              : bi, saha nu datang téh? (si Emod nyamperkeun)

Ijah                  : baramaen den!!!

Emod              : oh nya keun ke ku emod urang pasihan,,,

Emod              : punten, mak mung sakieu hatur lumayan!

Baramaen        : hatur nuhun pisan den!!!

Iroh                 : ih ari si aa nanaonan mere ka baramaen, ke bisi deudeuieun datang ka imah urang deui.

Iroh                 : awas ah….. ku Iroh di bejakeun ka si mamih geura!!! Lamun aa geus méré ka anu ngemis. (bari nyampeurkeun nyi Endit, rék laporan ceunah mah).

Sekar                 : tah Emod, ieu anu alus dimanéh téh!!! Sok sanajan indung manéh meditna geus kasohor ka manca nagara, tapi manéh mah béda pisan jeung indung manéh téh! Jigana hal éta anu ngalantarankeun si Lastri reuseupeun ka émod téh!

Emod                : ah,,, manéh mah bisa waé jang!!!

Page 9: Naskah Drama

Nyi Endit        : Heh…. Emod ari manéh nanaonan méré duit ka nu ngemis? Kawas bisa ngala duit baé. Apal teu yeuh ari jaman kiwari  mah neangan duit hésé. Apan ceuk mamih ogé korét téh pangkal kaya,  inget teu?

Emod              : atuh mih,,, da Emod mah teu téh tega nempo Emak-emak meni geus teu walakaya kitu. Da bari na ogé duit anu dibikeun ku Emod mah éta téh duit jajan Emod.

Nyi Endit        : pokona mah teu hayang nyaho, awas lamun sakali-kali deui méréan kanu ngemis! Duit jajan manéh ku Mamih bakal dipotong.

Papih               : aya naon atuh, asa mani raribut kieu!

Nyi Endit        : éta geura Papih, si Emod méré duit ka nu ngemis, kawas bisa ngala duit waé.

Papih               : Alah…sugan téh aya naon. Baé waé atuh Mamih! Itung-itung sedekah… Pan urang téh jarang méré sidekah ka pakir miskin.

Nyi Endit        : Euleuh-euleuh ari si Papih! Kaasupan jurig naon??? Kuat ka hayang sidekah sagala! Geus ah!! Mamih rék ka salon heula geus tilu poé yeuh can di pédi-médi. (bari indit ngaléos)

Papih               : Dasar awéwé! Gawé téh teu ka emol balanja, nya ka salon! Méakkeun duit waé!!!

Babak VI

Isuk-isuk keneh geus aya bi Eha, keur sasapu di pakarangana, manehna teh katelah si ratu gosip, pas aya bi juju langsung wae manehna ngajak ngagosip jeung bi juju!!!

Warga 1           : kokom, kokom,,,

Warga 2           : aya naon bi Eha?!

Warga 1           : eh hayang gosip anu hot teu???

Warga 2           : emang gosip naon kitu, bi Eha mah masih isuk keneh geus ngagosip,,,,

Warga 1           : ih,,, atuh lain bi Eha ngarana lamun henteu ngagosip mah, hehe…

Warga 2           : heueuh lah, da maneh mah ratu gosip sadunya! Mang gosip naon kitu???

Warga 1           : eta, salaki nyi endit mang Jana!!!

Warga 2           : nya kunaon kitu mang Jana???

Warga 1           : kamari basa kuring balik ti pasar ningali mang jana dicarekan beak karep ku nyi Endit, ceunah mah mang Jana teh rek ngalamar gawe ka nyi endit, tapi apal teu di kumahakeun ku nyi enditna??

Warga 2           : emang di kumhakeun kitu bi? Nanya panasaran

Page 10: Naskah Drama

Warga 1           : eta mang jana geura disebut baramaen ku nyi endit!!!

Warga 2           : eleuh mani tega pisan nya eta nyi endit.

Warga 2           : alah siah, urang poho keur masak pindang di dapur, urang balik heula atuh bisi katutungan…

Babak VII

Isukanana, di imah Nyi Endit aya acara sukuran mangrupa pésta nu meriah. Ngan tamu anu beunghar hungkul nu bisa datang ka pésta éta.

