8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
1/26
1
Drama Sunda
MOJANG DUA RÉBUAN
Dadan Sutisna
1
Rohangan balé désa, pabeubeurang. Pa Kadés keur narima tamu (Kurdi). Jurutulis
nundutan di juru. Di beulah luar, Rukmini keur diuk nungguan, bari leungeunna teu eureun
ngoprék hapé.
Kurdi : Tah, kitu, Pa Kadés. Kuring mah ménta kapastianana, ku naon
pangna pun anak teu manggih waé jodo?
Pa Kadés : Ari Pa Kurdi, pan tadi gé tos diécéskeun, jodo mah lain urusan
kepala désa. Anging Gusti nu bisa nangtukeun jodo. Ké, ké, budak nu
mana ieu téh?
Kurdi : Anak kuring mah ngan hiji, Pa Kadés. Si Cakra, nu lahirna malem
Jumaah Kaliwon. Padahal kurang kumaha bageurna éta budak.
Kasép. Di sakolana pinter, malah ayeuna mah geus jadi sarjana.
Atuh rajakaya, asana kurang kumaha. Bapana, nyaéta simkuring,
goréng-goréng gé boga toko beusi. Hayang mobil tilu siki waé mah
teu kudu ngiridit. Tapi naha éta Si Cakra, kawas nu teu boga haté ka
awéwé? Kawas teu ngalaman begér? Hariwang kuring mah. Padahal
nu ngahéroan kurang kumaha. Nu geulis, nu bahélol, sasatna
nyalampeurkeun. Ku naon Pa Kadés, pangna pun anak kawas kitu?
Pa Kadés : Éta sugan, bapana mah langkung uninga?
Kurdi : Matak datang ka dieu gé, kuring téh rék ménta bongbolongan. Pan
ayeuna mah jaman data. Susuganan di ieu désa, aya data statistik
nu ngécéskeun sabab musabab hiji jajaka seuseut pinanggih jodo.
Pa Kadés : (Garo-garo teu ateul) Teu aya. Upama data jumlah randa mah, aya...
Kurdi : Sababaraha tah jumlahna?
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
2/26
2
Pa Kadés : Di jurutulis aya catetanana. Aéh, punten, Pa Kurdi, simkuring sanés
alim mayunan. Seueur kénéh sanghareupaneun lian ti urusan jodo.
Kurdi : Ah, da sarua kuring gé keur riweuh. Rék ngirim heula keusik ka Désa
Cihujan. Mangga atuh dikantun, kadé mun geus iber ngeunaan punanak, béjaan kuring, nya.
Kurdi tuluy ngajak sasalaman. Jurutulis nu keur nundutan ngoréjat, basa diajak
sasalaman téh. Kurdi ngaléos.
Jurutulis : Mangga, tamu salajengna!
Rukmini asup rurusuhan.
Rukmini : Ka kuring?
Pa Kadés : Muhun. Mangga calik. Peryogi naon, badé ngalereskeun kartu
keluarga, akta kelahiran, atanapi...
Rukmini : (Motong kalimah) Lain. Kuring datang ka dieu, rék ngumaha ka Pa
Kadés, sangkan éta mangkeluk buru-buru dihukum.
Pa Kadés : Ké, ké, sing pertéla atuh nyarita téh. Maké heula bubuka, béh kuring
ngarti.
Rukmini : Lah, teu kudu maké bubuka, da lain pidato. Ieu mah urusan hukum.Éta mangkeluk geus ngarempak rupa-rupa pasal dina undang-
undang I-Té-É. Pa Kadés nyaho naon ari I-Té-É?
Pa Kadés : Informasi dan Transaksi Éléktronik . Ari kitu manéh boga masalah
naon jeung éta undang-undang?
Rukmini : Lain kuring nu boga masalah mah. Tapi éta mangkeluk.
Pa Kadés : Atuh ulah ka dieu ari urusan undang-undang mah. Mun rék lapor
perkara hukum, tuh ka ditu, ka kantor pulisi.Rukmini : Tapi Pa Kadés kudu apal, di ieu désa aya warga nu pikasebeleunana
kawas kitu.
Pa Kadés : Ari kitu, naon kasalahan éta jelema téh?
Rukmini : Mangkeluk, lain jelema. Kahiji, pagawéanana ukur sindir sampir.
Sigana matak muriang mun teu nyindiran batur téh.
Pa Kadés : Nyindiran kumaha?
Rukmini nangtung, némbongkeun layar hapé gigireun Pa Kadés.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
3/26
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
4/26
4
Pa Kadés : Mangga, caralik. Moal bener ngobrol bari nangtung mah, komo
dibarung ku hahaok. Sok istigfar heula...
Awéwé 3 : Naha maké kudu istigfar? Da kuring mah teu kausap sétan?
Pa Kadés : Nu kakara bérés solat gé sok istigfar. Ngarti? Komo ieu nu ngoprotkésang bari kaciri napsu.
Rukmini : Pa Kadés, ari kuring rék dikumahakeun? Béréskeun heula atuh hiji-
hiji nyanghareupan awéwé téh, ulah diacak kitu!
Pa Kadés : (Ngarérét ka Jurutulis) Pa Ulis, punten ieu campedak urus heula!
Jurutulis : Diurus kumaha, Pa Kadés?
Pa Kadés : Dikolongan naon kahayangna...
Jurutulis : Apan geus sidik kahayangna mah, éta awéwé nu sok nulis status
dina Pacébuuk kudu dihukum.
Pa Kadés : Mun kitu mah, anteurkeun heula ka Bu Kadés. Sugan ari papada
awéwé mah gancang bérésna.
Jurutulis : Bu Kadés nu di tonggoh, atanapi nu di lebak?
Pa Kadés : Nu di lebak. Awas mun nanya deui!
Jurutulis jeung Rukmini ngaléos.
Pa Kadés : Saha jeung nu ti mana ieu téh? Naon maksud pangna nepungan
simkuring?
Awéwé 1 : Naha bet nanya saha ieu? Piraku Pa Kadés teu apal ka warga
sorangan?
Pa Kadés : Warga ieu désa téh aya tilu rébu. Kuring teu apal hiji-hijina, komo
apan réa nu ngaranna sarua.
