BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong...

18
BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA Kampung Siaga COVID-19

Transcript of BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong...

Page 1: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

BUKU SAKU

NYINGLAR VIRUS KORONA

Kampung Siaga COVID-19

Page 2: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

NYINGLAR VIRUS KORONA

Kampung Siaga COVID-19

Page 3: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Buku Saku Nyinglar Korona - Kampung Siaga COVID-19

Koordinator Pelaksana & Penyunting Utama Gustaff H. Iskandar

AdministrasiReina WulansariBonafasius Hendra Purnama

Pengarah Artistik Tizar Ahmad Firmansyah

PenerjemahDadan SutisnaGustaff H. IskandarTizar Ahmad Firmansyah

Perancang Grafis & Tata Letak Tizar Ahmad Firmansyah (Studio Ilustrasi 1%)

Penerbit Common Room Networks Foundation (Common Room), Bandung

Alamat Common Room Networks Foundation (Common Room) Jl. Cigadung Asri I No.3, Kel. Cigadung, Kec. Cibeunying Kaler, Kota Bandung, Jawa Barat 40191URL: http://www.commonroom.infoSurel/email: [email protected]/ig: @commonroom_id

Diterbitkan atas dukungan UK aid

ISBN: 978-623-93650-1-1 (PDF)Cetakan Pertama | Mei 2020Ukuran | 14,8 cm x 21 cm

Buku ini dilisensikan di bawah lisensi Creative Commons Atribusi-NonKomersial-BerbagiSerupa 4.0 Internasional (CC BY-NC-SA 4.0). Untuk melihat salinan lisensi terkait silahkan kunjungi laman berikut ini: https://creativecommons.org/licenses/by-nc-sa/4.0/deed.id.

NYINGLAR VIRUS KORONA

Kampung Siaga COVID-19

Page 4: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Daftar Eusi

Kaca 01. Naon Ari Virus Corona Atawa COVID-19 Téh?

Kaca 02. Kumaha Carana Virus Corona Népa Ka Batur Téh?

Kaca 03. Ciri Jeung Gejala Panyawat Virus Corona

Kaca 04. Nyinglar Virus Corona

Kaca 05. Saha Nu Paling Gampang Katépaan Ku Virus Corona?

Kaca 06. Naon Anu Kudu Dilakukeun Lamun Karék Balik Ka Imah?

Kaca 07. Cara Tarapti Ngumbah Panangan

Kaca 08. Naon Sih Ari OTG, ODP, Jeung PDP Téh?

Kaca 09. Saumpama Urang Janten Orang Tanpa Gejala (OTG)

Kaca 10. Saumpama Urang Janten Orang Dalam Pemantauan (ODP)

Saumpama Urang Janten Pasien Dalam Pengawasan (PDP)

Kaca 11. Bantuan, Ulah Dijauhan

Kaca 12. Kudu Resik, Jaga Kabersihan Jeung Lingkungan Imah Urang

Kaca 13. Tata Cara Ngadamel Kampung Siaga COVID-19

Kaca 14. Tata Cara & Tugas Rélawan Kampung Siaga COVID-19

Kaca 20. Daftar Istilah Ku Basa Sunda

Page 5: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Pangjajap Buku Saku Nyinglar Virus Korona - Kampung Siaga COVID-19

Assalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Sampurasun!

Kalayan dina kasempetan ieu, sim kuring ngawakilan Common Room mikarep widi ti Gusti Nu Maha Suci, jembar panghibar tinu Maha Kawasa, sinareng restu pangwuwuh ti Para Karuhun. Nyuhunkeun dihapunten ka para sepuh kubilihna aya kecap anu teu pantes & kirang saé didugikaeun dina seratan ieu. Dina ahir taun 2019 sakabéh warga dunya nyanghareupan pagebug Virus Korona anu dugika ayeuna parantos sumebar ka loba nagara-nagara sadunya, kalebet di Indonésia.

Pandémi Virus Korona anu disebat ogé COVID-19 panginten mangrupikeun sasalad anu kacida badagna, kumargi dugika samet ayeuna parantos nyababkeun pupusna ratusan rébu nyawa dina waktu anu singget. Kukituna, Common Room salaku lembaga anu ngadukung prosés kolaborasi sareng inovasi komunitas kota & desa, rumaos kedah ngiring aub, riung mungpulung ngajaga, ngariksa, sareng ngirangan dampak tétélépa wabah Virus Korona atawa COVID-19 di masarakat, khususna anu aya di palihan palemburan Jawa Barat.