Tuluy, dina poé nu sarua, Romlah teu bisa barangdahar nanaon ku sabab euweuh dahareun saeutik-eutik acan. Kacida patukang tonggong jeung pésta nu diayakeun ku Nyi Endit. Abah nu teu téga ningali anakna nu kalaparan maksakeun datang ka Nyi Endit.

Saacan indit, Ambu nanya ka Abah nu geus  dihina ku Nyi Endit, tapi abah nékad ménta tulung ka Nyi Endit demi anakna nu dipikanyaah.

Di imah Nyi Endit, Abah papanggih jeung salakina Nyi Endit.

Papih               : Eh Abah, kumaha damang?

Abah               : Alhamdulilah séhat, tapi…

Papih               : Tapi naon Bah?? (nanya panasaran bari kerung)

Abah               : Saleresna abdi téh isin upami ngdugikeun kaayaan ayeuna téh, kumargi ayeuna pun bojo jeung pun anak téh geus sababaraha poé teu kaparaban. Dagang céndol teu pajeng waé. Ku kituna, isin teu isin abdi hoyong neda pitulung ka Bapa sangkan pun anak jeung pun bojo tiasa ngaraosan deui nu namina sangu.

Ngadangu kitu si Papih éra ningali sasamana teu bisa dahar sabaraha poé sedengkeun salila ieu kulawargana miceunan duit sangeunahna. Tuluy manéhna ngaléos mawa dahareun keur si Abah. Nalika kitu, Nyi Endit datang ningali si Abah.

Nyi Endit        : Rék naon deu manéh ka dieu? Apal teu, ieu acara téh keur jalma-jalma nu beunghar hungkul. Manéh mah teu pantes datang ka dieu. Eh..eh..eh..nincakkeun suku ogé geus haram hukumna!

Abah               : Astagfirullah…meni téga Agan nyarios sapertos kitu! Naha Agan téga ningali kulawarga abdi teu tuanng sababaraha dinten? Ayeuna anak jeung pun bojo téh nuju ngantosan di bumi bari ngaharepkeun abdi nyandak tuangeun kanggo ngaganjel patuangan.

Nyi Endit        : Dasar baramaen! Bisa na ngan ménta-ménta! Abong jalma teu gableg ka éra! Naha éta boga kulit beungeut téh meni kandel-kandel teuing!!!

Page 11: Naskah Drama

(Nalika Nyi Endit ngahina Abah, si Papih datang bari mawa sangu jeung sapuratina nu geus dibungkus)

Nyi Endit        : Tuh geningan dahareun manéh geus datang! Tah lebok ku sia!!! (Nyi Endit ngalungkeun dahareunana)

Abah langsung ninggalkeun imah Nyi Endit bari mawa batin nu kanyenyeri. Sapanjanng jalan Abah  istighfar bari ngado’a ka Gusti sangkan kabeungharan nu dipiboga ku Nyi Endit bisa méré hidayah ka manéhna.

Babak VIII

Dua poé sanggeus éta, halodo panjang ngadatangan lembur éta. Sawah gararing, taneuh bareulah nepi ka euweuh tatangkalan anu héjo deui.

Di imah Abah, nalika abah jeung Ambu ngobrol, aya anu keketrok. pas di buka aya saurang aki-aki.

Aki-aki            : Assalamu’alaikum…

Abah               : Wa’alaikumsalam…, mangga calik ki, aya kaperyogian naon nya? dupi tiasa dibantos?

Aki-aki            : Kieu, aki téh tos mapah tebih pisan…dina hawa nu panas kieu aki téh ngaraos capé jeung  haus dupi aki nyuhunkeun cai kanggo ngicalkeun kahaus ieu?

Abah               : Muhun…muhun mangga atuh aki… Ambu…punten pangnyandakkeun cai kanggo aki.

Ambu              : (ngaharéwos) Ari si Abah, pan ayeuna téh keur halodo jeung cai téh keur hésé, eukeur mah hésé ieu di dapur tinggal satéko deui.

Abah               : Ambu…dangukeun abah nya…ari rizki mah moal kamana da sagalana ogé geus aya nu ngatur urang pasrahkeun baé wé ka Gusti Alloh. Sok atuh énggal candak, karunya aki tos hauseun urang mah engké wé deui…

Ambu              : Enya atuh Bah…mangga (ngeluk tungkul bari indit mawa cai)

(teu lila Ambu datang bari mawa cai nu ukur satéko leutik deui)

Ambu              : Aki,,,ieu mangga nyanggakeun, hapunteun mung aya cai wungkul,, ma’klum di dieu mah katuangeun téh hésé.