Awéwé 4 : (Rada tenang) Simkuring opatan téh, wawakil ti sakitu puluh ibu-ibu
nu nasibna sarua. Ngarasa teu ngeunah jeung kaganggu
katingtriman hirupna. Ieu kacirina kawas masalah leutik. Tapi keur
kaom ibu mah badag kacida, lantaran aya konsékwénsi logis jeung
hubungan biologis nu teu harmonis.
Pa Kadés : Saéna, langsung waé kana maksudna.
Awéwé 2 : Kieu, Pa Kadés. Di kontrakan Pa Haji, aya mojang nu keur indekos.
Mahasiswi jurusan hubungan masarakat seméster lima.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
5/26
5
Awéwé 1 : Lain seméster lima, tapi seméster ganjil.
Awéwé 2 : Apan lima gé ganjil.
Awéwé 3 : Seméster tujuh nu benerna mah. Bisi ditingali tina sapatuna!
Awéwé 4 : Naon hubunganana sapatu jeung seméster?
Pa Kadés : Tos, tos, saéna ibu-ibu kuliah deui sangkan paham naon ari
seméster. Teras kumaha?
Awéwé 2 : Éta mojang teuing ku geulis. Jangkung leutik bari ngeusi, ari
beungeut badis artis. Béntang timur téa, manéhna aya di wétan,
jelema nyéréd ka wétan. Urut diukna pada ngusapan, tapak
tonggongna pada nyiuman...
Pa Kadés : Heup, heup, teu kedah bari lebay. Naha salah mun manéhna jadi
awéwé geulis?
Awéwé 1 : Henteu lepat, da tos kitu ti dituna...
Pa Kadés : Salah mun manéhna indekos di kontrakan Pa Haji?
Awéwé 2 : Henteu lepat, da éta mah hakna.
Pa Kadés : Éta mojang sok ngagoda salaki batur? Kaasup salaki ibu-ibu?
Awéwé 1-4 : (Bareng) Henteu...Pa Kadés : Terus naon masalahna atuh? Naha bet kudu diusir? Nu salah mah
lain éta mojang, tapi uteuk salaki ibu nu kudu disérvis.
Awéwé 2 : Kieu Pa Kadés... Euh, kumaha nya. Disebut ngagoda, da henteu. Tapi
réa nu kagoda. Mimitina mah éta mojang sok balanja ka warung Bi
Engkol. Rék balanja sabarahaeun ogé, angger ngasongkeun duitna
téh dua rébu.
Pa Kadés : Atuh ngarugikeun nu boga warung ari kitu mah. Piraku meuli béaslima kilo ukur ngasongkeun duit dua rébu?
Awéwé 4 : Maksadna kieu, Pa Kadés. Mun éta mojang balanja sapuluh rébueun,
manéhna ngasongkeun duit lima lambar, masing-masing dua
rébuan. Kahartos?
Pa Kadés : Najan ku duit kencring saratus pérak gé, sah waé ari jejeg mah.
Henteu salah cék kuring mah.
Awéwé 3 : Masalahna kieu, Pa Kadés. Mun éta mojang tas balanja, rob lalakipaheula-heula ka warung. Papada hayang ngampihan éta duit dua
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
6/26
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
7/26
7
Pa Kadés : (Ngambeuan duit) Bau jéngkol...
Awéwé 1 : (Nukeurkeun duit) Oh lepat, nu éta mah pamulangan ti tukang
sayuran. Cobi nu ieu...
Pa Kadés : Enya, seungit. Tapi kuring mah teu bisa ngabayangkeun nanaon...
Awéwé 2 : Lantaran Pa Kadés can kungsi ningal éta mojang. Cobi ayeuna Pa
Kadés ameng ka kontrakan Pa Haji, terus teuteup éta mojang, terus
angseu deui éta duit. Pasti bénten.
Pa Kadés : Nanaonan, kawas nu euweuh gawé. Punten, simkuring hoyong ka
jamban heula.
Pa Kadés nangtung, nguliat, terus ngaléos ka tukang. Lampu pareum. Caang deui. Opat
awéwé dariuk kénéh. Pagawé Désa ngurunyung.
Pagawé Désa : Punten ibu-ibu, kantor désa badé ditutup. Tos liwat magrib!
Awéwé 1 : Har, apan kami téh keur ngadagoan Pa Kadés. Tadi téh cenah rék ka
jamban, tapi geus tilu jam can datang kénéh...
Pagawé Désa : Pa Kadés mah da tos di bumina. Tadi gé katingal angkat ka masjid.
Awéwé 2 : Sugan nurustunjung Kadés téh. Awas mun panggih deui.
Opat awéwé bubar.
2
Isuk-isuk, méméh panonpoé meleték. Péngkolan Cimites simpé kénéh. Di tepas hiji imah
sigrong, nu katémbong ukur korsi jeung méja, paranti nu bogana niis. Gigireun éta imah,
aya warung leutik nu Bi Engkol. Nutup kénéh.
Jurutulis ngurunyung. Tuluy ngetrokan warung.
Jurutulis : Assalamualaikum. Sampurasun. Punten... Selamat pagi.
Rada lila taya nu ngawaro. Jurutulis tuluy pupuntenan deui. Geus kitu gék diuk dina
bangku.
Mang Édul : (Ti jero warung) Cik atuh euy, montong ngaganggu nu keur saré.
Bi Engkol : (Ti jero warung) Saha éta téh emangna, nyémah lain wayah...
Mang Édul : Téang atuh...
Bi Engkol muka panto. Rucang-riceng lulungu kénéh.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
8/26
8
Bi Engkol : Aéh, geuning Pa Ulis. Naha mani tanginas, wayah kieu tos ider-
ideran. Hayam gé sararé kénéh. Badé aya pikersaeun naon?
Jurutulis : Teu rék nanaon. Ngahaja wé ngageuingkeun. Apan geus kawajiban
papada manusa, silih geuing jeung sasama téh.Bi Engkol : Aya kituna, padahal sakantenan wé atuh, sadaya warga désa
geuingkeun...
Jurutulis : Kahayang mah kitu, ngan teu kaduga. Geus usum kopi wayah kieu?
Bi Engkol : Teu acan. Apan gulana gé karulem kénéh, kedah digugahkeun heula.
Mang Édul kaluar bari kukuliatan.
Mang Édul : Aya wartos nu parenting énjing-énjing ieu?