Buku saku ieu mangrupikeun salah sahiji daya upaya anu dilampahan pikeun ngadukung para relawan Kampung Siaga COVID-19 di Jawa Barat, khususna masarakat adat Kasepuhan Ciptagelar anu aya di palihan Dusun Sukamulya, Desa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupaten Sukabumi. Di lebetna aya sababaraha informasi anu patali pakait sareng cacahan anu umum perkawis COVID-19, sareng tata cara ngirangan sumebarna Virus Korona ka pala wargi, dulur & baraya urang anu aya di mana baé. Mudah-mudahan tarékah ieu tiasa oge ngabantosan ngirangan dampak pandémik ka urang sadayana.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngahaturkeun sewu nuhun ka Abah Ugi Sugriana salaku pupuhu masarakat adat Kasepuhan Ciptagelar, Bapa Iwan Suwandri salaku Jaro Desa Sirnaresmi, sakabehna balad di FPRB Jawa Barat, oge sakumna tim Common Room sareng DFID & UK aid anu parantos ngadukung inisiatip ieu. Sim kuring yakin yén upaya ieu mangrupikeun léngkah leutik anu penting pikeun urang sadayana kanggo megatkeun panyebaran pandémi anu ayeuna nuju sumebar di mana-mana. Kukituna sim kuring ogé bade nganuhunkeun ka sakabéh pihak anu aub ngiring riung mungpulung, gotong royong ngabantuan sagala daya upaya anu parantos dilampahan kanggo nyanghareupan pagebug COVID-19. Hayu urang sabilulungan ngajaga lembur, dulur & baraya urang sadayana. Babarengan nyinglar Virus Korona!

Bandung, 01/05/2020

Gustaff H. IskandarCommon Room

Page 6: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Kumaha Carana VIRUS CORONA

Bisa Nepa Ka Batur Téh?

Tinu Droplét. Nyaéta kékécrétan tina irung atawa baham batuk batur anu tos katepaan ku Virus Korona. Kékécrétan éta bisa narapel dina pirang-pirang barang. Dina pangdiukan, méja, kadaharan, baju, atawa langsung kaseuseup ku jalma anu keur padeukeut.

Upama nu katerap ku Virus Korona beresin atawa batuk, kékécrétan tina irung atawa bahamna narapel dina pirang-pirang barang. Boh pangdiukan, méja, kadaharan, baju, atawa langsung kaseuseup ku jalma nu padeukeut.

Upama nu beresin ditutupan ku dampal leungeun, tuluy nyabak gagang panto, gelas, piring, atawa naon baé, éta virus bisa milu napel. Lilana virus napel dina barang-barang téh rupa-rupa; aya nu jam-jaman, aya ogé nu sababaraha poé. Mun éta barang kacabak deui ku nu cageur, tuluy gigisik atawa nyabak irung, virusna bisa tépa. Tidinya mah tuluy baé narétélan ka nu séjén.

Naon AriVIRUS CORONA

AtawaCOVID-19 TÉH?

Virus Corona atawa COVID-19 téh ngaran panyawat anu tatalépa (nular) ti hiji jalma ka jalma lianna. Nyebarna gancang pisan. Saha baé bisa katépaan. Ieu panyawat diliarkeun ku virus nu disebut Coronavirus. Ari ngaran panyawatnamah disebat Coronavirus Disease-2019 atawa COVID-19. Tapi di urang mah sok disebut Virus Korona baé.

Virus Korona saéstuna boga jinis & variasi anu seeur pisan. Aya nu tiasa népa ka sasatoan, sabangsaning ucing & anjing. Tapi aya ogé jinis Virus Korona anu tiasa népa ka jelema, nyaéta COVID-19 téa.

Dugika samet ayeuna (01/05/2020), kirang langkung tos aya 3.3 juta jelema anu kantos katepaan di sakabéh nagara-nagara di dunya. Kukituna aya 234 rébu korban jiwa anu maot pédah ku panyawat COVID-19. Di Indonesia, ayeuna téh tos aya sakirangna 10 rébu kasus & kirang langkung aya 792 jelema anu tos pupus ku panyawat ieu.

Hal. 01 Hal. 02

Tuluy éta virus bisa kabawa ogé ku urang pas keur ngobrol padeukeut, nyémah, atawa pas nuju ngariung mungpulung jeung loba jelema. Éta panyakit Virus Korona ogé

bisa népa ka urang lamun aya kontak fisik atawa éta jelema nu keur

geuring aya saruangan jeung urang.