Aki                  : Hatur nuhun teu sawios-wios. kieu nya…Aki datang kadieu téh lain nganjang wungkul, tapi aki rék ngabéjaan yén ieu halodo téh masih panjang.

Abah               : alus atuh nya Ki!! lamun kitu mah céndol téh bakal payu terus atuh…

Aki                  : éh…ari manéh, pan nanaon  téh merlukeun cai. ari manéh rék ngala cai dimana pan ngaranna ogé usum halodo?!!

Page 12: Naskah Drama

Abah               : Oh…heueuh nya? (abah tungkul)

Aki                  : Ceuk aki mah, mening ayeuna mah pindah ti ieu tempat ka anu leuwih genah tuluy néang pakasaban séjén. tah kitu wé ayeuna aki rék neruskeun deui lalampahan aki. Assalamu’alaikum…

Abah               : Wa’alaikumsalam… ambu…

Sanggeus aya aki ka imahna abah teu bisa sare sapeupeuting terus mikiran uucapan si aki tadi berang, poe isukanana.

Ambu              : aya naon bah, gawe teh ngan huleung jentul bae?

Abah               : ambu kamari teh si aki ngomong yen di kampung urang teh bakal kacadian halodo anu kacida panjangna, ku kitunasanggeus dipikaran ku abah ayeuna mah urang balik we ka lembur urang nu baheula.

Romlah            : abah, ambu kumaha SPP romlah teh. Romlah er ku babaturan romlah sok ngledekan bae.

Fitri                 : ambu hayang jajan!

Abah               : romlah, Fitri dangukeun abah. Sigana mah yrang kedah pindah ti ieu lembur kusabab aya nu mere beja yren usum halodo teh masih panjang pisan.

Abah               : ambu geura ajakan tah barudak beberes di kamer, abah rek ngaberesan parabotan.

Ambu              : nya bah!

Abah sakulawarga pindah di lembur aslina di legok hangseur. sedengkeun di imah, Nyi Endit nyalsé ngani’matan hartana.

Babak IX

(Iroh nu keur di tukangeun imah ngageroan Nyi Endit)

Iroh                 : Mamih…(3x)

Nyi Endit        : Naon Iroh? meni gogorowokan wéh pagawéan téh!

Iroh                 : Ari itu saha nu keur ngala cai ti sumur urang?

Nyi Endit        : hey…aki-akin péot, keur naon di dinya?

aki                   : Aki ngan ménta cai saeutik. aki haus geus jalan jauh.

Nyi Endit        : Ah! saha nu paduli. (ngadorong si aki nepi ka labuh ngagudubrag)

Page 13: Naskah Drama

(Aki hudang deui bari jag-jag)

Aki                  : tinggalikeun Nyi Endit naon nu rék katarima ku kalakuan manaéh salila ieu (aki bari nunjuk ku iteuk nu di bawana)

Teu lila ti dinya sumur jadi pinuh, cai terus mudal.

Nyi Endit        : Aki, meni bageur méré cai loba hahaha…(aki geus ngaleungit)

Iroh                 : Mih, si Aki ngaleungit!

Nyi Endit        : ah baé teu paduli. ayeuna nu penting mah urang boga cai loba jeung moal kahalodoan deui.

Iroh                 : oh…heueuh nya?!

(Nyi Endit jeung Iroh seuseurian)

Iroh                 : Mih…naha éta cai téh teu eureun-eureun? beuki dieu beuiki loba?!

Nyi Endit        : Eh, heueuh nya? alah siah Roh! kumaha kalahka jadi banjir kieu. Aduh….itu korsi mahal jeung stok jéngkol ti gudang jadi kakeueum… alah…kotah emas tina lomari kumaha…?

Cai beuki loba nepi ka ngeueum Nyi Endit jeung harta bandana. éta cai ngajadikeun imah jeung tanah Nyi Endit jadi hiji Situ. Kiwari ayeuna dikenal ku ngaran SITU BAGENDIT…

Rengse!!!!

14 0rang

Page 14: Naskah Drama

‘’KABAYAN JANTEN BOYBAND’’      Lima taun baheula Kabayan jeung Iteung meunang pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna duaan.Sateuacan eta,manehna dua’an ngikrarkeun janji satia.

