Mangle 2467

57

description

 

Transcript of Mangle 2467

Page 1: Mangle 2467
Page 2: Mangle 2467

0SIUPP: No. 034/SK/Menpen/SIUPP/CI/1986

ANGGOTA SPS JABAR No. 50/AB/BAFD/XII/69

BANK: Bank Mandiri Cab. Bandung Alun-alun

No. 130-00920.32518, Bank BNI Cab. A-A No. 24455350

ISSN: 0852-8217

ALAMAT REDAKSI/TU/IKLAN:

Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 Telp. 022-7303438 Fax 022-

7309720

E-MAIL: - [email protected]

- facebook: Majalah Sunda Mangle

PAMEDAL PT. Manglé Panglipur, PANARATAS R.H. Oeton Muchtar (Alm),

Ny. RHE. Rohamina Sudarmika (Almh), Wahyu Wibisana, PUPUHU/GIRANG

RUMPAKA Oedjang Daradjatoen M., PANASEHAT USAHA Teddy Kharsadi,

WAKIL PUPUHU Abdullah Mustappa, RUMPAKA SENIOR Karno Kartadib rata,

Ny. Hana Rohana S., RUMPAKA Elin Samsuri, Ensa Wiarna, Dian Hendra yana,

Eep Nandang R, Narti. Taufik Rahayu. PANANGKES: Ensa Wiarna; SEKRETARIS

RUMPAKA Rudi H. Tarmidzi, PANATA LAKSA NA Ayi Sundana, SEKRETARIS :

Tuti Rohimah. DOKUMENTASI Ny. Ai Suryati, JURU-POTRET Reisyan, PANATA

RUPA/PRA CETAK Cucu Rahmat S, Bachrudin, ILUSTRATOR Agus Mulyana,

KORESPONDEN Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Enung (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega

Sista (Pandeglang); Dali Sumarli, S.Pd. (Sumedang). PRODUKSI Endang, Jaja, Ade,

IKLAN Unay Sunardi, Dedi Asmarahadi PANATA HARTA Herno Hernawan, Ai

Nawangsih, PANATA DUUM Dicky M. Rafiudin, Dikdik Djoko S.

Remen kacatur, di urang téh loba nu palinter. Ka-mampuhanana gé lain ukur diharegaan kubangsa sorangan, tapi deuih ku bangsa deu -

ngeun. Kapunjulanana, ogé rupa-rupa widang,ekonomi, tatanén, téhnologi, jeung sajabana.

Bisa jadi, lobana nu pinunjul sacara pribadi mahmoal éléh ku bangsa deungeun, da padumuk nagriurang téh kaasup di antara nu panglobana di ieu dunya.Atuh wajar, upama di antara nu ratusan juta jiwa, ukurnéangan rerebuan nu pinunjul mah, moal kudu nguyangka batur.

Nu punjul, nu ahirna sukses dina kahirupanana, ogéteu kurang-kurang. Mingkin dieu nu kaasup jugala gébeuki nambahan. Tapi, sabagian warga séjénn, nuulukutek dina handapeun garis kamiskinan gé anggerpohara. Nilik ka dinya, kapunjulan-kapunjulan pribaditéh, teu langsung bisa ngaronjatkeun karaharjaanbalaréa.

Sabagian warga nu geus mampuh nyumponan bubu-

tuh hirupna, tacan ngarérét’ warga sejenna nu merelu -keun pitulung. Najan geus sarwa ‘cukup’ anggermenting keun pribadina. Memang, ukuran bubutuhmah, taya watesan anu jinek. Najan, geus sarwa boga,bisa jadi teu weléh ngarasa kurang. Pasipatan kitu, lainukur bakal mentingkeun diri pribadi, tapi deuih bakalngalanggar hak-hak pihak séjénna.

Nyumponan bubutuh pribadi atawa kulawarga nuteu ngarérét ka sisi ka gigir, lir kuda tanpa kadali. Mang-prung, ngudag-ngudag kabutuhna, sarta teu midulipihak séjén. Nu kawas kitu, ogé bakal ngarasa leuwihaman mun taya pihak séjén nu ngahalang-halangpakarepanana.

Ngungkulan jungkrang kaayaan saperti kitu, tayadeui harepan, lian ti ngandelkeun pamaréntah. Butuhaturan atawa kawijakan nu gembleng nu ngawengkukabutuh rahayat sakumna. Nya, dina saban lima taunan,rahayat nganti ketak pamarentahan anyar nu mudah-mudahan leuwih hadé batan mangsa nu kaliwat. ***

Nata Harepan Lima Taunan

LLawangSakéténg

Page 3: Mangle 2467

LAPORAN

Ngundeur Sora ti Tatar Sunda

........................................................... 8

IMPLIK - IMPLIK

Ngahangkeutkeun Deui Samping

Poléng Majalaya

Mulangkeun Citra Kota Dolar

......................................................... 10

BANDUNG - BANDUNG

Perda Kapariwisataan Kota Bandung

Kudu Dirépisi

......................................................... 48

NU MANEUH

Lawang Saketeng ............................... 1

Kaca Tilu ............................................ 3

Nyusur Galur .................................... 12

Munara Cahya ................................... 14

Tanya Jawab ..................................... 16

Aweuhan ........................................... 41

Gedong Sate ...................................... 42

Katumbiri .......................................... 44

Bale Bandung .................................... 50

Mangle Rumaja .................................. 51

Tarucing Cakra .................................. 55

Lempa Lempi Lempong .................... 56

5TAMU

Drs. Suhendra, M.Ed.;

Sunda Jaya, Kudu Daék Ngalumbara

Po

tre

t : R

eis

ya

n

Balik ti masigit ba’da Isya, Artasimdipegat ku lalaki opatan nu maraké bajusaragam, lengkep jeung atributna. Teu

amit teu sing Artasim diringkus, leunge-unna diborogod, diparékoskeun ka beu-

lah tukang. Tuluy diséréd ditaékkeunkana mobil kurung nu ngajugrug di

dinya. “Bapa…!” gorowok Rasid, anakna nu

kakara tujuh taun bari ngagabrug ka....

Kutan Kitu

JAGAT WANGWANGAN

( 17 - 40 )

Redaksi Majalah MANGLÉ nampi mangrupi-rupi seratan ti mitra MANGLÉ, bohfiksi atanapi non fiksi. Seratanana mangga kintun ngalangkungan pos ka Jl. Lodaya No. 19 Bandung 40262 atanapi ngalangkungan email: [email protected] cc: [email protected] seratan teu kenging hilap ngangge identitas diri sareng potret. Seratankaryana tangtos kenging honor.MANGLE ogé nampi kritik sareng saran ti mitra MANGLE, kanggo kritik sarengsaran tiasa ngalangkungan pos atanapi e-mail nu tos kasebat. (rédaksi manglé)

Page 4: Mangle 2467

3Manglé 2467

KKacaTilu

Jagal

Salasahiji film dokuménter anuasup kana nominasi Oscar taunieu nyaéta "The Act of Killing".

Éta film anu disutradaraan ku JoshuaOphenheimer téh geus lila jadi bukurcatur di urang. Judulna disalin kanabasa Indonésia, jadi "Jagal". Malahnaon anu dipidangkeun di dinyakungsi jadi laporan khusus MajalahTEMPO. Cenah réa anu teu panujukana eusina. Ceuk béja malahPaming pin Redaksi TEMPO (harita)Wahyu Muryadi ngahaja diajak nga -riung ku pangurus NU di Surabaya,Jawa Timur. Nu jadi salasahiji alesan -ana lantaran dina éta film loba nye-but-nyebut Anshor.

Sakumaha lumrahna filmdokuménter, nu jadi runtuyan caritadina "Jagal" gé cenah kajadian nusabenerna. Nyokona dina kajadiansabada G30S/PKI téa. Apan nepi kaayeuna masih kénéh jadi polemik diurang, sakumaha lobana anu jadi kor -ban harita anu digolongkeun kanaPKI. Ari anu migawéna cenahlolobana ti unsur ormas Islam,babakuna Anshor.

Kudu mindeng nyebut cenah dinanyaritakeu éta film téh. Lantaran naonanu digambarkeunana masih kénéhjadi bahan debat. Di urang gé cenahgeus sababaraha kali éta film dilalajo -an, tapi di tempat husus. Anu lalajonaogé henteu bisa saha baé. Babakunamah lantaran eusina anu mataknimbul keun debat, malah mungkinjadi bahan papaséaan.

Naon anu jadi tujuan utamanapangna Ophenheimer sabatur-baturnepi ka ngahagalkeun nyieun éta film,

tacan kaungkab. Anu nembrak mahkarék kana alesan anu geus ilahar,nyaéta urusan HAM téa. Anungabayuanana aya sababaraha pihak,cenah diantarana téh Inggris jeungDenmark. Duka pamaréntahna, dukasaha, teu pati écés. Ngan anu pasti étafilm kungsi meunang penghargaandina acara anugerah film di Inggris(bangsana Oscar di Hollywood). Kuasupna kana nominasi Oscar taun ieugé geus katémbong kumahapengharga an batur kana film anungagambarkeun riributan di urangmangsa harita.

Meujeuhna lamun di dieu di-tandeskeun yén éta filmngadokumentasi keun tragedi (lamuntéa mah ka dinya loyogna) anu kaala-man jeung dilakukeun ku bangsaurang. Naon sababna, bet didokumén-tasikeun jeung "didagangkeun" kudeu ngeun-deungeun? Lantaran ceukbatur mah éta kajadian téh bisa"didagang keun". Perkara hasilnabakal jadi négatif ka bangsa urang, boamémang éta anu jadi tujuanana gé.

Anu pasti mah urang anu tinggaleun.Henteu nganggap penting kana urusananu kararitu. Tapi sabalik na, jadi pen -ting sanggeus digarap jeung "didagang -keun" ku bangsa deungeun. Sanggeusngarasa digogoréng ku batur, kakarawéh urang ngarasa teu genah jeung teurumasa.

Dina peradaban jaman kiwari,mangaruhan jeung ngarobah opini téhgeus dianggap salasahiji cara pikeunnepikeun maksud, anu pasti bakal ayapangaruhna babakuna pikahareu -peun ana. Moal samata-mata aya anu

daék ngabayuan nyieun film "Jagal"(anu tangtuna ogé ongkosna henteumurah) lamun euweuh tujuanana.Cep lak pahangna mah, pasti aya anudiarahna. Lain tina ladang ngajualanjeung ngadagangkeun filmna (nulalajo di urang gé teu kudu mayar) tapitina jihad séjén.

Nepi ka ayeuna urang sasatnangantep naon-naon anu karandapanku bangsa urang, kaasup kajadian-ka-jadian anu luar biasa bangsaningG30S/PKI, disina jadi bahanpanalungtikan bangsa deungeun.Leuwihna ti éta urang sok langsungpercaya, malah saharita muji, kanaanu geus dipigawé ku maranéhna.Geus kitu téh, sigana keukeuh tara ayakarep pikeun ngayakeun panalung -tikan anu leuwih gemet.

Naon baé alesanana, kabiasaansaperti kitu téh henteu hadé lamunterus diantepkeun. Urang kudu geuskalawan daria naratas ngayakeun risétanu jejem, leukeun jeung objéktif,sakumaha ilaharna risét-risét anugeus jadi kabiasaan di bangsa-bangsaanu geus maju.

Cenah ayeuna pamaréntah geusnyayagikeun anggaran pikeun risét.Ulah nepi ka éta anggaran, anujumlah na lain saeutik, jadi mubahlantaran risétna asal-asalan sakumahaanu mindeng jadi kritik salila ieu.Jajau heun ka urang bisa ngayakeunrisét di nagara batur, sakumaha nugeus dilakukeun ku bangsa deungeunka bangsa urang, atuh ngarisétkaayaan bangsana sorangan wé heula.Hasilna kudu jadi rujukan bangsadeu ngeun deuih. AM

Page 5: Mangle 2467

Dihandap ieu kamandangti mitra facebook MajalahSunda Mangle. Dimuat sau-jratna.

Medi Cidaun: Sampura-sun wargi mangle,,, Sim kuringti ciparay. Naha di payunenpasar herin kunu parkir 3/4jalan di anggo parkir nyuhunkn di leres ken.

Dadang Tengtong: lerespisan pabaliut sareng amura-sut, kedahna sateuacana pa-marentah ngaluarken izin IMBhusus kanggo bangunankomersial restoran, FO . toko2kedah aya konsultan Andalin(analisa dampak lalulintas) su-pados teu pabaliut ulah mungninggal amplop atuh..hehewilujg enjg kang.

Gontom Kifli: Sampu -ras un, saur pribados mah,Bandung teh tos gaduh RTR-Wna, mung masalahna dinadilarapkeunana seueur dilang-gar. Contona siga di JalanBuah batu, nu tikapungkur gekanggo "pemukiman" munggening mangga we tingali aye-una, sagala aya, pertokoan,bank, PKL, tempat hiburanjste, matak hasilna macet, pa-juriwet. Mangga ayeuna mahkantun ka Pemkot, gaduhkawani henteu kanggo nert-ibkeun sadayana. HaturNuhun_Gontom Kifli

Jayaperkasa Aldjabar :Ari numutkeun sim kuringmahhenteu pabaliut,mung pabu-rantak,da nu pabaliutmah nunuju nonton wayang golek,pa-tumpang tindih siga nu nujungariung bancakan.Eh eta geda para gegeden Bandungnamah ketah nuju resep pare-but amplop hehehe.Simkuringupami uih ka Bandung sok asalinglung ku pang wangunan nujugjleg teh,jabaning Bandungayeunamah panas teu sapertosjaman nuju alit,tiis jabaasri,ayeunamah weueuhhhhh

runtah di mana2 nya bau nyakotor,duh pangersa GUBER-NUR cing pang ropea keunulah di antep komo di apilainkeunmah hapunten ah sateu acanna sareng nyuhunkeundi koreksi bilih aya seratan nulepat,sareng teumerenah

Rohandani : tata ruangkota pajurawet tur pabaliut?leres kitu pisan. cukang lan-tarana nyaeta titinggal pro-gram pamarentah sateuacanaditambih murudulna programwalikota nu ayeuna. targetsangkan cumpon programBandung Juara: programheubeul jeung nu ayeunadimenej sing eces sacerewe-lena. diaping ku perda nulengkep, sdm cukup tur konsis-ten_ulah endag ka anginan.atuh nujadi warga ngiringngarojong sangkancumpon.cag

Edwin Basuki : Telatupami tumarosna ayeuna.Lantaran parantos janten wan-gunan oge..tuh di Bandungkaler, saha nu ngidinan leuwe-ung dibukbak jadi villa,pe-rumahan,apartment mewah?saha nu ngidinan imah imah dijl. Martadinata jd FO? Saha nungidinan PVJ dibangun? Telatpisan tumaros kitu ayeuna.!!!

Tri Supriati Wasiati:Bandung identik sareng rupinaIbu Kota Jawa Barat... Nyaetariweuh pisan... Teu puguhrupina.. Padahal namina IbuKota kedahna sae, beresih, ter-tata... Mana atuh Paris inJava... Mung aya dina caritaayeuna mah...

Lalaki Ti Tegalpati: Ni-tenan kota Bandung jaman ki-wari leres pisan asa mernahkana paribasa "Bandungheurin ku tangtung" hal ieudibalukar-keun ku pasuliwernapatalimarga nu beuki namba-han, jeung wangunan-wangu-nan nu milu mapaesan kotaBandung. Numutkeun pana-

lungtikan simkuringmahsaenyana Tata Ruang KotaBandung mah tos mernah,mung nu siga jadi pajurawetteh nyaeta ku nambahan napatali marga nu tuluy-tuluyan,jeung padagang-padagang nuclu-clo dimana karep, ari kitutea mah teu bisa ngabibisani dakeur nyumponan kaperluanhirup manehna. Tah ku hal etakota Bandung siga teu mernahTata Ruang kotana. pon kitudeui dina masalah kabersihan,saenyana Kota Bandungraresik geus bisa miara kaber-sihanana. Ngan pedahmeureun ngarana kahirupanjelema rea di kota siga nu teuaya beresna runtah teu welehbalatak dimana-mana, tapikuringge ningali kumahapakupisna Pemkot Bandungmigawe eta pagawean, terus

deui dina masalah wawangu-nan Pemkot Bandung ngahu-lag pisan nyieun wangunan nuteu ngabogaan IMB, tah eta gehiji tarekah Pemkot Bandungpikeun ngungkulan nerekabnawangunan-wangunan dimanakarep, ngan duka teuingkumaha ongkoh dicaram teumeunang, tapi sok pirajeunannoyod angger ngabangun wal-lohualam etamah izin na makebisa. Cindekna numutkeunpanalungtikan simkuring Tataruang kota Bandung geus mer-nah dina nata namah, nganmasih aya nu naroyod diantaranu hayang nyicingan kota Ban-dung bari ngadon usaha. Tahku teu tartibna eta nga-balukarkeun kota Bandungsiga teu mernah dina nataruang kotana.... ***

Manglé 24674

Naha Leres Tata Ruang Kota Bandung Pajurawet jeung Pabaliut?

KKoropak

Majalah Manglé

Nyayogikeun buku-buku Sunda terbitan

PT. Kiblat Buku Utama sareng Pustaka Jaya.

Tiasa digaleuh di Toko Buku Manglé

Jalan Lodaya No. 19 Bandung.

Telepon 022-7303438,

Hp. (Tuti) 0857 21307232

1.Tatarucingan

Rp. 15.000,-

2.Kabungbuleungan

Rp. 40.000,-

3.Cahaya Gumawang

dina Ati

Page 6: Mangle 2467

5Manglé 2467

TTamuDrs. Suhendra, M.Ed.;

Sunda Jaya

Kudu Daék Ngalumbara

Budaya Sunda téh kudu

jaya. Carana? Henteu

waé ngaliwatan

kasenian tapi ogé

ngawanohkeun

kaaripan lokal Sunda

nu luhung. Kitu di

antara obrolan Manglé

jeung Drs. Suhendra,

M.Ed. nu kiwari keur

ngaréngsékeun gelar

doktor P.hD, di Curtin

University, Perth,

Australia.

***

Umumna, upama promosi bu-daya ka tiap mancanagara,sok idéntik jeung ngarasa

cukup saukur ngawanohkeunkasenian. Cara saperti kitu, kaasupmromosikeun budaya Sunda, mé-mang henteu salah. Ngan, lian tingawanohkeun kasenian, sabenernaaya nu leuwih penting deui, nyaétabisa ngawanohkeun konsep ka -aripan lokal. “Saleresna, ngawanoh -keun budaya Sunda, tiasa langkung

komprehensif upami disarengan kungabahas aspek budaya nu sanésna,sapertos masalah “kearifan lokal”Sunda nu sakitu luhungna,” cek Drs.Suhendra, M.Ed.

Kaaripan Sunda téh luhung.Lantaran kitu, urang deungeun géarapaleun kana pasipatan urangSunda nu soméah, nu luhung budi -na jeung jembar budayana. Ku kitu -na, ku urang Sunda nu aya di PerthAustralia ogé, éta padika hirup téh

henteu saukur dina lalambé, tapitetep dilarapkeun dina kahirupansapopoé,. Margi kitu, cek ieu masterteureuh Sumedang lulusan Univer-sity of Houston, Texas, USA téh,ngarasa lebar upama kaaripan lokalSunda henteu diwanohkeun kamancanagara. “Payus pisan, upamapamaréntah Jawa Barat gé,mromosi keun Sunda “sapaket”antawis kasenian sareng kaluhu -ngan budaya Sunda. Katinggalna

Drs. Suhendra, M.Ed., keur ngaréngsékeun gelar doktor P.hD. di Australia

Page 7: Mangle 2467

bakal langkung apdol tur epektipngajantenkeun budaya minangkamedia panyangreud sakumna wargadunya,” pokna jinek.

Ngamekarkeun budaya Sundatugas saréréa. Henteu waé nu aya dilembur Sunda, tapi ogé urang Sundanu aya di mancanaraga. Lantarankitu, cek ieu ahli matematika nupernah meunang atikan di GunmaUniversity, Gunma jeung OkinawaInternational Center, OkinawaJapan téh, upama mung pamarén-tah wungkul nu inisiatip, tangtoshasilna moal maksimal. Kumahasangkan maksimal? palebah dieu,cek Suhendra nu ogé mancén kon-sultan Dinas Pendidikan PropinsiJawa Barat, hadéna pamarentahbisa ngawalayakeun masarakat mi-nangka “agén parobahan”, bohsacara individu atanapi komunitas.“Husus kanggo di luar nagri, tiasangaberdayakeun para ‘diaspora’ nuaya di sakuliah dunya,” pokna.

Nurutkeun catetan, sabenernaaya rébuan urang Sunda nu dumukdi luar nagri, boh nu masih WNIatawa nu geus robah kawarganaran-na. Tah, rébuan urang Sundasaterusna mah bisa jadi ‘pangajak’keur ngawanohkeun budaya Sunda.

“Para diaspora urang Sunda di luarnagri poténsial pisan upamidiberdaya keun janten agén promosidina raraga ngamekarkeun KiSunda,” pokna deui.

Ngaliwatan Atikan

Lunta jauh, najan ahirna kudububuara mancén gawé atawa sakoladi nagri deungeun, teu jadi sual.Lantaran, saha waé gé bisa milihtempat geusan nyorang hirup jeunghuripna. Matak bungah deuih, lan-taran, urang Sunda gé teu sing ku-rung batok, da loba nu milihbubuara nu saterusna mancén gawédi tempat séjén téh, tetep katineungka sarakan sorangan mah moal leu -ngit. Saperti di Ustrali, urang Sundaloba nu tolab élmu. Upama nilik kadinya, tangtu payus pisan upama nukeur nyiar élmu gé bisa ‘dimang-paatkeun’ keur ngawanohkeun kul-tur Sunda nu leuwih jembar.Nurutkeun ieu pangarang buku-buku ajar matematika keur TK, SD,SMP, SMK, jeung paguron luhurtéh, sektor pendidikan memang bisadijadikeun cara séjén dina raragangamekarkeun Kasundaan kamanca nagara. Ngan deui-deui, cek

Suhendra, budaya Sunda kudu di-wanohkeun nu leuwih jembar,saperti nyawalakeun kaaripan lokalSunda, keur kapentingan hirup diunggal nagara.

Kacindekan kitu, nurutkeundosen UPI, penting ditepikeun. Lan-taran budaya silih ajénan, boh kasasama manusa boh nu patali jeunghubungan antar nagara, sokdimomoré keun. Disebut ajén-inajénbudaya penting ditepikeun, lan-taran, waktu hubungan politikIndone sia jeung Australia kuranghadé, tapi widang kasenian jeungbudaya mah angger jalan terus.“Hartosna, widang seni budaya tiasajanten alat keur ngakurkeun papadabangsa,” pokna.

Maheutkeun Duduluran

Kiwari mah geus ilahar upamaloba nu patukeur padumukan. Nuasalna ti nagri deungeun teu jarangnu milih tatar Indonesia kaasupJabar jadi tempat pamatuhanana.Kitu deui urang Sunda, loba numilih bubuara nu saterusna mancéngawé di nagri deungeun. Kaayaankitu, saperti kaalaman ku Drs.Suhendra, M.Ed., nu ti taun 2011kudu tolab élmu ngaréngsékeungelar doktor di Curtin University,Perth, Australia. “Nu penting,katineung ka sarakan sorangan mahhenteu hilap,” pokna.

Malahan cek Suhendra deui,dumuk di nagri deungeun, haté mahteu weléh tibelat ka bali geusan nga-jadi. Banjar karang pamidangan,angger dipicangcam. “Émutan mahteu weléh ngalanglang lembur sora -ngan,” cek ieu teureuh Sunda nu ki-wari dumuk di 4/172 GwenyfredRoad, Kensington, WA 6151, Aus-tralia.

Waktu dumuk di pangumbara -an, mémang remen ngararasakeunbutuhna dulur nu salembur téh. Nukarasa ku Suhendra gé kitu. Tah,keur pangabutuh éta, ieu panitenatikan téh, sok nepungan wargi-wargi ti sababaraha komunitas

Manglé 24676

TTamu

Sareng kulawarga

Page 8: Mangle 2467

urang Sunda nu aya di Australia.Saperti aya beungkeutan urangSunda Melbourne jeung di Perth.Aya ogé kumpulan urang Sunda disababaraha wewengkon Australiaséjénna. “Husus di wilayah AustraliaBarat, alhamdulillah awal taun 2013ngadegkeun MSP (Mitra SundaPerth). Margi ieu wadah beukimekar tur sababaraha anggotanaaya nu ti di luar Perth, nya MSP ogédigentos namina janten MSWA(Mitra Sunda Western Australia),”cek Suhendra gedé harepan.

Tina tepung di paguyuban,saterusna mah silaturahmi jadimanjang. Keur nepikeun kasono,bisa ngaliwa tan milis MSWA, nu ki-wari anggota kurang leuwih aya160an.

Keur Suhendra, bubuara di Aus-tralia éstuning loba hikmahna. Lianti nambah élmu pangaweruh ogébisa nambahan duduluran dipaguyuban Sunda. Kituna téh, lan-taran beungkeutan MSWA, dina tilubulan sakali mah, sok maneuhngayakeun silaturrahmi. Tah, dinasilaturrahim éta, biasana, anggotasok bari marawa katuangan hasSunda. “Aya sangu liwet, tutugoncom, pisang goreng, bajigur, can-dil, kolek cau, jeung sajabana,” cekieu rama Fachreza Rizky Rahman-syah jeung Fadhilah Ilmi Rahmandatéh. Lian ti ngayakeun pertemuanmaneuh tilu bulan sakali, ogé sokngayakeun kagiatan buka puasa,halal bihalal, ogé kagia tan olahragajeung ti paguyuban séjénna.

Sanajan ieu carogé LenyRosliani dumuk di nagri deungeun,tetep kana miara jeung ngamumulébasa jeung budaya Sunda mah hen-teu leungit. Buktina, dina sabangempungan atawa papanggih jeungurang Sunda angger nyarita mahku basa Sunda. Kitu deui di imahjeung kulawarga, geus biasanyarita ku basa Sunda. Malah, kaputra-putrana nu kiwari aya dilingkungan deungeun ogé, teuweléh nitipkeun basa Sunda.“Sanajan dumuk di mana waé ogé,tetep basa Sunda mah kudu di -mumulé”, ceuk Suhendra témbrés.*** (RH)

7Manglé 2467

Dumuk di nagri deungeun, ngararasakeun butuh dulur nu salembur

Sareng garwana

Mekarkeun budaya Sunda, ulah poho ngawanohkeun kaaripan lokal Sunda

Page 9: Mangle 2467

NgeundeurSora tiTatar Sunda

Page 10: Mangle 2467

Hartina, cenah, saha waé nudicalonkeun, jeung di mana waéditempatkeunanan, kumaha parteypultik nu ngarojongna. “Taya nu lepatdina sual éta mah, da kitu aturanmasing-masing partey gé,” poknasawatara waktu ka tukang.

Dina pilihan legislatif, caleg téh ditempatkeun di daerah pilihan (dapil).Kitu téh, ceuk Prof. Dede‘ngadeukeutkeun’ nu rék milih jeungwawakilna. Enas-enasna mah, itikadhadé pihak-pihak nu nyieun éta atu-ran, sangkan nu milih wanoh ka nudipilihna sarta nu ngawakilan étadapil wanoh kana kabutuh masarakatdi daérah nu diwakilanana. “Tapi,apan ayeuna mah partey pulitik gésentralistk,” pokna. Ku lantaran kitu,tinimbangan nempatkeun calon géleuwih neuueul kana kapetinganparteyna.

Lian ti kitu, ceuk tilikan ieu GuruBesar Fisip Unpad téh, ku lantaranpartey pulitik ge teu leupas tina ‘oli-garki’ partey, atuh nu ditempatkeundi saban daerah ge, remen dumasarkana tinimbangan demi parteyna,kaasup demi ‘kulawarga’ pangurusparteyna.

Memang, cenah, nu ditempatkeunku partey téh, can tangtu goreng.Lantaran saha waé calonna, bisa waéhade ajena atawa sabalikna. “Ngan,milih calon nu wanoh kana kaayaandaerah jeung budaya masarakat ge,

kudu jadi tinimbangan bala -rea,”pokna.

Dina sawatara riungan, ceuk Prof.Dede, remen kabandungan ‘kaguliga-han’ hate ‘inohng’ Sunda dina nyang-hareupan kaayan pulitik di JawaBarat. Loba nu hariwang upamawawakil rahayat teu wanoheun kanakaayaan Jawa Barat. Ngan, nu leuwihpenting, ceuk Prof. Dede, sakudunapituin Jawa Barat leuwih loba deui nuancrub kana dunya pulitik sartanyekel bagian-bagian nu penting dinapartey pulitik tea. “Upama loba kenehnu jejereged ancrub ka partey, nyawayahna we mun ‘dialas’ batur ge,”pokna.

Najan kitu, ieu ahli IlmuPamaren tahan téh, miharep parteypulitik nempatkeun kader nu pang-hadéna, sarta satekah polah nu ngartikana kaayaan daerahna. “Lantaranpancen gawe anggota dewan diantara na nepikeun aspirasimasarakatna,” pokna.

Upama urang Sunda ngarasa ku-rang dibalitungkeun ku patrey pulitik,Prof. Dede, sakuduna jadi pamecutkeur sakumna urang Sunda. Hartina,urang Sunda gé kudu boga kakuatananu jinek sangkan boga kakuatan nudibalitungkeun ku pihak mana waé.

Saha nu misti nyadarkeun urangSunda sangkan engeuh kana pulitiktéh? Ceuk ieu Profesor urang Ban-dung mah, tangtu wé para ‘inohong

Sunda’ jeung organisasi-organsiasikasundaan. Mémang, cenah, ariadurenyom kasundaan mah remen,ngan ukur sabudeureun para inohongwungkul. Padahal, sawadina kaguli-gah inohong téh kudu parat kamasarakat sakumna.

Dina mangsa pilihan umum, paraelit kudu leukeun datang kamasarakat. Ngajak jeung nyadarkeunmasarakat pentingna milih calonpamingpin anu hade keur kamaslaha -tan balaréa. Hartina, ceuk Prof. Dedekudu mampuh numuwuhkeunkasadaran masarakat kana pentingnapilihan pamingpin nu baris mangpaatkeur Jawa Barat sakumna.