Page 7: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

CIRI JEUNG GEJALA PANYAWATVIRUS CORONA

NYINGLARVIRUS CORONA

Demam >38oC

Umumna mah dimimitian ku salésma, balideg, nyeri neureuy, batuk ngéhkéh, jeung awak nyebrét panas. Mun geus kanceuh, ka dituna tuluy leuleus jeung linu saawak-awak, ditambah ku sesek nepi ka hésé ngarénghap.

Tapi teu salawasna kitu, lantaran kamampuh jelema ngalawan éta panyawat béda-béda. Keur ngayakinkeun katerap henteuna mah, urang kudu dipariksa ku pagawe kaséhatan.

Tapi upama saméméh usum sasalad urang sok batuk atawa eungap, komo bari teu kungsi padeukeut jeung nu geus katerap mah, aya kamungkinan lain katépaan ku Virus Korona. Boa étamah salatri, kabulusan, atawa abus angin. Mung améh pasti manawi tiasa diparios heula.

Hal. 03 Hal. 04

Rajin wawasuh. Ganti baju unggalbérés digawé atawabalik lalampahan.

Cicing di imah lamuneweuh kaperluan.

Kudu maké maskerlamun indit-inditan.

Jaga jarak.Minimal 1,5 meter.

Ulah gigisik atawa lobangusap beungeut.

Muriang, nyongkab harééng dugika ≥ 38˚C.

Batuk, pilek jeung nyeri tikoroBatuk, nyeri tikoro, galingging panas tiris & hésé neleg.

Letih & LesuAwak laleleus, lalungsé jeung nyareri awak.

EungapEungap, hese ngarenghap salah sahiji tanda anu geus kronis, kudu buru-buru dibawa ku petugas ka rumah sakit.

Page 8: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Saha Nu PalingGampang Katépaan Ku

VIRUS CORONA?

Naon Anu Kudu DilakukeunLamun Karék Balik Ka Imah?

Hal. 05 Hal. 06

Tapi ulah ringrang upami urang kudu nyanghareupan Virus Korona. Kirang langkung 98% jalmi nu katépaan ku panyawat ieu bisa cageur. Mung ieu panyawat téh tiasa mateni upami nepaan jalmi anu tos sepuh atawa nu ngabogaan panyawat kronis samisalna tekanan darah tinggi, penyakit jantung koroner, jeung diabetes (panyakit gula).

Kukituna hayu urang ngajaga, ngariksa dulur & baraya anu ngagaduhan risiko gampang katepaan Virus Korona. Sementawismah wayahna titah cicing heula di imah, jaga kasehatan, tuang dahareun bergizi, upami tiasa nginum ubar & vitamin ameh jagjag waringkas. Upami di bumi aya nu gering katépaan Virus Korona wayahna titah jaga jarak heula.

Kukumbah suku jeungsendalna maké sabun,saméméh abus ka imah.

Geuwat ganti baju tuluy wawasuh awak atawa mandi baé.

Ngabersihan pakakas jeungpakarang urut digawé.

Nu ngabogaan risiko & paling gampang katépaan ku Virus Korona nyaéta tangtosna jalmi sepuh samisalna kolot urang.

Page 9: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Cara TaraptiNgumbah Panangan

Naon Sih AriOTG, ODP & PDP Téh?

Pasien Dalam Pengawasan (PDP)

Hal. 07 Hal. 08

Orang Tanpa Gejala (OTG)OTG téh wancahan tina Orang Tanpa Gejala, nyaéta jalma anu teu nyirikeun boga panyawat Virus Korona tapi boga risiko katepaan ku pasén positip COVID-19. Biasana OTG gaduh hubungan anu caket sareng pasén positip COVID-19. Hubungan anu caket nyaéta mangrupikeun aya kontak fisik, pernah sakamar, kantos ngalongok, atawa pernah paamprok dina radius 1 meter kalayan pasén positip PDP atanapi COVID-19, salami 2 dinten sateuacan kasus gejala lumangsung, dugi ka 14 dinten saatos timbul gejala.

Orang Dalam Pemantauan (ODP)ODP téh wancahan tina Orang Dalam Pemantauan, nyaéta:

(1) jalma anu tara-tara ti sasari kaserang nyongkab panas ≥ 38°C, batuk, nyeri tikoro, galingging panas tiris, tapi teu kungsi padeukeut jeung nu geus positip gaduh panyawat COVID-19. Nu kieu mah teu kudu dirawat di rumah sakit, bisa diubaran di imah; atawa

(2) jalma nu kacirina séhat tapi kungsi padeukeut jeung nu geus positip gaduh panyawat COVID-19.