     Geus lima taun teh  Kabayan  balik ka kampung tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu caritana

Kabayan  :”Nyokap…!Nyokap…! Kabayan uih!yeuh mawa TV khusus keur          Nyokap.”(Gogorowokan bari lulumpatan)

Ambu           :”Naon ari maneh,Ambu disebat make-up,asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh Ambu pas keur ngora tara make up-make upan da geus geulis Ambu mah,malah panggeulisna sakampung.”

Kabayan       :’Huuuu,si Ambu mah da mahiwal wae lain make-up ambu,nyokap,hartina teh ema,meuni kitu ge teu apal.”

Ambu           :”Ah maneh mah Kabayan,di kampung siga kieu mah,mana nyaho basa anu kararitu,geuslah maneh istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton Darso.”

Kabayan       :”Heu si Ambu mah ari Kabayan mawa anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah Kabayan bade ka Nyi Iteung heula.”

Ambu           :”Nyi Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.”

Kabayan       :”Ma’enya Ambu,Nyi Iteung can balik?”

Ambu           :”Bener,Ambu mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.”

Kabayan       :”Ah nya tos weh,Kabayan rek istirahat heula.”(Asup ka kamar sabari cirambai cai panon)

      Peutingna sobat Kabayan nyaeta Cenang jeung Nanang datang ka imah siKabayan,nu alesana hayang tepang jeung si Kabayan padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna tiasa nonton TV gratis di imah si Kabayan.

Cenang         :”Kabayan..!Kabayan..!.”

Nanang        :”Kabayan…..!”

Ambu           :”Sabar-sabar.”(Sabari mukakeun panto)

Nanang        :”Kabayana aya?”

Page 15: Naskah Drama

Ambu           :”Aya sok weh lebet.”

Cenang Nanang:”asik.”(Sabari asup ka imah Kabayan)

Cenang         :”Hey Kabayan,gaya lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton TV.”

Kabayan       :”Ah,urang oge nyaho niat maneh ka dieu,rek milu nonton TV.”

Nanang        :”Ahhhh.Kabayan mah terang wae niat abdi,hihihi..”

Kabayan       :”Geuslah maraneh naronton ditu,urang mah lieur.”

Cenang         :”Eh…eh Kabayan,naha eta teh asa siga….,Iteungnya ?’’(Sabari nunjuk-nunjuk ka TV)

Nanang        :”Mana ? oh enya eta mah si Iteung ,tapi naha beda pisan,beuki geulis geuningan.”

Kabayan       :”Mana? mana? Oh beneur geuningan eta Nyi Iteung,naha ngarana janten Syahlacin?”

Nanang        :”Ah..maneh mah Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana kudu alus,maenya sok Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.”

Cenang         :”Bener tah Kabayan,Iteung tos ganti ngarana mereun.”

Kabayan       :”Oh…he’euh nya bener.Kumaha atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Iteung?”(Sabari nyepengan tarang)

    Kabayan keur bingung mikiran kumaha carana supaya manehna bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana keur malikir,aya hiji iklan di TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon eta,hayu urang tinggal.

Reporter Risis:”Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh jeung Eksis.Aranjeun 

                   hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang ngiringan audisi Boyband di Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu enggal-enggal ngiringan.” (Sabari manehna kaluar tina layar TV sareng ngabagikeun formulir ka Kabayan)

Kabayan       :”Wah,kabeneran pisan aya audisi jadi Boyband.Cenang! Nanang! Hayu urang ka Jakarta ambeh tiasa patepang jeung si Nyi Iteung,satuju?”

Nanang        :”Asyik,jadi artis.”

Cenang         :”Heu maneh mah (Sabari ngagetok tarang si Nanang).Demi nulungan sobat, kuring satuju.”

       Isukana Kabayan, Cenang, sareng Nanang teh pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta tiluana teh langsung ngadatangan tempat audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade ningali anakna tampil di TV diuk di harepeu TV.

Ambu                :”Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya? Tah,gening aya oge si Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah.” (Sabari ningali TV)

Page 16: Naskah Drama

Komentator       :”Sok,perkenalkeun heula saha aranjeun.”

Kabayan            :”Perkenalkeun wasta abdi David.”