Jurutulis : Aya. Pa Kadés sigana sakedap deui rék ngundurkeun diri.
Mang Édul : Har, naha? Apan batur mah hayang jadi pamingpin téh?
Jurutulis : Tos teu tahan rupina... Mana kopi téh, Bi?
Bi Engkol ka jero. Mang Édul diuk gigireun Jurutulis.
Mang Édul : Teu tahan kedah ngantor unggal dinten?
Jurutulis : Lain. Teu tahan nyanghareupan warga. Sagala rupa dilaporkeun kakadés. Leuheung lamun perkara penting.
Mang Édul : Tapi teu sadayana kitu rupina... Ongkoh apan masarakat ayeuna
mah geus pinter jeung kritis.
Jurutulis : Tah éta, di urang mah nu disebut pinter jeung kritis nyaéta réa
omong mumul gawé. Di unggal juru nyaritakeun korupsi, étika,
karaharjaan rahayat. Ari butuh surat ti désa mah, angger kénéh
nyogok, méré duit paleuleueur, da ngarah téréh.
Bi Engkol ngurunyung mawa kopi, diteundeun gigireun Jurutulis.
Bi Engkol : Mangga ieu kopina...
Jurutulis : Sabaraha, Bi?
Bi Engkol : Dua rébu. Tara dimahalkeun Ibi mah.
Jurutulis : (Ngasongkeun duit sapuluh rébu) Ieu atuh duitna...
Bi Engkol : Engké wé atuh, Pa Ulis... Nyalsé ieuh...
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
9/26
9
Jurutulis : Ayeuna wé. Kadé Bi, pamulanganana kudu ku duit dua rébuan. Sok
butuh keur mayar parkir.
Bi Engkol ka jero nyokot pamulangan.
Bi Engkol : Ieu mangga angsulna, kaleresan aya dua rébuan...
Jurutulis : Nuhun atuh, marangga ka sadayana...
Mang Édul : Har, ari éta kopi moal dileuleut heula?
Jurutulis : Moal. Sok wé keur Emang...
Jurutulis ngaléos.
Mang Édul : Asa teu kaharti. Isuk-isuk ngageuingkeun, ménta kopi, geus
diladangan kopina teu diinum. Sugan linglung Jurutulis téh.
Bi Engkol : Keun baé atuh emangna, da urang mah teu rugi. Béda jeung kajadian
kamari... éta mah enya matak rugi...
Mang Édul : Kamari aya naon kitu?
Bi Engkol : Cék Si Ésih, cenah manéhna geus mayar hutang dagangan 200 rébu,
dititipkeun ka (semu sinis) salira. Mana geuning teu dibikeun ka
kami? Padahal éta téh modal ngawarung!
Mang Édul : Ieu aya dina saku. Geus kabancang 100 rébu.
Bi Engkol : Tuh, pan. Sidik matak rugi.
Mang Édul : Lah, manéh mah sok asa dijalanan. Jeung salaki mah nya sing
papada surti wé. Duit pamajikan, duit salaki kénéh. Keun da nu kieu
mah teu ngarugikeun rahayat.
Bi Engkol : Pamajikan gé kaasup rahayat.... Wayahna tungguan warung, nya.
Kami rék ka pasar heula. Kadé mun aya nu balanja, duitna tong
disakuan!
Mang Édul : Heug.
Bi Engkol nyelang heula ka jero, nyokot wadah balanjaan. Geus kitu ngaléos rurusuhan.
Mang Édul nguliat. Tuluy lenga-lengo ka jalan. Sanggeus yakin pamajikanana indit,
golédag wéh kana bangku. Saré deui.
Jang Cakra kaluar ti imah gedong. Tuluy leumpang muru warung Bi Engkol. Rét ka nu
keur saré. Terus digeuingkeun.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
10/26
10
Jang Cakra : Mang.... Hudang, Mang...
Mang Édul beunta. Cengkat.
Mang Édul : Aéh, geuning Ujang... Aya naon, Jang?
Jang Cakra : Rék meuli obat nyamuk. Tapi méméhna, urang teruskeun heula
wangkongan kamari. (Ngasongkeun duit 50 rébu) Tah ieu buruh keur
poé ieu.
Mang Édul nampanan duit bari kerang-kerung.
Jang Cakra : Kamari geus nepi ka naon, Mang?
Mang Édul : Duka, poho deui...
Jang Cakra : Kudu inget. Mun perlu catet ngarah apal. Kamari urang ngabahasékonomi makro jeung mikro. Mangkukna ngabahas hubungan antar
nagara katut pangaruhna kana pangawangunan. Tah ayeuna urang
nyaritakeun kamiskinan...
Mang Édul : Kamiskinan...
Jang Cakra : Kamiskinan ngandung harti nu lega, najan di urang mah, nujulna
kana masalah pangaboga. Ukuranana kana ékonomi deui waé.
Mang Édul : Ékonomi...
Jang Cakra : Di urang, kamiskinan penting keur saha waé, lantaran teu weléh jadi
objék nu nguntungkeun rupa-rupa widang. Nu hayang jadi pajabat
ngajual heula kamiskinan, tukang diskusi ngabahas kamiskinan, nepi
ka sastrawan jeung seniman, teu weléh ngangkat téma kamiskinan
dina karya-karyana. Nasib jalma-jalma nu katideresa, mémang bisa
dijual, dijieun objék...
Mang Édul : Objék...Jang Cakra : Kamiskinan gé dipaké objék ku jalma-jalma nu hayang
némbongkeun dirina soléh, ngarah katangar maliré ka sasama. Dina
média sosial, urang baris nangénan kumaha bro-broanana nu
beunghar ka nu miskin, tuluy dipotrét, dipajangkeun ngarah
katémbong ku balaréa. Jadi pantes mun jalma jaman ayeuna sok
disebut generasi narsis...
Mang Édul : Narsis...
Ti jero imah gedong, Kurdi kaluar, luak-lieuk néangan Jang Cakra.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
11/26
11
Kurdi : (Gegeroan) Mang... aya Si Cakra di dinya?
Mang Édul : Tuh, Jang, disaur ku Bapa...
Jang Cakra : Tah nu kieu téh ngaranna gangguan sosial, Mang. Engké soré urang
bahas... Ayeuna mah ladangan heula obat nyamuk.