Sora rahayat Jawa Barat kacidalobana. Jumlah nu kawas kitu jadikakuatan nu rohaka. Ku kituna,urang Sunda gé kudu nangtukeunpilihan ana kalayan imeut tur talitisangkan nu kapilih téh nu nyaah kamasarakat Jawa Barat, lain ukururang Sunda diarah sorana wungkullima taun sakali.

Nu penting ayeuna, ceuk Prof. Dr.Dede Mariana, M.Si., ngawangunkasadaran babarengan urang Sundasakumha. Da, mun jinek kakuatan -ana mah, baris jadi tinimbangan nunguntungkeun keur urang Sundaatawa Jawa Barat umumna. “Lan-taran, partey gé baris ngabalitung -keun untung-rugina,” pokna semungingetan. *** (Ensa)

9Manglé 2467

Urang Sunda ulah ukur diarah sorana Nitipkeun sora geusan ngahontal udagana

Page 11: Mangle 2467

Manglé 246710

Majalaya, kota kacamatan nu ayadi wewengkon Kabupatén Ban-dung, ti taun 1930 geus ka-

mashur ka mancanagara. Harita,Maja laya éstu jadi “icon”-na tekstil dunya.Malah ceuk catetan sajarah, mesin Inggrisnu pangheulana gé aya di Majalaya.Hanjakal na, balukar krisis ékonomiindus tri lawon Majalaya “sakarat” tugnepi ka kiwari can bisa menyat deui.

Majalaya nu tadina kawéntar mi-nangka kota dolar, akhirna leuwih di -piwanoh jadi kota dokar (kéréték-réd)jeung kebul. Papadaning kitu, ceuk CamatMajalaya, H.Yosep Nugraha SH, pabriklawon di Majalaya masih kénéh réa nuproduksi, kaasup usaha perbank-kan, bohnu pamaréntah boh nu swasta.

“Nilik kana kondisi nu aya Majalayatéh masih kénéh tiasa disebat kota dolar,

margi sanés waé pabrik kaénna seueur numasih produksi, usaha perbankkanna ogéaya welasna. Hartosna, perputaran artosdi Majalaya masih kénéh ageung,” pokna.

Balukar krisis ékonomi, ditambahkawijakan pamaréntah ngeunaan pasarbébas, éusaha lawon Majalaya rada nyiro-rot, malah kaéléhkeun ku produk lawon tiCina nu hargana leuwih murah. Tapi ceukYosep, sabenerna Majalaya boga lolong -krang pikeun mulangkeun deui pamornanu geus lila leungit. Carana, ku mroduksideui samping poléng, lawon ciri has Maja -laya, nu salila ieu geus kapopohokeun.

Ku kituna, minangka pingpinan di étawilayah, Yosep umajak ka para pangu -saha lawon, utamana pangusaha pribumi,sangkan daék nyarieun deui sampingpoléng. Lantaran ku ayana ciri has anumandiri, lain saukur nanjeur keun deuingaran Majalaya, tapi ékspor lawon ogébisa nérékél deui. Samping poléng Ma-jalaya kalitasna leuwih hadé, malahpokna, saméméh pabrik nyieun “boda -san” Majalaya leuwih kawéntar ku samp-ing poléngna. Dijualna ogé lain diIndonésia wungkul, tapi nepi ka Éropah,Amérika, Malayia, Singapur, jeung TimurTengah.

“Mung kumargi pangusaha, hususnanu pribumi, langkung resep ngadamelboda san antukna samping poléng

dikantun keun,” ceuk Yosep, anu ogé ka-catet minangka Ketua Karang TarunaKabupatén Bandung.

Yosep ngémbohan, saluyu jeung aspi-rasi nu ditepikeun ku masarakat, yénpamor Majalaya kudu balik deui, salahsahijina ngaliwatan ciri hasna, nyaétasamping poléng. Salian ti kitu, Majalayaogé kudu jadi tempat puseurna kagiatandagang lawon. Jadi, boh padagang lokalboh éksportir, lamun butuh lawon bisalangsung datang ka Majalaya, teu kudumeuli ka Jakarta atawa ka daérah séjén.Hal sarupa kitu bisa mangaruhan kanakahirupan ékonomi Majalaya, lantaraayana puseur perdagangan téh kududilengkepan ku pasilitas séjénna, sapertihotél jeung réstoran. Salila, tamu nudatang ka Majalaya lamun rék ngéndongatawa palay tuang-leueut anu rada aluskudu ka Kota Bandung atawa ka Jati -nangor-Sumedang.

Minangka kota tékstil, Majalaya kuduboga ciri anu mandiri, di antarana baékudu mibanda musieum lawon nu eu-weuh di kota séjén, hususna di JawaBarat. Di éta musieum, salian ti midang -keun saja rah Majalaya téh ogé aya lawonnu mimiti diproduksi di Majalaya nepi ka“alat tenun bukan mesin” atawa ATBM-na. Di éta museum ogé dipidang keunmesin buatan Ingris nu mimiti dipaké di

Majalaya. “Janten, tamu nu sumping ka Maja -

laya téh sanés balanja wungkul, tapi ogémilari pangaweruh ngeunaan kaén, kale-bet cara-carana gadamel kaén katut alatsarta kaén anu ngawitan diproduksi di in-dustri tékstil Majalaya. Areng deuih ayainpromasi ngeunaan pangusaha nungawi tan naratas usaha kaén,” poknadeui.

Tarékah séjén sangkan industri lawonMajalaya ulah nepi ka pareum, paranonoman Majalaya kudu daék neruskeunusaha nu geus ditaratas ku karuhunna,tur dibarengan ku élmu pangaweuruhna.Jadi, usaha kana lawon, utamana nyieunsamping poléng, kudu jadi warisan anusipatna turun-tinu run. Éta hal bisangawujud lamun aya pangrojong tipaming pin daérah, saperti ayana kawija -kan keur nu rék neruskeun sakola kaSTTekstil atawa ITB seni grafis, PemkabBandung kudu mantuan urang Majalayasangkan bisa nyuprih pangarti di étapaguron luhur. Pikeun anu teu neruskeunsakola ka tingkat anu leuwih luhur, Yosepmiharep Pemkab Bandung ngawangunBalai Latihan Kerja (BLK) husus keurgenerasi penerus anu minat kana usahalawon. Di éta BLK, pangajaran anu diajar -keun, salian ti cara-cara nyieun lawon téhogé cara ngadesain lawon anu saluyu

Ngahangkeutkeun Deui Samping Poléng Majalaya

Mulangkeun Citra Kota Dolar

H.Yosep Nugraha SH, Camat Majalaya

IImplik-implik

Page 12: Mangle 2467

11Manglé 2467

jeung kahayang pasar, nepi ka cara nga-jualna.

“Ku cara kitu, insa Alloh Majalaya mi-nangka puseurna industri kaén di Ban-dung Selatan tetep nanjeur, malah iconminangka indsutri kaén dunia gé tiasabalik deui,” ceuk Yosep.

Progam Majalaya Greend andHealthy

Salila ieu, kajayaan Majalaya nu ka-mashur ka manacanagara ukur jadi caturtanpa bukur, lantaran kiwari nu yésa ukurkaayaan kota anu sareukseuk. Kotanageus teu éndah deui, salian ti jadi lang-ganan caah téh ogé teu tartib, pabuis an-tara PKL, angkot, jeung kéréték nu silihséréd parebut jalan keur lapak dagangjeung parkir.

Kurang leuwih 16 taun masarakat“dibekem” teu bisa nepikeun aspirasi,sangkan kotana jadi alus deui, malah munkonganga mah hayang pangalusna sa-Kabupatén Bandung. Sakabeh wargaukur bisa ngurut dada, kemba, komo munmireng Majalaya geus salin istilah tinakota dolar jadi kota dokar. Éta hal éstu di-enyakeun pisan ku Yosep, pokna, pasua -lan Majalaya éstu komplék pisan, timimiti pasualan PKL, kéréték nepi kapasua lan parkir kandaraan.

Tapi sabenerna, éta pasualan bisagancang diungkulan lamun Pemkab Ban-dung gancang-gancang mindah keunPasar Majalaya ka Désa Majasétra. Jadi,lahan pasar bisa dipaké keur tempatparkir kandaraan, soréna bisa dipaké da-gang PKL. Di Majalaya, jumlah PKL ka-catet aya 3000 urang, sigana pang lobanadibandingkeun jeung kacamatan séjén nuaya di Kab. Bandung mah. Ku kituna,léngkah mimiti, ceuk camat nu kakara di-lantik tilu bulan, nyaéta nartib keun kotangaliwatan program “Maja laya greendand healthy” (héjo jeung séhat).

Nu pangmimitina dilaksanakeunpikeun ngabebenah Majalaya, nyaétanartibkeun PKL nu aya di sapanjangjalan MT.Kondang-Jalan Tengah. Disapanjang éta jalur jalan dijadikeun zonamérahna PKL, terus disulap jadi “ruangterbuka hijau” (RTH). Rencanana, bakalaya 100 titik RTH di éta jalur, sarta bakaldicanangkeun jadi jalur “bunga cinta”.Maksudna, saméméh lumangsung ijabkobul, pangantén di Majalaya wajibnyumbang tangkal kembang lengkepjeung potna.

“Janten, RTH jalur tengah dipiharepmangrupi subangsih ti publik pikeunngahéjokeunana. Kanggo nyukséskeun -ana, pihak kacamatan gawé barengsareng kantor Kementrian Agama nu aya

di ieu wewengkon. Tangkal kembangsumbangan ti calon pangantén jenisnabébas, tapi ukuranana kedah disaluyu -keun sareng conto nu di kacama tan,”pokna.

Salian ti kitu, alun-alun ogé bakaldipungsikeun jadi rohang publik lengkepjeung taman, sarana olahraga, sartataman lansia. Pikeun ngabenahan Alun-alun jeung RTH jalan Kondang - Jalantengah, kacamatan geus nyiapkeunwaragad na. Ngan éta rarancang moalngawujud lamun taya pangrojong timasarakat jeung Muspika.

Ngawangun daérah, ceuk CamatMaja laya nu 10 taun kungsi jadi sékrétarispribadi (sékpri) Bupati Bandung, éstu lainhal anu babari. Komo Maja laya,padumuk na geus jadi masarakat urbanpakotaan anu pinter, cerdas, jeung kritissarta mibanda dinamika anu luar biasa.Ku kituna, ngaliwatan forum bruk-brak,pihakna ngawangun komunikasi jeungsakabéh pihak, sangkan boga pamikirannu sarua dina nga wangun Majalaya.

Komunikasi ngaliwatan forum bruk-brak hasilna hadé pisan, sabab salian timasarakat bisa népikeun aspirasina, ka-camatan ogé bisa nyosialiasikeun prog -ram pangwangunan nu jadi kawijakanpamaréntah, kaasup rencana mindah -keun Pasar Majalaya. Ngaliwatan forumbruk-brak ogé dipiharep mucunghulgera kan anu guyub, utamana dinatarékah nartibkeun kota, sangkan meu-nang pangrojong ti kabéh pihak, kaasupMuspika.

Yosep balaka, dirina boga karephayang jadi pamingpin anu dipika cinta kurayatna. Ku kituna, minangka camatanyar dirina wajib miheulaan mihémanrayatna. Jadi, salian ti Forum bruk-brak,camat nu pernah mawa KacamatanKutawaringin jadi juara lomba gotongroyong tingkat provinsi Jabar téh, rékngalanglang baraya unggal minggu.

Dina kagiatan ngalanglang baraya,Yosep bakal ngéndong di imah warga anumiskin. Maksud tina éta kagiatan, salianti hayang leuwih wanoh ka warga na, ogésangkan leuwih apal kumaha kaayaanmasarakatna, utamana para kulawargamiskin.

“Upami aya rejekina, minangka camatsim kuring tiasa ngabantosan aranjeunna.Pami nu teu gaduh béas, atuh masihanbéas, atanapi naon baé saluyu sareng ka-mampuh camat,” pokna, bari nyebut keun,sakabéh prog ram keur Majalaya tagétnakudu réngse dina waktu 1,5 taun, atawasalila Bupati Bandung, Dadang M Naser,jeung Wakilna, Deden Rumaji. manggung.Iwal ti mindahkeun pasar. **nunk/dédé

Sok sanajan pamorna geus nyirorot, di Majalaya masih kénéh réa pabrik tékstil

Usaha tékstil kudu diteruskeun ku genarasi ngora

Pangusaha téktil Majalaya geus langka nunyieun samping poléng (nét)

Page 13: Mangle 2467

Manglé 246712

NNyusur Galur

Dina Manglé minggu pengker dipedar ngeuna -an perjuangan Bupati Bandung R. H. LilySumantri dina enggoning ngawangun sakola -

an di daérah-daérah kakawasaanana. Lian ti anudiupaya keun ku Yayasan Pendidikan Pembina KaryaPembangunan (YPPKP), berkah jasana Ibu lilySumantri, garwa Bupati Bandung anu salawasnangagéngdéng carogé dina kunjungan-kunjungan kerjaka daérah, nya diwangun “ Pusat Sosial Asuhan Anak’

jeung ‘Tresnawerdha Bhakti pertiwi’

Berkah pamarekanana jeung para pangusaha numaraju di wilayah Kabupatén Bandug, nya bisangawangun gedong Panti Sosil di Désa ManggahangKacamatan Balééndah Ciparay Bandung Selatan, Tisaprak ngadegna Panti Sosial Bhakti Pertiwi, geusmampuh méré santun ka 308 barudak anu kalantar.Bupati bingah manah sabab éta budak kabéh geusbarisa hirup mandiri, maranéhanana digawé di in-stansi pamaréntahn jeung swasta. Malah aya anumuka usaha sorangan tepi ka bisa mantuankulawarga na sorangan jeung masarakat. Boh sacaralangsung boh teu langsung, maranéhna geus bisamantuan pamaréntah dina enggoning ningkatkeunkaraharjaan sosial masarakat.

Berkah jasa-jasana geus loba piagem jeung

tanda-tanda panghargaan katut piala tina

rupa-rupa kagiatan.

Dina widang pendidikan kulantaran préstasi parasiswana, nya meunang besiswa ti PT. TELKOM, pang-pangna keur Sisw Tuladan ka 2 sa kabupatén Ban-dung (1997/1998, taun éta kénéh ay anu meunangbéasiswa Supersemar jeung ti Yayasan Al Hidayah.Taun 1999-2000 ti PT. Istana Samudra Cargo. Taun1999 -2000, ti PT.SANBE FARMA 2006-2008.

Taun 1995 slahsaurang anak asuh, Dédé Suhara

Seminar Elmu Pamarentahan

Di Perancis nu sering Ganti Perdana Mentri

Page 14: Mangle 2467

13Manglé 2467

diutus jadi Perwakilan jawa Barat milu kana acara“Temu Siswa Tani Nasional” di Samarinda salila 10poé ngiring para menteri jeung Presidén SBY. Lian tikitu, para anak asuh loba anu geus hasil ngahontalcita-citan ngawujudkeun harepan dirina, para gurujeung kolotna sorangan, kiwari hirupna pinanggihjeung kabagjan.

Ka Perancis jeung Inggris

Bulan Nopémber 1974 Bupati Bandung R.H.LilySumantri ditugaskeun ku Departemén Dalam Negrimilu Seminar Élmu Pamaréntahan di Perancis. Parapasartana di antarana baé para bupati ti Pulo Jawa,Bali, NTB,NTT. Ti Jwa Barat kpilih dua Bupati nyaétaBupti Indrmayu Dr. Djahari R. H. Lily Sumantri Bu-pati Kabupatén bandung. Kabupatén séjénna ogésarua, diwakilan ku dua Bupati. Nurutkeun BupatiBandung manten R. H. Lily Sumantri, sacundukna dikota Paris, para delegasi dipapagkeun ku mojang-mo-jang anu gareulis. Diperenahkeun di hotél Trianon .Minggu munggaran mah terus-terusan ngadukdukSeminar, genep poé noron. Lancar tur aman pisan,sabab materi-materi kabéh ditarjamahkeun kana basaIndonesia. Dina acara tanya jawab ogé, pertanyaan-pertanyaan ku basa Indonésia téh lngsungditarjamah keun kana basa Perncis, jawabanana ponkitu deui, langsung ditarjamahkeun kana basaIndoné sia. Poé Saptu jeung minggu, para pasartaSeminar diajakan darma wisata atawa tour ka LondonInggris, mangsa harita di london kabenernana téhkeur usum tiris mani mucicid, Bupati bandung mahngadadak kaligata, arateul sakujur badan,ngarogényang, sampéanna barareuh, tuang leueutngadadak seuseut, tepi ka kapaksa kudu ngaso, hen-teu bisa miluan tour deui, ngaso we di Méss KedubesIndonesia di London. Dokter emergénsi, kulit hi -deung tapi tetep bageur jeung getén pisan. Atuhbatur-batur saba London teh bapa Lily mah ngaring -kuk disimbt kandel jeung tuang landong. Sorénakarasa awak sehat tur seger ngan tetep henteu meu-nang kaluar ti kamar, sabab di luar hawa kacida tiis -na. Isukna pabeubeurang rombongan balik deui kaParis. Duta besar RI di Perancis, Pa Nur ngulem paradelegasi ti Indonésia riungan kakulawargaan. Waktuditaros kumaha carana bapa tiasa nyarios ku bsaperan cis sakitu lancarna. Walerna téh, saban poé di-ajar 3 tepi k a 5 kalimah teu eureun-eureun tug tepika poé éta, Ku naon di Perncis teu aya arca NapoleonBonaparte? Waleranana kurang jelas. Dina Seminardibéré katerangan anu écés ngeunaan jalanna

pamarenta han di Perancis anu sering tigubrag-hu-dang deui, kitu jeug kitu wé, sering gunta-ganti per-dana menteri, iwalti jaman PM.De GOUL, panglilanajadi Perdana Menteri De Goul mah. Para pasartasemi nar ogé sering diajakan orientasi ka luar kelas,kunjungan ka sababaraha daérah, di antarana;

1) Nitenan proyék-proyék pertanmian di sababrhadaérah padésaan.Umumna patni di Perancis mahgeus karolot, numatak maranéhna sering rumahuhsabab pokna, harésé ngajakan anu ngarora téh diPerancis mah, sumawonna kana kagiatan tani,sabab geus narima bantuan waragad ti SocialSecu rity keur hirupna sapopoé, liwa ti cukup. Keurnaon tani?

2) Terus para pasarta diajakan lolongok ka daérahtapel wates Perancis -jerman, ningalan patilasanperang dunya kadua. Ningalan imah-imah jamanbaheula anu ruksak, bilik-bilikna geus barolongurut témbakan-témbakan, henteu dioméan, sababdianggap penting pikeun bukti sajarah.

3) Nyaba ka kota Lion, kota anyar anu sabagiankotana keur diwangun kénéh , kawengku ku ren-cana pangwangunan kota Baru. Diécéskeun kapara tamu ngeunaan rencana pangwangunan KotaLion jeung sagala rupa aspékna, pangpangnangeuna an prosedur pangwamgunan kota ti mimitingararancangna tug tepi ka palaksanaanana.

Deukeut ka ahir minggu kadua rombongan di -ondang tuang ku Mentri Luar Negri di Hotel Savoy,Sumping ogé Duta Besar RI di Perancis, Mentri LuarNegri Perancis, anu soméah daréhdéh bener-benerhadé ka sémahna téh. Bupati Bandung masrahkeuntawis soca titipan Ketua PB.Paguyuban Pasundanmangsa harita kang Ayafei mangrupa wayang golékopat, Semar, Cepot, Dawala jeung saurang putra Pan-dawa nu mashr nyaéta Gatotkaca. Pribumi katajieunpisan, hanjakal waktu anjueunna naroskeun ngeuna -an opat tokoh wayang téa, teu bisa ngajelaskeun saurPa Lily Sumantri jujur. Hadena saurna deui, aya bu-pati ti Tengah anu pahameun pisan kana caritawayang, nya ku anjeunna diécéskeun saha-sahanatokoh anu opat téh, écés pisan turta gampang kaharti.Kitu diantarana lalakon nyaba ka nagara budaya anumashur Perancis jeung Inggris.***

(HRS/Hanca)

Page 15: Mangle 2467

Manglé 246714

MMunara Cahaya

Para ulama jumhur geus remennyawalakeun reujeung madung-dengkeun bab falsafah atawa falasi-

fah atawa filsafat. Naon falsafah téh?Atawa naon falasifah téh? Sapuk wéh, nu-rutkeun hartina falsafah téh nyaéta istim-batul majhul minal ma’lumi, tegesnangabodaskeun anu teu kaharti tina hal anuku urang geus kaharti.

Pikeun ngécéskeun hal éta, perludipedar heula hiji kaidah ushul fiqih anukieu unggelna: “maa laa yatimmul wajibuilla bihii fahuwa wajibun”. Anu pihartieu-nana; Hiji perkara anu nyababkeun henteucumponna hiji kawajiban kajaba ku étaperkara mangka éta perkara téh kabawawajib hukumna. Saperti kieu contona :Saurang salaki nitah ka pamajikanana,”Cik Mah gera nyangu!” Parentahananamah ngan sarupa nyaéta nitah nyangu.Tapi sakeur ngalaksanakeunana diper-lukeun sababaraha rupa perkara anungubeng dina sakurilingeun kecap ‘geranyangu’ lantaran nyangu pan teu cukup kubéas wungkul da paménta si salaki anusabenerna mah hayang dahar. Ana kitudiperlukeun ayana atawa ngayakeun béas,ngagiling, nutu atawa ngahaja meuli tipasar satuluyna merlukeun diisikan heula,kudu aya wadah, boboko atawa sangku,kudu aya suluh atawa minyak tanah atawakiwari mah LPG. Kudu mirun seuneu,kudu aya hawu atawa kompor satuluynakudu dikarih, diakeul jeung saterusnajeung saterusna. Sanggeus sangu asak,naha cukup? Tangtu moal cukup atawaacan nyumponan kana kahayang. Mer-lukeun ayana deungeunna; sambel, guléatawa saté, goréng endog jeung sa-bangsananing warna-warni deugeunsangu.

Naha sakabéhna anu dipigawé ku pa-majikanana téh atas panitah salaki? Jelashenteu pan. Da nitahna mah wungkulsakecap gera nyangu, teu nitah ituh inih,teu sugan nitah ngisikan, nyayagikeun pir-ing sendok ngan baé sakabéhna moal lak-snana dahar saupamana teu dilakonanpagawéan anu sejenna anu teu kasebutdina paréntahan gera nyangu téa. Tah éta

hartina “Mim baabi maa laa yatimmul wa-jibu illa bihii fahuwa wajibun”. Teu sam-purna paréntah kawajiban nyangu angingkudu ku migawé pagawéan anu sakitulobana, mangka éta pagawéan téh jadiwajib deui.

Ngadegkeun sholatAyeuna urang téang falsafah sholat.

Gusti Alloh Subhaana Wata’ala marén-tahkeun dina Al Qur’an ngan sakecap anuunina; “Wa aqimush-sholaata,” hartina“Jeung prak adegkeun sholat!” Dina kecapkudu ngadegkeun sholat teu aya paréntahruku’, sujud, teu aya paréntah kudu wudhuheula, kudu ku cai anu suci tur nyucikeun,teu maréntah kudu beresih badan, pakéantina najis, teu maréntah kudu nyang-hareup ka jihat kiblat, jeung teu maréntahkudu nutup orat jeung saterusna jeungsaterusna. Paréntahan mah ngan sakecap“Wa aqimush-sholaata!” teu kurang teuleuwih kudu ngadegkeun sholat. Ieuhartina falsafah nyaéta “Istimabtul MajhulMinal Ma’luumi.”

Ari sholat téh pan kudu nangtungsakumaha nurutkeun dalil:

Sholli Qoo-iman Fain lam tastathi”faqoo-idan, Fain lam tastathi’ fa’ala janbin(RH. Turmudzi), kudu sholat anjeun barikaayaan nangtung, mun teu bisa barinangtung nya bari diuk, mun teu bisa baridiuk nya bari ngedeng/nyangkéré(HR. At-Turmuji Rhl)

Urang moal bisa nangtung lamun teujagjag, jeung moal jagjag lamun teu daharteu nginum, moal bisa dahar lamun hen-teu usaha, naha dagang, tani, kuli atawasabangsana. Jadi urang wajib ikhtiar,usaha supagi bisa dahar nginum, daharnginum supagi jagjag, jagjag supaya mam-puh nangtung sakeur sholat. Ana kituhukumna ikhtiar tegesna usaha téh wajibdeuih saperti dawuhan Kangjeng NabiMuhammad Sholallohu ‘Alaihi Wasallam:Tholabul halaali wajibun ‘alaa kulli mus-limin. Hartosna: Ari nyiar barang halalwajib hukumna ka sakur jalma Islam (HR’Ad-Daelami).

Tiap-tiap sholat kudu nutupan orat, ari

nutupan orat pan kudu ku kaén, ari nyieunkaén pan kudu ditinun. Jadi atuh umatIslam kudu ngabogaan pabrik tinun keurkaén, kaén keur nutup orat, nutup oratsakeur sholat. Demi ari pabrik tinun moaljalan saupama teu aya kapas, kapas moalaya upama teu aya kebon kapasna, kebonkapas moal alus tumuwuhna saupama teuku ahlina tegesna ahli pakebonan. Anakitu, Islam ngawajibkeun urang kudungabogaan pabrik kapas, pamintalan,ngabogaan onderneming kapas, jadi in-sinyur ahli pakebonan kapas turta mahérkana urusan tatanén sangkan bisa sholat.

“Al amru Bisy-syai-i Amrun Biwasa-ilihi” (Ari paréntahan kana hiji perkaranyababkeun urang kudu migawé perkaraséjénna sangkan katedunan paréntahtadi).

Aya deui paréntahan sangkan urangsholat berjamaah, anu kieu unggelna:Sholaatul Jamaa’ati Tafdhulu MinSholaatil Fadzi Bisab’in Wa ‘Isriina Daro-jatan (Ari sholat berjamaah leuwih utamatibatan sholat nyorangan, undakna duapuluh tujuh kalieun. (HR. Imam Malik,Imam Ahmad, Imam Muslim Rohimahu-mulloh)).

Diriwayatkeun ti Sayidina Ibnu UmarRa dina Kitab Al-Jami’ush-Shoghir, haditska 5074, ari sholat berjamaah téh kududina tempat anu lega, kayaning masjid. Arinyieun masjid pan kudu aya batu bata,keusik, semén, téhel, paku, cét, jeung saja-bana ti éta. Jadi umat Islam diparén-tahkeun ku sholatna sangkan ngabogaanpabrik bata, nyieun lio, pabrik kenténg,pabrik kapur, pabrik semén, pabrik paku,pabrik cét, pabrik séng reujeung sajabana,Sarta ieu kawajiban téh ka umat Islam daumat anu rék sarolatna ogé umat Islam,lain Hindu lain Karésten. Cocog reujeungdawuhan Kangjeng nabi MuhammadShollallohu’alahi Wasallam: Ash-SholatuMi’rojul Mu’mini, sholat téh mi’rajna jalmamu’min. Upama Kangjeng Nabi SAW mahmi’raj anu hakiki, mangka umat Islammi’roj anu majazi. Anu hartina mi’roj téhningkat, undak atawa naék. Naha ari umatIslam ngabogaan rupa-rupa pabrik jeung

Ngadegkeun Solat

Kawajiban Hirup Bekel Ahérat

Ku Emha Ubaidillah

Page 16: Mangle 2467

15Manglé 2467

jaradi insinyur proféssor turta mibandakaahlian dina rupa-rupa widang, lainningkat hartina?

Lamun anu asalna belegug jadi pinter,lain mi’roj kitu? Naha lain ningkatngaranna? Lamun asalna kokoro tuluyayeuna ngabogaan pabrik, naha lain mi’rojngaranna? Lamun asalna hina terus jadimulia naha lain ningkat ngaranna?

Anu sholat kudu nyanghareup ka ki-blat, témbrés dalilna dina Al Qur’an. SuratAl- Baqoroh ayat ka 114: Fawalli WajhakaSyathrol Masjidil Haroomi. ( Ku sabab kituprak geura singhareupkeun beungeutmaranéh ka lebah Masjidil Harom).

Ku ieu paréntah umat Islam kuduningkat darajatna jadi jalma-jalma pinteranu apal kana seluk-beluk elmu Bumijeung Geografi, nyaho lebah mana jihatMasjidil Harom anu aya di Kota Mekkah.Sabaraha darajat ari Mekkah tina gurattengah khatulistiwa. Urang sholat téh kakulon atawa ka Kiblat? Naha mustaqbilalQiblati atawa Mustaqbilal Arabi, atawaMustaqbilal Pakistani?

Lian ti madep kiblat, sholat gé kuduboga wudhu heula, sakumaha témbrésdalilna dina Al Qur’an, surat Al-Maidahayat ka 6, anu kieu pihartieunana: “Upamamaranéh saged rék ngadegkeun sholat,geura kumbah beungeut maranéh, le-ungeun maranéh nepi kana siku. Usapsirah maranéh jeung geura kumbah sukumaranéh nepi kana mumuncangnana.”

Ari wudhu pan kudu maké cai anuberesih tur ngaberesihkeun. Pasualan caianu beresih nétélakeun umat Islam di-paréntah ku sholatna sangkan niténansarta merhatikeun urusan kaberesihan, arikaberesihan saparona tina iman. Tinakaberesihan ngawujudna kaséhatan, tinakaséhatan tumuwuh pangaweruh kadok-teran atawa élmu thabibiyyah(husada). Sa-jatina nya umat Islam anu kudu jaradidokter téh sarta jadi ahli-ahli kaséhatan,rék kaom lalakina atawa kaom wanojana.Nu gering lalaki nya sahadéna mah di-pariksa tur dipulasara ku para dokter lalakideui nyakitu sabalikna pangpangna dinaurusan marajian(kabidanan), pan teu lucutur ngarumpak papagon syaréat mun nungajuru dibidanan ku para dokter lalakisanajan alesan demi kaséhatan. Ieuhartina ari sholat eta mi’rojna jalma anuiman.

