Buku guru kls 10
Click here to load reader
-
Upload
khiansantang -
Category
Education
-
view
2.423 -
download
120
Transcript of Buku guru kls 10
Rosidi, Ajip. 1966. Kesusastraan Sunda Déwasa Ini. Jatiwangi: Tjupumanik.
--------------, 1969. Djalan ke Surga. Djakarta: Gunung Agung
--------------, 1983. Ngalanglang Kasusastraan Sunda. Jakarta: Pustaka Jaya.
--------------, 1984. Manusia Sunda. Jakarta: Inti Idayu Préss.
--------------, 1989. Janté Arkidam. Bandung: Pustaka.
Resmana, Min. 1973. Hujan di Girang Caah di Urang. Bandung: Mitra Kencana.
Ruhimat, Asep. 2006. Sambel Jaer. Bandung: Puspawarna.
Rusyana, Dr. Yus. 1982. Métode Pengajaran Sastra. Bandung: Gunung Larang.
--------------, 1982. Pedaran Paribasa Sunda. Bandung: Gunung Larang.
--------------, 1982. Panyungsi Sastra. Bandung: Gunung Larang.
Salmun, M.A. 1963. Kandaga Kasusastraan Sunda. Bandung: Ganaco.
80 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
80 Pamekar DBuku Tut
Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK
Kelas X
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
2013
BASA SUNDA BASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013
Pamekar Diajar
PANYUSUN:Tatang Sumarsono
Ahmad HadiAno Karsana
Asep RuhimatDarpan
Dede KosasihH. Dingding Haerudin
H. Yayat SudaryatRisnawati
PENELAAH:Prof. Dr. H. Iskandar WasidDr. Hj. Ai Sofi anti, M.Pd.
Drs. H. Elin SyamsuriDrs. Apip Ruhamdani, M.Pd.
Budi Riyanto
Rarancang Eusi : Yoshi SukadarRarancang Jilid : Yoshi Sukadar
Eusi ngagunakeun Adobe InDesign CS3 jeung Adobe Photoshop CS3 Aksara ngagunakeun Bembo Std 12 pt - 24 pt.
Dipedalkeun ku:DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
ISBN: 978-602-1300-26-8 (Jilid Lengkap)978-602-1300-27-5 (Jilid 1)
Perpustakaan Nasional : Katalog Dalam Terbitan (KDT)
Hak cipta © kagungan Dinas Pendidikan Provinsi Jawa BaratDitangtayungan ku Undang-undang
Disklaimer: Ieu buku téh diajangkeun pikeun guru basa Sunda dina raraga
larapna Kurikulum 2013. Ieu buku disusun tur ditalaah ku hiji tim kalawan
dikoordinasi ku Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK)
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat minangka buku kurikulum daerah. Mimitina
dipakéna buku taun 2014. Ieu buku téh sipatna “dokumén hirup”. Hartina bakal
tuluy disarungsum luyu jeung kabutuh katut panéka jaman. Pangdeudeul ti
rupining pihak dipiharep bisa ngundakkeun ajén ieu buku.
BASA SUNDABASA SUNDA KIKD Kurikulum 2013
Pamekar Diajar
Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
7979Bab IPITUDUH UMUM
PABUKON
Baidillah, Drs.H. Idin, M.Pd,dkk. 2010. Aksara Sunda. Bandung: CV. Walatra.
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat. 2013. Kurikulum 2013. Bandung.
Hadi spk, Drs. Ahmad. 2005. Peperenian. Bandung: Geger Sunten.
Hadish, Yétty Kusmiyati. 1979. Sastra Lisan Sunda Mite, Fabel, dan Légende
1. Jakarta: Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa Departemén
Pendidikan dan Kebudayaan.
Iskandar, Yoséph. 1982. Tumbal. Bandung: Rahmat Cijulang.
Jurusan Basa jeung Sastra Sunda FPBS IKIP Bandung. 1990. Palanggeran Éjahan
Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.