Jang Cakra ngasongkeun duit 50 rébu. Mang Édul kurah-koréh obat nyamuk. Song
dibikeun, jeung pamulanganana. Jang Cakra balik deui sanggeus nganuhunkeun. Duit
pamulangan jeung obat nyamuk diteundeun dina méja, tuluy asup deui ka jero imah
nuturkeun babapana.
Mang Édul : (Ngomong sorangan) Kuduna mah Jang Cakra téh buru-buru jadi
dosén, ngarah bakatna kasalurkeun. Enya gé diburuhan, tapi ieu hulu
mani lungleng, unggal poé kudu ngabandungan ceramah. Ku rupa-rupa ari pamolah jelema.
Mang Édul rék ngagolédag deui, tapi kaburu daratang opat awéwé bari pépédéngkréng
nulak cangkéng.
Awéwé 1 : Mana Si Engkol?
Mang Edul : Keur ka pasar. Sok rék balanja mah, ku kuring diladangan!
Awéwé 2 : Lain rék balanja. Kami opatan datang ka dieu, rék méré ultimatum ka
Si Engkol...
Mang Édul : Méré ultimatum? Kawas keur perang waé ieu téh?
Awéwé 3 : Kakayaan mémang keur genting. Béjakeun ka Si Engkol, kuring
ngawakilan kaom ibu di dieu désa, rék méré kasempetan dua poé
pikeun nangtukeun tilu pilihan.
Mang Édul : Pilihan naon?
Awéwé 4 : Kahiji, ieu warung kudu ditutup. Atawa kadua, ieu warung teumeunang ngaladangan éta awéwé dina bentuk naon baé. Atawa
katilu, teu meunang mulangan maké duit dua rébu.
Mang Édul : Aéh-aéh, atuh éta mah sarua jeung ngahalangan kana usaha batur.
Teu bisa kitu, da kuring mah teu rumasa salah!
Awéwé 1 : Ieu pikeun katengtreman, Mang. Kudu daék berkorban!
Mang Édul : Mémang kaayaan keur henteu tengtrem?
Awéwé 2 : Leuwih ti kitu. Genting. Harénghéng.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
12/26
12
Mang Édul : Enya, tapi naon alesanana? Asa teu kaharti.
Awéwé 3 : Kudu ngarti. Kadé béjakeun ka Si Engkol, dibéré waktu dua poé. Mun
angger baha, ieu warung bakal dibongkar.
Opat awéwé arindit. Mang Édul hulang-huleng, garo-garo teu ateul. Bus ka jero.
3
Jang Cakra ngurunyung deui ti jero imah, mawa piring wadah obat nyamuk. Sut
diseungeut. Kop kana buku TTS (Teka-teki Silang) nu ngagolér. Gék diuk dina korsi,
mukaan TTS, tuluy ngaluarkeun pulpén tina sakuna. Ngahuleng sajongjongan.
Jang Cakra : Lima ka gigir, awéwé nu can kawin. M-O-J-A-N-G. Mojang. Lima ka
handap, cengkat atawa nangtung, dilarapkeun kana bulu. M-U-R-I-D-I-N-G. Muriding. Tujuh ka handap, teu payu. J-O-M-L-O. Jomlo.
Kitu jeung kitu wé, meunang sababaraha jongjongan. Geus kitu nyokot duit nu ngagolér
kénéh dina méja. Kawas nu keur diitung. Basa nénjo duit pangaji dua rébu, leng
ngahuleng. Panonna nyidik-nyidik tulisan dina éta duit. Jung nangtung, duit dibawa ka nu
leuwih caang. Disidik-sidik lila naker. Gereyem dibaca rada tarik—kawas nu keur maca
sajak.
Jang Cakra : Jungjunan, iraha atuh rék sumping, ieu abdi s1an9 wengi ngantos- ngantos. Eulis.
Jang Cakra leuleumpangan bulak-balik di teras. Hulang-huleng sorangan. Duit dua rébu
téh diilikan deui. Dibaca deui. Ngahuleng deui.
Sabot keur kitu, Kurdi kaluar, rék indit gawé. Ngajingjing sapatu. Gék diuk dina korsi bari
masangkeun kaos kaki. Geus bérés, rét ka anakna, terus mencrong semu kagét.
Kurdi : Aya naon dina éta duit, mani ditelek-telek kitu?
Jang Cakra nyampeurkeun. Gék diuk gigireun bapana, terus ngasongkeun duit.
Jang Cakra : Cobi aos ku bapa...
Kurdi : Naon nu kudu dibaca?
Jang Cakra : (Bari tutunjuk ) Ieu, tulisan ieu...
Kurdi nelek-nelek duit. Dideukeutkeun, dijauhkeun, kawas nu keur usaha sangkan bisa
kabaca.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
13/26
13
Kurdi : Teu nénjo nanaon bapa mah. Nu kadeuleu ukur renyek laleutik
hideung, kawas barisan sireum paéh. Lah, barina gé naon pentingna.
Ieu mah pamolah jelema nu euweuh gawé. Jelema nu teu bisa
ngabédakeun antara duit jeung buku tulis. Bapa mindeng pisan
nénjo nu kieu mah...
Jang Cakra : Ceuk kuring mah penting ieu téh, Pa!
Kurdi : Naon eusina éta téh?
Jang Cakra : Sabangsaning ondangan....
Kurdi : Ondangan?
Jang Cakra : Enya. Nu nulis ieu ondangan, mojang umur salapan welas taun,
lenjang, kulitna bodas. Mojang nu titén tur gumati, taliti jeung sarwaati-ati. Éta deuih, boga jiwa nasionalisme jeung béla ka nagara.
Ngaranna Eulis.
Kurdi : (Beuki kerung) Ari Ujang geus panggih jeung éta mojang?
Jang Cakra : Teu acan. Bujeng-bujeng.
Kurdi : Terus, ti mana Ujang nyaho yén manéhna téh hiji mojang?
Jang Cakra : Kieu, Pa. Nu nyieun ieu tulisan ngaranna Eulis. Sidik awéwé, pan.
Can kacaturkeun aya lalaki ngaranna Eulis...
Kurdi : Lah, bisa baé nu ngaku-ngaku awéwé...