Ari beberesih kudu maké sabun atawaalat séjénna sangkan luduh sagala kokotoranu arék diberesihanana, ana kitu nyaumat Islam anu sakuduna muka pabrik

sabun, sabun keur beberesih, beberesihkeur wudhu, wudhu keur sholat. Tah kitueusina falsafah sholat. Saban-saban sholatngabogaan waktu anu tangtu teu daponcong iraha waé sarta teu meunang sholatsakarep ingsun da kudu puguh waktuna.Dawuhan Gusti Alloh Subhaana Wata’aladina Al Qur’an surat An-Nisa ayat 103: “In-nash-Sholaata Kaanat ‘Alal Mu’miniina Ki-taaban Mauquutan,” saéstuna sholat téhkawajiban kaom mu’minin anu ditang-tukeun waktuna. Ku ayana sholat anungabogaan waktu anu tangtu, umat Islamkadorong sangkan neuleuman elmu miqothartina pangaweruh nganyahokeun waktu.

Ayeuna ku kamajuan élmu pan-gaweruh ampir saban imah boga jam,ampir tiap leungeun maraké erloji malahkaayeunakeun jadi panglengkep com-puter, hapeé jeung sabangsana. Mangpi-rang-pirang jalma anu jadi hartawan kulantaran ngabogaan pabrik jam tangan, pi-rang-pirang jalma anu super jegud lan-taran jadi tukang ngomean(nyervis) arloji,éta téh kabéh jasana Islam ka masarakatumumna kana kahirup-kumbuhanmanusa sajajagat. Sakumaha dawuhanGusti Alloh SWT dina Al Qur’an surat Al-Anbiya ayat ka 107: “Wamaa ArsalnaakaIllaa Rohmatan Lil ‘Alamiina, jeung Kamiteu ngutus andika (Muhammad) angingkeur jadi rohmat satungkebing alam. Ge-uning anu ngarasakeun guna tur mang-paatna, ni’mat tur kalezatanana téh lainwungkul umat Islam tapi pikeun sakabéhalam.

Kalungguhan Solat Sholat teh bisa ngawangun manusa

susila, makhluk anu akhlakna mulia,ngagem budi pakerti anu luhur, moral anumulia-jaya, sakumaha dawuhan GustiAlloh SWt: “Innash Sholaat Tanhaa ‘AnilFahsyaa’i Wal Munkari” (QS Al Akabut :45). Saéstuna sholat téh matak nyegah tinalaku lampah jahat jeung kamungkaran.Yakin atuh sholat téh ngabogaan kakuatanturta mibanda daya pikeun nolak kaja-hatan, kamungkaran, jeung sajabana.Sabab aya ogé sholat anu disayagian siksapangrohakana nyatana naraka Wél. Jadisholat anu mampuh ngawangun manusasusila ngagem akhlak anu mulia, luhungbudi-pakarti nyaéta sholat anu dilakonankalayan khusu’ sakumaha dawuhan GustiAlloh Subhaana Wata’ala: “Qod aflahalmu’minuuna lladziina Hum Fii Sholaati-him Khoosi’uuna.” (QS. Al-Minuun : 1-2),Saéstuna bagja jalma-jalma mu’min (ny-

atana) jalma-jalma anu harusyu’ dinasholatna. Ecés, anu bagja téh anu khusyu’dina sholatna tur dijamin ku Gusti AllohSwt yén sholat mibanda power geusan ny-inglar kajahatan turta pamungkaran.Upama anu sholat khusyu’ kana hiji kecapAlloohu Akbar nu hartina Alloh Anu MahaAgung, Alloh Anu Maha Mulia, Alloh AnuMaha Gedé, teu aya panggedéna dina piki-ran jeung lelembutan anu sholat salian tiGusti Alloh.

Pikeun jalma anu iman anu khusyu’dina sholatna katut mraktékkeun sagalaeusi sholatna tanwandé bakal jadi jalmaanu bageur cadu badeur, jadi jalma anungupaya sholéh cadu salah sarta bageurnabageur anu teu ngabudi ucing. Jangji satiasalaku Muslim anu digerendengkeun ung-gal waktu sholat mangrupa jangji sumpahperjurit yén rék satia satuhu jadi manusaqurbani tegesna ahli pangorbanankalawan harti anu salus-alusna tur salega-legana. Jisim abdi teu migaduh naon-naondalah ka hirup sinareng pati nya kagunganGamparan Gusti, kantenan anu sanésnakayaning netepan jisim abdi, pangbaktijisim abdi éstu teu ngagaduh-gaduh sa-dayana kagungan Gamparan Gusti dalahteretetna sinareng kahoyongna mung ka-gungan Gamparan Gusti.

Hiji pangorbanan anu sepi ing pamrihramé ing gawé ngan darma ngalakonanbaé, pangorbanan anu ikhlas clik putihclak hérang, teu aya garad teu karana oléh,tapi karana Alloh samata-mata. Lucutemenan sarta karasa éndahna lamun hijinagara anu umatna reujeung rahayatna di-wengku ku umat anu pribadi-pribadinaahli pangorbanan anu ikhlas, sepi ing pam-rih ramé ing gawé, rawé-rawé rantasmalang-malang putung meureun nya nukitu nu dilakop dina Alqur’an BaldatunThoyyibatun Warobbun Ghoffuur, manateuing tiis ceuli herang mata, sepi palingtowong rampog, subur ma’mur pasir wukirloh jinawi, kebon héjo Lombok, sodagarnabaleunghar, nu tanina marukti, cekel gawétibra haté, bari kabeh sumujud ka DzatRobbul ‘Alamin, bari teu nyakutukeunMantenna kana hijining barang, angot teupercaya mah. Sadayana nyadrahkeun dirikana sagala paréntah Mantenna, nga-jauhkeun laranganana.

Eling-éling umat muslimin-muslimatMangka hayu urang berjamaah sholatEstu kawajiban keur hirup saliwatKanggo pibekeleun jaga urang di ahérat.

Page 17: Mangle 2467

Manglé 246716

TTanyaJawab

Patarosan:

Tumaros, kumaha hukumna nyam-bung-nyambungkeun buuk. Teras deuikumaha hukumna pami ka salon, upamanu motong buuk lain jinis?

Hatur Nuhun.

AliyaCibiru Bandung

Waleran:

Hatur nuhun kana patarosanana.Saleresna perkawis hukum nyambungbuuk kantos dipedar dina edisi Mangletaun kapengker, namung teu sawiosurang pedar deui. Mudah-mudahan ayamangpaatna, utamana ka nu teu acanmaos bahasan pasualan hukum nyam-bungkeun buuk.

Dina ajaran Islam, nyambung buukdiistilahkeun ku sebutan “al-washilah”,hartosna jalma atawa awewe anu nyam-bung buuk ku perkara lianna atawa kubuuk lianna. Malah aya ulama anu nga-hartikeun deui “al-Washilah” téh nyam-bung buuk ku buuk jalma lian pikeunnyamar rupa atawana pikeun nipu. Ku ki-tuna para ulama ka nu kitu geus mufakatkana ngaharamkeunana.

Katerangan anu tiasa dijadikeun dalil,di antarana dawuhan Alloh Swt: “… jeungkami (syétan-syétan) rék mangaruhan kamaranéhna (jalma-jalma anu nuturkeunajaran syétan) supaya ngarobah ciptaanAlloh anu aya dina dirina. Terusmaranéhna bener-bener ngarobahna.”(QS. al-Nisa: 119). Dina Hadits Rasul Sawdisebatkeun: Aisyah kantos nyarios: “Ayaawéwé ti kaum Anshar nikahkeun bu-dakna anu awéwé. Nalika ngadangdananbudakna, manéhna nyambung rambutnaku buuk jieunan. Terus saatosna kitu,awéwé Anshar tadi nyumpingan RasulSaw, tur nyaritakeun sual kajadian nyam-bung buuk. Lajeng Nabi Saw ngadawuh:“Kalakuan kitu téh teu meunang, sababAlloh bakal ngalaknat ka awéwé anunyambung rambutna.” (HR. Bukhari).

Dina riwayat sanésna dicarioskeun:

“Aya istri naros ka Rasul Saw: ‘Ya Rasul-ulloh, anak kuring anu awéwé tos kati-baan panyakit anu ngabalukarkeunrontok rambutna, teras badé ditikahkeun.Naha kénging saupama rambutna disam-bung ku buuk lian?’ Rasul ngawaler:‘Alloh ngalaknat awéwé anu nyambungrambutna, jeung awéwé anu ménta dis-ambung rambutna”. Malih sajabi ti nyam-bung buuk, Rasul ogé ngadawuh: “Allahngalaknat awéwé anu nato jeung anuménta ditato, awéwé anu ngikir waosnajeung awéwé anu ménta dikikir waosna,awéwé anu nyukur halisna jeung awéwéanu menta dicukur halisna, awéwé anunyambung rambutna jeung awéwé anuménta disambung rambutna.” (HR.Imam Ahmad, Bukhari, Muslim, AbuDaud, Tirmidzi, Ibnu Majah, sarengThabrani).

Salajengna, naha dilarang téh nyam-bung buuk ku buuk deui, tegesna buukjalma anu tos dipotong, terus dibéré ben-tuk, saperti wig, gelung (konde), atawanaon baé namina? Atawa nyambungbuuk ku benda salian ti buuk? Dina halieu para ulama nétélakeun. Kahiji, dalil-dalil anu ngaharamkeun masalah ieusifatna umum, henteu aya dalil anungahususkeun. Kadua, haram hukumnangamangpaatkeun buuk jalma, boh keurdijualbeulikeun, diséwakeun, atawa ngansakadar dipaké keur ngahias diri. Sababmanusa diciptakeun ku Alloh pangmulyana, tinimbang mahluk-mahluklianna. Katilu, mayoritas ulama (jumhu-rul ulama) geus mufakat, yén nyambungbuuk ku buuk lian, atawa ku bendalianna, hukumna haram sacara mutlak.Dalil pikeun nguatan kana ieu pamade-gan nyaéta Hadits Rasul Saw anu sum-berna ti Jabir diriwayatkeun ku ImamMuslim, yén Nabi Saw ngalarang kaawéwé anu nyambung rambutna ku naonbaé.

Kumaha upama di lalaki, naha sarua?Mémang saupama urang nala’ah Hadits-hadits di luhur, mangka anu dsebutkeuntéh (bari dilaknat) ngan awéwé wungkul,sedengkeun lalaki mah henteu disebut-sebut. Dina hal ieu, para ulama mufakat,

yén maksud tina eusi éta Hadits, kaasupogé lalaki, sedengkeun anu disebut-sebutngan awéwé, henteu lalaki, numutkeunImam al-Nafrawi sareng Imam Maliki,lantaran nu loba ngalakukeunana téhpédah kaum awéwé. Cindekna, Allohngalaknat saha baé anu nyambung ram-butna.

Patarosan salajengna, nyukur buukku lain jinis. Dina hal ieu aya sababarahanu kedah diperhatikeun: (1) Lalaki anumotongna (nyukurna) kaasup lalakimuhrim, nyaéta hubungan anu ayapatalina sareng turunan, atanapi jalma-jalma anu haram dinikah. Jalma-jalmaanu kaasup muhrim sakumaha anu di-unggelkeun dina al-Quran Surat al-Nisa:23.

Nurutkeun katerangan ti Ibnu Abbasr.a sareng ulama tafsir lianna, yén aya hijilalaki asup ka hiji kulawarga anu ayaawéwé geulis bari lunga-lengo di hareupe-unana. Nalika kulawarga awéwé mer-hatikeun éta lalaki, manéhna nahanpaningalina. Tapi nalika kulawargaawéwé henteu merhatikeun éta lalaki,terus manéhna ngarérét ka éta awéwé.Terus nalika kulawarga awéwé mer-hatikeun deui ka éta lalaki, manéhnanahan deui paningalina. Tapi nalika ku-lawarga awéwé henteu merhatikeun étalalaki, terus manéhna ngarérét deui ka étaawéwé, kitu saterusna. Cindekna, pa-gawéan kitu kalebet hianat, nyaéta sokmaling paningalina kana perkara anu teudimeunangkeun.

Hadits séjénna, anu diriwayatkeun kuImam al-Thabrani ti Ma'qil bin Yasar RA.,Rasululloh SAW ngadawuh: "Saupamasirah salasaurang di antara maranéhkabéh ditojos ku jarum beusi, mangkaleuwih hadé tinimbang paantel jeungawéwé anu henteu halal pikeunmanéhanana". Pidawuh Rasul sanésna:"Kadua panon bisa ngalakukeun zina,kadua leungeun bisa ngalakukeun zina,kadua suku bisa ngalakukeun zina, jeungsakabéhna bakal ditangtukeun kularanganana." (HR. Imam Bukhari Mus-lim). Sakitu, mudah-mudahan aya mang-paatna. Wallohu ‘alam.***

Nyambungkeun Buuk

Gawé bareng MANGLÉ, FKIP (Fakultas Keguruan & Ilmu Pendidikan), sareng LPPSI (Lembaga Pengkajian & Pengembangan Syiar Islam) UNPAS

Page 18: Mangle 2467
Page 19: Mangle 2467

Manglé 246718

CCarita Pondok

Baheula keurbudak, basakeur sakoladi SakolaDasar, asamindeng

pisan dicarékan ku gurutéh. Meus-meus kudu nga-hadep ka kantor. Guru téhhaben waé nyalukan ku -

ring, kawas euweuh deuipagawéan. Kalakuan nu teupira gé jigana téh pusingnaalahbatan nyanghareupannanahaon. Kawasna téhsakur nu dipilampah kukuring sabatur-batursalahkabéh, teu bener kabéh.

Dianggap teu parokjeung kaumuman, dianggap

ngabahayakeun, dianggapnyimpang, nu tungtungnamah dianggap berpotensingaganggu stabilitas kaa-manan nagara.

Leuheung basa lamunnu nyarékan téh guruawéwé, ukur semet gegelen-deng. Ninggang di gurulalaki, haok polotot mah di-

anggap céték atuh. Nyeprétmaké nyéré, murilitkeunceuli, ngagampleng nyabok,atawa najong budak bangorgé lumrah harita mah, dacan usum HAM téa kapan.Boa can aya kelemeng-kele-mengna acan bakal ayaKomisi Perlindungan Anakcara kiwari.

JenderalCarpon A. Budiman

Page 20: Mangle 2467

19Manglé 2467

Ari kuring sabatur-baturharita, tara bet ngarasa yénkalakuan téh bakal musing -keun guru. Rarasaan mahlumrah wé jeung batur heu -reuy téh. Pedah éta nakolanméja, wajar waé atuh,itung-itung hiburan barinunggguan guru nu datang -na leuir. Atuh dina bangorsautak-saeutik, lumrah dangaranna gé budak.Maenya saréngkak sapari -polah kudu disaruakeunjeung kolot onaman mah.

Kiwari dina posisi ku -ring anu sabalikna. Sabanpoé panggih jeung nu nga -ranna murid. Teu siriknasaban usik pagilinggisikjeung murid, lain omongbohong éta téh. Ganti taunpelajaran ganti murid. Nuheubeul lulus jebul nuanyar. Tara mulus kabéh,kudu waé aya di antaranabudak nu rada anéh panga-datanna atawa pamolahna.Boh kapanggih ari keurngajar di jero kelas bohdina lolongkrang waktu isti-rahat. Najan teu loba ge,ukur sababaraha hulu,tétéla matak musingkeun.Ari teu dipikiran da puguhkawajiban, keukeuh kududipikiran. Maenya diantepdisakarepnakeun. Matakdisakolakeun gé meureunkolotna téh nitipkeun kakuring, ka guruna,méntapangwarahkeun. Tapinyaéta téa atuh hayangnénjo murid cageur bageurtéh tétéla teu gampang.

Naon anu karandapanku guru kuring baheula bisajadi karandapan ku kuringayeuna. Pusingna jeungkeuheulna kaalaman ku so-rangan. Sakapeung mahsok nepi ka asa aral nyang-hareupan murid bangortéh. Dipapatahan mah dipa-patahan tapi asa euweuhtapakna. Asup tina ceulikénca kaluar tina ceulikatuhu téh lain omong bo-

hong. Dileuleuyan lain di -ke rasan lain. Kawas nu nga-haja ngeupanan pinapsu eun bebenjit téh. Ari geusnemen-nemen teuing mahasa hayang sagelepok-gele-pokkeun nyabok. Ngan nya -kitu téa apan jaman ayeunamah picilakaeun guru ham-pang leungeun téh. Lamunteu bisa meper amarahmoal henteu bakal aya be -rita “seorang guru dibawake kantor polisi karenamelakukan kekerasan fisik”.Inget ka palebah dinya mahukur bisa ngurut dada barineureuyan kasumpeg.

Ngan tina rasa jengkéltéh kadang sok napakuranmanéh. Sok ngagerentesdina haté, ieu meureun nudisebut kawalat téh. Dalamun seug guru-guru ku -ring arapaleun kumahapusing kuring ayeuna dinanyanghareupan kalakuanmurid bangor, mana teuingaranjeunna ngagumujeng -keun bari mupuas pedahbaheula kuring sok tara ru-masa. Enya lamun diinget-inget, dirarasakeun, tuluydisawang ngagunakeunpikiran kuring mangsa ki-wari tétéla kalakuan kuringbaheula, basa keur sakolatéa, réa nu kudu diasup-keun kana kolom bangor.

Lamun inget kana kala -kuan kuring basa keur sa -kola, patingkolébat deuitangtungan guru-guru ku -ring, pangpangna mahguru-guru keur jaman diSD. Lamun wasa mah ha -yang ngaberengbeng haritakénéh, ngadeuheusan jal -ma-jalma nu geus kariri -puhan ku kuring. Rékménta dihampura. Rékngarawu dampal pana -ngan na tuluy nyarita ‘ru-maos kapungkur abdibangor’. Bari ngalémbéréhcimata ngumbar karumasa -an gé matak naon. Rumasabaheula geus nyusahkeun

aranjeunna. Mudah-muda-han guru-guru kuring singdipanjangkeun yuswa,digampilkeun rijki, dipasi-han kabagjaan salalawasna.Atuh guru-guru kuring nuanu parantos taya dikieunasingdipasihan tempat pang -saé-saéna ingdalem kubur.Muga-muga kasabarananadina nyanghareupan ka-bangoran kuring singjantenamal kasaéan kanggo aran-jeunna. Amin.

Baréto, dina alam piki-ran budak, cek pangrasakalakuan téh asa teu mincu-lak-minculak teuing. Naoncarékeunana geura piranérékél kana tangkal kalapatukangeun sakola, rék ngaladuwegan pédah hanaang,kuat ka dicarékan. Nundakapur dina érang-éranganpangluhurna, melakkeunburuy dina bak WC, ma-mawa anak ucing ka jerokelas, peperangan makébedil peletok…dicarékan.Geus puguh teu nyieun pé-érmah, sok distrap dititahnangtung maké suku sa -beulah. Ngajengjen waésalila-lila cara bango keurngadodoho lauk. Barileung eun kénca ngajiwirceuli katuhu atawa saba-likna leungeun katuhu nga-jiwir ceuli kénca. Atuhronghok budak kelas dua,nu asupna rada beurang,ngarogrog tina jandéla,ngalalajoan. Leuh wirangnalain caritakeuneun.

Komo basa kuring jeungSi Duloh ngasupkeun bang -kong kana jero pamupusbor mah, meunang sami -nggu boa dicarékanana gé.Harita mah pamupus bortéh dijieunna tina lalamak -an, dikaput sisi-sisina, pasa -gi opat. Jerona didedetankapuk atawa kaén percanepi ka melendung sigakupat. Ari ieu ku kuringjeung ku Si Duloh kapuknadikaluarkeun, sup waé

bangkong meunang néwakti pipir sakola. Tuluy di-tunda luhureun méja SiSaénah. Sugan téhrék nuboga méja nu bakal nyokotpamupus téh, pék téh… IbuEmah, guru agama.Gogoakanana ogé manikadéngé ka alas peuntasboa ibu guru téh. Reuwasjeung gila meureun nyampanu geunyal dina jero pamu-pus.

Ngan “hadéna” najankuring mindeng jadi biangkérokna gé, guru téh kakuring mah tara daékkeunnyalukan sosoranganan.Kudu waé dibaturan kumurid séjén, babaturankuring. Bangun nu karara -gok guru téh. Mikir dua kalimeureun palebah kudunyarékan kuring mah.Ngaragangan nu diuk diruang bapa kapala sakola,bapa kuring. Bisa jadi ala-tan kalungguhan bapa ku -ring, kalakuan mahiwal téhtambah maceuh.

Pa Maman waé, nukatelah guru panggalaknasaalam SD Dadiharja IV, kakuring mah tara pati wani -eun nyarékan cara ka nuséjén. Iwal, lamun kuringkeur lobaan.

Inget kénéh harita téhkuring keur anteng najong -an bal buliter di gigireunkelas, pedah teu aya guru.Disénterkeun kana témbokbari diémprakan ku SiWaslim. Naha da éta mahPa Maman norojol ti kelaspangujungna. Pameunteu -na euceuy bari kekerotngagedig muru. Kuringgeumpeur nénjo nu ngagu -gudug téh. Bal buliter lalau-nan ditokér, digorolong keun ka deukeut suku SiWaslim. Enya waé aridatang ari gantawang téhnyarékan.

“Euweuh deui kaulinanséjén siaaah…!” cenah manitipupuncereng. Maksudna

Page 21: Mangle 2467

Manglé 246720

mah nyarékan ka nu najo -ngan bal tapi ari panonnamah molotot ka Si Waslim.Si Waslim kasima, beung -eut na sepa euweuh getihan.

“Ténjo ku manéh tém-bok jadi kalalotor!”

“Eu… eu….”“Ulah aa eueu… siah!”“Da… da…”“Montong dudu dada

siaaah!” Pa Maman awong-awongan bari curuknangacir nunjuk bal buliter nungagolér deukeut suku SiWaslim. Si Waslim sawan,béak beresih dicarékan kuPa Maman. Awaknangadaregdeg awahing kusieun.

“Awas siah méméh balikberesihan!” cek Pa Mamansanggeus seubeuh nyarékanSi Waslim. Léos ka jerokelas deui. Palias ka kuringmah teu ngarérét-rérétacan. Si Waslim ngajengjen.Rét kana témbok tuluyceuleumeut nénjo témboknu jareblog tapak bal bu-liter, baruleud totol-totol.Teu lila katémbong SiWaslim ngarénghap ba -ngun anu longsong. Panga-cianana kumpul deui. Gékdiuk bangun anu ramoh-poy. Disampeurkeun kukuring téh ngabalieusdibarung ku biwirnajamotrot.

Ari poé Saptu, kagiatanpramuka, leuuuh… resepnateu kira-kira. Maké bajupramuka, maké barét diém-bliman, maké kacu, makékaos kaki hideung nu ayagambar kitrian, sapatuna ti-tania hideung. Tali piriwitnyampay dina taktak. Tam-bang bodas meunang ngag-ulung-gulung digantung keun dina cangkéng kénca.Cangkéng katuhu nyolé-gréng péso balati nu teuteurak kana tahu-tahu

acan. Asa jadi Jénderal téhlain omong bohong. Pang-gagahna kuring mah dabatur mah teu barogaeun,teu lengkep jiga kuringpakéanana.

Komo sanggeus nga -déngékeun Pa Rasji, dinaPelajaran Sejarah Perjuang -an Bangsa, ngadongéng -keun lalakon perjuangJénderal Soédirman, asakuring nu digogotong dinatandu téh. Asa kuring numingpin pertempuran diAmbarawa. Asa heueuhngalaman sorangan hirupdina alam perjoangankamerdékaan. Ku pinter-pinterna Pa Rasji nga -dongéng harita, dina jerodada kuring ngagedur rasatanggung jawab pikeunngusir penjajah. Hayangjelegér-jelegér waé ném-bakkan tentara Walanda nucenah jarangkung gedéjeung kulitna barulé. Lahteuing atuh da ka KangDastam urang Babakan, nukulitna bulé péedah kasakitalbino, ngadadak ceuceubkuring téh. Hayang jelegér-jelegér waé némbak KangDastam!

Lamun kiwari mahmeureun disebutna téh“terinspirasi” ku lalakon nudicaritakeun ku Pa Rasji, tisaprak harita kuring ngaje-nengkeun manéh jadi jén-deral. Barét pramuka nudiémbliman téa, dipapakéunggal poé. Babaturankabéh kudu nyebut jénderalka kuring. Nu teu nyebutjénderal ulah wani ngaku-ngaku babaturan kuring.Nu embung nyebut jénderalka kuring ta lain ta bukan…Walandaaa… nu kudu di-tumpes ti bumi Pertiwi!

Jeung deuina téh babat-uran landes mah narurutpisan ka kuring. Di sakola,

di masigit, di pangulinannyarebut jénderal ka ku -ring. Minangka tumari-mana kuring méré pangkatkopral ka maranéhanana:Kopral Waslim, KopralEncon, Kopral Duloh, jeungKopral Acim. Leuh…katémbong barungaheundipangkatan kopral ku ku -ring téh. Komo basa nempotulisan dina kertas urut jilidbuku tulis, warna biru,mérk lécésmah: WASLIMsebagai KOPRAL, ENCONsebagai KOPRAL…. Tulisankuring nu ngahaja diukirgalaledé maké spidol per-manén. Nurutan tulisandina piagam nu sok dibawaku bapa ari tos balik pena -ta ran. Dibagi hiji séwangbari jeung teu poho diomat-omatan kudu tarapti nyim-penna. Leuh, lamun seugusum laminating carajaman kiwari moal henteubakal dilaminating tah bis-luit téh. Saprak harita nungaranna ulin peperanganjadi mindeng. Nepi kakungsi Pa Narya, kuwumanten, amuk-amukanpedah tangkal cau am-bonna, nu kakara rék bijiljantung, nyesa sagedé geu-lang leungeun. Palapahnahaben waé dialaan unggalpoé dipaké bebedilan.

Bosen nyieunan bediltina palapah tanggal cau,ganti kana bedil peletok.Dijieunna tina pepeletanawi sajeungkal. Pélorna tinakertas baseuh meunangngeueuman, dibuleud-buleud sagedé-gedé kacanghéjo. Sup waé pélor téh dia-supkeun kana jero pepele-tan tuluy didorong ku awinu meunang ngarautan,sagedé nyéré kawung.

Didedetkeun sakaligusnepi ka pélor kertas nu dia-supkeun tiheula nyerem-

peng bijil dibarengan kusora ngabeletok. Najan teungabahayakeun gé tetepwaé lamun keuna kana kulitmah bakal karasa peureuspélor kertas téh.

Sakapeung ari keur ulinpeperangan kitu téh soklieur ngatur babaturan.Saréréa hayang jadi baladkuring, hayang jadi pe-juang, hayang jadi tentaraIndonésia, euweuh nu daékjadi tentara Walanda.

Ka sakola gé dibabawabedil peletok téh, da jadiusum. Nu kasebut budaklalaki mah jigana téh kabéhbarogaeun. Atuh nu nga -ranna perang jeung kelassahandapeun atawa jeungkelas saluhureun jadi pa-gawéan matuh méméhasup sakola. Ditumbu deuiwaktu istirahat nepi kakadéngé lonceng kudu asupdeui ka kelas. Balik sakola,di jalan, geus silih bedildeui waé.

“Jéndral, tadi basa uingbalik sakola dipegat kuJang Ukon,” ceuk Si Acimbasa ngariung memehngaji, “awak uing dihompéttuluy ditémbakan.”

“Sarua uing gépoé ka-mari basa balik sorangandipegat. Tah, ténjo… ih,geus leungit ayeuna mah.Pokona mah kamari mahawak uing baréntol.” cek SiDuloh.

“Komo uing… komouing….” cek nu séjén maniraong. Kuring ngahulengnampa laporan ti anakbuah kitu téh. Lain teu apalsaenyana mah anak buahkuring dibeunangkeun kuJang Ukon téh. Ngan, arikudu ngalawan Jang Ukonmah rumasa teu untupan.Gimir ku tangtunganana.Awakna waé méh saruajeung Pa Maman. Rék kitu

CCarita Pondok

Page 22: Mangle 2467

21Manglé 2467

pantes da Jang Ukon mahngendogna gé aya kana tilukalian. Ongkoh batur sake-las Jang Ukon téh, tapi kababaturan sakelas teleng -esna teu katulungan.Meureun pedah ngarasamanéhna mah panglilanasakola matak ngajago gé.Jarangaya nu daékeun ma -turan da telenges téa.Aribagian pelajaran Maté-matika mindeng leungit.Nyaho saréréa gé JangUkon gadon nyumput,ningkreb manéh dina WCbangkar tukangeun sakola.Ngan euweuh nu waningalaporkeun.Uyuhanbatur mah tara aya nudaékeun laha-loho ka WCtukangeun sakola. Tara di-paké WC tukangeun sakolamah, hara-haraeun loba ju-rigan. Ngan tayohna téhpikeun Jang Ukon mahleuwih sieun kénéh ku PaPurman, guru Matématika,tibatan ku jurig mah. Pada-hal apal pisan Jang Ukontéh budak pangborangan-boranganana. Pangpangnamah ku pocong.

“Isukan indit ka sakolaisuk-isuk pisan,” cek kuringméré komando, “lamunbisa mah tos solat subuhlangsung indit!”

“Rék naon kitu, Jén-deral?” Si Waslim nanya.Nu séjén panasaran.

“Isukan waé di sakoladijelaskeun. Pokona datangka sakola kudu isuk kénéhpisan!” cek kuring tandes.Tuluy babagi tugas naonwaé nu kudu dibawa poéisukan. Isukanana, Rebun-rebun anjog ka sakola téhgeus nyampak anak buah,patingjarentul hareupeungerbang sakola.

“Hayu!” cek kuring.Barudak teu réa tatanya,bring naluturkeun. Ko-réléng ka pipireun sakola,

bras ka sawah nu parénakeur mimiti beukah.

“Tugas manéeh, Loh,kana kotakan. Cokot bebe-gig sawah!” cek kuringmaréntah Si Duloh, “nuleutik wé ngarah teugagarubang. Tuh, nu itu!”

Nu dititah teu baha,tuluy ngasruk ka tengah ko-takan nyokot bebegigsapanuduhan kuring.

“Jénderal, urang téh pe-juang atawa tukang malingbebegig?” cek Si Duloh baringasongkeun bebegigsawah.

“Hih, pejuang… ngankeur nyamar.” témbal ku -ring tandes, “gandéeng tongloba ngomong bisi kadéngéeun ku mata-mata!”

Di pipireun sakola,deukeut WC, kuringsabatur-batur ngaropéa be-begig. Awakna dibulen deuimaké mukena urut. Blégwaé pocong. Tuluy digan-tungkeun di jero WC.Dibebener sangkan bisanyorosod otomatis lamunaya nu asup ka jero WC.Sanggeus bérés, patingla-leos ka kelas nyampeur -keun babaturan séjén numimiti jul-jol. Arulin waésabiasana nepi ka kadéngésora beusi pélek treuk, nungagantung di hareupeunkantor, ditakol ku MangSarim pangebon.