Karana, Rahmat M. Sas. 1979. Tepung di Bandung. Bandung: Rahmat Cijulang.
Keraf, Dr. Gorys. 1980. Komposisi. Ende Florés: Nusa Indah.
Kunto, Haryoto. 1984. Wajah Bandoeng Témpo Doeloe. Bandung: Granésia.
Lembaga Basa & Sastra Sunda. 1985. Kamus Umum Basa Sunda. Bandung: Taraté.
Muchtar, R.H. Uton, Ki Umbara. 1994. Modana. Bandung: Manglé Panglipur.
Mustapa, Abdullah. 1985. Wirahma Sajak. Bandung: Medal Agung.
No. 1574. 1996. Majalah Manglé.
No. 51-52. 1996. Majalah Simpay.
---------------. 1986. Kedok Tangkorék. Bandung: Remadja Karya.
Poerwadarminta, W.J.S. 1977. Kamus Umum Bahasa Indonésia. Jakarta: PN Balai
Pustaka.
Prawirasumantri, Drs. H. Abud, dkk. 2003. Pedoman Pengembangan Kurikulum
Berbasis Kompeténsi Mata Pelajaran Bahasa Daérah (Sunda). Bandung: Geger
Sunten.
Pusat Pembinaan dan Pengembangan Bahasa. 1977. Pedoman Éjaan Bahasa Sunda
yang Disempurnakan. Jakarta.
78 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
78 Pamekar DBuku Tut
Pangajaran 1: Kawih5. Naha aya bahan nu héséeun keur murid? Kumaha cara ngungkulanana?
6. Kumaha rarancang ngoméan pangajaran keur minggu hareup? Kumaha
léngkah-léngkahna?
7. Jeung saterusna.
PANGBAGÉA
iii
KEPALA DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
Alhamdulillah, ieu buku pangajaran basa Sunda tiasa ngawujud, enggoning
nyaosan implemèntasi Kurikulum 2013, pikeun ngeusian lolongkrang Muatan
Lokal Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Daerah di Jawa Barat.
Hasil garapan tim panyusun tèh aya dua rupi buku nyaèta buku murid sareng
buku guru. Èta tèh mangrupa bagian tina pakèt Kurikulum Daerah, hususna
ngeunaan pangajaran basa jeung sastra daèrah, dumasar kana Permendikbud
No. 81A/2013, ngeunaan implementasi kurikulum. Pami diwincik deui, sanès
mung buku wungkul bagian èta Permendikbud tèh, tapi deuih ngawengku
Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KI-KD), silabus, sareng Rencana
Pelaksanaan Pembelajaran (RPP).
Ku medalna ieu buku, dipiharep implementasi kurikulum 2013, hususna
ngeunaan pangajaran muatan lokal basa jeung sastra daèrah di Jawa Barat tiasa
dilaksanakeun kalawan merenah, luyu sareng udaganana. Saparantosna dialajar
ngeunaan basa jeung sastra daèrah, dipiharep dina diri murid aya parobihan
anu tètèla, boh unsur sikepna (attitude), boh pangaweruhna (knowledge), boh
kamampuh ngagunakeun katut karancagèan (performance; behavior). Singgetna
mah èta unsur anu tilu tèh bisa disebut kompetènsi.
Kalungguhan guru dina posisi agèn parobahan utama enggoning
ngaimplemèntasikeun kurikulum 2013 teu kinten pentingna. Aya hiji hipotèsis
basajan, saupami guru kagungan kompetènsi anu nohonan pasaratan Kurikulum
2013, tangtosna gè kalebet guru basa daèrah deuih, tinangtos èta kurikulum bakal
tiasa diimplemèntasikeun kalawan merenah. Ku margi kitu, dina nataharkeun
sareng ngaronjatkeun kompetènsi guru tèh, di antawisna ku cara nysusun buku
padoman guru, kalebet tarèkah anu kedah kènging pangajèn.
iv
Muga-muga waè harepan urang sadaya ngeunaan ayana parobihan anu
tétéla dina dunya atikan ku diimplemèntasikeunana Kurikulum 2013 téh tiasa
ngawujud, enggoning lahirna Generasi Emas Indonesia dina taun 2045 nu badé
dongkap.