Jang Cakra : Sakedap... Geus welasan taun abdi ningal rupi-rupi tulisan. Tah, nu
ieu mah sidik tulisan awéwé. Tingal ieu... wangun aksarana rapih,
jangkung leutik, hartina awakna gé lenjang. Karéréaan jalma nu
awakna gendut tulisanana gé sok busekel. Kulitna bodas, lantaran
manéhna nempatkeun tulisan lebah lolongkrang nu kosong. Éta
tulisan diteundeun deukeut gambar garuda, hartina boga jiwanasionalismeu.
Kurdi : (Beuki kerung) Ari umurna salapan welas taun, ti mana éta?
Jang Cakra : Tengetan deui ku bapa. Dina kecap siang huruf i diganti ku angka 1,
terus huruf g diganti ku angka salapan. Mun diréndéngkeun jadi
salapan welas.
Kurdi : (Ngehkey seuri) Sok kaleuleuwih ari heureuy téh. Heup heula ah,
bapa kudu buru-buru indit. Poé ieu aya nu pesen keusik 10 treuk,
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
14/26
14
semén 500 sak, jadi kudu buru-buru indit ka toko beusi, bisi nu
balanja kaburu datang.
Kurdi gesat-gesut indit. Jang Cakra nyokot deui duit dua rébu. Diteuteup deui aksarana.
Gék diuk dina korsi. Lampu pareum nuduhkeun robahna waktu.
Kurdi geus balik deui. Kerung nénjo budakna diuk kénéh dina korsi.
Kurdi : Geuning di dieu kénéh?
Jang Cakra : Ti tatadi gé di dieu, Pa.
Kurdi : Aéh-aéh, bapa indit téh jam tujuh isuk-isuk. Ayeuna geus tengah poé.
Hartina geus lima jam Ujang diuk di dinya?
Jang Cakra : Kitu pisan...Kurdi : Masih kénéh mikiran duit?
Jang Cakra : (Ngasongkeun duit dua rébu) Coba ku bapa sawang, lebah
lolongkrang nu kosong, aya gambar ngelemeng. Gambar naon éta?
Kurdi : Gambar pahlawan. Moal salah, dina unggal duit gé aya.
Jang Cakra : Ulah ditingal ku panon lahir, tapi sawang ku panon batin.
Kurdi : Ari nu katénjo ku Ujang gambar naon?
Jang Cakra : Gambar Eulis, Pa. Mojang salapanlas taun. Mangga tingal, éta
imutna teu weléh manis. Buuk ririaban ka lebah lambang garuda.
Kurdi : Tong ngajak heureuy waé, Jang, ka kolot téh...
Jang Cakra : Abdi keur daria, Pa. Abdi yakin, nya ieu pijodoeun téh...
Kurdi : Pijodoeun?
Jang Cakra : Manéhna ngondang abdi ku cara nulis dina ieu duit. Jadi kudu
ditedunan. Kudu ditepungan.
Kurdi garo-garo teu ateul. Hulang-huleng nyaksian polah anakna.
Kurdi : Bener, bapa téh miharep Ujang buru-buru meunang jodo. Tapi lain
kieu carana...
Jang Cakra : Jodo bisa datang ku rupa-rupa cara. Kaasup cara nu teu kaharti.
Kurdi : Tapi... ieu mah mustahil, Jang. Kuriak diseungseurikeun batur.
(Ngageuri) Hartina, salila ieu bapa téh geus salah ngatik hidep. Bapa
ngagugu teuing napsu sorangan. Tadina bapa teu hayang hidep
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
15/26
15
dinyenyeri ku awéwé, kawas nu kaalaman ku bapa. Hidep
disakolakeun nepi ka hasil, diwowoy sagala rupana, ukur hiji nu
dicaram ku bapa, hidep teu meunang waka deukeut jeung awéwé
saméméh ngarti kumaha ari awéwé. Horéng cara kitu téh salah, nya
kieu balukarna. Ujang kawas tiis ka awéwé... tapi ayeuna, ujug-ujug
resep ka awéwé nu teu puguh bungkeuleukanana...
Jang Cakra : Kulawarga urang mémang geus awut-awutan, Pa. Tapi abdi mah ti
baheula gé narimakeun, rarasaan teu kungsi nyieun pikakeuheuleun
kolot. Bapa gé henteu salah.
Kurdi : Geus, Jang, popohokeun éta duit. Duruk sakalian!
Jang Cakra : Hamo poho, Pa. Mugi bapa surti, umur-umuran kakara haté abdi
gumeter maca hiji tulisan awéwé... Abdi ngarasa geus deukeut jeung
pijodoeun, sarta manéhna asa némbongan dina kongkolak panon.
Kurdi : Nu nulis dina éta duit can tangtu awéwé. Bisa waé tukang ojég,
jelema euweuh gawé, atawa aki-aki tujuh mulud. Ujang téh jelema
nyakola, cing atuh paké éta akal, piraku ujug-ujug percaya ka hiji
tulisan nu teuing ti mana jolna?
Jang Cakra : Ieu mah lain urusan akal, Pa. Tapi urusan rasa.
Kurdi : Rasa gé kudu kaharti... Mending istirahat heula, Jang. Sigana pikiran
Ujang keur capé. Hayu di jero ngobrolna.
Kurdi jeung Jang Cakra arasup ka jero imah.
4
Di warung Bi Engkol. Pa Kadés, Jurutulis, Mang Édul, jeung Bi Engkol keur dariuk.
Bi Engkol : Tah kitu, Pa Kadés, abdi jeung ieu emangna, rék malik nungtut kaibu-ibu nu geus ngancam nutup ieu warung. Rék dilaporkeun ka
pulisi, lantaran ngaganggu kana usaha batur.
Mang Édul : Emang salaku nu boga warung, rarasaan mah teu salah. Mangga
émut ku Pa Kadés, naon salahna ngaladangan nu balanja? Rék
mojang rék nini-nini, moal weléh diladangan, tara ngawilah-wilah.
Terus naha bet ulah mulangan ku duit dua rébu? Éta nu teu kaharti
téh.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
16/26
16
Jurutulis : Méméh urusan jeung nu berwajib, alusna mah dibéréskeun heula ku
urang, Mang. Da ieu mah lain tindak pidana...