Nanang             :”Wasta abdi Kevin.”

Cenang              :(Nyepeng tarang sabari bingung mikirkeun ngaran)”Nami abdi Cecep.”

Kabayan            :”Aduh,maneh mah nya,ngaran urang jeung si Nanang teh geus alus-alus,David jeung Kevin,eh ari maneh cecep.Pamaeh dasar…”(Sabari ngajitak tarang si Cenang)

Cenang              :”Enya atuh kuring teh lieur,anu aya di otak kuring teh ngan ngaran cecep hungkul.”

Nanang             :”Geus welah teu nanaon, nu penting mah urang tiasa ngiluan audisi.”

Cenang              :”Tah,beneur ceuk si Nanang teh.”

Komentator       :”Oke,sok atuh tampilkeun penampilan aranjeun.”

      Pas Kabayan ,Cenang ,jeung Nanang rek nampilkeun bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu teh langsung mere jahe ka si Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge pasti bingung, hayu urang tinggal adegana.

Kabayan            :”Uhuk-Uhuk-Uhuk.”

Ambu                :”Jahe jang, jahe,jahe.”

Kabayan            :”Naon Ambu ?”(Sabari kaluar ti layar TV)

Ambu                :”Ieu jahe,jahe sok atuh emam heula jahena.”(Sabari mere jahe ka Kabayan)

Kabayan            :”Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.”(sabari asup deui ka layar TV)

Ambu                :”Enya sami-sami.”

Cenang              :”Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.”

Komentator       :”Hehh!!! (Sabari nenggeul meja)

Nanang             :”Tuh pan bener ceuk si Cenang.”(Sabari ngaharewos ka ceuli si Kabayan)

Komentator       :”Buru,arek nampilkeun moal,hararese kitu oge.”

Hotts               :”Nuhun bu!!!”(Sabari ngabentuk formasi)

       Sanggeus audisina rengse,komentator nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka Kabayan, Cenang,jeung Nanang teh jantenanu meunang janten Boyband terkenal,anu ngarana Boyband Hotts.Kabayan Akhirna patepang jeung Syahlacin dina hiji acara.

Page 17: Naskah Drama

Reporter          :”Kunaon nami anjeun Syahlacin?”

Iteung              :”Kusabab saya alay cin..”

Reporter          :”Kumaha tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa naek daun?”

Iteung              ;”OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.”

Reporter          :”Anjeun yakin?”

Iteung              :”Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.”

Ujug-ujug Kabayan jeung sobatna datang tuluy nanya ka Syahlacin.

Kabayan            :”Iteung…Iteung anjeun teh Nyi Iteung pan?”

Iteung              :”Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.”

Nanang             :”Astaghfirulohnya.!’’

Iteung              :”Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.”

Nanang             :”Keun welah.”

Kabayan            :”Iteung…bener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek ngagentos ngaran naon ge !”

Iteung              :”Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!”

Cenang              :”Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika kabogoh ge poho.”

Iteung              :”Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga kabogoh siga saha eta Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain heula.”(Sabari malingkeun sirah)

     Pas dina acara eta Iteung teh papanggih jeung si Ayanti, teras manehna duaan teh pa’adu omongeun,ku sabab Iteung datangna telat.

Ayanti              :”Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.”(Sabari ngadelekan Syahlacin)

Iteung              :”Enya urang telat kunaon kitu?”

Ayanti              :”Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor maneh mah.”

Iteung              :”Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara anu lain heula,you now?”

Ayant               :”Enya,enya,enya.Up to you lah!”(Sabari ninggalkeun iteung)

Iteung              :”Huuuuh,dasar jalma gelo.!”

     Isukannana, Hotts teh keur latihan sareng koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab mikiran si Iteung wae, jabaning koreografer na teh super galak.

Page 18: Naskah Drama

Koreografer      :”Hiji,dua,tilu mulai.”

Hotts               :(Latihan nari-nari,tapina si Kabayan henteu bener)

Koreografer      :”David,ari maneh kunaon meuni teu bener wae titadi.” (Sabari neggeul suku si Kabayan make mistar)

Kabayan            :”Hampura bu korek.”

Cenang              :”Koreografer lain korek.”

Nanang             :”Tumben maneh pinter.”