PDP téh wancahan tina Pasén Dalam Pengawasan, nyaéta jalma kaserang nyongkab panas ≥ 38°C, batuk, nyeri tikoro, galingging panas tiris, sarta kungsi padeukeut jeung nu geus positip gaduh panyawat COVID-19. PDP mah kedah dirawat di rumah sakit jeung dipariksa di laboratorium pikeun muguhkeun positip henteuna. PDP sok disebut ogé suspék.

Page 10: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Saumpama Urang JantenOrang Tanpa Gejala

(OTG)

Saumpama Urang JantenOrang Dalam

Pemantauan (ODP)Pasien Dalam

Pengawasan (PDP)

Hal. 09 Hal. 10

• CICING DI IMAH

• ULAH INDIT-INDITAN

• ULAH NARIMA SEMAH HEULA

• ULAH PADEKEUT HEULA

LAMUN NGARIUNG JEUNG

KULAWARGA DI IMAH

• CICING DI KAMAR

• ULAH PAAMPROK HEULA JEUNG

BATUR & DULUR

• MAKE JAMBAN ANU BÉDA

• MANDI LAMUN KABÉH KULAWARGA

DI IMAH TOS RÉNGSÉ

• DAHAR MAKÉ PARABOT NU BÉDA JEUNG

KUDU DIPISAH SARENG NU SANÉSNA

LAMUN KONDISI LANGKUNG PARAH GEURA BÉJAAN KADER/RÉLAWAN COVID-19 DI DESA

Page 11: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

BANTUAN,ULAH DIJAUHAN

KUDU RESIK.JAGA KABERSIHAN & LINGKUNGAN

IMAH URANG.

Hal. 11 Hal. 12

Lamun aya dulur atawa warga nu OTG, ODP, atawa PDP, ulah didiskriminasi. Maranéhna kapaksa ngerem di imah pédah kudu ngajaga warga & dulurna améh teu katépaan ku Virus Korona.

Éta dulur & wargi urang kantos bakal sesah nyumponan kaperyogian sadidinten pedah teu meunang hanjat ti imahna. Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten.

Bantuan ti urang tiasa sapertos dukungan moral, nanyaan kabar nganggé hapé. Tiasa ogé méré bantuan sembako, dahareun, atawa landong anu diperyogikeun unggal dinten.

Page 12: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Tata Cara NgadamelKampung SiagaCOVID-19

Tata Cara & Tugas RélawanKampung Siaga COVID-19

Ngadata warga anu gampang & rentan katepaan panyawat.

Hal. 13 Hal. 14

Ngabentuk Relawan Kampung Siaga COVID-19:Ngadamel susunan kelompok Rélawan Kampung Siaga COVID-19 anu saluyu sareng Surat Edaran Menteri Desa PDTT Nomor 8 tahun 2020 tanggal 24 Maret 2020 tentang Desa Tanggap COVID-19 dan Penegasan Padat Karya Tunai Desa (PKTD).Nyusun rencana kerja anu saluyu sareng Surat Edaran Menteri Desa PDTT Nomor 8 tahun 2020 tanggal 24 Maret 2020 tentang Desa Tanggap COVID-19 dan Penegasan Padat Karya Tunai Desa (PKTD) terkait dengan langkah-langkah pencegahan dan penanga-nan COVID-19.Ngadegkeun pos komando (posko) Tanggap COVID-19 di unggal dusun atawa palemburan, utamina di kantor Kepala Desa, Jaro atawa Kuwu. Posko Tanggap COVID-19 ogé tiasa dijieun di patem-patan anu merenah kanggo kegiatan warga anu sanésna.Nyiapkeun peralatan, bahan, sareng fasilitas kanggo operasional Posko Tanggap COVID-19.Ngadamel kagiatan atikan ngeunaan wabah COVID-19 ka warga diunggal lembur & dusun.Kabéh kagiatan atikan, penyuluhan atawa cacahan ngeunaan wabah COVID-19 tiasa dipigawé ku Rélawan Kampung Siaga COVID-19 atawa ku saha-saha baé anu kantos berkoordinasi sareng Ketua Tim Relawan Kampung Siaga COVID-19.Ngawawar & nyacahkeun informasi anu patali pakait sareng cara-ciri penularan sareng pencegahan panyawat COVID-19 anu saluyu sareng tata cara umum ti lembaga kesehatan internasional (WHO).Tata cara ngawawar informasi tiasa nganggé pamflét, poster, span-duk, brosur, baliho, radio & TV komunitas, pengeras suara di tempat ibadah, bari ngaronda di desa, atawa nganggé internet & media sosial.