Bi Engkol : Bisa waé engkéna jadi pidana, Pa Ulis. Mun maranéhna nékad
ngaruntuhkeun ieu warung, éta geus kaasup kana pidana.Pa Kadés : Kieu, Bi. Maksud Pa Ulis mah, urang téang heula ka sungapanana,
urang salusur deui ti awalna. Ayeuna kuring rék nanya, bener di
kontrakan Pa Haji aya mojang nu indekos?
Bi Engkol : Muhun. Tapi duka saha namina.
Pa Kadés : Bener éta mojang sok balanja ka dieu?
Bi Engkol : Tangtu ka dieu, da ieu warung nu pangcaketna. Nya kitu wé balanja
kabutuhan sapopoé, saperti susu, mi instan, sampo, sabun mandi,terus pembalut wanita, sakapeung meuli pulpén jeung amplop, terus
sok meuli...
Pa Kadés : Cekap, teu kudu ditataan hiji-hiji. Bener mun éta mojang balanja sok
maké duit dua rébuan?
Bi Engkol : Kitu pisan.
Pa Kadés : Bener éta duit nu dua rébuan sok diparebutkeun? Bener éta duit
seungit?
Jurutulis : Henteu, Pa Kadés. Tadi kuring nampa duit dua rébuan opat lambar ti
Bi Engkol, henteu seungit...
Pa Kadés : Nu éta mah can tangtu ti Nyi Mojang...
Mang Édul : Kieu, Pa Kadés. Mémang bener, duitna seungit. Tapi asa teu kudu
digegedékeun cék kuring mah. Ukuran palsu henteuna duit, apan lain
ditangtukeun ku seungitna. Sah najan balanja maké duit nu bau
dahdir gé...
Jurutulis : Ieu mah lain keur nyaritakeun duit palsu, Mang... Nu dimasalahkeun
ku ibu-ibu téh, seungitna éta duit bisa mangaruhan katingtriman
rumah tangga.
Bi Engkol : Jadi nurutkeun Pa Ulis, saha nu salah? Éta mojang, Ibi jeung Emang,
Ibu-ibu, salakina, atawa saha?
Pa Kadés : Urang susud ka sumberna. Éta duit jadi seungit lantaran dicekelan
ku Nyi Mojang, kitu sanés?
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
17/26
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
18/26
18
Mang Édul : Muhun, kitu wé heula atuh. Nu penting kaayaan jempling ulah
baringsang kawas ayeuna...
Jurutulis : Aya deui cara séjénna...
Bi Engkol : Naon, Pa Ulis?
Jurutulis : Mun éta mojang balanja deui, rék sabarahaeun jumlahna, teu kudu
mayar. Ku cara kitu moal aya duit nu jolna ti éta mojang.
Bi Engkol : Heueuh, ngan warung Ibi bakal bangkrut.
Pa Kadés : Kitu wé nya, Bi. Mudah-mudahan gancang réngsé. Kuring jeung
jurutulis réa kénéh uruseun.
Pa Kadés jeung jurutulis tuluy amitan.
5
Mang Édul keur sasapu di buruan warung. Kurdi kaluar ti imah, leumpang nyampeurkeun
Mang Édul.
Kurdi : Sakedap, Mang, kuring aya perlu.
Mang Édul : (Nyampeurkeun) Kumaha, Pa, aya pikersaeun naon?
Kurdi : Kieu, Mang. Kamari Si Cakra balanja naon ti dieu?
Mang Édul : Euh... mésér obat nyamuk.
Kurdi : Duitna sabaraha?
Mang Édul : Masihan 50 rébu. Obat nyamuk hargana dalapan rébu. Kumaha kitu,
kirang pamulanganana?
Kurdi : Lain. Hartina pamulanganana 42 rébu, nya?
Mang Édul : Muhun. Dua lambar 20 rébuan. Salambar deui dua rébu.Kurdi : Tah, nu dua rébu éta duit ti mana?
Mang Édul : Duka atuh, Pa. Malum di warung, seueur nu balanja, tara dititénan
hiji-hijina. Duitna seungit?
Kurdi : Teuing seungit henteuna mah... Emang nyaho dina éta duit dua rébu
aya tulisan?
Mang Édul : Terang. Aya tulisan Bank Indonésia...
Kurdi : Maksud téh, tulisan nu maké pulpén...
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
19/26
19
Mang Édul : Henteu nu éta mah...
Kurdi : Kieu Mang, ayeuna budak kuring gering sanggeus maca éta tulisan...
Mang Édul : Jang Cakra teu damang pédah maca tulisan? Bentukna ancaman
atanapi kumaha?
Kurdi : Gering pikir, Mang. Kumaha wé jelema nu keur mabok asmara.
Manéhna nyipta-nyipta, nu nyieun tulisan téh awéwé geulis, sarta éta
téh pijodoeunana...
Mang Édul : Asa anéh, Pa...
Kurdi : Kuring mah geus liwat ti anéh. Tapi kitu kanyataanana. Tah, ayeuna
kuring rék ménta tulung ka Emang. Pangmaluruhkeun, saha nu nulis
dina éta duit téh. Naha enya awéwé?
Mang Édul : Haduh, mani abot pisan tugas téh...
Kurdi : Wayahna, Mang. Tulungan kuring. Asa teu téga nénjo budak gering
ku cara kitu. Urusan buruhna mah, ulah cangcaya...
Mang Édul : Abdi mah sanés keur mikiran buruh. Nanging kacipta hésé
mapaykeunana...
Kurdi ngaluarkeun hapé.
Kurdi : Tah ieu duitna mah, ku kuring geus difoto. Nu aslina mah
dikeukeuweuk ku manéhna, teu bisa dicokot. Sok wé bawa hapéna
ku Emang.
Mang Édul : Mangga atuh, tapi abdi mah teu ngajamin bakal hasil...
Kurdi : Teu nanaon ari geus usaha mah. Kitu wé nya, kuring melang ku
budak...
Kurdi ngaléos deui. Mang Édul ngahuleng bari nyekelan kénéh hapé. Bi Engkolngurunyung ti jero.
Bi Engkol : Aya naon?
Mang Édul : Masih kénéh urusan duit dua rébu.
Bi Engkol : Kaambeu ku Pa Kurdi? Kacipta, mangkaning geus welasan taun Pa
Kurdi ngaduda.