Bandung, Desember 2013
Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat,
Prof. Dr. H. Moh. Wahyudin Zarkasyi, CPA
Pembina Utama Madya
NIP. 19570807 198601 1 001
KeKeKeKeKeKeKeKKeKKKKeKeKKeepapapapapappppppppppppp la Dinas P
Prof. Dr. H. MMMMMohoooooo
7777Bab IIIPITUDUH MEUNTEUN
D. Refleksi
Réfl éksi téh diperlukeun keur ngaévaluasi kagiatan diajar ngajar nu geus
lumangsung. Ngaliwatan refl eksi guru bisa ngaanalisis naha hiji pangajaran téh
geus hasil sarta nyumponan pamaredih kompetensi inti, kompetensi dasar, jeung
indikator atawa acan. Sacara umum réfl éksi téh aya dua rupa, nyaéta refl eksi
pangajaran jeung réfl éksi guru sacara pribadi.
1. Réfl éksi di ahir pangajaran\
Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru
waktu rék mungkas pangajaran. Tujuanana antarana baé pikeun mikanyaho nepi
ka mana réspon siswa kana pangajaran nu geus ditepikeun sarta naon masalah nu
kapanggih salila prosés pangajaran.
a. Meunang mangpaat naon tina pangajaran nu geus ditepikeun?
b. Resep henteu waktu urang ngulik éta pangajaran téh? Lebah mana anu
resepna, lebah mana anu henteu?
c. Naon baé anu can kaharti tina éta pangajaran? Lebah mana anu ku hidep
dianggap hésé?
d. Naha waktu urang disskusi geus ngarasa méré kontribusi ka kelompok/ka
nu séjén, atawa acan?
e. Naha métode anu dilarapkeun téh ngabantu ka urang pikeun mikapaham
bahan pangajaran?
f. Kumaha pamadegan hidep kana carana ibu/bapa guru nepikeun
pangajaran?
g. Jeung saterusna.
2. Réfl éksi pribadi guru
Ieu di handap aya sawatara conto pertanyaan nu bisa ditepikeun ku guru
ka dirina pribadi sabada réngsé nepikeun hiji pangajaran. Tujuanana antarana
baé pikeun ngabebenah kahéngkéran dirina, atawa ngukuhan naon nu geus
dianggap unggul. Salian ti éta pikeun ngukur nepi ka mana hasilna pangajaran
nu didadasaran ku réspon siswa.
1. Kumaha prakna nepikeun pangajaran, naha geus nyumponan pamaredih
kurikulum?
2. Pangajaran mana nu geus éféktif, sarta mana anu acan?
3. Pangajaran mana nu perlu ditingkatkeun sangkan pamahaman murid leuwih
jembar?