Bener waé basa Pa Pur-man rentang-rentang rékasup ka kelas, sakilat JangUkon ngaléos. Kuring silihrérét jeung babaturan, silih-kiceupan. Kakara gé PaPurman rék ngabsénkadéngé aya nu gogowakanti palebah WC bangkar..

Guru jeung murid pa -tingtorojol ti unggal kelasbari silih tanya aya naonaya naon. Bereyek muruWC bangkar. Kuring sa-balad-balad teu kaba -

wakeun ukur silihrérét.Teulila katempo Jang Ukonpadamayang ka kantor.Tukangeunana,Mang Sarimpangebon, mamawa bebe-gig diabring-abring kubarudak sakola. Ruksakwaéh pelajaran kahiji mahteu dialajar.

Ceuk rarasaan mah asatarapti pamolah téh. Asamoal aya nu nganyahoan -keun. Ngan teuing saha nungalaporkeunana da basakuring balik ti cai, babatu-ran kuring nu opatan teukasampak. Meunang béjacenah dicalukan ku bapakapala. Reuwas waé ti dinyamah. Sieun pacampurjeung panasaran. Antuknamah kuring lah-lahanngeteyep asup ka ruanganperpustakaan. Tuluy noongtina sela-sela papan nu jadipamenggel perpustakaanjeung ruang kapala sakola.Katempo batur kuring nuopatan malelenguk keurdisidang ku bapa kapala.Raray bapa kapala nga -geunteu awahing ku ambektayohna mah. Panangananajiga nu ngeleper titingaliantéh. Hayang sagelepok-gelepokkeun waé meureunka bebenjit tukang nyieunmasalah téh.

“Kitu kalakuan téhkarep sorangan atawa ayanu nitah?” cek bapa kapalabari ngarenghap jero ba -ngun nu keur nahan ama-rah.

“Pok ngomong!” Soranamimiti bedas pedah nuopat an ngadon ngabare -tem.

“A… aya nu miwarang.”cek Si Acim arapap-eureup -eup. Kuring ngalenyapngadéngé jawaban Si Acim..

“Dititah ku saha? Poknyarita, dititah ku saha?”Panonna seukeut mencrongka nu opatan.

“Ku… ku Jénderal, Pa,”cek Si Acim rampang-reumpeung, beungeutnapias. Kuring beuki péot.

“Ku jénderal?” cek bapakapala ditungtungan kungahuleng.

“Euh… éta… eu… kuUjang Endang maksad téh.”

“Ujang Endang?Dititahku Si Ujang?”

Nu opatan unggeuk.Bapa kapala ngahulengdeui bangun aya nu keurdipikiran. Teu lila rét deuika nu tiluan. Pok nanyadeui bari unggut-unggutan.Rada laun ayeuna mahnyaritana téh. “Si Ujang téhjénderal nya? Ari maranéhpangkatna naon?”

“Kopral, Pa.”cek nuopatan méeh bareng.

“Euh, percumah atuhngomong jeung kopralnamah.” cek bapa kapala baringadayagdag kana pan-yarandéan korsi, biwirnasemu kendu, “engké,méméh balik sakola, jén-deral silaing kudu nga-hadep ka bapa! Béjakeun…Jénderal Besar nyalukankituh!”

“Siap, Pa!” cek nuopatan méh bareng.SiDuloh mah nyebut siapnatéh bari jeung sikap sem-purna sagala dibarungngangkat leungeun, posisingahormat. Bapa kapalangabalieus dihormat ku SiDuloh téh, biwirna kaciri-tipepereket nahanpiseurieun.

Dina panyumputan ku -ring paranas tiris ngaba -yangkeun kajadian nu bakaltumiba.

Apal pisan tabéatna,najan sapopoé tara lobanyarita gé arikeur ngam-beknamah sok jiga nukausapjurig Jénderal Besartéh….

***

Page 23: Mangle 2467

Manglé 246722

Balik timasigitba’da Isya,Artasimdipegat kulalaki

opatan nu maraké bajusaragam, lengkep jeungatributna. Teu amit teu

sing Artasim diringkus,leungeunna diborogod, di-parékoskeun ka beulahtukang. Tuluy diséréd di-taékkeun kana mobil ku-rung nu ngajugrug didinya.

“Bapa…!” gorowokRasid, anakna nu kakara

tujuh taun bari ngagabrugka Artasim. Leungunnatipepereket nangkeup ba-pana nu keur digugulungku éta jalma.

“Dasar bebenyit!” ceukhiji lalaki ti nu opatan téa.Rasid didudut, awakna di -sungkrukkeun kana susu -

kan hareupeun masigit. “Uih Jang ka Ema, gan-

cang!” Ceuk Artasim noongtina jandéla mobil.

Mobil ngageuleuyeunglalaunan ninggalkeun lem-burna, Cilawu. Panon Ar-tasim beueus inget kananasib. Kudu anggang jeungRasid anak hiji-hijina,sarta Dedeh pamajikan nupangsabarna.

Mobil ngaleungit natungtung péngkolan. Rasidngahinghing tuluy gancangbalik ka Indungna.

“Ema.. Ema..!” gorowokRasid. Awakna ngalongsér,ceurikna beuki tarik.

Ti jero imah, sorapalupuh tingrarekét.

Kulutrak! sada tulakdibuka.

“Astagfirulloh.. ku naonCu? Kunaon? Nyarita kaEma!” Indungna hari-weusweus tuluy ngagabruganakna nu gagauran ditepas.

Ti kajauhan hawar-hawar kadéngé soraléngkah aleutan jalma.Beuki lila beuki atra. Rasidbeuki muntel ka Indungna.Nyumput dina mukena nucan kaburu dilésotkeun kuIndungna.

“Emin! Gancangtinggalkeun Cilawu ayeunakénéh! Teu sudi Aing hirupjeung pamajikan PKI!”ceuk jalma nu geus ngaliudhareupeun imahna.

***

Barang srog ka penjara,Artasim diiringkeun ka ro-hangan pamariksaan.Manéhna diinterogasi kuopat urang pulisi bari cin-gogo luhureun téhel.

“Sia PKI héh?”

CCarita Pondok

Kutan KituCarpon Tatang Zaélani Tirtawijaya

Page 24: Mangle 2467

23Manglé 2467

Artasim gideug. Jele-bot..! Sapatu kulit neueulkana beungeutna. Artasimtijengkang, nyangsaya dinatémbok rohangan.

“Lihat, témbokna kotorku getih si babi!” ceuk nuséjénna. Nu keur nangtungmureleng, kop kana po-pongkol. Habek! Artasimdipeupeuh. Koloyong,gubrag. Artasim teu éling.

Kira-kira jam satengahgenep isuk, Artasim diban-jur. Manéhna ngoréjat.Awakna karasa lalinujeung pareurih, sirahnabeurat, sarta tikoronakarasa hanaang.

“Hudang siah!” ceukpenjaga nu tadi peutingngainterogasi manéhna.Sungutna méh adek kanabeungeut Artasim. Artasimdijéwang, tuluy didiukkeundina korsi beusi bariangger diborogod.

“Jawab nu bener! Siaanggota PKI?” Barinyenyekel setruman, étapulisi keukeuh nanya nusarua ka Artasim.

“Kami mah patanibiasa. Iwal peuting sokngawuruk barudak ngaji,”témbal Artasim.

“Ngaku siah babi!” ceukéta pulisi bari ngantelkeunsetruman kana awak Ar-tasim. Artasim ngeleper.Awakna leuleus teuwalakaya.

Artasim tetep teu ngakunu lain akueunana.

“Meunggeus… meung -geus. Hayang ngasaandikieukeun meureun,”ceuk pulisi nu hiji deui baringulang-ngulangkeungégépna. “Sakali deui,jawab nu balég! Sia PKIhah?”

“Demi Alloh, Demi Ro-sululloh kuring lain PKI!”témbalna arapap-eureup -eup.

“Rangkét cokorna!”

Sukuna dirangkét. Artasimsumerah, teu bisakukumaha deui. Gégépnadicakopkeun kana kuku in-dung sukuna. Kukunamimiti pakpolonyon lésot,dibarengan getih hanyir nungabayabah kana sela-selasukuna. Ceurik Artasimpagalo jeung gorowoknaménta kaadilan NuKawasa.

“AllohuAkbar…!”“Rék ngaku moal siah

babi?”Artasim gideug bari

beueus cimataan. Gégépgeus nyakop deui dinakuku satuluyna.

“Antep heula. Sugan kédeui mah robah pamiki-ranana,” ceuk koman-danna.

Artasim diiringkeundeui ka jero sél. Manéhnadisuntrungkeun ka jurusél. Keur kitu, hiji pamudaujug-ujug ngagabrugnangkeup manéhna. Ar-tasim kerung teu ngarti.

“Punten, ari Akang téhsaha?”

Nu ngagabrug teu ném-balan. Kalah beukipepereket nangkeup.

“Hapunten kuringKang.. Ieu kalepatan ku -ring!” ceuk éta lalaki. Ar-tasim beuki teu ngarti.

“Saha ilaing téh saben-erna?” bari angger nyuuhkana lahunan Artasim.

Si lalaki pok némbalan,“Kuring Nanang Kang.Murid Akang nuju di pon-dok.”

Artasim curinghak.“Nanang?”

Éta lalaki nuluykeundeui caritaanana,” Kang,tos wé turutan kahayangmaranéhna. Lamun teukitu, Akang moal salamet,bakal terus disiksa kawaskieu Kang,”

“Na ti mana ilaingnyaho mun kuring ngaku

PKI, kuring bakaldibébaskeun tina siksaan?”

“Kuring jeung nu geustiheula di dieu, kabéhan -ana sarua siga Akang, Di-paksa ngaku anggota PKI.Nu ahirna kuring kapaksaapi-api ngaku.”

Artasim hookkeunngadéngé lalaki nu keurnyarita hareupeunana. Pokdeui manéhna nanya,“Lamun Kuring ngakuanggota PKI, tangtu bakalditanya saha deui anggotanu lianna, kapan Kuringmah teu apal?”

Bari angger nyuuh, étalalaki ngahinghing ceurik,“Ampun Kang, étakalepatan Kuring. Teu ka-haja ngaran Akangkakedalkeun ku Kuringharita,”

Artasim ngarénjag, teupercaya jalma nu geus mit-nah manéhna aya di ha -reupeun matana. “Halingsiah! Tukang mitnah mahdi ditu ngajedogna, didasar naraka! Teu sudiAing kudu ngaku cara sia,siga jalma-jalma nu geus tiheula di dieu. Marunapékkabéh!”

Ambekan Artasimbeuki kerep. Hawa beukingelekeb. Manéhna ngé-sod, ngajauhan éta lalaki.

“Geuning kieu Gustimanusa jaman ayeunamah. Silih tuduh ka jalmanu teu boga dosa. Naha teumalikir kumaha anak incuaing jaga? Deudeuh teuinganaking, ilaing moal bisasakola, moal bisa nyiarélmu, pédah nelah turunanPKI!”

Artasim ngeluk tuluysumegruk inget ka Rasid,jeung pamajikanana nuteuing keur naon jeung dimana boa.

Di luar, sora sapatukadéngé tinggalasruk kanatéhel. Aya kana dua, atawa

tiluna. Rarasaan Artasimgeus béda. “Pasti nuluy -keun nu tadi peuting.” ceukmanéhna jero pikir.

Enya baé. Éta penjagaareureun hareupeun pisanpanto sélna.

“Nangtung siah, babi!”Artasim teu ngawaro.

Manéhna api-api teungadéngé. Artasim di-jéwang tuluy diséréd kaluar.

“Kang, omat Kang. Singémut pesen Kuring …!”Nanang ngagorowok.

Artasim teu nolih.Nanang ngudupruk.Ngarasa dosa geus ngaruk-sak kahirupanna anak incuArtasim.

Dor.. dor..dor…! Sorabedil disada. Nanangngagoak, nyuuh kana kar-dus alas saréna. “Akang…naha atuh Akang teu nurutkana omomongan Ku -ring…!”

Sabot kitu, di luar sélkadéngé sora jalma-jalmasarurak. Barang manéhnacengkat, panto sélna geusmuka. Teu kungsi mikirheula, Nanang ngaberebetmuru rohangan interogasi.

“Ka mana. Ka manaKang Artasim?” ceukmanéhna waktu nempo diéta rohangan euweuhsasaha.

Rét kana téhel,“Akaaaang….!” Manéhnangajerit nempo getih nungabayabah.

Manéhna lumpat deuimuru ka rohangan kantor.Di jero kantor, sarua waéeuweuh sasaha. Malah pa-balatak ku barang-barangsiga urut aya kaributan.Rét Nanang kana almanaknu ngagantung. 21 Mei1998.***

Gegerkalong Gi-rang, Januari 2014

Page 25: Mangle 2467

Nepi ka cetukhuis kieu, asacan pernahningali atawangadéngé aya

jelema nu paéh hirup deui.Asana téh ari nu geus diru-ang dina jero taneuh mahnya kitu waé, buruk tuluyjadi tulang. Atawa meureunmun hirup ogé nya nu kaba -yang téh, nunggeulis sora -ngan di jero kubur, da tang tu geus béda alam jeung nudi dunya mah. Nu paéh mahcicing di alam kubur nepi kawaktuna nu ditangtukeunku Pangéran, moal bisa ilu-biung jeung jalma nu hirup.

Osok kétang ari ngadé -ngé béja mah, aya nu balikdeui lantaran mati suri, nukeur dimandian hudangdeui, nu diléngkahan ucinghudang deui, nu maotna teusampurna tuluy jadi ririwa.Malah aya cenah nu rék dia-supkeun kana liang kuburujug-ujug ngoréjat. Tapi daéta mah ukur béja.

Ari di lembur mah sokgujrud ku ririwa, jalma nupaéh teu sampurna tuluyngaririwaan ka unggal jalmanu teu nyampurnakeunmanéhna atawa nu ayakabeungbeurat di dunyana.Cenah éta ogé, da nya étakuring mah can pernahnyaksian. Nu ningali kunti,pocong, kélong, buta, jeungsajabana. Éta kabéh ukurbéja nu pabéja-béja.

Tapi da enya ari kitunamah, basa Juragan HajiKarta maot, lantaran nyakeuna ku kakolotan.

Éta mah peuting kahijilembur nu sakituna gedénatéh ngadadak réhé combrék.Barudak pamuda nu biasagigitaran di pos ronda atawadi buruan ogé ngadadakngarampih di imahna sé -wang-séwangan.

Ari kuring mah najanimah almarhum Haji Kartaanggang ogé, teu burung di-jugjug. Bubuhan Haji Kartatéh babaturan sapangulinankuring baheula. Ngan arikadieunakeun béda milikna.Karta mah usahana hasil,atuh ayeuna ogé hartanalubak-libuk bro di juru brodi panto téh lain bohong.

Ari kuring mah nya sigertengah, najan henteu kaku-rangan ogé tapi alhamdulil-lah nyukupan.

Ari di lembur, sok ayawaé pisirikeunana téh, lainwaé di lembur kétang, dimana-mana ogé jalma sirikmah sok aya. Haji Karta nuhartana lubak-libuk diga -rosipkeun munjung, mujaka dedemit, jeung sajabana.Ari kana béja teu bener,bangun babari narekabnatéh. Ti keur jumenengkénéh geus digosipkeunanatéh. Tapi Haji Karta mah teupati marile. Ngan kulawar-gana waé nu rada saréwotteh.

Haji Karta tina béréhanjadi medit, kitu cenah nubasana téh. Da enya cenahnu munjung mah sok korétkana barangbéré. Dinasakalieun barang-bérénaogé ulah ditampa, da saha-saha nu ngadahar rijki jalma

munjung bari teu kaluarkésang, engkéna bakal jadiwadal. Padahal kuring mahnyaho, ti saprak digosip-keun munjung Haji Kartatéh tara aya nu narima munsedekahna. Kulantaran kitu,tungtungna sedekahnasusulumputan bro-broan kamasjid atawa osok ogé kalembur séjén.

Basa dikaruat mah,waktu ngali kuburan. Geuscus-ces béja di ditu-di dieuyén percuma cenah ngalikuburan ogé, da ari numunjung layonna ogé moalditarima ku bumi, moal di-tarima ku langit. Bakal jadiririwa. Mayitna kudu di-palidkeun ka wahanganjeung harta-hartana.

Haji Karta di karuatnabiasa-biasa, euweuh kaja-dian nanaon. Kumaha waéilaharna nu maot. Waktukeur nguburna euweuh hal-hal nu ganjil, éstu lungsur-langsar. Bérés ngaruat, tuluywaé Ustad Basir ngawawar -keun yén engké peutingbaris aya tahlilan di imah nukapapaitan. Geus ilaharpeuting, da lamun tahlilanbeurang mah urang lemburjarang di imah, keur baranggawé, boh di sawah boh dikebon.

Bada magrib, samémehindit tahlilan téh geus nga-jakan heula Si Adung jeungSi Tatang, tapi cenah moalbisa ngilu tahlilan, keur teungareunah awak. Padahaltadi soré basa panggih jag-jag waringkas nu duaan téh.Teu mikir dua kali, indit waé

sorangan. Mopoék, da sén-ter poho teu dibatuan.

Eukeur mah caraang dadi tengah lembur.

Palebah pipir imah Sa -tibi, anak goak téh Nyi Sa -tibi nu pas kuring ngaliwat,pas manéhna mukakeunpanto dapur.

“Alah tobattt... Juriggg...Haji Karta... Tulung Apana!Tulung ...” cenah bari balikdeui lumpat muru tengahimah.

Sakedapan mah kuringukur ngembang kadu nga -déngé Nyi Satibi ngocéakkitu téh. Luak-lieuk, sidikngan kuring sorangan.Tungtungna kaharti yenkuring disangka ririwa HajiKarta. Daripada barabé,geus waé kuring nuluykeunleumpang bari rada diru-rusuh.

Teu ku henteu deuih, dijalan pasanggrok deui jeungjelema, teu pati awas saha-sahana da poék. Ngan geusrada deukeut jol-jol kocéakdeui manéhna ngocéaksarua jeung Nyi Satibi. Balikdeui ka tukang bari lumpattipaparétot tulung-tulungan.

Kuring ngan seuri sora -ngan. Abong jalma borang -an, sidik jelema disebutjurig. Kitu balukar na jalmangompod téh. Lain talitijeung sidik-sidik heula saha-sahana. Can nanaon geusmiheulaan sieun. Nya meu -reun polah nu kitu nu sokmawa cilaka téh. Cilaka kupamolah sorangan éta mah.

Nepi di imah Haji Kartageus nyampak nu rék

Manglé 246724

PPuridingPuringkak

Jadi RiriwaKu Taufik Rahayu

Page 26: Mangle 2467

25Manglé 2467

tahlilan. Teu pati rempeg,sigana téh nu dareuheuspisan ka almarhum waé nudaratang ogé. Ajengan Basirnu sok mimpin doa gé geusnyampak. Heuleut sabarahamenit, tuluy ger waétahlilan.

Balik tahlilan téh radamaneurikeun manéh.Ngadon uplek ngobrol jeungkulawarga nu kapapaitan.Utamana mah ngobrolkeunpapanggihan tadi di jalan.Ustad Basir nu aya kénéhogé milu ngabandungancarita kuring ogé seuringadéngé lalakon Nyi Sa -tibi mah. Da moal teungayekyek ngiihan ma -néh. Kitu oge nu di jalan,moal teu sukuna gareti-han balas titatarajong.

“Atuh da Bah Dirmamah persis pisan jeungjenatna, eukeur mahsaumur deuih,” ceukNyi Karta ka kuring.

“Komo éta maké pa-pakéanana kamprétbodas, di peci haji bodas,jaba jenggot jeung kumisnu panjang. Persis pisan je-natna.” Ajengan Basir milumairan. Kuring seuri sora -ng an, da rumasa dangdananteh siga Haji Karta. Tapi dailaharna aki-aki mah makenu kieu, piraku kududikakaos, asa teu parantes.

Geus beres mah tuluykuring mulang. Nyoranganmulang téh siga waktu indit.Da nu lain mah lolobanaimahna dareukeut. Ari nujauh nya éta sigana téhngompod mun kudu ka luarimah pas aya nu maotnamah. Nepi ka 7 peuting mahsok tara warani nguram-preng ka luar sorangan étatéh. Sajajalan aya kereteggoréng. Hayang nyingsieun -an nu barorangan. Utamanarék nyingsieunan LurahAtno. Bongan pamingpin

téh euweuh guam pisan.Sakitu ku nu kapapaitandiondang tahlilan téh, eu-weuh basa euweuh carita.Peupeuriheun beurangnabasa mulasara layon eu-weuh, cing atuh ari tahlilanmah maksakeun, da moalméakeun waktu mangjam-jam piratahlilan.Teu

pan-téskasebutnaari pingpinan désakitu péta mah. Ceuk parib-asana saelol atuh keur saratwaé mah.

Nguliwed ka pipirimahna, ngahaja muru kalebah kamar nu disaréan kuLurah Atmo. Geus kitu ku -ring tuluy ngautan bilikna.Bari tuluy pok ngomongdingirungkeun.

“Siaaa... nega ka ngaing!Meni taya ngelolna katahlilan ngaing. Dikerekebsiah ku ngaing... heaahhh ...heahhh ...”

Beres ngomong kitu téh

bari tuluy kakaut kana ba-likna, méh disangka ririwa.Bari teu kuat mangkekhayang seuri. Komo barangngadéngé nu ngagurubugtuluy tibabaraduk mah, sadanu luncat tina lisbang. Teulila kadengen Lurah Atmojeung pamajikanana baba-

caan. Geus bé -rés

nying -

sieunanmah tuluy waé

gura-giru balik. Kopsiah, moal bisa saré sapeut-ing ieu mah. Bongan teu sigapamingpin kalakuan téh.Kuring tuluy balik ru-rusuhan da geus peutingteuing. Melang ka pama-jikan jeung incu.

Isukna bener waé jeungnu disangka. Gujrudsalelembur lurah Haji Kartangaririwaan. Rariweuh sokkomo nu manggihanana lainhiji lain dua, tapi loba.Katambah-tambah aya béjati Lurah Atmo, pajar riri-wana ngontrog ka manéhna,

nitah ngilu tahlilan. Kuringmah nu boga dosananyenghél waé, teu lobacarita. Keun weh, ngarah teuloba jalma nu liar ti peuting,barina peuting mah lainwaktuna aya di luar imah,tapi waktuna cicing di jeroimah jeung anak pamajikan.

Bener waé peuting kaduamah, lurah Atmo geus ayasila gigireun ajengan Basir.Tatangga deukeutna LurahAtmo ogé témbong saba -bara ha urang. Tahlilan jadirempeg. Kitu ogé si Adungjeung si Tatang, tatanggakuring geus aya keur ngage-mos boléd jeung kicimpring.

Sanggeus beres, lurahjeung nu lain mah tuluy tu-turubun balik. Kitu oge siAdung jeung si Tatang.Heuelut sabara menit,Ajengan Basir ogé pamit.

Saméméh balik,Ajeng an Basir ngaharé-wos, “Kacida éta Si Abahka Lurah, meuni kuat ka

disingsieunan kitu. Éta tadimah nyaritakeun kajadian -ana meuni nepi ka pias. Barituluy keukeuh ménta doapanyinglar ririwa, bisi engképeuting datang deui cenah.”

Kuring ukur ngahéhéh. Balikna teu nyingsieu-

nan deui ayeuna mah, datangtu lampah kitu téh teuhadé. Kamari mah ukurngawarah waé. Palebahimah lurah Atmo nu tadibalik tuturubun pangheu -lana, kuring ukur ngarawutaneuh garing, geus kitu di -sewurkeun kana suhunanan.Kadéngé hawar-hawar tijero imah, Lurah Atmo nugegelendangan babacaan.“Bongan balik ti heula, lainbareng jeung ajengan!”Cekéng téh bari seuri leu-tik.***

Bandung,28 Februari 2014

Page 27: Mangle 2467

CCarita Heubeul

I. Di Mataram

Kacaritakeunanu jume-neng ratu,nyakrawatidi nagaraMataram

harita, jujulukna katelahSultan Agung, tedak KyaiAgeng Pamanahan. NagriMataram dina jaman haritakawentar keun nagara pan-jang-apunjung, réa ketan réaketon. Turta anu jadi ratukaceluk ka awun-awun,kawentar ka janapria, ratugagah perkosa sarta adilpalamarta. Dina mangsaharita méh sakuliah puloJawa geus kaéréh kuMataram, hiji nagara Islamanu pohara kuatna.

Sakawitna anu kudungéréh nagri Mataram téh,putra Kyai Ageng Pamana-han anu cikal, anu jenenganPangéran Martapura. TapiPangéran Martapura henteukersaeun, mangkon kapra -bon ngagentos ramana, kusabab anjeunna mah kare-sepna téh ngulik élmupanemu lahir tumekaning

{ 11 }

Manglé 246726

Ku Rohendy SumardinataDipasieup deui ku Supis

PANGANTEUR

Kamari tos kasanggakeun lalakon Gogoda ka nu Ngarora yasana M.A. Salmun.Kiwari aya carios petingan séjénna nyaéta Dongéng Riwayat Pangéran Dipati

Ukur kénging Rohendy Sumardinata kalawan dirakit sareng dipasieup deui ku Supis.Ieu carita dimuat ku MANGLÉ tina buku Dipati Ukur nu dikaluarkeun ku Daja Sunda

Pusat. Sakumna putra Sunda, sumawonten anu kasebat rundayan Bandung mah,moal bireuk deui kana jenengan Pangéran Dipati Ukur, anu parantos ngaheuyeuk

tatar Ukur (Kabupatén Bandung ayeuna) di jaman Sultan Agung Mataram.Carios lalakon Dipati Ukur anu kasanggakeun ieu, bahanna kenging ngempelkeun

Sdrk. Rohendy Sumardinata, hasilna maluruh ti sepuh-sepuh anu marangkuk di Gu-nung halu sareng Cililin. Sanaos ieu dongéng henteu tiasa dianggap sajarah asli

(gedocumenteerd), mung eusina sareng tamsilna, yakin kénging didamel conto sarengtuladan ku sakumna sékésélér Sunda, dina jaman inyana sareng iraha baé, boh ayeu -na boh kapayunna. Kanggo saksi yén Dipati Ukur tetela jadi Luluhur Bandung, di strikBanjaran, di sisi pakemitan palih ti kidul, aya pasaréan anu sok pada ngajarahan, nyaéta anu katelah pasaréan Sembah Dalem Dipati Ukur. Sajabi ti éta di wewengkon Gu-nunghalu aya patempatan anu diaranggap karamat deuih, anu disebat Batulayang.

Di éta tempat aya batu lempar, nu sok dianggo panayogéan. Cék cariosan, anukawénéhan mah biasana dina malem Jumaah kaliwon sok rajeun pajonghok jeung jir-imna Dipati Ukur, anu tilem di dinya. Redaksi MANGLÉ gaduh kayakinan, saupami ditatar Sunda réa putra Sunda anu kahanan sareng pasipatanana sapertos Dipati Ukurdina dongéng ieu, kawasna dina jaman riweuh kieu sapertos ayeuna téh, moal gupuy-

gapay énggoning milari pipamingpineun. Mugi-mugi baé ieucarita nyambung téh aya mangpaatna.***

Page 28: Mangle 2467

batin; hirup nyepi di lemburnu singkur, nebihan godarancana dunya.

Demi kaprabon ku an -jeunna disérénkeun ka rainaPangéran Sutawijaya, anusaterusna nelah SultanAgung. Anjeunna nyakra -wati di Mataram ti taun 1613nepi ka 1645.

Dina hiji poé, SultanAgung nuju magelaransinewaka di paseban, dideu -heusan ku para bupati, patihkatut mangkubumi. Eukeurngagelendut miwuruk mitu-tur bagbagan agama driga -ma, tata cara ngaheuyeukdayeuh ngolah nagara, jolgulang-gulang torojog tanpalarapan, dumeuheus kapayuneun Sultan, hari-weusweus pok unjukan:

“Nun Gusti, awon teukapiunjuk, abdi Gusti nyem-bahkeun sewu bebendulaksa duduka, kumawantundumeuheus ka pangkondampal Gusti, henteukalayan aya panyaur,” ... Sul-tan Agung alon mariksa :

“Aya piunjuk naon, Gu-lang-gulang?”

Gulang-gulang soranangadégdég, ajrih dibaur kuisin: “Nun Gusti, aya hijiabdi ti pakampungan, anungangken wasta pun Ukur.Dupi maksadna, badé marekka salira dampal Gusti. Sala-jengna ku abdi Gusti diwa -gel, namung pribadosnakeukeuh maksa, dugi kawantun ngalawan ka sadayaanu ngajagi di lawang-kori.Atuh lajeng baé ku sadayadiraponan, dikoroyok, na-mung henteu aya sauranganu tiasaeun nyangking. Sa-dayana teter ngayonankadigjayaanana éta punUkur, kaulanun.”

“Di mana ayeuna étajalma téh?” saur SultanAgung. “Aya, nuju ngantospanyaur Gusti, di latar pa-mengkang, kaulanun.”

“Cik gasik bawa ka dieu,

montong maké paksa pirusa,lelemu ku basa anu mere-nah”, saur Sultan Agung.

Ki Gulang-gulang cedoknyembah terus mungkur tipayuneun Sang Ratu.

Barang Ki Ukur nga -déngé ti Gulang-gulang, yéndisaur ku Sang Ratu, jungnangtung, leumpang ma-mandapan nuturkeun KiGulang-gulang, asup ka sri manganti. Barang rét kati -ngali ku Sri Ratu, brek kiUkur diuk.

Ku Sang Ratu digupay,supaya diukna deukeut.Sang Ratu alon ngandika :

“Enya manéh, anumaksa hayang ngadeuheuska kami téh?”

“Duh Gusti, sadaya-dayaabdi Gusti nyanggakeunbeuheung teukteukeun, sukugenténg bélokeun, kabéh-kabéh dampal Gusti anu ka-gungan. Gantung tinggibuang jauh, abdi Gusti hamobadé ngalangkungan kanapangersa dampal Gusti,”walon Ki Ukur, sorana tatagperlénté, jauh tina kasima.