Mang Édul : Lain urusan seungitna ieu mah. Kieu...
Mang Édul terus nepikeun deui obrolan jeung Pa Kurdi. Bari pepeta, semu haharéwosan.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
20/26
20
Bi Engkol : Karunya budak téh...padahal sakitu bageurna... Kolot beunghar.
Rupa kasép. Tapi gawéna ngotok ngowo di imah, bari ukur ngeusian
tarucing cakra alias teka-teki silang. Kacirina Jang Cakra boga
masalah psikologis.
Mang Édul : Psikologis?
Bi Engkol : Pan urang mah ngabandungan pisan, ti mimiti manéhna budak nepi
ka sawawa. Kurang perhatian éta téh, antukna jadi kitu.
Mang Édul : Ih, puguh Pa Kurdi mah perhatian pisan...
Bi Engkol : Kurang perhatian ti indung maksud kami mah.
Mang Édul : Bisa jadi. Emang gé sakapeung sok bingung. Geura wé, unggal poé
nepungan ka dieu, terus méré ceramah nu kaharti. Karunya, kududitulungan. Cik inget-inget, saha nu kungsi balanja maké duit
ditulisan?
Bi Engkol ngahuleng.
Bi Engkol : Inget ayeuna mah. Harita aya budak SD, jajan bari ngasongkeun duit
dua rébu. Kaciri aya tulisan, ngan teu kungsi dibaca.
Mang Édul : Yakin duit nu éta?
Bi Engkol : Sigana mah. Lantaran geus lila teu nampa duit maké tulisan.
Mang Édul : Tah, mimiti aya kelemengna. Saha budakna? Urang tanyakeun.
Bi Engkol : Teu nyidik-nyidik. Ngan nu puguh mah, sakolana di SD deukeut
Posyandu. Cobaan wé paluruh ka ditu.
Mang Édul : Heug.
Mang Édul ka jero heula nyokot dudukuy. Léos indit.
6
Warung Bi Engkol nutup. Pa Kadés jeung jurutulis datang. Pupuntenan. Tapi taya sasaha.
Jurutulis : Suwung geuning, Pa Kadés...
Pa Kadés : Keur ka pasar sugan. Urang dagoan wé.
Jurutulis : Enya, mending didagoan...
Pa Kadés : Bérés nya masalah téh?
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
21/26
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
22/26
22
Pa Kadés : Peuting kamari, Jang Cakra geus ditepungkeun jeung éta mojang.
Geus diklarifikasi. Geus dikonfirmasi. Kacindekanana, éta mojang
teu ngaku nulis dina duit. Terus Jang Cakra gé nyebutkeun, lain éta
mojang nu aya dina implenganana. Ngarti?
Jurutulis : Hartina aya mojang séjén. Ngarti?
Bi Engkol jeung Mang Édul daratang.
Bi Engkol : Aya naon deui ieu téh?
Awéwé 1 : Bet nanya kénéh aya naon. Tas ti mana atuh, nyumput nya, sieun
nya?
Bi Engkol : Saha nu sieun? Prak ayeuna geura rugrugkeun ieu warung. Béjakeun
ka saréréa tong aya nu balanja ka dieu. Puas manéh? Sugemamanéh ngaruksak usaha batur?
Pa Kadés : Heup, heup, ulah paséa di imah batur...
Bi Engkol : Ieu mah imah Ibi, Pa Kadés, lain imah batur...
Pa Kadés : Enya, maksud téh geura silih hampura. Pan geus écés sagala
rupana. Geus kapanggih solusina. Ulah diguar deui...
Awéwé 2 : (Ka Bi Engkol) Heug, waktu ieu mah ku kami dihampura...
Bi Engkol : Aéh-aéh, kuduna gé manéh nu ménta dihampura ka aing? Pan di
dinya nu nyieun pucuk ti girang...
Jurutulis : Kalah beuki panas... Balik, geura baralik!
Mang Édul : Balik ka mana, Pa Ulis? Pa ieu téh imah Emang...
Jurutulis : Maksud kuring mah, ka géng budayut. Rieut nénjona, ti mangkukna
amat abring-abringan waé...
Awéwé 1 : Heug, tapi mun kanyahoan deui Si Engkol mulangan ku duit duarébu, ulah sambat kaniaya, diduruk tah jeung warungna...
Opat awéwé ngalaléos.
Mang Édul : Préman di terminal gé teu kitu-kitu teuing...
Jurutulis : Hampuraeun, Mang. Kabéh awéwé pasti ngadadak tandukan mun
ngadéngé salakina resep ka awéwé séjén.
Pa Kadés : Kitu wé Mang, mun aya naon-naon mah, ké aparat sina ka dieu.
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
23/26
23
Mang Édul : Nuhun, Pa Kadés.
Pa Kadés : (Ka Jurutulis) Hayu, Lis...
Pa Kadés jeung Jurutulis terus arindit ti dinya. Sajongjongan Bi Engkol jeung Mang Édul
patingharuleng.
Mang Édul : Keur mikiran naon?
Bi Engkol : Mikiran éta mojang. Meureun moal ka dieu deui. Resep ku bageurna
kami mah. Ari... salira... keur mikiran naon?
Mang Édul : Na mani siga kaduhung nyebut salira téh... Emang mah keur mikiran
kumaha engké bébéja ka Pa Kurdi. Geus buntu, hésé nyusudna...
Bi Engkol : Nya béjakeun wé sajalantrahna...
Mang Édul : Asa karunya, bisi Jang Cakra beuki parna geringna.
Bi Engkol : Tapi apan urang enggeus ihtiar...
Mang Édul : Enya. Kamari emang nepungan kepala sakola, sangkan éta duit
diumumkeun dina upacara bendera. Budakna kapanggih, cenah éta
duit paméré ti uwana. Emang nepungan uwana, cenah duit téh
pamulangan ti tukang sayur. Biur ngudag tukang sayur, ka dituna
panjang kénéh. Emang nepungan tukang ojég, nu dagang hayam di
pasar, terus ka barudak nu sok ngadu muncang, ti dinya bras ka aki-
aki pangsiunan nu umurna geus 85 taun. Magol wéh di dinya, teu
maju deui.
Bi Engkol : Jadi nu nulis dina éta duit téh aki-aki?