Wargi anu rentan kana panyawat nyaéta:

• Wargi sepuh (langkung ti 60 taun)

• Budak leutik (kirang ti 5 taun)

• Jalma anu ngagaduhan panyawat kronis bawaan, atawa panyakit kronis nu sanésna sapertos:

˗ Diabetes

˗ Jantung

˗ Liver

˗ Darah tinggi

˗ Jeung sajabina.

• Pendataan dilaksanakeun ku Rélawan Kampung Siaga COVID-19 anu berkoordinasi sareng patugas ti Puskesmas atanapi patugas kaséhatan anu aya di unggal lembur atawa kadusunan.

Page 13: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Ngadamel FasilitasRuang Isolasi.

Hal. 15 Hal. 16

Ruangan Isolasi nyaéta mangrupi fasilitas desa atanapi fasilitas masyarakat anu disiapkeun ku Rélawan Kampung Siaga COVID-19 sareng parantos disarankeun ku Puskesmas salaku lembaga anu katugasan ngayakeun layanan kasehatan kanggo warga desa.

Ruang Isolasi tiasa didamel di sakola, tempat-tempat ibadah, balé desa, atanapi bumi anu diséwa.

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah tiasa nyayogikeun perlengkapan logistik sareng peralatan Ruang Isolasi.

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah tiasa nyayogikeun fasilitas bebersih di Ruang Isolasi, utamina kanggo wawasuh, mandi & cuci kakus (MCK).

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah tiasa nyayogikeun ranjang anu bersih & merenah di Ruang Isolasi.

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah tiasa nyayogikeun aliran listrik sareng cai bersih ka Ruang Isolasi.

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah tiasa nyayogikeun informasi ngeunaan upaya pencegahan sareng pengobatan COVID-19 di lemburna sewang-sewang.

Ruang Isolasi kedah tiasa dipaké pikeun panyicingan Orang Dalam Pemantauan (ODP).

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah tiasa ngatur ODP saluyu sareng protokol kaséhatan anu tos diadegkeun ku pamarentah.

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah lapor PDP ka Puskemas atanapi patugas kaséhatan Pemda setempat.

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah rutin nyemprot disinfektan di lemburna sewang-sewang.

• Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah nyemprot disinfektan rutin jeung ngayakeun patempatan kanggo wawasuh atawa kukumbah panangan nganggé sabun atawa cairan pembersih tangan (hand sanitizer) di patempatan anu umum.

• Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kedah ngadamel ruang isolasi & posko siaga di patempatan sareng fasilitas umum nu mangrupi sakola/PAUD, pasar, tempat ibadah, balai desa, polindes, poskesdes, jeung sajabina.

• Kagiatan Rélawan Kampung Siaga COVID-19 tiasa dilaksanakeun & didukung ngangge pola Padat Karya Tunai Desa (PKTD).

Tata Cara & Tugas RélawanKampung Siaga COVID-19

Tata Cara & Tugas RélawanKampung Siaga COVID-19

Page 14: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Ngadamel Pos Jaga Gerbang Desa (24 Jam)

Hal. 17 Hal. 18

Nyayogikeun informasi,

nomor telpon Rumah Sakit

Rujukan, nomor telpon

ambulan, oge sakabehna

nomor telpon anu penting &

patali pakait sareng urusan

COVID-19.

Ngajaga & ngemutan warga ameh pada-pada aub ka upaya pencegahan, salian ti ngajaga jarak & henteu ngadamel kagiatan anu ngalibatkeun jelema loba sarupana hajatan, ibadah massal, jeung sajabina. Rélawan Desa Lawan COVID-19 ogé kedah ngemutan warga nganggé masker upami indit-inditan ka mana baé.