Koreografer      :”Ah,geuslah, sok mulai deui latihanana, buruu !”(Sabari ngangkat mistar)

Hotts               :”Enya bu..(Sabari mulai deui latihana)

Pas tos rengse latihana,Kabayan patepang jeung si Ayanti.

Ayanti              :”Eh David ti mana ?”

Kabayan            :”Ti tempat latihan.”

Cenang              :”Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di tanya.”

Ayanti              :”Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da sarua.”

Nanang             :”Ayanti,teu bareng jeung si Anangka ?”

Ayanti              :”Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.”

Cenang              :”Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh…!,henteu heureuy ketang.”(Sabari seserian)

Kabayan            :”Eh…geus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh”

Nanang             :”Tah..he’euh bener, hayu atuh.”

Kabayan            :”Ti payun nya neng Ayanti.”

Ayanti              :”Enya.”(Sabari seuri isin)

     Ti saprak Ayanti panggih jeung si Kabayan , Ayanti teh langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti the ngadeukeutan wae si Kabayan, Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana urang tinggal adegan ieunya.

Reporter          :”Ayanti,david.”(Sabari ngungudag Ayanti)

Ayanti              :”Punteunnya aya urusa naon?”

Page 19: Naskah Drama

Reporter          :”Abdi si Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong-ngomong Ceunah Ayanti jeung David the nuju caketnanya?”

Ayanti              :”Hmmm.”

Kabayan            :”Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .”

Ujug-ujug Syahlacin datang.

Iteung              :”Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!”

Ayanti              :”Naon Syahlacin pipilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti baheula.”

Kabayan            :”Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di mobilnya.”

Saentos si Kabayan angkat  Ayanti megat Iteung teras ngabisikeun hiji hal.

Ayanti              :”Heh syahlacin kadieu.”(Sabari narik leungeun si Iteung)

Iteung              :”Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih? Meuni siga aya sesuatunya.”

Ayanti              :”Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.”(Sabari seuri sinis)

Iteung              :”Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..”

Ayanti              :”Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta teh paribahasa, maksadna teh si David keur dekeut ka urang, teu bogoh deui ka maneh.”

Iteung              :”Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep bogoh ka Syahlacin salami-lamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk kudu indit deui ka acara salanjutna.

     Sanggeus kajadian eta teh Kabayan langsung nelepon Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel ka Syahlacin.

Iteung              :”Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?”

Kabayan            :”Ai maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya?” (Raray kapedean)

Iteung              :”astagfirulohnya meuni ge’er pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka ayanti pan urang jeung ayanti geulisan urang.”(Raray narsis)

Kabayan            :”Ikh,meni so pisan.”(Sabari nutup telepon)

     Sanggeus Kabayan nutup telepon Syahlacin teh nyadar lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras isukana Syahlacin boga inisiatif nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf.

Syahlacin          :”Punteun Kabayan…”(Suara anu lembut)

Kabayan            :”Aya naon?”(Raray sarius)

Iteung              :”Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang sabenerna bogoh keneh ka maneh.”

Page 20: Naskah Drama

Kabayan            :”Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.”

Iteung              :”Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kusabab Iteung isin ka infotaiment,punteun nya Kabayan.”

Kabayan            :”Tah ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon ka dieu?”

Iteung              :”Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.”

      Di tukangeun manehna aya Ayanti anu ngadangukeun manehna dua’an ngawengkong.Ayanti ngarasa sedih teras mutuskeun angkat ka luar kota.

Ayanti         :”Aww.”(Sabari nabrak Cenang)

Nanang        :”Ari maneh nakunaon nabrak kuring,tuh pan buuk kuring acak-acakan.”

Ayanti         :”Ah,awas maneh banci.”(Sabari ninggalkeun Cenang jeung Nanang)

Cenang         :”Ihh,meuni kaktus pisan.”

Nanang        :”Salah ari maneh lain kaktus,ketus kuya..!”

Cenang         :”Oh enya-enya.”

     Isukna,Iteung ngiring mulang ka desa teu puguh jeung si kabayan,Kabayan,Iteung jeung sobat-sobatna mutuskeun ninggalkeun dunia hiburan.Akhirna mah kahirupan di desa balik deui siga baheula.

ITEUNG SARENG KABAYAN TEH HIRUP BAHAGIA

“TAMAT’’

Page 21: Naskah Drama

                  

Page 22: Naskah Drama