“Naon pikarepeunmanéh, anu matak kuma -wani keukeuh maksamirusa, henteu ngen-dahkeun omong anana anungajaraga di lawang kori?”

“Duh Gusti, rumaos abdiGusti parantos ngajalankeunkalepatan, kumawantuncampelak cucungah. Dupimargina, abdi Gusti dumugika ical duduga peryoga,wiréhing abdi Gusti dongkapti anu sakitu tebihna, teu ayasanés mung hoyong du -meuheus ka salira dampalGusti. Dupi anu ngajaragi dilawang kori henteu aya pisanbemakramana, ting poro -ngos ting haroak nyarékanka abdi Gusti, ngusir-ngusirbari najong sareng nyépak,supados abdi Gusti enggal-enggal nebihan karaton,”

Sang Ratu mesemngandika :

“Geus éta mah Ukur, kukami gé kaharti sarta karasa.Éta peta manéh kitu ku kamidihampura pisan. Ayeunakami nanya, ti mana manéhnya asal, lembur matuh ban-jar karang pamidangan?Jeung naon pamaksudan,anu matak jauh-jauhngadeuheusan ka salirakami? Cik pok caritakeun!”

“Gusti, menggah awitabdi Gusti ti pakampungantatar kulon, anu nelah kam-pung Manikmaya. Pere-nahna ti dieu tebih, lalakonaya sasasihna langkung.Dupi pamaksadan, anumawi abdi Gusti dumeuheusteu aya sanés, mung badéneda sih tresna dampalGusti, kersa maparinpadamelan ka abdi Gusti.Kumargi aya wangsitna punaki, yén engké saupami abdiGusti parantos sawawa,kedah ulun kumaula kadampal Gusti, kaulanun”,walon Ki Ukur, bari congnyembah. Gasik Sri Sultanngadawuh:

“Eh Ukur, ari maksudmanéh arék ulun kumaulamah ka kami, atoh nu aya,banget nya tumarima. Tapiayeuna kami rék nanyaheula, naon pangabisa jeungkasanggup manéh?”

“Duh Gusti, menggahabdi Gusti mah éstu bodobalilu, urang kampung baulisung, henteu aya pisan ka-tiasa, mung karep sarengkadaék anu sayagi dina diriabdi Gusti. Ku margi éta,abdi Gusti henteu badéngalalangkungan dampalGusti, badé didamel tukangngarit, tukang kuda, tukangnaktak-mundak, carék wi-wilanganana, henteu ruhundampal Gusti. Abdi Gustisumeja kumambang kanapangersa, kaulanun.”

Kanjeng Sultanngadangu piunjuk Ki Ukur,nyaur salebeting galih:

“Ieu jajaka, kawas-kawas

lain samanéa, tapi aya terahti luhurna”.

Lajeng ngadawuh:“Ukur, cik ku manéh ca -

ritakeun, montong rék dis-umput salindung, kamihayang nyaho, saha ari lu-luhur manéh?”

“Nun Gusti, sakumahaanu parantos kapiunjuk tadi,menggahing abdi Gusti mahmung saukur tuturunanbulu taneuh. Anamungsaupami Dampal Gusti per-canten, numutkeundongéngna pun aki, abdiGusti téh kokocoran ti punLurah Kiwaraksa, nu kantosjadi Lurah di Tegallebu.Saupami dongéngna pun akileres, pun Lurah Kiwaraksatéh awitna mah ti Pajajaran.Nalika Kangjeng Raja Paja-jaran, Sri Maduga Ratuangkat ka Majapait, badéngadahupkeun putrana SangPutri Pitaloka ka rajaHayamwuruk, buyut abdigusti pun Kiwaraksa téa,kantos dicandak, lebet kanairingan ponggawa. DampalGusti langkung waspada,anu sakawitna badé ngalu-uhan jatukrami, ku tipu-dayana Papatih Gajahmada,nalika aleutan ti Pajajarannuju masanggrahan dibubat, (digempur ku prajuritMajapait. Pun buyut Ki-waraksa kenging dawuhanSang Ratu, diutus ka Paja-jaran, kanggo ngempelkeunbalabantuan. Anamung disatengahing jalan, papapagsareng musuh, anu puluhanseueurna. Pun buyut padangaraponan dugi ka henteutiasa walakaya, badannapinuh ku tatu ngagolér kapi-dara. Dikinten ku musuhparantos lastari, cul padangantunkeun di tempathara-haraeun.

Ki Ukur ngahulengsajongjonan, ngangres nge-nes ngadéngé dongéngna so-rangan.

(lajengkeuneun)

27Manglé 2467

Page 29: Mangle 2467

Manglé 246728

Bagian

198

CCarita Nyambung

Nu ka -carita téhRabiIbnuHatim.Lain

ukur beunghar, tapi ogéhadé pasipatan jeungparipolahna. Ku lantarankitu, masarakat gé kacidangajénanana.

Dina hiji waktu, Rabika pasar. Biasa lantarannoga rupa-rupa kaperelua-nana. Di antarana, ieu nubeughar téh nyimpang katempat nu biasa jadi tem-pat budak beulian. Ieusudagar kataji ku budakbeulian awéwé nu keurngais orok nu kacidageulisna.

Rabi ngadeukeutan étabudak beulian. Ngalak-ngilik orok téa. Geus kitunyampeurkeun ka nu bo-gana. Pok cacarta yén in-yana hayang miboga éta

budak beulian katutorokna téa.

“Sabara haregana étaabid téh upama jeungorokna sakalian?”

“Lima puluh dinar,Juragan.”

“Heug atuh. Sok wéjieun akteuna.”

Trét nu boga éta abidtéh nulis dina keretas nubiasa dijadikeun buktijual-beuli éta abid. Geuskitu mah créng wéh Rabitéh mikeun duit.

Satuluyna mah, balikka padumukanana sartamawa abid jeung oroknatéa.

Orok téh kacidadipikanyaahna. Ngaranéta orok nu asalna Sad di-ganti jadi Niam. Malah,diasuh jeung diurusna géteu beda ti ngurus anaknapribadi, kawas ngurusNikmatullah, budak lalakiRabi nu ngan hiji-hijina.

Anak Rabi jeung anakabid téh saumur. Atuh,ulinna gé remen babare -ngan. Nu lalaki nganggapNiam téh adi, kitu deui sa-balikna.

Kungsi Nikmatullahtéh dibejaan, cenah, Niamtéh lain adina, tapi batur,da ukur abid. Malah, ba-heula ditulis dina akteunagé diakukeun ka Nikmat-ullah.

Beuki lila beuki nyobat.Dunungan jeung abid téh,beuki akrab. Najan remendiélingan, yén Niam ukurabid, tetep wé nonomananak Rabi téh robahkanyaah. Malah, sanggeuspada-pada rumaja betjorojoy katarik haténahayang hirup babrenganngawangun rumah tangga.

Kahayang éta pamudaditepikeun ka bapana,Puguh wé teu satujueunda béda harkat. Tapi, nyakitu Nikmatullah mah teungarasa béda martabat,nganggapna téh sarua wé

pada-pada manusa biasa.Malah, ceuk pikirna, Niamtéh loba unggulna tiawéwé séjén, keur geulistéh pinter maca Qurandeuih.

Lian ti kitu, ku leu -keunna Niam daék diajar,rupa-rupa pnagbisan téh.Mun hahaleuangan, matakresep nu ngadéngékeun -ana. Leuwihna ti kitu, pin-ter metakeun alat-alatkasenian deuih. Cindekna,keur di kota Kufah mah,Naim téh lir bentang nunyoncolang.

Peuting ka- 239Nikmatullah ngara -

sakeun maduna hirupbabarengan jeung Niam.Da, najan teu disatujuanku kolot, Nikmatullah téhkeukeuh hayang ngawan-gun rumah tangga jeungawéwé nu dipikacintana.Atuh, Rabi téh teu bisamajar kumaha, kapaksanyaluyuan kahayanganakna.

Page 30: Mangle 2467

29Manglé 2467

Jajaka jeung mojangnu anyar panganténan,nempatan imah nu radaanggang ti kolotna. Didinya ieu salaki jeung pan-majikan téh hiru tingtrim.Ngeunaan nyandang nge-unah nyanding da puguhsagala rupa kapereluannyampak, Malum, anakjalma benghar, taya kaku-rang dina sual harta bandamah. Malah, apan éta pa-muda gé saterusna mahbisa macakal, boga usahasorangan.

Katingtriman kawaskitu teu langgeng. Alatan -ana mah, gubernur nungawasa éta daérah bogamakusd hayang babakti kapangawasa karajaan.Carana, caos upeti numangrupa abid nu aya

dina lingkungan pama -rentahanana. Nya tangtuwé, kudu nu hadé sagalarupana, mun awéwé gékudu abid nu panggeu -lisna tur ngora kénéh. Nukapilih keur bikeuneun kapingpinan nagara téh tayalian ti Niam. Ku lantarankitu, gubernur ge nitahbadega kadeunheusnasina ngadatangan Niamtea. Ngan, eta badega téhteu daek indit sorangan,tapi mere saran sangkanngiangkeun nini-nini nudipikolot di lingkungankulawarga eta gubernur.

Nini-nini téh inditnegmban timbalan.

Ngahaja waktuna gépas rék asup ka wancilohor. Mémang, maksud -na gé kitu, rék ngahaja

milu solat di imah Niam. Nepi ka nu dituju, nini-

nini utusan gubernurkeketrok kana panto. Gan-cang dibuka ku badégaNaim. Pok wéh si nini-ninitéh bebeja, rék milu solat,lanatran taya masjid nuleuwih deukeut ti éta tem-pat.

Tangtu wé, nu ngajagaéta imah téh teu ngidinan.Ngan, si nini maksa, nepika nu ngajaga téh kasun-dut amarahna. Gorowokwéh ngusir éta nini-nini.

Keur kitu torojol Niam.Nanyakeun ka badégana.Pok dijawab. Niam, ukurseuri, nu saterusna mahngidinan éta nini-nininyim pang ka imahna.

Nini-nini téh milusolat. Anteng naker,

resngse solat diteruskeunkana wiridan. Kituna téhnepi ka waktuna Asar. Teucukup ku kitu, der deuiwiridan jeung ngadoa nepika waktuna Magrib.

Niam katajieun ku ka-suduhadan ibadah étanini-nini. Malah, bét joro-joy hayang méré temoatka éta nini-nini sina cicingdi dinya. Kalayan api-apisunggah, nini-nini téhnolak. Cenah, sieun nga -ririweuh pribumi, ari ci -cing mah moal, ngan munsakali waktu nyimpang,ulah disaha-saha.

Isukna, nini-ninikakara balik. Langsungmuru tempat gupernur. .Mopoyankeun sagala rupanu kungsi dilakasana -keun anan. Puguh we gu-pernur téh bungah pisan,lantaran si nini-nini geushasil nebarkeun eupankeur ngirut hate Niam.

Gupernur ngajangji -keun, mun hasil maksud,nini-ini téh baris diganjarnu sagedé-gedéena. Atuh,puguh wé éta nini-nini téhbungah kacida. Ceukpikirna, moal susah ieuhukur ngalaksakeun parén-tah ngiwat Niam mah, dapuguh geus keuna ku eu-panna.

“Iraha kira-kirana bisadbawa ka dieu?”

“Kinten-kinten peryogiwaktos sabulan deui.”

“Pek mun enya kitumah.”

Nini-nini undur tihareupeun gupernur.Tangtu wé, harita ogé me-unang peresénan nu lainlulumayanan. Saterusna,badéga kolot téh balik kaimahna. Sajajalan mikir,pipetaeun saterusna. ***

(Hanca)

Page 31: Mangle 2467

Manglé 246730

PPanineungan

Satutasna maca carpon Nu CeurikDina Lahunan kénging KangDarpan Winangun nu ngagam-

barkeun kalayan gemetna sual urangpilemburan nu boga kalangenanngeprak manuk di pasawahan, jorojoyhayang nuliskeun pangalaman morodi lembur sorangan. Lantaran lemburtéh 70% mangrupa pakebonan jadiuing mah rék nuliskeun sual moro ba-jing. Hama kalapa nu kacida dipikai-jidna ku patani lian ti beurit jeungtando. Nepi ka aya hiji aturan nusakapeung mah pamohalan. C oba wétengetan: mun nu moro meunang ba-jing hiji diwenangkeun ngala kalapadua hulu. Sabagé bukti nyaéta bun-tutna. Ngajaga hal-hal nu teu dipika-hayang, buntutna diselapkeun dinabilik deukeut panto dapur atawa dipipir. Rapang. Nepi ka garingna. Lianti bajing aya nu ngaranna célémés.Leuwih leutik ti bajing. Sungutnamonyong. Nu ieu mah teu ngagalaksakkana kalapa. Paling ogé ngahakan suli-garna. Lantaran teu ngaruksak ku numoro tara ieuh diopénan. Komo dialamah.

Nu panghéséna mah moro tando.Sir saeutik ti bajing. Leuwih gedé. Bu-luna beureum. Bisa ngalayang ku caramébérkeun kulit nu aya di sisi kénca-katuhu awakna. Linghas kacida. Tiaphiji tando nu beunang diréken opathulu kalapa. Ngan kusabab sato nu ieumah langka némbongan jadi bajingtetep tujuan utama nu moro. Aya atu-ran tidak tertulis nu ulah dirempak kunu moro. Lian ti kudu luyu jeung hasilboroan, nu moro teu meunang ngalakalapa ngan ti hiji tangkal. Tapi tinasababaraha tangkal. Ngacak. Komomun meunang bajing leuwih ti duamah. Misalna, meunang bajing opat.Tah, tina tiap tangkal diwenangkeunngala kalapa dua hulu, nepi ka jum-lahna dalapan hulu. Luyu jeung beube-

unangan. Disaksian ku pamoro séjén -na. Da biasana nu moro téh leuwih tiopat urang.

Awal taun 90-an, nalika uing keurSD kénéh, barudak sapantaran nga -labring mapay-mapay kebon mun tasbalik sakola atawa keur peré sakola.Nunutur tatangga nu leuwih sawawanu mamanggul awi saleunjeur. Dinacongo awi téh aya hiji alat keur ngajiretbajing. Wangunana mébér. Saliwatmah jiga buntut merak. Dijieunna tinaawi. Dianyam. Teu jauh tina ayakan.Ngan ieu mah carang. Di tengahna ayaliang keur liliwatan boroan. Ngaran étaalat téh nyaéta : garungsang. Dinaderna moro sok milih waktuna. Munteu isuk-isuk, mangsana kaluar tinasayang nyiar hakaneun, nya pasosoré.Waktuna rék ngarampih. Cuaca ogénangtukeun pisan. Lianti keur hujanogé teu meunang keur gedé angin. Ba-jing téh tara katangen liar. Nga-haréphép.

Mun geus katénjo ringkangna,garungsang ditaheunkeun kana salah-sahiji balokéng / balukang nu nyodorkana dahan tangkal séjén. Biasana di -pilih nu nenggang tina dahan nu lian.Jadi ngan hiji-hijina liliwatan boroan.Geus kitu mah nu moro téh nyebar.Tuluy éak-éakan. Ngagiringkeun ba-jing sangkan liwat kana dahan tempatnaheunkeun garungsang. Mun parengbajing mucuk, tangkal kalapa diteung-gar ku batu sagedé hulu. Kapirengdalékdok. Jiga nu ningguran leungeunkawung sadapeun. Samalah mah nepika ditaékan sagalarupa. Da bajing téhteu embol-embol. Teu katénjo ring -kang-ringkangna acan. Nu séjén geussasadiaan. Nyiapkeun paneunggeul.Taranggah. Sayaga. Bisi bajing luncatka handap, tinggal ngagebug.

Nu naék lain ngan saukur moroboroan wungkul tapi bari ngalabalokéng jeung nyamu / sintung

kalapa nu garing. Keur suluh bawaeunka imah. Tah, aya kalana sok manggihbeurit. Mun nepi ka beunangna, numoro meunang ngala kalapa sahulu.Di dieu aya timbal-balik antara numoro jeung alamna. Lian ti ngabersi-han kalapa, hama teu bisa nyamuni,suluh jeung kalapa ogé beubeunangan.Matak nu boga tangkal kalapa bungahjeung sugemana mun aya nu moro téh.

Kaayaan ngagésér tisaprak bedilgampang dibeuli. Garungsang ka -déséh. Ahirna ngaleungit. Taya rurun-tuk-ruruntukna acan. Diganti ku bedil.Nu bebedil mingkin ngaréaan. Kiwari,lian ti bajing nu diborona, manuk ogépada némbak. Jadi, teu anéh mun ba-jing mahabu di sababaraha tempat nukosi kajajah ku uing. Da prédatorna:heulang ditarémbak. Mun baheulaukur cangkurileung nu diaringu kiwarinepi ka manuk leutik. Teu ngari.Kadieunakeun aturan nu kasebut diluhur geus teu berlaku deui. Atudamun ku garungsang beubeunanganpaling loba lima bajing, saprak ku bedilmah nepi ka puluhanna. Geus kaba -yang sabaraha puluh hulu kalapa nubakal diala ku paninggaran. Masih ayatoléransi ti nu boga tangkal kalapakeur sakalieun inumeun mah. Di-hempékkeun ngala dua atawa tilu huludawegan mah. Kapandeurikeun uingkarék nyaho mun tando kaasup satwalangka nu ditangtayungan ku undang-undang. "Mun teu kawénéhan mah,mémang langka manggihan," céksalahsaurang paninggaran di lembur.Cék béja, ati jeung daging bajing ngan-dung khasiat keur ngubaran nu kater-apan kasawat diabétés. Béja nungagumbirakeun keur nu resep bebe-dil mah. Khususna nu sok moro bajing.

Cisaranten,24 Januari 2014

Moro Bajing di Tanah RancahKu Aris Kumetir

Page 32: Mangle 2467

31Manglé 2467

MMimbar Atikan

Ngalongok Si BungsuKu Aki Endan Sukanda

Duméh dijujurung ku Si Ambu,horéam-horéam ogé mak-sakeun miang nyubuh ti Suk-

abumi, ambéh bray beurang geuscunduk kanu dituju, kontrakan SiBungsu nu keur ngahangkeutkeun ku-liah di Kota Hujan, Bogor.

Sajajalan asa teu janglar, sababrarasaan pinuh ku rupa-rupa boajeung palangsiang. Éta da Si Ambupok deui pok deui majar, “PokonaAbah kedah maksakeun ngalongok SiAdé,” cenah nyebut kedah-na ogémeni medok kawas aksara dzal nu di-tasjid.

Dina colt nu keur nyemprung,lamunan ka mangsa Si Adé keur canjadi mahasiswa. Di SD, di SMP jeungkasaksian inya mah waktu keur diSMA, kalakuan teu euih-euih rasasakola ngahiji jeung kuring nu jadiguru di dinya. Meus-meus walikelaslaporan, “pa putra teu aya sakola” biurnéangan kokotéténgan, kapanggih-kapanggih keur nongkrong di tempatpé-és.

Di SMA kungsi gelut marebutkeunbikang, dikoroyok barandal opatanmalah kungsi diopnameu di RS alatankabeunangan lebah sirah. Aya on-joyna budak téh, ari hiji lawan hijimah sok meunang waé, siga nu tukuhngajalankeun palakiah ti akina nujago maénpo di pilemburan Cianjur,majar téh mun papahareup rék geluttong kapiheulaan neunggeul!

Datang ka kontrakan horéngsuwung, majar ari Ahad mah tara ayakagiatan di kampusna. Ngador kamana yeuh budak? Kurunyung téhbatur kuliahna, ngabéjaan majarcenah di kampus aya rapat Muludan,bari Si Bungsu jadi pupuhu panitiana.Liwat asar, budak kakara ronghéapkaciri rada ngajenghok teu nyang -kaeun bakal kadatangan bapana. Bluska kamarna, siga enya budak téh geusrada sawawa dina jiwana.

Di kamar aya tulisan aksara kom-

puter, ditémpél di méja gawé, unina:“Jangan bersedih karena belummemiliki sepatu, ingat kepada merekayang tidak memiliki kaki” Aya deuihiji, “Berhasil dengan jalan pintas me-mang enak, tetapi sukses setelahmelalui jalan berbelit, jauh lebih be-rarti lagi” cenah. “Ieu naon mak-sudna, Dé?” tanya kuring ngolonganpamanggihna.

Teu sangka, ari derekdek téh SiAdé medar pamanggihna. Ngeunaansapatuna nu teu pati alus, teu“bermerek” cenah ogé, ngeunaan min-deng manggihan jalma nu buntungsukuna, malah cenah kungsi nénjojalma nu galatak-gulutuk alatan sukujeung leungeunna buntung teu nyésapisan. Obrolan tambah nyosok jero,lantaran budak téh nyabit-nyabitkaayaan jalma kiwari nu biasa ngagu-nakeun jalan “tol” dina ngahontaludagan. Deudeuh kasép, ieu bapameni asa ngagendok dina tikoro, nga-bandungan sikep hidep nu geus robahjadi sawawa. Ras ka Si Ambu, nuhunMbu, paingan remen nyaring peuting

neneda jeung ngado’akeun budaksangkan robah adat kana tingkah nupikayungyuneun kolot.

Basa rék ditinggalkeun mulang,ampir teu kuat nahan cimata. Béda tibiasana (jeung asa kakara harita) SiBungsu nyuuh dina lahunan. Najanteu kedal ucapna, tina réngkak po-lahna katohyan manéhna ménta ham-pura jeung kaciri hanjakal kana polahnu ka tukang-tukang...

Alhamdulillah, sihoréng budak téhteu salawasna bangor jeung kedul.Paingan ceuk suargi nini-na, budakmah taya nu bodo anu aya mah canpinter. Nyakitu taya budak nu kedul,da éta téh hartina budak acan rajin.Dilenyepan kiwari sakur kasauran in-dung, ébréh kawajiban ihtiar jeungtawakal ka MantenNa.

Manakomo keur kuring mah, dasajaba jadi bapa téh meunang és-kadibenum jadi guru.***

Nu nulis, Guru SMAN 3Ciaul Kota Sukabumi.

Page 33: Mangle 2467

Manglé 246732

CCarita Nyambung

Manéhnangalieuk,laju neu-teup antebbari semu

kerung, lir nu nganaha-naha.Rey, karasa aya nu nyiakkana beungeut. Kuring nga-balieur miceun beungeut,api-api nénjo ka hareup.

Sakali deui tah, kacalétotomong! Belet kacida betnanya kitu!

“Yudi émut kénéh pilemThe Matrix, anu harita kuurang kantos ditongton?”Manéhna ngadon maliknanya. Kadéngé sorana radasaréh.

Kuring unggeuk. Enya,kuring gé apal kana éta filmscience fiction téh, anu nya -ritakeun dunya ilusi anungaranna Matrix.

“Panginten abdi gé liribarat kitu. Najan ti Yudi téhseueur anu teu parok sarenglelembutan, abdi teu weléhnyimpen harepan. Lain waéharepan Yudi bakal robih,tapi ogé harepan anu

langkung ageung ti éta. Tapihiji mangsa mah abdi sadar,yén éta sadaya harepan téhteu bina ti ilusi wungkul. Dakanyataan saterasna mah betsabalikna pisan.”

Luk manéhna tungkul.Buukna anu ngarumbay nu-tupan beungeutna.

“Tapi abdi teu ngalepat -keun sasaha. Da pangintentos kitu kedahna, ukur dugika tingkat dua. Abdi nu lepatmah, bet tuluy-tuluyan hirupdina harepan nyalira, teukersa nampi kanyataan, teusiap nampi résiko kuciwa,”pokna deui semu haroshos.

Kuring hareugeueun, teungawalon nanaon. Ingetantambah kumacacang.Kabayang deui waktu keurospék jurusan baheula. Man-calaputra mancalaputri. Di-panganténkeun.Dijangjaruhkeun. Pipi nucipruk ku cimata. Pamung -kas di kelas, nalika manéhnasok maling-maling rérét.Manéhna anu ayeuna keurdiuk gigireun, tur sakeu -

deung deui bakal ka balényungcung. Tuluy pindahkana démonstrasi di Gasibu.Mimbar bébas. Orasi. Tung-tungna ka... Melani!

Salila ieu kuring ogé bisangarasakeun, yén manéhnamasih kénéh neundeun haté.Tapi teu nyangka ari bakalnepi ka kituna mah. Haté bettuluy ngaleketey. Kapeurih,kaduhung, karumasa, jeungkahélok, campuh ngahiji.Kalangkang Melani némbo -ngan deui. Piligenti jeungkalangkang beungeutmanéhna.

“Yud, néangan awéwégeulis di Bandung mah moalhésé. Balatak. Tapi néangannu asak hampura siga siAstri, hiji banding sarébu.”

Ungkara éta anu baheulakungsi diomongkeun ku siRamdan, sawatara poésanggeusna kuring megat -keun manéhna. Tapi ku ku -ring teu ieuh didéngé.Tonggoy waé. Malah tuluydibalikkeun, bongan sahabaheula bet ngadu-ngadu.Kuring mah ukur darmanurut kana omonganmaranéhna. Ongkoh deuihrésiko ari bobogohoan mah.Mun teu tuluy kawin, nyabubar. Sakitu basajannaapan, teu réa pilihan.

Enya, harita mah ku ku -ring dianggap basajan. Tapipamustunganana kuring gétuluy ngaenyakeun, yén ba -sajan téh ukur cék téorina.Sedengkeun ari perkara rasamah hésé rék dijugjugananaku téori. Da dina kabuk-tianana kuring sorangan

kungsi ngalaman pisankawas manéhna. Enya, Astrimah teu apaleun, yén sae -nyana kuring gé sarua sigamanéhna.

“Hapunten pisan. Yudigé tiasa ngaraoskeun kalebah dinya mah.”

Kuring ukur wasa nyaritakitu. Sedengkeun manéhnateu ngawalon nanaon.

7SING sumpahna gé, ku -

ring teu apal saeutik-eutikacan lamun pisalakieun Astritéh lulusan STPDN! Karéknyaho tadi, sanggeusna dibé-jaan ku si Yanti dina Damri,saméméh jrut turun diLeuwipanjang. Tanggal lima,sakumaha nu geus dibéja -keun tiheula, manéhna teuburung tulus ka balé nyung-cung.

Ukur opatan jadina mahnu indit ti Bandung téh.Padahal cenah ti saminggukamari ogé geus papasinianrék ngabring. Ari hég réa nuteu datangna kalawan rupa-rupa alesan. Rada matakhandeueul ogé. Sahenteunaijiran sorangan hayang riungmungpulung deui téh teulaksana.

Sanggeusna di jero ter-minal, kalacat waé naék kajero beus. Kuring mah nga-haja misahkeun manéh diuktéh. Si Yopi ngaréndéngjeung si Ramdan. Hareupeu-nana si Yanti.

Kuring tukangeun budaknu dua.

“Asa hayang deukeut

Layung Ngempurdi Kampus Bungur

Ku Lugiena De

1111

Page 34: Mangle 2467

33Manglé 2467

jandéla urang mah.” Kitu walon kuring,

nalika si Yanti ngajak barengsakorsi. Kabéhanana ogédiuk téh di béh katuhu, anukorsina jajar tilu.

“Kadé, Jang, pami caliknyalira mah tong ngalamun.Bilih kasambet. Mangkaningrék manggihan popotongan,”cék si Yopi lir nu nganyaho -keun. Kuring teu némbalan.Barina ogé da heueuh, teuparurun ngawangkong. Keurmah saprak tiheula panggihjeung manéhna haté téh bettuluy manjang barungsina -ngan. Katambah-tambahayeuna aya hal anu matakngaganjel. Atawa pikahé-mengeun saenyana mah.

Tadi gé barang apal kitutéh teu wudu rada ngaranjugogé. Ngan teu tuluy dita léng -téng leuwih jauh. Api-apibiasa waé, teu némbongkeunulat reuwas. Ongkoh deuihkuring mah cukup apalnasemet anak camat wé. Sahajalmana, teu ieuh hayangnyaho. Heueuh, da lainperkara anak camatna nujadi pikiran téh. Tapi perkaraAstri kawin ka anak camat.Éta. Paralun, lain pédah tim-buru. Ngan asa ku kabene -ran pisan tuda.

Saenyana ti sataun kali-wat ogé kuring geus apal, yénAstri hahadéan deui jeunglalaki salemburna. Apal tinabéja saliwat, da kuring mahtara pirajeunan tunya-tanya.Ku kuring sorangan perkaraéta téh ukur diréspon biasawaé. Kitu deui nalika satu-luyna éta lalaki téh remendatang ka kampus, ngalong -kokan manéhna. Najankungsi jonghok sababarahakali, tapi teu ieuh tuluy dipa-paykeun saha-sahana. Di-mangsa-bodokeun waé.

Beus ngarayap kaluar titerminal. Léok ka katuhu,mapay-mapay jalan By Pass.Tuluy asup ka gerbang tol. Tidinya mah laju mangprungka kulonkeun. Heuleutsawatara lila srog ka

Padalarang. Beus lumpatdeui muru Cipatat, tempatanu ayeuna keur dituju.

Sapanjang perjalanan téhhaté mah angger mantengkana kajadian dua minggukamari, basa panggih jeungmanéhna di kontrakan. Tisaprak harita bet timbul ge -rentes moal datang sagala kakawinan manéhna téh. Lainku nanaon, ngan inggis bisiaya matakna. Sahenteuna

manéhna kamari nyaritakitu, turta kuring sorangangeus bisa ngarampa galeuh-galeuhna. Lain ku pasualanjonghokna anu jadi pertim-bangan téh. Tapi momentempat jeung waktuna: poékawinanana. Poé anu saku -duna mah méré kabagjaankatut kaéndahan ka nungalakonanana. Wuri-wuriengké téh ku tepungna jeungkuring manéhna kalah tuluy

nguluwut.Tapi ana dipikir deui, asa

teu hadé ogé mun kuringnepi ka teu datang téh. Bisinimbulkeun kesan goréng kamanéhna. Sakitu manéhnamasih kénéh aya kahaat téh.Nya ngondang, nya nepung -an (malah maké hahampu-raan sagala). Padahal ukurka pantar popotongan (barijeung kungsi nganyerikeun,deuih). Ku sakitu gé geus

bisa dicindekkeun, yénmanéhna hayang némbong -keun niat hadé.

Ah, Astri. Enya geuning,anu karandapan ku manéh -na téh bet loba saruanajeung nu kaalaman ku so -rang an. Manéhna baheulakungsi neundeun harepan,kuring gé sarua. Manéhnakungsi nyorang kapeurihtina harepan sorangan, ku -ring gé kitu. Tapi aya anu

tuluy kapikiran tina omong -an manéhna basa kamaritepung téh.