Tata Cara & Tugas RélawanKampung Siaga COVID-19

Tata Cara & Tugas RélawanKampung Siaga COVID-19

Page 15: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa

Hal. 19 Hal. 20

1. COVID-19: Singkatan tina Corona Virus Desease 2019. Nyaéta panyawat anu disababkeun katépaan ku virus Corona SARS-CoV-2.2. SARS-CoV-2: Mangrupikeun nami virus nu jadi sumber atawa panyabab panyawat COVID-19.3. Orang Dalam Pemantauan (ODP): Jalmi dina pangawasan.4. Pasien Dalam Pengawasan (PDP): Pasien anu aya dina pangawasan.5. Kejadian Luar Biasa (KLB): Kajantenan anu rongkah.6. Orang Tanpa Gejala (OTG): Jalmi nu eweuh tanda-tandana ngagaduhan panyawat nanaon.7. Karantina: Tempat penampungan samentawis. Tiasa ogé maksadna patempatan atawa wilayah anu nuju ditutup atawa dikerem.8. Positif: Jalmi anu dinyatakeun parantos katépaan ku panyawat COVID-19.9. Isolasi: Cicing atawa ngerem/dikerem di bumi supados teu sumebar virus ka batur atawa balarea.10. Social Distancing (menjaga jarak sosial): Ngajagi jarak sareng batur atawa balarea.11. Rapid Test (tes cepat): Alat atawa cara anu gancang pikeun ngariksa awak jalmi anu katépaan ku virus korona atawa panyawat COVID-19.12. Cairan Disinfektan: Bahan kimia atanapi ubar anu tiasa ngabasmi kuman, bakteri, atawa virus anu jadi sumber panyawat.13. Suspect: Jalmi anu paratos kasangka ngagaduhan gejala kaserang ku panyawat COVID-19, sareng ogé jalmi anu disangka kuat parantos berhubungan sareng pasien anu positif ngagaduhan panyawat COVID-19.14. Lockdown (karantina): Mangrupi kaayaan di mana kabeh jelema di hiji patempatan atawa wilayah henteu kénging asup atanapi ninggalkeun patempatan atawa wilayah éta.15. Klaster: Sistem anu dianggé pikeun nyacahkeun asal sumebarna virus.16. Imported Case: Pangiriman anu lumangsung di luar lokasi pasien anu ngagaduhan panyawat.17. Spesimen: Mangrupikeun bagian atanapi sajumlahna bahan anu tiasa dianggo pikeun tés Virus Corona, diantawisna nyaéta cai kiih sareng ciduh jelema.18. Wabah: Kaayaan di mana wabah panyawat anu népa lumangsung ka seueur jalmi di wilayah géografis anu ageung. Biasana disebat oge sasalad atawa pagebug.19. Hand Sanitizer: Cairan anu tiasa dipaké ngirangan virus atanapi baktéri dina awak atau panangan urang.20. Local Transmision: Penularan wabah lokal atanapi pangiriman virus ti lingkungan saharita.21. Masker N95: Salah sahiji jinis peralatan perlindungan pribadi anu tiasa dipaké pikeun ngajagaan awak tina partikel anu ngabahayakeun, samisalkeun ngajagaan dina hawa anu pinuh ku virus & bakteri supados henteu kakeunaan ngetik ka awak sareng saluran pernapasan.22. Epidemi: Hiji panyawat nu bijil nimpa jalmi di hiji patempatan anu jumlahna seueur tur langkung ti jumlah normal siga biasana. Kajadian epidemi kajantenanna langkung enggal ti sabiasana wabah panyawat nu aya.23. Pandemi: Hiji panyawat nu bijil nimpa jalmi di hiji patempatan nu lega pisan sereng jumlahna seuer langkung ti jumlah normal siga biasana. Hartina tiasa oge sami sareng epidemi mung upami pandemimah langkung lega.24. Hazmat Suit (Hazardous Materials Suit): Jubah atanapi pakéan pelindung pribadi pikeun tanaga médis.25. Work From Home/WFH (bekerja dari rumah): Damel di bumi waé.

Daftar Istilah Pandemik COVID-19/Virus CoronaKu Basa Sunda

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 kudu ngadamel dokumentasi sareng laporan harian anu patali pakait sareng urusan COVID-19.

Rélawan Kampung Siaga COVID-19 wajib ngabantuan & nyayogikeun kaperluan warga anu ngagaduhan status ODP & PDP. Utamina méré rujukan, rékomendasi, sareng kaperluan sadidinten salami nuju dalam pengawasan, perawatan atawa isolasi mandiri.

Tata Cara & Tugas RélawanKampung Siaga COVID-19

Page 16: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa
Page 17: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa
Page 18: BUKU SAKU NYINGLAR VIRUS KORONA · Kukituna urang kudu aub, riung mungpulung & gotong royong ngabantuan salila waktuna ngerem anu kirang langkung 14 dinten. Bantuan ti urang tiasa