4. Bahan mana nu geus dikawas ku murid, sarta mana anu acan?
76 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
76 Pamekar DBuku Tut
4. Conto rubrik meunteun ngadongéng
NoNama Siswa
Aspek yang dinilaiJumlah
SkorSkor
Basa PasemonLentong/
Wirahmaa
Gestur/
tagog
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1
1
2
3
5. Conto rubrik meunteun guguritan
a. Meunteun karangan guguritan
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Gagasan/Eusi 10 – 25
2. Diksi nu digunakeun 10 – 25
3. Bener henteuna guru lagu jeung guru wilangan 10 – 25
4. Aspék musikalitas/wirahma. 10 – 25
Jumlah 40 – 100
b. Meunteun nembangkeun guguritan
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Titilaras (pageuh kana nada, henteu sumbang) 10 – 35
2. WIrahma (Pedotan, Ipis-kandel, anca-gancang) 10 – 35
3. Kedaling (Neuleuman, Miharti eusi rumpaka pupuh) 10 -- 30
Jumlah 30 -- 100
6. Conto rubrik meunteun sisindiran
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Gagasan/Eusi 10 – 25
2. Diksi nu digunakeun 10 – 25
3. Kasaluyuan purwakanti cangkang jeung eusi 10 – 25
4. Itungan engang jeung wirahma 10 – 25
Jumlah 40 – 100
v
KEPALA BALAI
PENGEMBANGAN BAHASA DAERAH DAN KESENIAN
DINAS PENDIDIKAN PROVINSI JAWA BARAT
Kurikulum 2013 ti wangkid ayeuna parantos ngawitan dianggo sacara
nasional. Jalaran kitu, pangajaran basa jeung sastra daérah nu diperenahkeun
janten muatan lokal di Jawa Barat kedah luyu sareng Kurikulum 2013 hususna
patali luyuna sareng elemén-elemén parobihan anu janten karakteristik
Kurikulum 2013 anu ngawengku; standar kompeténsi lulusan, standar isi,
standar prosés, sareng standar penilaian. Éta katangtosan kedah kacangkem
sareng kalaksanakeun ku sakumna guru-guru basa jeung sastra daerah anu
mancén tugas di SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, sareng SMK/MAK.
Ieu buku bahan ajar teh dijudulan Pamekar Diajar Basa Sunda, sadayana aya
24 jilid, ngurung buku siswa 12 jilid sareng buku guru 12 jilid. Kalungguhanana
janten buku babon anggoeun di sakola nu aya di Jawa Barat. Buku murid
diajangkeun pikeun sakumna murid dumasar kana tingkatan kelas. Buku Murid
eusina medar materi ajar sareng pertanyaan-pertanyaan, latihan, tugas/pancen
anu raket patalina sareng kompetensi dasar (KD). Buku Guru eusina medar
silabus, métodologi pangajaran, sareng évaluasi, ogé mangrupi pangjembar
buku murid.
Komponén-komponén anu dimekarkeun boh dina buku murid atanapi
buku guru dumasar kana opat kaparigelan basa anu ngawengku ngaregepkeun,
nyarita, maca, sareng nulis anu diajarkeun maké pamarekan saintifi k sareng
penilaian auténtik. Hal ieu dumasar kana karakteristik Kurikulum 2013 nu
ngalarapkeun pamerakan saintifi k sareng penilaian auténtik dina prosés
pangajaran.
Disusuna ieu buku téh mangrupa lajuning laku tina Surat Edaran Kepala
Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Nomor 423/2372/Setdisdik, 26 Maret
2013, negunaan Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada
jenjang SD/MI, SMP/MTs, SMA/MA, SMK/MAK. Sajabi ti eta, ogé dumasar
kana Peraturan Gubernur Jawa Barat Nomor 69 Tahun 2013, ngeunaan
PANGBAGÉA
vi
Pembelajaran Muatan Lokal Bahasa dan Sastra Daerah pada Jenjang Pendidikan
Dasar dan Menengah.
Muga-muga waé ieu buku téh aya manpaatna ka urang sadaya, tur janten
cukanglantaran dina merenahkeun sareng memeres basa jeung sastra daerah,
anu udagan langkung tebihna pikeun ngamumulé sareng mekarkeun basa jeung
sastra daérah, ngalangkungan jalur atikan di Jawa Barat.
Tangtosna ogé ieu buku téh teu acan tiasa disebat sampurna. Ku margi
kitu, teu kinten diantos-antosna kamadang ti sadayana. Saukur kakirangan anu
nyampak dina ieu buku bakal teras didangdosan, supados tiasa nyumponan
pameredih sareng kaayaan pajaman.
Bandung, Desember 2013
Kepala Balai Pengembangan
Bahasa Daerah dan Kesenian,
Drs. H. Husen R. Hasan, M.Pd.
Pembina Tk. I
NIP. 196110051986031014
7575Bab IIIPITUDUH MEUNTEUN
2. Conto rubrik meunteun paguneman
No
Nama
Siswa dan
pasangan-
nya
Aspek yang dinilai
Jum.