Mang Édul : Lain. Manéhna geus pohoeun ti mana jolna éta duit. Boro-boro kitu,
naon nu dipilampah lima menit ka tukang gé geus pohoeun...
Bi Engkol : Enya, hésé ari kitu mah...
Lampu poék.
6
Sababaraha waktu ti harita. Bi Engkol keur mérésan dagangan. Kurdi kaluar rék indit ka
toko beusi.
Bi Engkol : Mani nyubuh, Pa?
Kurdi : Réa uruseun di toko, Bi. Ari Mang Édul ka mana?
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
24/26
24
Bi Engkol : Nuju ka pasar. Sakedap deui gé wangsul geura...
Kurdi : Enya atuh. Engké deui wé ngobrolna...
Kurdi rék ngaléos pisan, tapi kaburu aya nu gegeroan. Pa Haji datang rurusuhan.
Pa Haji : Pa Kurdi, sakedap... tong waka angkat!
Kurdi : Aéh, geuning Pa Haji. Aya naon mani asa rareuwas?
Pa Haji : Bari calik wé ngobrolna...
Pa Haji jeung Kurdi dariuk dina bangku. Bi Engkol ngadédéngékeun.
Pa Haji : Upami engké wengi bada magrib, bakal aya di bumi?
Kurdi : Insya Allah aya...
Pa Haji : Tah, sukur atuh. Kieu dongéngna mah... Pan di kontrakan kuring téh
aya mojang nu keur indekos. Nu sok balanja ka warung téa. Nu
harita kungsi ditepungkeun jeung Jang Cakra basa Pa Kurdi keur
mapaykeun nu nulisan duit dua rébu...
Kurdi : Muhun, leres...
Pa Haji : Tah, ayeuna téh keur gering. Tos tilu dinten...
Bi Engkol nyampeurkeun.Bi Engkol : Tuh, nya, pasti gara-gara gosip ibu-ibu budayut. Jadi wéh kapikiran
ku si Nyai nepi ka geringna. Karunya teuing... Da saha nu teu nyeri
haté atuh, dituduh ngaruksak rumah tangga batur...
Pa Haji : Sanés, sanés pédah éta, Bi...
Bi Engkol : Oh... manawi téh...
Kurdi : Lajeng kumaha, Pa Haji?
Pa Haji : Ku kolotna geus dilongok, rék dibawa ka rumah sakit. Tapi mugen
embungeun. Tah, ku pun bojo mah sok teras diajak ngobrol.
Dikolongan eusi haténa. Sihoréng lain gering samanéa. Si Nyai téh...
kabungbulengan ku Jang Cakra. Mémang kakara tepung sakali basa
harita di imah Bapa téa, tapi teuing ku naon cenah, nepi ka ayeuna
inget waé...
Kurdi : Euleuh... dugi ka kituna...
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
25/26
25
Pa Haji : Nu matak mun Pa Kurdi teu aya halangan mah, engké magrib ku
kuring jeung pun bojo rék dibawa ka dieu. Diajak nganjang. Keun wé
sina ngobrol duaan...
Kurdi : Ih, ari abdi mah atoh nu aya, Pa Haji. Sugan wé pun anak gé jadicageur...
Pa Haji : Tah, kitu intina mah. Punten tos ngawagel...
Kurdi : Sami-sami, Pa Haji...
Pa Haji jeung Kurdi tuluy ngaléos. Bi Engkol ngahuleng sajongjongan. Geus kitu asup ka
warung.
Kurunyung Mang Édul, mawa balanjaan. Gék diuk semu capé.
Mang Édul : Moal, moal sakali-kali deui daék dititah ka pasar. Ripuhna teu
katulungan...
Jang Cakra kaluar ti imah. Ngagandong kantong badag. Ngajingjing sapatu. Geus kitu
nyampeurkeun Mang Édul. Diuk gigireunana bari masangkeun sapatu.
Mang Édul : Rék ka mana, Jang? Siga rék indit-inditan?
Jang Cakra : Indit jeung balik, éta mah hal nu biasa, Mang. Wayahna bahasan
urang diteundeun heula...Mang Édul : Teu nanaon. Emang gé émut kénéh, harita urang medar bab
kamiskinan.
Jang Cakra : Tah, éta. Tapi ayeuna aya nu leuwih penting batan kamiskinan...
Mang Édul : Naon, Jang?
Jang Cakra : Nyusud hiji tulisan...
Mang Édul : Beu, ari sugan téh geus poho. Atos, Jang, moal kapendak...
Jang Cakra : Gedé kénéh harepan, Mang. Dina sajarah manusa, naon-naon bisa
robah. Jaman, téknologi, kahirupan, kabéh robah. Ukur hiji nu angger
natrat... cinta.
Mang Édul : Cinta...
Jang Cakra : Datangna sok lain wayah. Teu kajudi ti anggalna. Moal reureuh
dipegatan. Moal cunduk ditungguan. Moal datang ditéangan. Tapi
jirimna bisa disungsi.
Mang Édul : Jirim...
8/17/2019 Drama Mojang Dua Rebuan
26/26
Jang Cakra : Mangga, Mang...
Mang Édul : Mangga, Jang...
Jang Cakra ngaléos nepi ka ngilesna. Bi Engkol kaluar rurusuhan.
Bi Engkol : Ari bieu sada sora Jang Cakra?
Mang Édul : Enya....
Bi Engkol : Kamana ayeuna?
Mang Édul : Indit. Keur néangan jirim nu bisa disungsi.
Bi Engkol : Aéh-aéh, lain halangan atuh. Kalah ka diantep?
Mang Édul : Har? Da geus gedé ieuh, piraku kudu dicangcang?
Bi Engkol : Lain kitu, engké bada magrib bakal aya kajadian penting. Bakal aya
nu ngalamar. Buru susul, tong sina indit.
Mang Édul : Na atuh lain ngomong ti tatadi.
Mang Édul jeung Bi Engkol tuluy gegeroan ngudag Jang Cakra.
Bi Engkol : Jang Cakra...
Mang Édul : Kudu reureuh dipegatan...
Bi Engkol : Jang Cakra...
Mang Édul : Kudu cunduk ditungguan...
Bi Engkol : Jang Cakra...
Mang Édul : Kudu datang ditéangan...
Lampu poék.
RÉNGSÉ
Top Related