“Béh dieu-béh dieu Astrinembé ngartos. Muhun, anunamina jujur téh kalebetsipat mulya. Ngan hanjakal,sakapeung mah kajujurantéh matak pikasieuneun. Tugka seueur jalmi anu teu siapnampi kanyataan anu sale -resna. Tapi da kalah kumahabaé ogé justru lebah sipat ju-jurna, luhungna manusa téh.Langkung luhung deui upa -mi manusa tiasa sadrahnampi kanyataan anu sa -kumaha pait molélélna ogé.Tapi angger bari dibarung kutarékah ngarobah, sangkankanya taan téh jantenlangkung saé.”

Enyaan, ungkara nu étamah karasana lain semetnyidiran waé, tapi nenggelpisan kana mamaras.

Ku kuring sorangan sokrajeun kapikiran perkara étatéh. Enya, di mana-mana ogéanu wani nyieun harepanatawa cita-cita mah kuduwani jeung kuciwana,saupama nu jadi panyileu -kan teu kahontal. Nganlebah nyanghareupan kaku-ciwa, horéng manéhna mahleuwih tumarima tur sadrahbatan kuring. Sedengkeunkuring sorangan bet asatuluy-tuluyan ngarasa ditan-dasa ku kanyataan téh.

Kuring ogé kungsi ayamangsana boga harepangedé. Sasatna asa ngabu-lungbung jalan pikaha -reupeun téh.

Hirup dipapaésan kusaniskara rencana nu gu-mawang. Bruh-bréh ka-hayang jangeun isuk pagéto.Tug ka maké aya ingetanhayang geuwat méréskeunkuliah sagala, laju néangangawé sakumaha mistina.

Kitu nu karasa ku kuringnalika mimiti hahadéanjeung Melani.

(lajengkeuneun)

Page 35: Mangle 2467

”A, bilih hoyong limusku Encid badé dipangajul -keun nya.”

”Teu ah.””Dua, A limusna?””………………………………””Hé hé … naha, A bet

neuteup ka Encid?””Kencid, ari kieu lain

neuteup. Mureleng nya -ho?!”

”Éh ning sami nyamureleng téh sareng neu-teup.”

”Henteu! Tah neuteupmah kieu, ari murerelengkieu yeuh!”

”Saaami, A ah.””Wah kuma manéh wé,

Kencid ah! Ingkah kaituhah!”

”Atuh milik MangDatuk panginten limus téhupami Aa alim mah.”

”Saha Mang Datuk téh?Da di lembur urang maheuweuh nu ngaran kitu.”

”Éta nu sok icalan tarajéning, A ramana Si Onib nusakolana teu naék waé, pi-raku teu uninga.”

”Wah maenya bapanatukang tarajé anakna teunaék waé?!”

”Margi belet wé Si Onibmah, teu tiasa ngetangsareng teu tiasa maos.”

”Ari nulis?””Nyerat mah tiasa

mung rocét sapertos tapaknu salaton seratanana téh.”

”Wah teu percaya! Lainkapan tukang tarajé diurang mah aya ogé MangDadé lain Mang Datuk.”

”Sumuhun éta MangDatuk téh. Da saur KangJéjé, jenenganana Dadé pa-nyawatna batuk disebatwaéh Mang Datuk.”

”Naha bet dibikeun kaMang Datuk atuh, Cid?”

”Nya wiréh anjeunnawé nu gohgoyna panginten,da upami Ceu Némah mahdisebatna téh tangtos jadiNémahtuk. Atanapi kedahKang Jéjé wé atuh, Ataroskeunana geura!”

”Embung teuing! Jeungda barina ogé A Endul mahnanyakeun limus bet dibi -keun ka Mang Dadé nahasotéh.”

”Oh manawi téh ma-parin jenengan. Pan MangDatuk mah bari ngohkohogé tiasaan ngadamelsisindiran nu mawi Encidbadé ka anjeunna téh.”

”Ha hah …. Ndéknyieun sisindiran manéhtéh nyah?! Bisaeun kituMang Dadé nyieun sisindi-ran? Teu percaya Aa mah.Teuing mun sisindirananasahayuna mah.”

”Tiasaaaeun, A. Ning

waktos imtihan ogé SiPipah rayi Si Onib sisindi-ran di panggung pada nge-prokan.”

”Kumaha sisindirana -na?”

”Eu …Ngajanteng di sisi jalan

deukeut tukang cingcawNgalieuk ka kénca

ngalieuk ka katuhu bisi ayatreuk runtah Geus sidik eu-weuh mah meuntas wéhlumpat…, kitu, A.”

”Ha ha ha haaah… hahhah haah hah …..”

”Saé, A sisindiranana?””Goréng patut, Kencid!

Ha ha ha haah hah ….””Ning éta Aa gumu-

jeng.””Lain seuri, Cid Aa mah

nyeungseurikeun. Ha hahah ….”

”Ih ning sami nya gu-mujeng sareng ngagumu-jengkeun téh.”

”Nya heueuh atuh saruada seuri seuri kénéh.”

”Kumaha atuh Encid?””Na maké kumaha

sagala, biasa wé ari manéhseuri kumaha?!”

”Sanés perkawis gumu-jeng, A perkawis péérsisindiran, mangka kedahdikempelkeun énjing.”

”Heu jung wé ka MangDadé kaituh! Lain ndék ka

ditu bieu téh.””Moal cios ah ari saur

Aa awon mah. Pan énjingtéh kedah diaos di payun.Kumaha kéh Encid digaru-mujengkeun ku réréncan-gan di kelas.”

”Tuluy?””Nya terasna mah bakal

beureum wé beungeutEncid bakat ku isin.”

”Lain éta! Tuluy manéhndék ménta dipangnyie-unkeun sisindiran ka Aanya?”

”Sumuhun.””Tapi kudu opat ngajul

limusna.””Moal tiasa wayah kieu

mah Uwana sok nuju nya-pukeun kalakay di kebon.”

”Eueueuh…. Sok atuhtulis!

Ngajanteng di sisi wa-hangan di deukeut tangkalcau nangka Ngarérét kakatuhu ngarérét ka kéncabisi aya parahu narik ken-téng Geus sidik euweuhmah balik wéh da ndékngojay karasa tiris….”

”Ih ning sami, A! Ha haha ha haaah ha ha haaah..”

”Alus, Cid?””Awon ah! Ha ha ha

haaah haaaah ….””Tong bari hitut atuh

siah nyeungseurikeun -ana!”***

SisindiranKu Budi Riyanto Karung

Manglé 246734

Page 36: Mangle 2467

NyarekanKangaranan jeung tatangga, teu

heran mun sakapeung mah sok ayapacogregan. Tapi alahmdulilah,mun pareng aya masalah oge soktara papanjangan. Paling pabaeud-baeud saminggu. Geus kitu mahsok hade deui wae. Mun teu kuringnu menta hampura atawangadeukeutan, nya tatangga sora -ngan.

Hiji waktu mah kuring paseajeung tatangga nu imahna ken-caeun kuring, manehna teh Cina.Hiji waktu mah anak kuring nucikal teh nyetel lagu tarik teuing.Geus dica ram ku kuring oge, nganharita teh kuring keur kagokmandi.

Na da eta mah barang beresmandi, aya nu gegedor kana pantotarik pisan. Lagu nu ku Si Cikal disetel ngadadak pes dipareuman.Manehna tuluy lumpat ka ka-marna. Barang panto di buka,gantawang teh manehna nyarekanka kuring.

“Anda ini melanggar hak asasikemanusiaan. Musik anda itumengganggu konsentrasi saya.”Kuring ukur unggeuk-unggeukanwae da rumasa salah.

Demi harita nu nyeri kulit beu -teung nahan piseurieunnana teh,manehna nyarekanana terus baringaluarkeun butir-butir pancasilajeung undang-undang dasar.

Ditetek pasal-pasal nu dilang-gar ku kuringna. Sajeroning olohokteh, nya kuring hayang seuri. Atuhda kakarek saumur nyunyuhunhulu aya nu nyarekan make butir-butir pancasila jeung undang-un-dang.

Geus leler jeung puas mah, ma -nehna tuluy ngingkib balik deui.Bari teu eureun-eureun kukulutus.Balik bapana ti kantor, kuring be-beja. Salaki oge nu ngadengenangehkey seuseurian. Ari Si Cikal digelendeng oge ku salaki teh, da me-mang salah.

Saminggu ti harita,tatanga teh tuluykeketrok deui. Geus tegwae kuring reuwas, boabakal dicarekan deuimake butir-butir pan-casila jeung undang-

undang. Ari pek manehna teh merekueh bolu. Bari ditungtunganmenta hampura. Emosi cenahharita mah keur loba masalah.

Siti Sari Firdaus Bandung

TinggaleunHarita téh kuring keur umur sa-

puluh taunan. Inget-inget poho…“Burukeun geura saré sujang,

pan isukan téh jalan-jalan téa kapasar baru…” indung nitah kuringburu-buru saré.

Atoh kacida harita téh. Geuskabayang bakal sagala dipénta,sagala dibeuli. Hayang cocooanpasti dipangmeulikeun, da kuringnaék kelas. Jaba réngking ka hijideuih.

“Hayang naon ujang téh?” basabapa nalék.

“Ujang mah hoyong momobilananu nganggé rémot téa wé. Anujiga A Endang…”

Bapa unggeuk. “Sakolana singgetol atuh. Komo pami réngkingmah…”

Asiikkk… tungtungna mahtineukanan hayang mobil anumaké rémot téh.

“Iiihhh... geura bobo Sujang.Bisi kabeurangan... bet kalahngalamun ning..?” indung ngage-bés.

“Muhun atuh.”Dék teu ngalamun kumaha.

Hayang momobilan kawas kitu téhkudu nungguan tilu bulan. Jabakudu réngking deuih. Tapi da,kolot mah nyaah. Ngarah ujangpinter... ngadidik bari méré.

Subuh-subuh geus dina karéta.Kira-kira jam salapan geus nepi kastasiun Bandung. Ti dinya kebat kaPasar Baru.

Atoh kacida barang nepi katempat nu dagang cocooan téh.Sagala rupa aya. Momobilan, kaka-palan, perahu, bonéka, jeung roro-

botan.“Hiiss...! Saur kamari bapa

naon? Kedah nu utama heula. PanEnjang téh hoyong mobil.” kitu in-dung ngagebés téh. Apaleun lamunkuring jadi mandeg-mayong.Hayang itu hayang ieu. Momobilanhayang, kakapalan gé saruahayang.

Tungtungna kuring ngarenghik.Hayang kakapalan sok sanajan mo-mobilan geus dibeuli. Indungangot keuheuleun.

Mugen embung ka mamana.Paneuteup manco kana kakapalan.Atoh temenan. Bakal ditémbong-témbong ka A Endang.

“Alim ah... enjang mah hoyongkakapalan.” kuring keukeuh, najanku indung diolo meuli mi kocok dijuru Pasar baru gé.

“Enjang mah hoyong éta. Hoy-ong éta...” leungeun tutunjuk kanakakapalan, kapal helikopter jeungkapal perang.

“Mah... mah... mamah! Enjangmah hoyong éta tah!” kuring noélleungeun indung.

“Aya naon jang?” gebeg! Nahasora indung bet robah. Barangdirérét, Gusti!! Naha bet lain in-dung geuning anu ditoél téh.

“Mamaaaahhh..!!” kuring jo-jorowokan.

Ku saréréa pada ngupahan.Tapi weléh indung euweuh. Boa-boa ditinggalkeun kitu ku indung.Keuheuleun pédah teu ngagugu.Tungtungna, hing wé kuringceurik. Tobat, moal sakali-kali deuibaha ka kolot...

Teu lila indung datang barimawa bungkusan.

“Mamah tos di mana heula?”eueuriheun keneh basa nanya kaindung téh.

“Pan ieu?” némbongkeunbungkusan, eusina kakapalan.

“Alim ah... alin kakapalan ujangmah.” kuring gideug. Tobat! Moaldeui-deui baha ka kolot.

“Naha?” indung kerung.“Ahh... pokona mah alim wé.”Indung jeung tukang cocooan

kalah seuri ningali kuring kitutéh.

Aline R – Kopo

35Manglé 2467

Page 37: Mangle 2467

Asa PirakuNu baramaén: “Pasihankulan!”Juragan: “Tah béas wé nya.Lumayan saléter gé.”Nu baramaén: “Maenya Agansaléter? Moal cekap atuh?”Juragan: “Lain kadua narima-keun dibéré téh. Jeung barinagé atuh moal kabawa mundibéré sakarung mah?”Nu baramaén: “Sakantenanatuh ku Agan anteurkeun karorompok. Pami aya mahsareng artosna deuih!”

Anisa WulansariJl. Cigagak Cipadung-Bandung

Boro geus AtohBanu: “Lima taun teu panggih,énté mah asa angger waé.”Bani: “Atuda uing mah taraloba pikiran. Mana pantes munawét ngora gé.”Banu: “Ih lain soal éta maksuduing mah.”Bani: “Soal naon atuh?”Banu: “Soal énté anu angger

teu daék bodas alias hideungwaé.”

Anisa WulansariJl. Cigagak Cipadung-Bandung

Siga teu Apal HartinaPa RW: “Ko, salamet ah. Bé-jana budak Engko geus nga -lahirkeun nya?”Engko: “Enya. Kabenerandeuih incu téh sajodo, kembar.”Pa RW: “Sukur atuh. Sahangaranna incu téh?”Engko: “Nu lalaki dingarananLanglang. Ari nu awéwé mahdingaranan Lingling.”Pa RW: “Jadi incu Engko téhLanglang Lingling nya?”

T. HartiniJl. Panyerutan 34-Tasikmalaya

Sarua KénéhAki: “Cing atuh Nini, nundadamar téh ulah dina jojodog.Jaba pas liliwateun deuih.”Nini: “Puguh ngahaja éta téh,supaya jojodogna kacaanganulah katajong.”Aki: “Ari nunda jojodog dina

liliwateun maksudna naon?”Nini: “Dasar Aki mah geuspikun. Pan éta téh keur neun-deun damar.”

T. HartiniJl. Panyerutan 34-Tasikmalaya

Semprong LampuUrang Cina Ngomongna SokBalelol Jeung Cadel. TapiLamun Urang Ngomong KaUrang Cina Tong DiBalelolkeun Atawa Di CadelCadel Sabab Moal Ngartieun.Geura Kieu Contona, Si OtongNu Rek Meuli SemprongLampu Di Toko CinaOtong: “Koh, Aya Semprong?”Engkoh: “Oh ... Semploh AyaLoba O’eh Kakala Meuli.”Isukna Si Otong Balik Deui KaEta Toko Cina Rek Meuli DeuiSemprong Lampu.Otong: “Koh, Aya Semploh?”Engkoh: “Naon Semploh? NuKitu Mah Euweuh!!”

H.TaufikJl. Bima V. 11 Bekasi Selatan

BasaBahasa Indonesia Jeung Ba-hasa Sunda Terkadang Sok Pa-corok Dina Ngartikeunana.Komo Keur Barudak Urang

Sunda Ayeuna Mah BahasaSunda Jeung Bahasa IndonesiaTeh Geus Teu Bener PisanDina Ne rapkeunana.Geura Ieu Sabaraha Contona :Pun Bapa Ngegeleng-Geleng -keun Mastaka Tanda Teu Sa -tujuKulantaran Halodo PanjangWaduk Waduk Mani GararingManehna Ngarasa BanggaSabab Lulus Ujiannana

H.TaufikJl. Bima V. 11 Bekasi Selatan

NgaheureuyanNyai : "Kang! Upami abdi ayaanu ngaheureuyan ku lalakiséjén, teras ka uninga kuakang.. Akang badé naon?"Akang : "Nya milu ngaheu -yeuyan atuh, memangna baturwaé anu bisa!"Nyai : "dasar lalaki koplok!"

Tuti AlawiahJl. Hegarmanah 34 Garut

Nyeri hatéOjo : "Cinta teu ka Aa, teu?"Uni : "Sakedik!"Ojo : "Eeey! Naha kitu?"Uni : "Da seuseueurna mahkanggé aa Unang!"Engkoh: “Naon Semploh? Nu

Manglé 246736

Page 38: Mangle 2467

Kitu Mah Euweuh!!”

H.TaufikJl. Bima 11 Bekasi Selatan

NgaheureuyanNyai : "Kang! Upami abdi ayaanu ngaheureuyan ku lalakiséjén, teras ka uninga kuakang.. Akang badé naon?"Akang : "Nya milu nga-heuyeuyan atuh, memangnabatur waé anu bisa!"Nyai : "dasar lalaki koplok!"

Tuti AlawiahJl. Hegarmanah 34 Garut

SaliwangUdin : Sabaraha domba anuieu?T. domba : Jalu!Udin : Gélooo! mahal ning.

Ita PurnamaJl. Cibabat 14 Cimahi

HapéDudi : Dang! Beuli hapé uinglah!Dadang : Dusna aya keneh?Dudi : Aya! Ieu! (mikeun dusurut kulkas)

Ita PurnamaJl. Cibabat 14 Cimahi

Meuli wéNyai : "Kaaaaang itu tempo siSujang nginum racuuunn!!"Salaki : "Meuli we hayang mahSarnyi, ulah nyoro nu budak,ulah jojorowokan, era kubatur!"

Husien Irawan - Antapani 90

Sato RomantisAdang : Sato naon anu roman-tis?Nyai : Sato embé jeung hayam.Adang : Salah atuh! Nya sato...duo... tigo..., Aa cinta ka Nyai...

Husien Irawan - Antapani 90

LandakIbro : Uing rék nanya, bisa nga-diukan landak teu, tapi tongmaké calana?Dodo : Bisa!!

Ibro : Hah, kumaha carana ? Dodo : Aya dua cara, nu kahijiku uing dicukur heula buluna. Ibro : Ari nu kadua?Dodo : Nginjeum bujurmanéh!

Nani AfrilianyJl. Merkurius 12 Margahayu

KabeuranganGuru : Naha manéh téh kabeu-rangan waé?Omod : Gugahna kabeura -ngana waé bu, pan aya parib-asa: Tidak Ada Kata TerlambatUntuk Belajar..., Matak telatdatang ogé teu nanaon pangin-ten?

Nani AfrilianyJl. Merkurius 12 Margahayu

Ngabsén Murid Guru. : Aceng...!! Murid : Hadiiir pak....!! Guru. : Ujuuuu....!! Murid : Teu lebet pak..! Guru : Menya teu lebet, pantokelas sakitu gedéna?

Herman SyuryamanCihampelas No. 90

TilangPulisi :"Priiiiii tt...pritttt....maneh tong mawa motor..Odo : naha pa motor nu kuringieuh.Pulisi : tapi man.. Odo : ieu Sim, Stnk komplit pa,pulisi : heueuh tapi..Odo : tpi naon, uing makejeket. Sapatu, teu kekebutanbarina ge..Pulisi :"heueuh tapi..Odo : lampu oge hurung tuh...pulisi :"(kerung) heueuhkehed! tapi ieu jalan karéta apisia téh!

Herman SyuryamanCihampelas No. 90

HiberAna: "Kuring Hiber Ka Joman-tara Unggal Peuting."Ani : "Baruk? Miluan Atuh!"Ana : "Hehe, Da Kuring MahHiberna Ogé Dina Ngimpi."Ani : "Hanas Dibandungan."

Hermana, S.Pd.I.Madrasah Aliyah Pakunagara

Jl. Kawali-Cipaku Km. 3,5Gereba - Cipaku 46252

KreatifNini Kuring Mah Kreatif.Hayang Suluh Indit Ka Leuwe-ung Di Pulo Kalimantan.Hayang Es Leukeun Ngawada-han Di Kutub Utara. HayangMinyak Meuli Ka Timur Te -ngah.

Hermana, S.Pd.I.Madrasah Aliyah Pakunagara

Jl. Kawali-Cipaku Km. 3,5Gereba - Cipaku 46252

GadisWarta: “Ceuk Ente Imah EtaAya Gadisan, DitungguanSapoe Jeput Teu Manggihan.”Omo: “Dasar Nu Pecak, PanTadi Ka Luar DikurudungHejo.”Warta: “Eta Mah Nini-Nini.”Omo: “Nini-Nini Soteh Aye-una, Taun 45 Mah Gadis GeulisPisan.”

Juju Juniasih

DagangWahdi: “Dimana Yo Usaha TehAyeuna?”Oyo: “Di Pengadilan NegriPusat Mang,”Wahdi: “Wah Hebat, JantenJaksa Atuh Nya?”Oyo: “Sanes, Dagang CombroMang.”

Juju Juniasih

Sanes BageanDi Trotoar Jalan Be Pass, AyaJalma Keur Meresihan JukutDina Sela-Sela Paving BlokTerus Digundukeun DibawaKana Roda.Mang Bana: “Jang, SakalianCangkang Ciki Piceun Atuh!”Patugas: “Punten Pa, SanesProyek Abdi. Abdi Mah MungJukut, Eta Mah Bagean Patu-gas Kebersihan Kotamadya.”Mang Bana (Na Hatena):“Sugan Mabok Siah GaweMeuni Pipilih.”

Wahyu JunaediDhoya Pc – Cinambo

Ujungberung – Bandung

HejoBudak: “Warna PangresepnaNaon, Pa?”Bapa: “Hejo.”Budak: “Naha, Pa?”Bapa: “Lamun Lampu SetopanHejo, Bapa Mah Bungah MobilUrang Tiasa Ngebut. TapiLamun Heug Beureum, SokJanten Ambek.”Budak: “Ohhh ...”

Wahyu JunaediDhoya Pc – Cinambo

Ujungberung – Bandung

Munggah HajiBudak I: “Ali Urang Mah, GeusDua Kali Munggah Haji KaMekah Teh.”Budak Ii: “Mun Aki Kuring,Geus Tilu Kali Munggah Ha-jina Teh.”Budak Iii: “Eleh Ku Aki DewekAtuh. Aki Dewek Mah Mung-gah Haji Taun 2005 Nepi KaAyeuna, Teu Balik-Balik.”Budak I+Ii: “Kunaon Kitu?”Rampak.Budak Iii: “Da Maot DiMekah!”

Ayi Sopandi - Pasar GarduJl. Makmur No. 84 Rt 003/07

Lubang Buaya – Jaktim13810

Mandi KembangPasien: “Tos Tilu Kali MandiKembang Tengah Peuting,Dugi Ka Kiwari Tacan JolKeneh Bae Geuning Jodo AbdiTeh, Bah?”Bah Dukun: “Karunya Teuing,Neng Geulis!”Pasien: “Salajengna KedahKumaha Tuh Bah, Abdi Teh?”Bah Dukun: “Tong Gimir, TongLeutik Hate. Engke Mandi NuKa Opat Kali Urang MandianKu Abah, Nya!”Pasen: “Baraid Teuing!”

Ayi Sopandi - Pasar GarduJl. Makmur No. 84 Rt 003/07

Lubang Buaya – Jaktim13810

37Manglé 2467

Page 39: Mangle 2467

Manglé 2467

SSajakChye Retty Isnendes

TAFAKUR KALA

Dugi deui umur ka rotasi matahariAya tangara nu diiberkeun dina socadina kulit dina rambut dina warugadina waktu nu dititipkeun teu karasakalah jirim tuwuh ka teu wawuh

Ngalenyepan beurang jeung peutingtaya obahna bongan haté angger baésedeng puisi ati malekar laligar;kicup-kicupna rekah dina mangsateu kabilang maruragan

Salenyapan manah sirna dina kahooknu marojéngja. Tamada kana wayahnakana cahaya nu ngabelesat teu kaudagbari teu kaduga maca pirang-pirang tandanu ngabreng jadi rusiah

:Kaéndahan nu muni ngalagenadina karumasan

03122012

SOLAWAT DAUN

Pataréma pucuk pulas beureum, daun pulas héjo,régang semu hideung dikasangan langit bulaomaranehna sasalaman bari silih haréwosan béjanu diwartikeun angin kana klorofil

Mobil nu mangprung taya kendatna mawa nafsujeung polusi taya eureunna teu ngendagkeunajegna teu ngendagkeun ngémplohna

Katingtriman kalindukan kahirupan geus dicaoskeunsapanjang mangsa tan pamrih tan kenang ngaduumoksigen nu minuhan dada-dada ngaberungngamalirkeun getih tan kendat ka jajantungtapi haat paliré asih

Solawat daun puji pucuk nu dihariringkeun unggalbeurang unggal peuting mawa tingtrim dinanikmatNa nu tan kawilang

:Maranéhna nu sasalaman sapanjang Cipagantingahontal langit kinanti. Kinanti palire surti

Cipaganti, 11 Sept 13

38

Page 40: Mangle 2467

DDongéngAkiGuru

“Kang Kabayan... KangKabayan, hudang atuh tuhbatur mah geus ramé ngadonngala lauk di balong Wa Haji.”Iteung ngagorowok di goah,tuluy asup ka kamar ngagu -yah-guyah salakina nu masihkénéh ngaréngkol ngeukeupanguguling nu bau hapeuk. Ari SiKabayan ngadéngé pamajikan -ana kitu téh lain buru-buru hu-dang, kalah narik sarungdiharudum.

Geus kawentar di lemburSukahurip mah Wa Haji téhjalma nu soméah sartabéréhan, matak kabéh jalmapada nga-uwakeun boh nukolot boh nu ngora, sok pada-hal mun ditingali umur mahngora kénéh, disebut Wa Hajitéh duméh manéhna téh hiji-hijina haji nu aya di éta lem-bur. Geus jadi kabiasaanunggal munggah, Wa Haji sokngabedahkeun balong, saka -béh urang lembur Sukahuripmeunang ngala lauk sabeu-nangna-sabeunangna atuhpuguh waé salelembur tum -plek ka balongna.

Kacaritakeun di balong WaHaji, jalma-jalma geus ngaja-jar sisi balong nungguan caisaat, kabéhanana geus saged,aya nu mawa ayakan, sésér,malah nu mawa heurap ogéaya. Kira wanci haneut moyanbalong téh rada saat, jalma-jalma jungjleng tarurun kanabalong, saréréa ayeuh-ayeuhanbarungah sabab laukna lobanaker. Tapi lantaran jalmanaloba, atuh sésér jeung heurap

téh teu kapaké da kahalangan. Barang saréréa jongjon

ngala lauk, jol Si Kabayanmawa bubu gedé nakeran.Kadéngé aya nu nyelengkeung,“Ah dasar jalma nu ngalinduréta mah euy..., ma enya ngabe-dahkeun mawa bubu”. Saréréasaleuseurian tuluy arantengdeui ngarala lauk teu nolihdeui ka Si Kabayan.

Sabot nu séjén arantengngala lauk, Si Kabayan mahkukurilingan waé bari ma-mawa bubu téa, barang tepikana kokocoran pangbedahan,manéhna ngarasa bungah, tu -luy baé naheunkeun bubuna,satutas bérés tuluy hanjat.

“Kabayan..., ari manéhmoal ngala lauk?” Wa Hajingagorowok di saung basanempo Si Kabayan ngadonmurak timbel luhurun kulu -wung pangbedahan.

“Eudeuk Wa, ké heulahayang mumuluk heula,kabeneran Nyi Iteung mekelantutug oncom.” Si Kabayannémbal bari deluk kana timbeltutug oncom.

“Kamanakeun bubunaeuy?” Wa Haji nanya.

“Ditaheunkeun?” ceuk SiKabayan.

“Na dimana ditaheun -keunna, Kabayan?” tanya WaHaji deui.

“Ieu dina caket kuluwung,”cenah bari semu éra.

Wa haji olohok, bari dinahaténa mah muji kana kapin-teran Si Kabayan, “Heueuh ru-pana bodo téh geuning

pipikiranana mah pinter,batur mah paciweuh baribobolokot ku leutak hayangmeunang lauk téh, ari ieu ukurnaheun bubu jeung benerdeuih di tempat laukngumpul.”

Beres dahar tuluy SiKabayan nyalsé turun baringarampaan bubuna, barangkapanggih liang bubuna tuluydicocokan maké jukut. Baranggeus anggeus tuluy meresihanleutak jeung jarami nu nutu-pan bubuna, tapi manéhnakacida reuwaseunana sababbubuna kacida beuratna. Keurkitu katempoeun ku Si Dulah,“Ku naon Kabayan, beurat?Kade euy didinya mah lobaoray kadut.” Atuh nu séjén téhnyaleungseurikeun.

Si Kabayan teu nolih, tuluybubuna diséréd kana galeng.Barang nepi kana galengbubuna pinuh ku lauk, ayatawés, gabus, lélé, nila malahlauk emas beureum mahsagedé pingping budak. Teutalangké deui ku manéhna di-panggul éta bubu téh tuluynoyod balik. Nu séjén bati olo-hok ka asup Wa Haji, sabab SiKabayan balikna téh teunganuhunkeun-nuhunkeunacan. Satepina di imah kasam-pak pamajikanna euweuh, SiKabayan tuluy ngasupkeunlauk kana jolang ditindihannyiru, tuluy ngagéléhé dinaambén di tepas imahna.

Karék gé reup, ari ganta -wang téh pamajikanananyarékan, “Na Akang dititah

ngala lauk kalahka saré, baturmah ieuh mareunang sakorangséwang, malah Si Badud mahlian ti dikorangan téh jeung di-tiir sagala.” Si Kabayan nga -déngé pamajikan nyarékan téhlain hudang, kalah ningkreb -keun sarung kana awaknakawas nu ngahajakeun.Nempo salakina kitu peta, NyiIteung ambek, tuluy séréh,konéng jeung salam keurbungbu nu meunang meuli diwarung téh dibalangkeun kanaawak Si Kabayan bari ngo -mong, “Tah rék dahar mahmontong hayang jeung lauksagala, kuring mah rék ngadondahar di Si Ambu.” Cenah barituluy ka dapur. Barang tepi kadapur Nyi Iteung reuwaseunsabab aya sora ngagocopokdina jolang. “Euleuh geuningieu lauk meuni baradag kieu,enya kitu meunang KangKabayan, asa piraku apanbatur mah karék baralik.” NyiIteung bangun teu percaya,tuluy ka tukang nempo bubu,da geus biasa Si Kabayan mahmun geus ngala lauk téh paka -kasna sok dipoé boh bubu bohheurap majar téh ngarah teuku beurit cenah.

“Kang... Kang... KangKabayan badé cikopi?”

