Dongeng Sasakala Situ Bagendit
description
Transcript of Dongeng Sasakala Situ Bagendit
Sasakala Situ Bagendit
Di wewengkon Banyuresmi Kabupatén Garut, aya situ anu néplak lega,
ngaranna Situ Bagendit. Pamandangan di Situ Bagendit pohara éndahna. Nepi ka
ayeuna ogé sok loba nu ulin ka Situ Bagendit ngadon lalayaran jeung balakécrakan.
Ceuk ujaring carita, baheulana mah di éta wewengkon teu aya situ teu sing. Nu aya
téh ngaran pilemburan jeung pasawahan waé. Ari dongéngna nepi ka aya situ téh
kieu:
Di tengah lembur aya imah anu nenggang tinu séjén. Nenggang sotéh lain
hartina anggang, tapi nenggang bédana ti nu imah nu aya di sabudeureunana. Di
lembur éta teu aya deui nu imahna nu mapakan gedéna jeung sigrongna salian imah
Nyi Endit.
Nyi Endit téh randa pangbeungharna di éta lembur. Imahna ogé pan sakitu
agréngna, atuh kakayaanana lain ukur lega sawah jeung kebonna, emas jeung berlian
gé dipetian. Nyi Endit mah lain waé kasohor ku bengharna tapi ogé kasohor ku
peditna. Sakitu rajakaya ngaleuya, asup kana paribasa ”bru di juru bro di panto
ngalayah di tengah imah” tapi tara daék barang béré atawa tutulung kanu butuh. Hasil
tatanén kajeun buruk jadi runtah batan dibikeun ka tatangga mah. Padahal di éta
lembur téh teu saeutik jalma anu sangsara, loba jalma anu dahar isuk heunteu soré.
Malah teu saeutik anu maot alatan ku kalaparan. Éta oge sok aya anu lahlahan
nepungan Nyi Endit niat ménta tulung, tapi lain dibahanan ku pangbutuh kalah diusir
bari dicarékan.Teu saeutik jalma anu nyeri hate nepi ka ceurik balilihan kanyenyerian
ku Nyi Endit. Loba rahayat anu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi
Endit nu taya pisan boga niat nalang ka nu keur susah.
Cunduk dina hiji waktu, aya aki-aki rudin leumpangna jajagrijeugan kundang
iteuk. Ku saliwat nu carinakdak lantaran teu geunah ku paripolah Nyi Endit anu taya
pisan téh kawas nu kalaparan. Nu dijugjug ku aki-aki téh imah Nyi Endit. Barang nepi
ka buruan gedong téh ak-aki usuk salam, Nyi Endit anu kabeneran keur ngadaweung
di tepas imah bari balakécrakan lain ditembalan ku kecap nu soméah. Nempo aki-aki
rudin téh Nyi Endit nyirintil bari ngahoak. ”Rék naon datang kadieu. Rék barang
pénta ? Indit ! Kami moal rék mikeunan dahareun.”
Sakitu aki-aki lumengis bari nyebutkeun lapar, Nyi Endit boro-boro aya rasa
karunya kalah popolotot nitah indit. Méméh ngaléos éta aki-aki téh nyarita kénéh ka
Nyi Endit. “Mangkahadé anjeun poho, harta banda téh ukur pihapéan. Dunya barana
mah ngan ukur titipan. Nu ku anjeun dipikaboga mah iwal ti amal hade jeung kanyaah
ka sasama. Lamun nyaah teuing kana dunya urang bisi cilaka !” Aki-aki ngaléos indit
tapi saméméhna nancebkeun heula iteukna di tengah pakarangan imah Nyi Endit.
Nempo iteuk nanceb ku Nyi Endit gancang dicabut bari dibalangkeun. Bet ku anéh,
tina urut iteuk nanceb téh kaluar cai. Mimitina mah cai téh ukur ngaburial lila-lila
mah mancer tarik pisan. Cai tina urut iteuk nanceb teu eureun-eureun. Mimiti ngan
ukur ngumplang di pakarangan, lila-lila leleban caah. Cai beuki gagulidang, Nyi Endit
geumpeur. Nempo lembur kakeueum ku cai téh Nyi Endit mah lain nyingkah car
batur tapi kalah ngeukeupan peti nu eusina emas berlian.
Teu kungsi lila ti harita lembur salin rupa jadi situ. Lembur jeung harta Nyi
Endit kakeueum di dasar situ. Cenah mah ceuk nu nyaho Nyi Endit jadi léntah nu
gedé nu reunceum ku perhiasan.
Paingan ceuk aki-aki téa, dunya jeung harta banda ukur titipan. Geuning Nyi
Endit gé kalah cilaka ari loba harta bari teu daék amal hadé mah.
Tugas Bahasa Sunda
Maca Dongeng
Diajukeun pikeun salah sahiji tugas Bahasa Sunda
Disusun ku:
Dheanira Clara
Kelas : XII IPA 6
Absen : 09
SMA NEGERI 2 CIMAHI
JL. KPAD Sriwijaya IX No. 45 Cimahi Telp. (022) 6652715
http://www.smandaci.sch.id
email : [email protected]