SkorSkor
Eusi Basa Pasemon Lentong
Undak-
usuk
basa
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1 1 2 3
1
2
3
3. Conto rubrik meunteun aksara Sunda
a. Maca aksara Sunda
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Gancang kendorna maca 10 – 25
2. Bener henteuna ngejah aksara 10 – 25
3. Lagu kalimah 10 – 25
4. Pamahaman kana bacaan 10 – 25
Jumlah 40 – 100
b. Nulis aksara Sunda
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Karapihan tulisan: Wangun aksara, jajaran lempeng 10 – 20
2. Kaajegan wangun aksara 10 – 30
3. Benerna wangun aksara 10 – 30
4. Benerna pananda sora (rarangkén) 10 – 20
Jumlah 40 – 100
c. Desain aksara Sunda
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Akurasi (bener henteuna) aksara Sunda nu didigunakeun 10 – 20
2. Aspek ‘keterbacaan’ aksara Sunda nu digunakeun 10 – 30
3. Unsur estetik/kaendahan kaligrafi 10 – 30
4. Komposisi warna jeung wangun 10 – 30
Jumlah 40 – 100
74 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
74 Pamekar DBuku Tut
8. Conto rubrik meunteun ngarang
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Eusi atawa gagasan 13 – 35
2. Organisasi tulisan 7 – 20
3. Kandaga kecap jeung pilihan kecap 7 -- 20
4. Adegan basa 7 – 20
5. Unsur mékanik: Ejaan, tanda baca, jeung karapihan 2 – 5
Jumlah 30 -- 100
C. Instrumen Meunteun Husus
Ieu di handap sawatara conto rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran
nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa
observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan,
mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh
panngajaran.
1. Conto rubrik meunteun biantara.
No Aspek BobotJumlah
Nilai
1.
Aspek Bahasa
a. Pilihan kata, gaya bahasa, tatakrama
bahasa
b. Struktur bahasa (bentukan kata dan
kalimat) yang benar
c. Pelafalan dan intonasi
35
2.
Pemahaman Isi
a. Penguasaan Isi
b. Penghayatan dan penjiwaan (imaji)
c. Organisasi dan sistematika penyampaian
isi
35
3.
Penampilan (Ekspresi)
a. Gestur (mimik dan gerak)
b. Kreasi dan gaya bicara
30
J u m l ah 100
Rentang nilai 60 - 100
vii
Kurikulum 2013 téh saéstuna mah masih kénéh Kurikulum Berbasis
Kompeténsi (KBK) nu dimekarkeun pikeun nyanghareupan panéka jaman,
utamana mah kompeténsi atawa kamampuh abad ka-21. Dina ieu abad, daék
teu daék kabutuh karancagéan dina rupining widang, nu ngawengku kamekaran
téhnologi, informasi, jeung komunikasi (TIK) milu nangtukeun warna pangajaran
basa Sunda.
Luyu jeung éta hal, rumusan kompeténsi sikep (agama jeung sosial), kaweruh,
jeung kaparigelan nu dipaké dadasar dina Kurikulum 2013 kudu ngaheulakeun
pentingna karancagéan jeung komunikasi. Najan kitu, dina pangajaran basa
Sunda mah perlu ogé niténan kamandirian basa jeung budaya Sunda minangka
média jeung wahana pangajaran basa Sunda.
Kompeténsi dina buku pangajaran basa Sunda diluyukeun kana kompeténsi
dina pangajaran SMA/SMK/MA nu sipatna nasional. Kompeténsi nu dipiharep
ku murid SMA/SMK/MA dirumuskeun minangka kamampuh mikir jeung
paripolah nu rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).