Nyi Iteung ngagorowok titukang basa nempo bubu nudipoé loba sisit laukan.

“Kabayan téa...” ceuk SiKabayan bari muka sarungnabangun agul.***

(SMP Negeri 1 Su bang,Kabupatén Subang)

KabayanNaheun Bubu

39Manglé 2467

Ii Heri Hermawan

Page 41: Mangle 2467

Manglé 246740

KKomik Nyambung

Ku U. Syahbudindisundakeun ku Agus Mulyana

Page 42: Mangle 2467

41Manglé 2467

Page 43: Mangle 2467

Manglé 246742

GGedong Saté

Provinsi Jawa Barat bogaRumah Sakit (RS) Hewan anumunggaran di tatar Jabar

atawa ka-2 di Indonesia, sabada RSHewan di Jakarta.

Kepala Dinas Peternakan Prov.Jabar, Dody Iman Nugraha netela -keun, ngadegna RS Hewan diProvinsi Jawa Barat téh keur nalinga -keun kasehatan sasatoan anu di-waragadan ku ABBD Provinsi JabarTahun Anggaran 2013.

“Waragad anu diperyogikeunkanggo ngawangun RS Hewan ieu téhsadayana asalna tina APBD JabarTaun Anggaran 2013 anu ageuna Rp5 miliar,” pokna.

Nurutkeun Dody, RS Hewan ieutéh salah sahiji tujuanana pikeunngarojong program nyingkahanjeung ngungkulan kasakit sato anubiasana sok tatalepa.

“Ku ayana RS Hewan ieu sim ku -ring miharep tiasa nurunkeunatanapi nyingkahan kasakit sasatoandi Jabar,” pokna deui,

Konsep RS Hewan nyaeta mo -dern, aman jeung ramah lingkungan,henteu ngaganggu kana ekosistem,teu nyababkeun karusakan sarta hen-teu ngabalukarkeun polusi atawapencemaran lingkungan.

“Rumah sakit hewan ieu tosdilengkepan ku prosedur IPAL (In-stalasi Pengelolaan Air Limbah - red)luyu sareng standar Rumah SakitUmum, janten limbah atanapi runtahti rumah sakit téh henteu dugi kangotoran atanapi ngaruksak lingku -ngan,” pokna.

Sababaraha rupa layanan nu ayadi RS Hewan Jabar, di antarana pa-mariksaan klinis, pamariksaanlabora torium, pangobatan medis,RSH Rujukan, Orthopedi, Vaksinasi,USG, ECG, X-ray (rongtgen), operasi,rawat jalan, rawat inap, ICU Isolasi

sarta konsultasi.

Jabar Bebas Rabies 2018Pengurus Besar Perhimpunan

Dokter Hewan Indonesia (PB PDHI)nepikeun pangbageana ka Pa-marentah provinsi Jawa Barat anugeus ngawangun Rumah Sakit (RS)Hewan.

Ketua PB PDHI, Wiwiek Bagjanetelakeun yen diresmikeunana RSHewan Jabar ieu téh minangkawujud garapan gawe Pemprov Jabardina nalingakeun kasehatansasatoan.

“Ku diwangunna RS Hewan ieutéh buktos kasariusan pemprov.Jabar, kumargi kiwari seueur kenehsasatoan anu mung saukurdimangpaat keun kanggo ingon-ingonwungkul bari jeung teu nalingakeunfaktor kasehatanana,” pokna.

Gubernur Jawa Barat AhmadHeryawan nataharkeun yen dinataun 2018 wilayah Jabar kudu geusbebas tina kasakit rabies.

“Kanggo ngahontal target bebasrabies ieu, peryogi pisan gerakanvaksinasi rabies sacara “serentak”sareng rata di sakuliah wilayah JawaBarat,” ceuk Aher netelakeun.

Nurutkeun gubernur, lengkahgerakan bebas rabies ieu téh poharapentingna upama ningali masih lobakasus rabies anu tumiba dikota/kabupaten di Jabar.

“Gerakan bebas rabies ieu kedahdiperhatoskeun kumargi dina miarasasatoan perlu ditalingakeun kaidah-kaidah atanapi aturan sareng pangar -ti ngeunaan kasakit sareng ngarawatsasatoan,” pokna.

Gubernur netelakeun, dinangarealisasi keun target Jabar bebasrabies , pihakna bareng jeung OPD(organisasi perangkat daerah) sartasajumlah stakeholder bakal terusngupayakeun pikeun ngawujudkeungerakan vaksin.

“Target Jabar janten provinsi ka-10 anu bebas rabies,” ceuk Gubernurpinuh harepan.*** (AS)

Nyadarkeun Masarakat

Miara Kasehatan Ingon-ingon

Page 44: Mangle 2467

43Manglé 2467

Kamekaran pers Sundamanjang keun carita. Aya nugedé harepan ogé aya nu leutik

harepan. Pandangan kitu, mémanglain saukur béja, tapi luyu jeungsabagi an nu pernah ngadegkeunmedia citak Sunda, nu ahirna kateugatawa mopo dijalan.

Kamekaran pers Sunda kacidaperluna. Malahan nurutkeun DedeMariana, sabenerna pamaréntahprovinsi Jawa Barat waé ngaliwatanPerda No. 5, 6, 7 geus méré lolong -krang keur ngarojong ayana luangkana kamekaran pers Sunda.“Anggaran mah ageung, tapi dugi kaayeuna tacan keuna sasaran. Ku kitu -na, saé kacida pami aya samodélbeung keutan pers Sunda, nu nalinga -keun nasib pers Sunda ka payunna.Tiasa dikawitan ku sababaraha urangti Manglé jeung media Sundaséjénna,” pokna, basa gunem caturdina acara sawala nu diayakeun kuPanglawungan Purnama Alam

sawatara waktu kaliwat di Pusat StudiSunda, Jl. Garut Bandung.

Kiwari, sakurang-kurangna ayana13 media Sunda nu sumebar di JawaBarat. Ngan tina jumlah éta, ketakmedia Sunda nu aya, nasibna mah teusarua. Majalah Manglé, nu lahir titaun 1957 nepi ka ayeuna, geus bisajadi ukuran pentingna media Sunda.

Ku kituna, tina sawala harita, jinekka hareupna, perlu ngabentuk kon-sorsium babarengan keur ngokola -keun pers Sunda nu daria. Tugaskonsorsium éta, di antarana ngabebe-nah kaorganisasian pers Sunda, timimiti pasualan modal, ngabebenahmanajemen media, ningkatkeun SDMogé sual ajén eusi pers Sunda.

Hadir dina éta acara, Karno Karta -dibrata, Abdullah Mustafa, PopongOtje Djundjunan, Dede Mariana, Hik-mat, Ensa Wiarna, Cecep Burdan-syah, Dadan Sutisna, jeung sajabana.Éta kagiatan, lian meunang pang -rojong ti perorangan, oge ti lembaga

kasundaan, saperti ti PaguyubanPasun dan.

Cek Karno, ketua PanglawunganPurnama Alam, mémang nasib persSunda ka hareup bakal terus kadesehku media nasional jeung asing. Pale-bah dieu, ka hareupna, ngan aya duapilihan scenario; ningkatkeun persSunda nu aya jeung munculkeunpers-pers Sunda séjénna atawa persSunda bakal pareum!. Ku kituna, pa-maréntah Jawa Barat geus waktunaméré perhatian keur narékahan nasibpers Sunda jeung méré panghargaanjurnalistik, nu sababaraha taun geuspareum,” pokna tandes.***

Perda Ditalungtik Deui Medalna Perda Provinsi Jawa

Barat No. 5,6,7 ngeunaan miara basa,sastra jeung aksara (Sunda), mawakareueus urang Sunda. Lantaran étaperda geus jadi papayung hukumkeur mekarkeun basa, sastra jeungaksara Sunda. Ngan, naha éta Perdaditarima ku balarea? Cek Prof. DedeMariana, staf ahli gupernur JawaBarat, mémang Perda no. 5,6,7 keurditalungtik deui. Lantaran ayasababaraha usulan nu perlu diasup-keun, nyaéta keur ngawadahan senigarapan sinema. “Pa Wakil Gupernur,mémang tos ngusulkeun sangkankarya sinema asup kana éta Perda.Ngan hanjakalna, sababaraha golo -ngan masih béda pamadegan. Atuhrevisi ogé tacan réngsé,” pokna.

Papayung hukum mekarkeunSunda nu réngkolna aya dina Perda,mémang payus jadi kareueus. Atuh,éta kawajiban pamaréntah dinangalarapkeunana ogé, dipiharep hen-teu saukur keur hiji lembagakasunda an, tapi mémang keurkapentingan balaréa nu micinta basadaérah nu aya di Jawa Barat. *** (RH)

Tarékah Pamaréntah Ngungkulan Nasib Pers Sunda

Sawala narékahan nasib Pers Sunda di Pusat Studi Sunda, Jl. Garut Bandung, 28 Pebruari 2014

Page 45: Mangle 2467

Manglé 246744

KKatumbiri

Kota Bandung minangka puseurdayeuh Jawa Barat jeung KotaWisata éstu jadi pangjugjugan

balaréa. Nu daratang ka Kota Bandung

lain saukur nu rék ngadon balanja jeungulin wungkul, tapi ogé réa anu ngadonusaha jeung sakola. Hal sarupa kitungalantarankeun Kota Bandung nyang-

hareupan rupa-rupa pasualan, diantara na pasualan padagang kalilima(PKL) anu hésé pisan diungkulan -ana. Kiwari, pamaréntah Kota Bandungkeur nyieun léngkah-léngkah geusanngungkulan pasualan PKL, sangkan bisangawujudkeun kota anu éndah. Éta halditétélakeun ku Wakil Walikota Ban-dung, Oded M Danial, ka Manglésababaraha waktu nu kaliwat.

Oded ogé nétélakeun, pasoléng -krahna nu daragang di jalan jeung tro-toar sarta di buruan mol, ogé buruanpasar tradidisional lain ngan ukur nga-halangan nu lalar-liwat, tapi deuihsareukseuk katingalina. Lian ti kitu,pasesedek na trotoar sok ogé nga-balukarkeun ayana tindak kajahatansaperti copét jeung sajabana. Pikeunngungkulan pasualan PKL, pamaréntahKota Bandung nyieun sababaraha prog -ram, di antarana nangtukeun titik titik“zona merah” anu teu meunang aya nudaragang. Ku kituna, lamun ayamasarakat anu meuli barang daganganti PKL di éta “zona merah” bakalditibanan dengda dua ratus rébu nepika sajuta rupia.

Dina Perda No. 4 taun 2011ngeuna -an penataan jeung pembinaanP KL,masarakat nu meuli dagangan PKL di“zona merah” téh bisa diasupkeun kanatindakan anu ngarempak aturan. Pasalpasal nu aya dina Perda di antarananétélakeun yén barang nu dibeuli ti PKLdi “zona merah” bakal disita sarta jalma -na (nu balanjana)kudu ngalakonansidang tipiring (tindak pidana ringan).Jadi salian ti nu dagangna, nu balanjanaogé bakal ditindak saluyu jeung aturan.

“Éta dengsa sanés kanggo nambihanPAD (Pendapatan Asli Daerah-réd) tapikanggo nanjeurkeun kadisiplinanmasarakat dina ngarojong programpamarén tah. Dipiharep ku ayana étasangsi, masarakat kapok meuli daga -

Ngabebenah Kota Bandung

PKL Diperenahkeun di Pasar jeung Basement Mol

Wakil Walikota Bandung, Oded M Danial: pamaréntah bakal mantuan PKL salila taat kana aturan (nét)

Masarakat jeung PKL kudu taat kana aturan (nét)

KORESPONDEN: Asep GP, Hj. Cucu (Kota Bandung); Dede Syafrudin, Enung, Den Jaya (Kab. Bandung); Uun

Juharyanti (Tasikmalaya); Gun-Gun (Purwakarta); Aam Amirah (Karawang); Armega Sista (Pandeglang); Dali

Sumarli, S.Pd. (Sumedang). Distam (Brebes)

Page 46: Mangle 2467

45Manglé 2467

Touring Wisata & Fun Bike jeung Mojang Jajaka

ngan di tempat nu dilarang ku aturan,sarta teras ngiring aub ilubiung dinananjeurkeun paraturan nu nyampak.Pon kitu deui nu daragang, kedahlangkung ningkat kasadaranna supadoshenteu ngagelar dagangan di tempat nudilarang,” pokna.

Di puseur Kota Bandung kacatet aya20 rébu PKL. Pikeun ngungkulanana étapasualan, maranéhna bakal dipindah -keun ti sisi jalan ka pasar-pasar tradisi -o nal jeung ka basement pasarmodéren. Dina prak-prakanana,pamarén tah Kota Bandung bakalngutama keun tukang dagang nu bogaKTP Kota Bandung. Tina jumlah 20rébu urang PKL, nu boga KTP Kota Ban-dung ukur 3.000 urang. Jadi, lamunmasih kénéh aya sésa tempat di pasaratawa di basement pasar modérnn

jeung di mol, kakara bisa ditempatan kuPKL nu teu boga KTP Kota Bandung.Tapi lamun tempatna teu cukup,maranéhna bakal dipulangkeun ka lem-bur tempat asalna.

Oded ngémbohan, program pikeunngungkulan pasualan PKL nu geus di-laksanakeun téh di antarana merenah -keun 70 urang PKL nu daragang di JlMerdeka, ditempatkeun di basementBIP (Bandung Indah Plaza). Ét hal bakaldijadikeun conto dina ngungkulan pasu-alan PKL di tempat séjéna. Papadaningkitu, dina prak-prakanana masih ayakénéh pasualan nu mucunghul, sapertiayana padagang nu rumaha alatanngarasa mahal mayar séwa baseménBIP, sarta aya ogé PKL nu kurangpanuju diasupkeun ka basemén. Tapidipiharep, sagala rupa pasualan dina

ngugkulan PKL bisa gancang réngsé.Pamarén tah ogé bakal ngabantuan PKL,salila maranéhna taat kana paraturan.

Tarékah pamaréntah KotaBandungdina ngungkulan pasualan PKL bakalterus dilaksanakeun pikeun nedunanpangharepan balaréa, nyaéta ngawujud-keun udagan Bandung juara, ngaronjat -keun kahirupan ékonomi masarakat,sarta nyiptakeun kaayaan kota nuhawana liuklinduh tur héjo lémbok.

“Pamaréntah éstuning teu pisan-pisan gaduh niat badé maéhan sumberkahirupan nu daragang, tapi seja man-tuan jeung merenahkeun maranéhnasangkan nu balanja jeung nu dagangsami ngaraos tumaninah. Nu daragangogé keah taat kana aturan, sarta sahabaé nu ngarempak aturan tangtos bakalditartibkeun,” pokna.***cucu/dédé

Bidang Pariwisata Dinas Pari-wisata dan Kebudayaan JawaBarat, sawatara waktu nu kali-

wat geus ngagelar dua kagiatan,Touring Wisata sarta Fun Bike barengjeung Mojang Jajaka Jawa Barat 2014.Touring Wisata startna di MonumenPerjuangan Rakyat Jawa Barat, KotaBandung. Éta kagiatan diiluan ku 75

urang nu dirojong ku Ikatan MotorHonda, kalawan ruteu transit di SituGede Tasikmalaya, finisna di Ngam-plang Kabupatén Garut.

Pamilon Touring Wisata & FunBike, harita dijurung laku ku KepalaDinas dan Kebudayaan (Kadisparbud)Jabar, Drs. Nunung Sobari, MM.Kagia tan Fun Bike nu digelar sapoé

sabada touring wisata, diiluan ku 500urang. Startna di BKPP Wilayah IVsarta Finish di Situ Begendit Kab.Garut, dibagéakeun ku Wakil Guber-nur Jawa Barat, Dedy Mizwar.

Kepala Dinas Pariwisata danKebudaya an Jawa Barat Drs. NunungSobari, MM dina pangbagéananétélakeun, digelarna éta dua kagiatantujuanna lian ti mekarkeun widangwisata otomotif minangka wisataminat husus téh, ogé sakaligusningkatkeun ajén wisata rumaja deuih.

Nunung ngécéskeun, éta kagiatanoée mekarkeun tur ngaronjatkeunpoténsi wisata di kabupatén jeung kotaanu dililiwatan ku pamilon touringwisata, nu béh dituna, bisaningkatkeun jumlah kunjunganwisata wan nusantara hususna, manca -nagara umumna.

“Suksésna kamekaran widangpariwisata Jabar teu leupas tina pang -rojong sarta peran aktif ti sakumnapihak, boh pamarentah, swasta, asosi-asi pariwisata boh masarakat, kaasuppara nonoman nu peranna kacidadipiharep na bisa ngawujudkan JawaBarat jadi salasahiji daérah budayajeung tujuan wisata unggulan,” pokna.***nay

Kadisparbud Jabar dibarengan ku Kabid Pariwisata, Drs. Agus Saputra, dina acara Touring Wisata & Fun Bike

Page 47: Mangle 2467

Manglé 246746

KKatumbiri

Galibna pangwangunan,saperti ngawangun padu-mukan (komplék), kantor,

jeung sajabana mémang butuhlahan. Nya, ilaharna deuih robahpungsi lahan, ogé bisa robah nungamangpaatkeunana. Nu asalnatempat pepelakan, tempat tatanénmisalna, apan sanggeusna jadiwawangunan mah, éta hasiltatanén jeung pepelakan gé bakalleungit, diganti ku mangpaat séjén.Tah, parobahan kawas kitu ogé,bisa robah nu ngararasakeunmangpaatna.

Kumaha ari di Bandung? Ban-dung nu jadi pangjugjugan jeungpangirutan mémang keur dibebe-nah. Sababaraha daérah geusanjadi kawasan penyerepan cai,saperti daérah Cileunyi beulahkulon, palataran suku gunungManglayang. Ku kituna, Camat

Cileunyi, H. Wawan. A. Ridwan,S.STP.M.Si., umajak ka masarakatsangkan resep miara lingkungan,nu di antarana melak tatangkalan.

Pa Camat umajak kitu, mémanglain saukur ngajak tapi jeungprakna, saperti waktu haritangaresmikeun mitembeyananamelak 210 tangkal mahoni, jatijeung alba (jéngjén) di RW 25Komplék Manglayang RegencyDésa Cimekar Kac. Cileunyi Ban-dung.

Ngajak masarakat sangkannyaah ka lingkungan, henteungandel keun saukur karepnamasarakat sorangan, tapi ogé me-unang pembinaan ti pihak kam-pus fakultas PertanianUniversitas Padjadjaran (Pa Pri-hadi jeung Pa Joko). Kituna téh,sangkan leuwih wanoh kana caramiara pepelakan nu luyu jeung

tiori tatanén.Ngabebenah lingkungan ku cara

melak tatangkalan, lain saukurngahéjokeun lingkungan, tapi ogékudu ngaraharjakeun masarakatsabudeureunana.

“Ayana pangrojong ti pamarén-tah jeung pihak kampus, mudah-mudahan manjang. Teras tiasanalingakeun jeung ngabinamasarakat,” cék Bapa MarsonoMuchtarom, Ketua RW. 25, gedéharepan.

Sangkan terus kapiara, 210tatangkal nu geus dipelak,saterusna dipasrahkeun kamasarakat ngaliwatan pangurusRW, dibantu ku kader PKK.

“Insya Alloh, supados kapiara,saurang kader PKK kedah tiasamiara sawelas tangkal. Janten jelastanggung jawabna,” saur Pa RW25. *** (RH)

Miara Lingkungan,

Melak Tatangkalan di Manglayang

Pa Camat waktu mitembeyanan melak210 tatangkalan

Pa Camat Cileunyi, H. Wawan. A. Ridwan,S.STP.M.Si. (katuhu) disarengan

Pa Marsono Muchtarom, Ketua RW. 25 Désa Cimekar.

Para kader PKK nu kapapancénan ngurus pepelakan

Page 48: Mangle 2467

47Manglé 2467

Ti waktu ka waktu, ti mangsa kamangsa, tug nepi ka kiwari,pasualanngeunaan nasib hak buruh di ieu

nagri teu réngsé- réngsé. Nasib buruh teuweléh jadi obyék “katelengesan”’ para jura-gan pangusaha, anu sakarep ingsun, nyieunputusan anu sakapeung teu luyu jeung atu-ran-aturan nu geus diguratkeun dina payunghukum nu jinek. Yén antara hak jeung kawa-jiban buruh téh apanan réngkolna geusdiatur dina undang-undang na. Apan un-dang-undang téh, hiji padika, pon kitu deuihiji papagon (aturan) anu kudu dilarapkeunjeung dilaksanakeun ku pihak-pihak nupada-pada silih nguntungkeun.

Geus nepi mana atuh undang-undangperburuhan di urang diterapkeun jeung di-laksanakeun ku pihak pangusaha? Geus nepimana hak-hak buruh di urang dicumponanluyu jeung aturan nu geus diguratkeun?Naha para pangusaha salila ieu nongtorékatawa apilain kana aturan-aturan ngeunaanhak-hak buruh anu geus diréngkolkeun kuaturan-aturan anu jinek ti pamaréntah.

Di urang apan geus aya sababarahawadah nu jadi cukang pikeun nyoarakeun

aspirasi jeung harepan para buruh, nya di-antarana SPSI (Serikat Pekerja SeluruhIndo nesia) boh pusat, propinsi, boh kabu-patén-kota. Taun ieu, éta wadah umurnageus nincak 41 taun. Ngadegna ieu wadahkeur para buruh jadi pamuntangan jeungharepan nu bisa nyoarakeun nasib.

Dina milangkalana SPSI nu ka 41, ka-mari ieu di Gedong KONI Majalaya Kabu-patén Bandung, digelar rupa-rupa kagiatan,di antarana olahraga jeung hiburan aprésiasiseni budaya. Hadir dina eta acara Ketua SPSIKabupatén Bandung Adang, Wakil KetuaKomisi 1 DPR RI nu ogé Panasehat SPSIPuseur, Drs. H. Agus Gumiwang Karta -sasmita, M.Si., (nu katelah dilandih AGK),para pangagung, jeung sababaraha tokoh tiKabupatén Bandung.

Dina biantarana, Ketua SPSI KabupaténBandung nétélakeun, milangkala anu ka 41,SPSI masing jadi pameungkeut beungkeu-tan silaturahmi. Gedurna ajén solidaritasjeung sumanget gawé baris ningkatna ajénkaraharjaan keur sakumna karyawan. Salianti éta, ogé ngabagéakeun sarta ngarojongmilu nyukséskeun Pemilu 2014.

Sedengkeun H. Agus GumiwangKarta sasmita mah nétélakeun, pasualanhak buruh nepi ka kiwari jadi isu nasional,malah internasional. Ku kituna, parawawakil rayat di puseur (DPR RI) dinapadungdenganana teu petot-petot walehmerjoangkeun jeung merhatikeun hak-hakpara buruh. Antara buruh jeung pangu -saha, ceuk AGK, masing bisa silih raga -ngan, silih ajénan geusan ngawujudkeunkaadilan nu pada-pada silih untungkeundua pihakanana.***nay

Masalah Hak Buruh

Pasualan Nu Teu Kungsi Réngsé

Panggih jeung Oni Suwarman ( OniSOS) téh basa tepung jeung Manglédina Mieling Maulid Nabi Muham-

mad SAW 1435 H, “Baladewa Bersolawat-Baladewa Bersahabat”, di Jalan Baladéwa

RW 08 Bandung , Oni mémang kiwari keurrarajinna ngalanglang ka sakuliahwewengkon Jawa Barat magelarkeun Senijeung Dakwah, sasieureun-sabeunyeureunngamalirkeun bakatna bari syiar Islam.

“Manawi wé aya pulungeunana sarengjanten ibadah, éta nu utamina mah. Da arikana ‘nyalon’ DPD mah ‘ngalir’ wésaguluyur na”, pokna, bari dina dadana mahcenah teu weléh ngagedur sumanget hayangboga wadah aspirasi pikeun para seniman-budayawan. Ku kituna, Oni miharep kapausahaan-pausahaan gedé sangkan jadi“bapa asuh” pikeun “anak asuh” ti kalanganpara seniman sangkan bisa minton dinatélévisi-télévisi lokal ngarah boga karaharja -an. Kapanan ayeuna mah arang langka di-tayangkeun tah kasenian Sunda téh. Lian tiéta, niat Oni hayang jadi anggota DPD gébakat ku hayang nyakolakeun budakna nepika kuliah, tapi lain budak manéhna wungkul,tapi budak-budak para seniman jeung patanileutik di pilemburan gé kudu meunang pen-didikan nu merenah.

Pikeun ngahontal cita-citana, Oni kiwarikeur ririweuhna, ngalanglang ka sakuliah

wewengkon di Jawa Barat bari sosialisasimaké média seni jeung dakwah jeung batur-baturna. Kalan-kalan saperti dina bulanMulud jeung nepi ka bulan Maret maharang langka aya di imah. Nguriling ti mimititungtung Kulon Bekasi nepi ka tungtungwétan Pamijahan, Pangandaran dicukcruk,komo bari aya nu ngogan manggung mahcenah gé, “Alhamdllah di Dépok-Pabayuranabdi sababaraha kali diulem Muludan. Ogédi Tasik, sapertos di Pamijahan, Karang-nunggal dugi ka Ciamis, Parigi, Panganda -ran diulem ku Bos Rosadi. Atuh di Unsildiulem dina Seminar ti Fakultas Ekonomigate to power to action . Malah kungsi sadin -ten 3 kali dina sasih Mulud ieu mah, ping 25Januari énjing- di SMA Tanjungsiang, son-ten di Pasir Impun, wengina di MangkubumiTasik.

“Alhamdulillah séhat, jagjag waringkas.Barokahna tina paniatan nu ihlas pikeunbébéla ka agama jeung rahayat leutik,” kituceuk alumni Dokumentasi Budaya FakultasSastra (FIB) Unpad entragan 97 jeung FikomEkstensi Unpad 2002, mungkas wangko -ngan.***Asép GP.

Oni SOS Hayang Bisa Nyakolakeun Barudak nu Kurang Mampuh

Panaséhat SPSI Pusat, H. Agus Gumi-wang Kartasasmita (AGK)

Oni jeung Ketua DKM Al Islamiyah,Said Toyoi S.Pd, sarta Ketua RW 08

Ricko Prastawa Adi, S.E.

Page 49: Mangle 2467

Pangwangunan widang pari-wisata di Kota Bandung bisadisebut mesat. Éta hal katém-

bong tina jlug-jleugna hotél jeunggedong-gedong tempat hiburan. Saliantina hal nu positip, pamaréntah ogékudu merhatikeun pangaruh négatiptina ayana gedong-gedong tempathibu ran. Mana komo salah sahiji uda-gan Kota Bndung téh nyaétangawujud keun kota anu agamis.Pikeun ngahontal éta udagan,pamarén tah Kota Bandung kudusagancangna ngarépisi Perda No.07taun 2012 ngeunaan Penyeleng garaanKepariwisataan. Éta hal ditétélakeunku anggota komisi A DPRD Kota Ban-dung, H.Lia Noer Hambali SIP, kaMang lé sababaraha waktu nu kaliwatdi kantorna.

“Nu kacatet dina Perda, di antara -na kawasan strategis pariwisata téhperyogi merhartoskeun aspék budaya,sosial, sareng aspék agama masarakat.Hartina, pihak anu ngokolakeunkawasan pariwisata ogé gaduh kawaji -ban sareng peran dina miara tur nga-mangpaatkeun budaya, ogé ngajagapersatuan jeung kesatuan. Ku margipadumuk Kota Bandung seuseueurnangagem agama Islam, tangtos saban

Manglé 246748

BBandung - Bandung

H.Lia Noer Hambali SIP, anggota Komisi A DPRD Kota Bandung

Tempat hiburan peuting leuwih réa mudorotna tinimbang mangpaatna (nét)

Page 50: Mangle 2467

kagiatan, kalebet hibu ran, dipahingméngpar tina aturan agama. Tempat-tempat hibu ran sapertos diskotik,PUB,sareng karoké kedah diwates dugi ka

tabuh dua welas wengi. Kanggongalarapkeun éta aturan, kedah ayarépisi kana Perda PenyalenggaraanKepariwisataan,” pokna.

Ceuk Lia, dina éta Perda di-tandeskeun yén usaha pariwisata dihotél salian ti pasilitas nu geus nyam-pak di hotél saperti réstoran jeungtempat hiburan, kudu boga ijin numisah. Jadi, hotél nu ngayakeun tem-pat hiburan saperti diskotik,PUB,jeung karoké kudu nyieun ijin numisah jeung ijin hotél. Tapi dinakanyataan ana, pihak hotél ngarasa étakagiatan hiburan téh geus kaasup kanaijin hotél.

Alatan kitu, ku ayana pang geuing tiKapolda Jawa Barat ngaliwatanrékoméndasina, sang kan tempat-tem-pat hiburan peu ting di Kota Bandungkudu diwates nepi ka jam 12 peuting,kudu sagancangna diréspon kupamarén tah Kota Bandung, ku caramedalkeun Perwal (Peraturan Wali -kota) sarta ngarépisi Perda nu aya

patali jeung tempat hiburan.Minangka lajuninglaku tina

rékoméndasi Kapolda Jawa Barat,anggota komisi A DPRD Kota Ban-

dung miharep sangkan pamarén tahKota Bandung nyieun léngkah-léngkah pikeun nga minimali sasikajaha tan di Kota Bandung nu remenkajadian ti peuting. Aya dua usulan nuditepikeun ka Walikota Bandung,nyaéta sagancangna medalkeun Per-wal ngeunaan jam operasional tempathiburan di Kota Bandung nepi ka jamdua welas peuting, sarta nu kaduanangarépisi Perda No 7 taun 2012.

“Walikota Bandung kedah wantunmedalkeun kawijakan kanggongawates jam operasional tempathibu ran peuting, di antarana ku carangarépisi Perda Kepariwisataan,kanggo nyalametkeun ahlak generasingora Kota Bandung. Ruksakna ahlakgenerasi ngora Kota Bandung balukarayana tempat hiburan peuting, moaltiasa diubaran ku artos sabaraha baéogé. Lian ti ngawates jam operasionaltempat hiburan peuting, mun peryogimah Walikota ogé kedah wantunngawacanakeun kanggo ngahapus

sacara total tempat hibu ran peuting diKota Bandung,” ceuk Lia, anu kacatetminangka anggota déwan ti FraksiPPP.

Lia ngémbohan, tempat-tempathibu ran peuting di Kota Bandungsaperti PUB, diskotik, jeung karokésaenyana geus untung masih kénéhmeunang diayakeun nepi ka jam duabelas peuting gé. Éta hal mangrupatoléransi urang Islam. Da lamunngudag kana misi Kota Bandung mi-nangka kota agamis mah, kuduna tem-pat hiburan peuting nu réa madorotnatéh akudu dileungitkeun. Salian tikitu, mun ditilik tina pemasukan PAD(Pendapatan Asli Daerah )bisa disebutleutik, kira kira 11 miliar rupia, baringadatangkeun pangaruh négatip nungabalukar keun ruksakna ahlak gene -rasi ngora, sarta ngadatangkeun rupa-rupa tindak kajahatan.

“Nyiptakeun katengtreman sarengkatartiban masarakat kota Bandungéstu jauh langkung pen ting tur kacidamahalna. Ku kitu na, pasualan ngawatesjam operasional tempat hiburan téh teukedah dikaitkeun kana turunna PAD,”pokna deui.*** cucu/dédé

49Manglé 2467

Tempat hiburan peuting kudu diwates nepi ka jam dua welas (nét) Pikeun ngaréspon rékoméndasi Kapolda, kuda aya répisi kana Perda No.07 taun 2012

Perda Kapariwisataan Kota Bandung

Kudu Dirépisi

Page 51: Mangle 2467

Manglé 246750

BBalé Bandung

Ku pokalna PanglawunganPurnama Alam, poe Jumaah,28 Pebruari 2014, di gedong

Pusat Studi Sunda (PSS) geuslumangsung riungan Mieling HariPers Nasional (HPN) bari sakalianmadungdengkeun kahirupan persSunda. Salasahiji putusan riungan,perlu diadegkeun Konsorsium PersSunda.

Kagiatan riungan bieu teh miangtina anggapan, lembaga pers poharapentingna lebah ngamajukeunparada ban. Kasadaran kitu lain waetumuwuh di nagara-nagarademokrasi liberal tapi di nagaraotoriter deuih. Contona China nu bisadisebut nagara otoriter, panngaboga an koran resmi milik pa-marentah nu oplahna jutaan eksem-plar. Teu kudu dicaturkeun deui dinagara demokrasi liberal mah,saperti Amerika Serikat jeung na-gara-nagara Eropa. Pers di nagarabieu geus dianggap lembaga kaopatsabada eksekutip, legislatip jeungyudikatip.

Atuh jaman revolusi kamerde -

kaan nagara urang oge, para tokohbangsa harita saperti Soekarno,Hatta, Syahrir, Setia Budi jeung nulianna, pohara sadarna kanapenting na pers minangka “alat per-juangan”. Hal kitu tumuwuh oge dikalangan tokoh Sunda saperti OttoIskandar Di Nata, Emma Bratakoe-soemah jeung sajabana. Malahsatuluy na maruncul tokoh persSunda saperti Moh. Koerdi, MOKoesman jeung nu lianna.

Industri persKadieunakeun, pers teu saukur

“alat perjuangan” nu kebek kuidealis me wungkul, tapi mekar jadiindustri nu mentingkeun untungrugi pausahaan. Jadi pers lain ngankumpulan kaom jurnalis nu mahernulis, boga cita-cita luhur ngamaju -keun paradaban , tapi ngagabung ogekaom usahawan. Malah, bisa disebutkaom usahawan bieu poharangalalakonna. Ana kitu, pers dinakanyataanana mangrupa pausahaantempat tepungna kaom jurnalisjeung kaom kapitalis nu umumnangarangkep jadi usahawan. Suksesnapausahaan pers, seuhseuhanana,guman tung kana mampuh henteunakaom jurnalis jeung kaom usahawanbabarengan mekarkeun pausahan.

Proses saperti kitu geus lumang-sung dina kahirupan pers basaIndone sia. Nya maruncul pausahaanpers nu kaitung sukses saperti koranKompas, majalah Tempo, majalahFemina jeung nu sejenna. Lain waepers citak tapi kaasup oge pers elek-tronik (TVOne, Metro TV jeungsajaba na). Atuh bisa ngagabungnajurnalis jeung usahawan enggoningngamajukeun pausahaan pers, geusmangrupa jampe pamake atawa

padoman nu perlu dijadikeunceceke lan. Apan geus jadi kacapa -ngan, nu matak koran Kompas suk-ses, eta teh cenah kulantaran bisangagabungna Yacob Oetama (jur-nalis) jeung Oyong PK ( usahawan).Atuh majalah Tempo oge saruagabungan Goenawan Mohammad(jurnalis) jeung Fikri Jufri (usaha -wan), kaasup koran PikiranRakyatoge, gabungan Sakti Alamsyah(usaha wan) jeung Atang Ruswita(jur nalis).

Hanjakal proses saperti kitu ku-rang lumangsung kalayan mulusdina kahirupan pers Sunda. Nuleuwih tarandang ka hareup kaomjurnalis, bari kurang dibarengan kukaom usahawan. Ana kitu bisa di -sebut pers Sunda tacan ancrubsagemblengna kana kahirupan persminangka industri. Eta jigana numatak media pers Sunda sapertikoran Sipatahoenan, mingguan Ku-jang, majalah Sunda, majalah Warga,majalah Sangkuriang hirupna teulana, sanajan teu bisa dibantah geusneundeun tapak dina lalampahanpers Sunda. Cukang lantarananamah, jigana kulantaran pers Sundaleuwih mentingkeun aspekjurnalistik na wungkul, baringapilain keun aspek usahana. Numaruncul apan tokoh jurnalis sapertiMoh.Koerdi, Nani Soedarma, MOKoesman jeung nu lianna, tapi kaomusahawanana mah duka ku naonhenteu ngalalakon.

Hal saperti kitu, jelas kudu jadipalajaran keur insan pers Sunda ki-wari. Tah, Konsorsium Pers Sunda nuudaganana, wangunna, adeg-adegna,pesonilna keur dirarancang, poharapentingna malire hal kasebutbieu.*** Karno Kartadibrata.

Konsorsium Pers Sunda

Page 52: Mangle 2467

51Manglé 2467

Page 53: Mangle 2467

Manglé 246752

“Huahahahahaha... . .hahahha-hahh...!” babaturan anu keur ting -rariung téh ngabarakatak

saleuseurian bangun nu bungah pisan.Kuring luak-lieuk ka sabudeureun, eu-weuh sasaha. Kuring nengetansakurilingeun, bisi aya nu pikaseurieun,euweuh nanaon. Ah...ieu mah pasti,geus nyaleungseurikeun kuring deuiwaé. Tapi, duka naon tah bieu mah anudiseungseurikeun téh. Kuring mah taragancang apal. Bakal apal téh lamundibéjaan ku Mira, sobat kuring anu taramilu nyeungseurikeun nanaon. Kungsiharita ogé, kitu persis kajadianana. Ku -ring ampir-ampir ceurik, asa enya di-jadikeun tongtonan ku babaturan, barikuring teu apal naon anu kudu dibener -keun. Apal-apal sotéh sanggeus Mirangabéjaan dina waktu istirahat, méméhasup mata kuliah kasorénakeun.

“Éta, tadi téh Ti.....barudak téhnyeung seurikeun sapatu....,” katempoMira ogé sabenerna mah hayang seuri,tapi ditahan.

“Sapatu....? kunaon kitu sapatu ieu?”kuring malik nanya.

“Enya, lamun Titi nganggo acuk ieu,kurang pas lamun sapatuna modélkieu,” ceuk Mira bari nunjuk sapatu nuanyar meuli minggu kamari. Saterusna,Mira méré nyaho sapatu nu mana nukuring boga, anu pas lamun disetélkeunjeung baju nu harita dipaké. Nyobatpisan kuring jeung Mira téh, nepi kabaju jeung sapatu kuring téh Mira mahapal hiji-hijina. Kétang, bakating kusaeutik waé meureun kaboga kuringmah. Kungsi apan sakali mangsa mah,seméster itu asana mah, kuring disebut“si coklat”, pédah calana panjang kuringka kampus téh kari éta-étana. Kuringcan kaburu meuli deui.

Lain, lain teu hayang ganti-gantibaju, sapatu jeung aksésoris séjénnakuring téh....lain! saha anu teu hayang

atuh, gunta-ganti baju jeung sajabana.Tapi, dalah dikumaha atuh...da kaayaankuring mah béda jeung batur. Ku béda-bédana, kasarna mah ku miskin-miskinna kuring, teu loba batur nu daékmisobat téh geuning. Ukur Mira hiji-hiji na, sobat anu ti barang mangsanaOPSPEK teu weléh reureujeungan kaditu- ka dieu, nyobat nepi ka ayeuna.Padahal mah Mira ogé anak jelemabeung har, sarua jeung nu séjén-séjénna.Kétang, keur kuring mah sasaha ogébeung har di kampus ieu téh, da kawasnamoal aya anu sangsarana jiga kuring.Pantes, lamun batur loba anu embunggaul jeung kuring. Mataj hésé meureungaul jeung kuring mah. Kahiji dina soalwaktu, kuring teu boga waktu loba keurubrang-abring ulin ka mol, ka bioskop,ka salon jiga nu lian. Atuh dina ayanawaktu, dina papakéan ogé pasti bakaljadi pasualan. Kuring mah pasti moalbisa “gaya”, lamun teu gaya pasti bakalngérakeun kelompok maranéhna anugeus bisa darangdan ku lantaran ayakeur dangdanna. Sedengkeun kuring....?

Waktu téh ukur béak di kampusjeung méré lés ka barudak SD disababaraha tempat. Lamun kuring bariteu kitu, bakal pisakumahaeunsusaheun ana Ibu. Kuring téh anakpanggedéna ti 3 sadulur. Cikal, anutangtu dipiharep –utamana- ku Ibupikeun gancang bisa mandiri, gancangbisa mantuan nyakolakeun adi-adi.Komo saditinggalkeunana ku Bapa,kahirupan ékonomi Ibu téh lumpuh.Lain taya usaha pisan, aya éta ogéwawarungan jeung ngandelkeun pang-siun Bapa. Tapi kangaranan pangsiunanPNS golongan rendahan, moal sabarahagedéna. Untung kénéh éta ogé, tina uangsantunan, Ibu bisa nyéngsar-nyéngsarkeur modal wawarungan. Ari ukur tinawawarungan, tangtu ukur bisa keurnyambung-nyambung bubutuh dapur.

Uyuhan kituna mah, Ibu gedé haténguliah keun kuring ogé. Tapi kukaayaan téa, saméméh kuliah téh Ibugeus ‘papaitan’ jeung kuring.

“Wayahna Titi, lamun hayang kuliahkudu daék prihatin. Ibu mah ukur sang-gup méré biaya téh anu poko-pokonawungkul, wayahna moal bisa méréleuwih keur nyumponan kahayang Titinu séjén. Soal baju, sapatu jeung saja-bana, wayahna lamun ukur taun kali Ibubisa mangmeulikeun. Kitu ogé wayahnadeui waé, kudu daék anu basajan. Ham-pura Ibu nya, Ti...lain teu hayangnyukakeun anak,” saur Ibu harita.

Kuring ngarti, ngarti pisan kanakaayaan Ibu. Ku kituna, kuring pasti jadimahasiswi anu teu guyub jeung batur,utamana dina soal “gaya”. Lalandian “simati gaya” mah geus pasti napel per-manén dina diri kuring. Teu nanaon,anu penting mah dina soal kuliah kuring“misleuk” ti nu séjén. Kajeun teu gaya,ari nu meunang béasiswa mah apan di-antarana kuring. Alhamdulillah......ku -ringb mah mémang kuliah téh teu niatngagaya...kuring mah hayang nyiarpangar ti. Meunang peunteun nyugema -keun, bisa meunang béasiswa, bisanyugemakeun Ibu...éta gé geus leuwih ti“gaya” keur kuring mah.

Ngabantu-bantu Ibu keur nyukupanbubutuh sadirieun, kuring ubar-aber kaditu-ka dieu nge-lés sababaraha urangmurid SD. Mangkaning jarak ti imah kaimah téh lain lalampahan deukeut-deukeut, tur kabéh kudu disorang kuangkot....tapi keur kuring teu nanaon, dameureun geus kitu kuduna nasib kuring.Kuring kudu iklas ngalakonan sagalarupa na. Iklas jadi anak Ibu, iklas jadicikal, iklas kana sagala rupa kaayaan.Kaasup kudu iklas narima “dikékéak” kubabaturan anu mémang leuwih garaya.

“Kunaon ngahuleng waé, Ti....?” teukanyahoan, Mira nyampeurkeun barigék diuk gigireun. Kuring ukur ngarérétbari nutupkeun buku anu titadi ukurdikeukeuweuk. Dibaca mah henteu, dapuguh pikiran ngacacang kana kajadiantadi isuk. Dihenteu-henteu ogé, ngarasadiseungseurikeun téh sakapeung mahsok matak jadi pikiran.

“Héhé....enya, Ra. Padahal mah nya,rék kumaha-kumaha ogé sayah, da teungarugikeun sasaha meureun nya?” ku -ring seuri maur.

CCarpon Rumaja

IbuKu Gemi Nastiti

Page 54: Mangle 2467

53Manglé 2467

“Enya sih....tapi yaaaaah....dangaranna gé jelema, Ti. Kana kagoré -ngan batur mah sok leuwih gancangningali. Béda jeung nempo kakurangansorangan, hésé pisan. Geus wé...tongjadi pikiran, karugi-rugi waktu. Buktinanyata....lamun teu mikiran nu tadi isukmah, meureun éta buku téh bakalkabaca, bakal mangpaat,” ceuk Mira barinyiku. Kuring nyéréngéh, ngaenyakeunjero haté.

“Tapi.....kira-kira Mira apal teu,naon nu diseungseurikeun tadi isuk?”kuring tetep panasaran.

“Lamun ku Mira dibéjaan, moalngambek kitu?” ceuk Mira bari men-crong beungeut.

“Laaaah.....Ra.....iraha teuing atuhsayah ngambek? Katambah-tambahdiseungseurikeun ngambek mahatuh...!” ceuk kuring bari angger seurimaur.

“Euh...éta, ningali erok....cenah, jigaerok taun 80an....,” ceuk Mira bangunnu asa-asa.

“Erok...? nu dipaké ieu?” ceuk kuringbari ngiwir-ngiwir tungtung erok. Bajuanyar paméré Ibu, pédah geus lamipisan Ibu teu mangmésérkeun, cenah.

“Enya....ceuk maranéhna kitu gé, daari ceuk Mira mah asa biasa baé....,”ceuk Mira bangun nu ngupahan.

“Ah...pasti ceuk Mira gé teu biasa,da. Bet ceuk sayah gé ieu téh teu biasa.Tapi, inget ka anu méréna, Si Ibu. Anutaun kali ogé henteu mangmeulikeun

baju téh. Kamari ieu, cenah Ibu meu-nang rejeki. Tapi nya kitu.....mangmeulikeun ana ukur bisa di pasar.Nu ngampar téa geuning, Ra.....pastibatur mah moal-moal acan daékningalian, komo ka meulina...,” deui-deui kuring seuri maur.

“Nya....keun baé atuh, Ti....sakitu ogéSi Ibu aya kénéh kaingetan, maksakeunboa mangmeulikeunana ogé.Kanyaahna, Ti...nu penting mah étana,lain modélna, lain hargana,” ceuk Mira,leuwih nyata ngupahanana.

“Justru....matak ayeuna dipaké ogé,”ceuk kuring bari ngaheruk.

Ibu.....Ibu.....padahal mah teukedah maksakeun ogé teu nanaon, Bu.Enjing pagéto gé boa Titi gaduh rejekikeur mésér kaos-kaos waé mah. Ariayeuna, dina kajadian Titi diseung -seurikeunana ku babaturan, apan teukaraos ku Ibu mah. Tapikétang....astagfirullohaladzim......hapun ten Titi, Bu....enya Ibu teu ngaraosdiseungseurikeun, tapi apan Ibu nungaraos capéna milari artos keur erokieu. Hapunten Titi, Ibu. Teu karasacipanon ngalémbéréh mapay pipi.

“Ssttttt.......enggeus atuh, Ti....tongdipikiran, pan salila ieu Titi mah taraéléh ku nu kararitu. Antep wé, engké ogéeureun sorangan, sugan,” ceuk Mira baringusapan taktak.

Bener ceuk Mira, kuring teu meu-nang mikiran soal-soal nu matak nga-ganggu kana kagiatan kuring sorangan.

Bisi jadi teu bisa maca buku, ngerjakeuntugas, ngajar barudak.....ah, karugi-rugi.Rék hantem waé ngananaha Ibu, kuringtéh tangtu teu bisa. Kapan nyata, Ibu téhibu rumah tangga anu salami aya Bapahenteu diwowoy ku sabangsaninggagayaan. Keur mah Ibu téh asli urangkampung bau lisung, anu ti aalit ku Ninitara teuing digagaya. Pruk ngahiji kaBapa, pagawé negri rendahan anu gajih -na teu sabaraha. Boga anak tilu, tangtulain biayaaneun eutik-eutik. Ibu tangtukudu neruskeun kabasajananana salilahirup jeung Bapa. Najan enya gaul, Ibutangtu teu bisa ngarobah watekna anugeus dipaksa “ngampung” ti lelembut.Lain pagawéan énténg-énténg, ngim-bangan pergaulan anu tangtu butuhbiaya. Ibu saayana Ibu....Ibu anu dinangurus putra-putrana ogé angger kitu.Kari kuring jeung adi-adi anu kudu bisarada ngarobah kondisi nu “ngampung”ieu. Saeutik-saeutik kuring mimiti diajar“gaya” ka Mira. Najan teu gampang.Komo bari “dicampuran” kénéh kubarang-barang pamasihan Ibu. Kawaserok ieu.

Dalah dikumaha, kuring kudu iklasnarima sagala rupana. Kaasup Ibu, in-dung nu geus satékah polah ngurus ku -ring ti leuleutik nepi ka ayeuna. Kuringkudu yakin, taya maksud Ibu ngasuh turngagedékeun kuring pikeun jadiparawan “ngampung”. Kuring nu kududaék tur bisa ngarobah diri sorangan.Hatur nuhun, Ibu.***

Sarah Oktaviani: Juara Modél Busana Batik

Nami lengkepna Sarah Oktaviani, tapi sok padanyebut mah Sarah baé.Bungsu ti 5 sadulur di kulawarga Bapa Dédi Sunardi sareng Ibu EnokSuhanah ieu dibabarkeun di Bandung kaping 13 Oktober 1995. Karesep -

na kana dipoto jeung jadi modél, kaasup karesep anu nemen ti bubudak. Buktina,najan kiwari umurna ka wilang ngora kénéh, sakolana di kelas XII SMKN 15 Ban-dung, Sarah geus kungsi nyangking sababaraha kajuaraan dina widang potomodél.

Di antarana baé, Sarah anu mikaresep seni téater jeung olah raga renang ieu,kungsi jadi Juara 3 Pemilihan Bintang Sinétron jeung jadi Finalis Lomba ModélBusana Batik.

“Insya Allah, upami diparengkeun mah abdi hoyong janten modél propésio -nal,” ceuk mojang manis anu mikaresep pamaén sinétron Éza Gionino ieu teuleupas tina imutna. Tapi najan ayeuna keur ngeureuyeuh widang poto modél,Sarah anu panga wakanana sampulur 166 cm/50 kg ieu, tangtu henteu poho kanakawajibanana salaku pelajar.

“Tanggung jawab penting pisan dina ngalakonan kahirupan. Margi apan “mylife is my choise”.....hirup téh apan pilihan urang masing-masing. Hadé gorénghasilna, tangtos gumantung kana hadé goréngna usaha urang,” Sarah, anu bumi -na di J. Ahmad Yani Gg. Samsi III No. 12 Bandung, mungkas obrolanana jeungMR. ***(Naskah/ Narti; Potrét: Réisyan)

Page 55: Mangle 2467

Manglé 246754

CCamara Kampus

Rengse Rektor ITB Prof.Akhmaloka, PhD., macakeunpangbageana dina Sidang Ter-

buka Dies Natalis ka-55 ITB di AulaBarat Jalan Ganesha 10 Ban-dung(3/3), nu miharep ITB kudu jadipamingpin dina opini/infut kebijakan.ITB kudu jadi pangjaga niley keurlingkungan sabudeureunana jeungnagara na. ITB bakal “nothing to lose”,terus maju teu kapangaruhan pasua -lan di luar.ITB bakal terus berjuangsangkan Indonesia mroduksi teknologisendiri, sok sanajan aya pihak nuleuwih ngalulugukeun imporbarang/teknologi pikeun kapentingan -na sorangan tibatan mekarkeunteknologi di jero negri, Prof.Dr. Setia -wan Sabana, MFA, madep ka hareupmedar orasi ilmiahna “Wajah SeniRupa Indonesia Masa Kini: Komplek-sitas Perkembangan dan KreativitasSeni”. Saacanna der orasi ieu GuruBesar FSRD ITB nu “nyeniman” tehngagodeg-godegkeun mastakanaheula, laju babatek “warming up” jiganu rek olahraga, atuh dikeprokan kuhadirin.

Saur Pa Wawan (nenehna Prof.Setia wan Sabana), tatanan niley/ajen-inajen dina kahirupan terus robah.Peristiwa seni salaku refleksi tinakahirupan keur ‘bergerak’ ngigelanjaman. Umpamana wae kiwari mediakonvensional kayaning keretas, kan-vas, cat air, cat minyak/akrilik, oge,tanah liat(taneuh angir), batu, tam-baga, resin keur nyanghareupan ka-majuan teknologi mutahir rupa-rupabahan (material), bentuk, jeung fungsi,sarta kacanggihanana. Sakabeh etajadi inspirasi/ilham keur seniman dinangalahirkeun karya senina. Umpama -na dina nyieun sketsa nu baheula di -tulis ku patlot dina lambaran keretas,kiwari bisa make alat (stylus pen) nudigerakeun dina layar. Rupa-rupa efekvisual gampang direka-rekana make“photosoft” jeung alat “mouse”.

Kitu deui dina hal atikan/pen-

didikan seniman nu baheulana bisangaliwatan proses belajar non formaldina bentuk “sanggar” atawa otodidak,kiwari geus robah, “perhelatan” senirupa mangsa kiwari sacara signifikanditandaan ku kiprah seniman jeungpakar-pakar seni nu kasangtukangatikanana paguron luhur seni.Buktingaronjatna animo kana palajaranseni bisa dititenan ku balataknapaguron-pagurun luhur seni sapertiInstitut Seni Indonesia (ISI) di Yogya -karta, Solo, Denmpasar, jeung PadangPanjang, sarta Institu Seni Budaya In-donesia di Bandung (nu baheulaASTI/STSI), atawa Institut KesenianJakarta (IKJ) di Batawi nu dijeronangamuat rupa-rupa disiplin (jurusan)seni (tari, karawitan, teater, seni rupa,film, jsb) dina hiji institusi. Oge kuayana Fakultas Seni Rupa dan Desain(FSRD) ITB nu ngarendeng jeungkaelmuan sains, teknologi, sarta bisnisjeung manajemen, oge. Di IKIP(IlmuKeguruan dan Ilmu Pendidikan) nu ki-wari robah jadi UPI (Universitas Pen-didikan Indonesia), nu medalkeun

tanaga (sarjana) pendidikan jeungprofesional seni (kesenimanan), sartaFakultas Sasta Unpad nu kiwari robahjadi Fakultas Ilmu Budaya (FIB), di-jerona aya kajian seni.

Dina hal karya seni: demokratisasikreativitas dina rohangan urban,pelaku seni rupa urban ngamalirkeunrasa senina dina rohangan-rohangantertutup atawa terbuka nepi ka roha -ngan publik. Pikeun maranehnadayeuh jeung sagala fasilitas publiknabadis hiji kanvas atawa rohangan ga-leri raksasa nu inspiratif. Objek numangrupa patung jlug-jleg di roha -ngan publik tertutuip/terbuka. Objekseni ge teu ngan saukur monumenpaja ngan tapi jadi bagea publiknajeung bisa dipake tempat arulin baru-dak. Ruangan kota ge dihias seni rupajalanan (street art), kayaning grafiti/mural boh nu pangangguran/ isengatawa seurieus, aya legal jeung liar, ayanu nganggap “vandal” aya nu ngang-gap panghias kota.Ku ayana hal ieu,kudu aya perhatian ti nu daria jeungaktif ti pemkot, “Walikota pantes di-daulat jadi ‘waliseni’ / ‘walibudaya’ nukudu mere motivasi jeung kebijakandemi mekarna kreativitas masarakat,seni jeung budaya hiji kota”, kitu saurPa Wawan, diantarana.Rengsemacakeun orasi ilmiahna, anjeunna gemaca sajak “Bagaimana Aku Melukis”yasana Acep Iwan Saidi (AIS) baridipirig ku biola, “Aku melukis di negeriyang tengah sakit”, saurna bari ram-bisak.

Kagiatan milangkala ITB harita gedieusi ku pamasrahan “shuttle” beusti BRI ka pihak ITB pikeun angkutanmahasiswa ruteu kampus ITB Gane-sha – kampus ITB Jatinangor jeungteu poho pangajen ka dosen jeungkaryawan nu aktif, maren, jeung nuparantos almarhum , oge direuah-reuah ku Paduam Suara MahasiswaITB jeung Kasenian Angklung numintonkeun lagu-lagu The Beat-les.***ASEP GP.

Paringetan Dies Ka-55 Insitut Teknologi Bandung

Prof. Dr. Setiawan Sabana & Wajah Seni Rupa Indonesia Kiwari

Prof. Setiawan Sabana “Wajah Seni

Rupa Indonesia Mangsa Kiwari”

Page 56: Mangle 2467

55Manglé 2467

TTarucing Cakra

KA GIGIR:1. Sawah4. Métode7. Campur9. Sato nu cucukan11. Jalma jujur jeung gedé wawanén13. Percaya15. Golongan tingkatan dina agamaHindu18. Cai20. Jurig awéwéna21. Sato anu leueur awakna22. Tutumpakan nu ditarik ku kuda25. Sato padang pasir28. Cahara30. Purah nalingakeun nu digarawé33. Sok dibeulitkeun dina kerah baju34. Tempat matuh nu digarawé35. Alus tur tohaga (wangunan)

KA HANDAP:1. Tempat jauh nu hésé disaba2. Hujan (Inggris)3. Sato dina kapercayaan urang Cina4. Wangun sastra5. Nyanyi bareng duaan6. Kuburan8. Bapana kolot urang10. Paranti méré cisusu12. Kuno14. Ukuran waktu16. Panjara

17. Bentang pilem lalaki19. Sukma, lelembutan21. Sarupa sendal tina kai23. Aksara Arab24. Hurang leutik26. Niat atawa jangji nu bakal dilaksana -keun mun hasil maksud27. Angkatan Muda Siliwangi29. Kabiasaan31. Kuring (basa kasar)32. Hampas tahu

Waleran diserat dina kartu pos, témpélanKupon Tarucing Cakra No. 1433. Kintunkeun ka Majalah Manglé Jl. Lodaya 19 Bandung 40262 paling leuirdua minggu saparantosna medal.

Nu kagiliran kénging hadiah TarucingCakra No. 1431:

1. Hj. Latifah NataprawiraJl. Samarinda 38Antapani - Bandung 40291

2. Renny RosmawatiJl. Cisirung RT 04/03Kab. Bandung

3. Adang KadarismanMargaluyu Ciamis Km 10Ciamis

1433K U P O N

TARUCING CAKRANO.

Hadiah masing - masing Rp. 15.000,-

Waleran TTS 1431

Page 57: Mangle 2467

Manglé 246756

LLempa Lempi Lempong

“Alhamdulillah.”“Hih, jol alhamdulillah baé,

Lo?”“Antukna mah bisal dilaksana -

keun di Bandung, Mang.”“Naon téa?”“Pertandingan Persib

ngalawan Persija, Mang.”“Oh.”“Lantaran mun bedo maén di

Bandung, tangtu Persib rugi,moal bisa ngamangpaatkeun lagakandang.”

“Laga élklasiko disebutna ogé.Nurutan istilah dina liga sepa-nyol, pertandingan antaraBarcelona lawan Real mandridtéa geuning, Lo.”

“Sok panas pertandingan él -klasiko mah, Mang.”

“Enya. Tapi di batur mahpanasna téh ukur dina pertandi -

ngan, ukur di lapangan, Lo.”“Ari di urang?”“Panas nepi ka luar lapangan.

Malah nepi ka tempat-tempatséjénna nu taya hubungananajeung pertandingan.”

“Bobotoh silih kakalakeunjeung De Jék nya, Mang?”

“Enya. Nepi ka aya nu jadikor ban kapan. Hal éta pisan nungalantarankeun pihak ke-polisian, sababaraha waktu nukaliwat, teu ngidinan pertandi -ngan Persib jeung Persija di-ayakeun di Kota Bandung jeungkota-kota séjénna di Jawa Barat.”

“Bener, Mang. Pacéngkadanantara bobotoh jeung de jék téhbangun nu geus karahaan, hésépisan diungkulanana. MalahGuper nur DKI jeung GupernurJawa Barat ogé nepi ka kungsi

madungdengkeun éta pasualan.”“Ku ayana éta pasualan,

Persib téh jadi kabawa rugi.”“Enya.”“Kiwari, bobotoh geus jangji

bakal tartib. Sarta antuknaPersib bisa ngalaksanakeunpertan dingan ngalawan Persija diBandung.”

“Ahamdulillah.”“Muga-muga baé bobotoh téh

beuki déwasa, Mang. Henteumilam pah hal-hal anu matak rugika saréréa.”

“Enya. Keun baé ari panasnaukur di lapangan mah, dangaranna ogé hiburan.”

“Kalah jadi leuwih nikmatlalajona nyah, Mang.”

“Nikmat sotéh lamun panasnamasih kénéh aya dina koridorsportip. Lamun nu maraénnapanas nepi ka buk-bek mah asanikmat kénéh lalajo tinju.”

“Satuju, Mang.”“Muga-muga baé bobotoh

jeung de jék bisa bener-benerdaméy. Sarta engké Persib bisangéléhkeun Persija, jeung kleub-kleub lianna, tuluy jadi juara.”

“Amin.”“Pan nikmat ngabandungan -

ana ogé.”“Ngabandungan naon, Mang?”“Ngabandungan bobotoh

tartib, Persib juara.”***

Persib VS Persija