Eta kamampuh téh diécéskeun dina kompeténsi inti (KI) anu dipidangkeun
minangka kaweruh basa Sunda anu bener tur merenah, ngéntép seureuh, sarta
luyu jeung kontéks situasi. Éta kamampuh ogé dirarancang dina prosés pangajaran
winangun papancén (project based learning) jeung ngoréhan (discovery learning)
anu nyoko kana léngkah-léngkah nu ilmiah (saintifi k) kayaning niténan, nanya,
nyoba, nalar, jeung ngedalkeun (ngomunikasikeun).
Ieu buku tuturus guru téh ngawincik tarékah minimal nu kudu dipilampah
ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Luyu jeung
pamarekan dina Kurikulum 2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék
dina ngoréhan kaweruh perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna parigel
maké basa Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra
PANGJAJAP
viii
Sunda katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun kautamaan sikep. Keur
ngahontal éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.
Tangtu waé ieu buku téh réa kénéh kahéngkéranana. Panyawad katut
pangdeudeul pikeun nyamapurnakeun ieu buku pohara dianti-atina.
Bandung, Oktober 2013
Panyusun
7373Bab IIIPITUDUH MEUNTEUN
5) Conto rubrik meunteun sawala
Kritéria Alus Pisan (3) Cukup (2) Latihan Deui (1)
Ngaregepkeun Saregep Kurang saregep Api lain
Komunikasi non-
verbalNgaréspon Kurang réspon Api lain
Ilubiung Aktif, silihéledan Kurang aktif Cicingeun
Omongan
Nepikeun
pamadegan
ngaruntuy
Nepikeun
pamadegan
kurang ngaruntuy
Cicingeun
Katerangan:
1. Kumpulkeun peunteun murid luyu jeung aspék nu dipeunteun.
2. Cara meunteun: Total peunteun
X 10
12
3. Contona: 2 + 3 + 1 + 2
X 10 = 8 = 6,7
12 12
6. Conto rubrik meunteun Maca
No. Aspék Nu Dipeunteun Jumlah
1. Pemahaman Literal: Kaweruh tina bacaan 10 -- 20
2. Pemahaman Inferensial: Kacindekan Eusi bacaan 10 -- 20
3. Pemahaman Evaluasi: Ngajén Eusi bacaan 10 -- 20
4. Pemahaman Apresiasi: Neuleuman eusi bacaan 10 -- 20
Jumlah 40 -- 100
7. Conto rubrik meunteun nyarita
NoNama
Siswa
Aspek yang dinilaiJumlah
SkorSkorEusi Basa Pasemon Diksi
3 2 1 3 2 1 3 2 1 3 2 1
1
2
3
72 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
72 Pamekar DBuku Tut
Rentang skor = 1 – 5, skor minimal = 6, skor maksimal = 30
Skor: 0 – 6 = Sangat Kurang
7 – 12 = Kurang
13 – 18 = Cukup
19 – 24 = Baik
25 – 30 = Sangat Baik
3. Rubrik Meunteun Sikep
No. SikepEncan
écés
Mimiti
écés
Mimiti
MekarDibiasakeun Kat.
1. Taliti
2. Tanggung jawab
3. Disiplin
4. Jujur
5. Santun
6. Peduli
7. Percaya diri
4) Conto rubrik meunteun pangaweruh
No Indikator Teknik Bentuk Instrumen
1
Bisa
nyebutkeun
tokoh wayang
tina babad
Mahabarata.
Tes Uraian
1. Pandawa téh anak
Pandudéwana ti dua bibit,
nyaéta Déwi Kunti jeung
Déwi Madrim. Sebutkeun
saha baé nu lahir ti déwi
Madrim jeung saha nu ti
Déwi Kunti!
2. Saha anu dimaksud panengah
Pandawa téh jeung naha
manéhna disebut kitu?
3. Sebutkeun tilu tokoh nu
kagolong ka kulawadet
Kurawa?
4. Saha ngaran guru Pandawa
jeung Kurawa téh?
5. Yudistira téh boga pamajikan,
saha ngaranna?
jst jst jst jst jst
PANGBAGEA:
1. Kepala Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat _ iii
2. Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian Dinas
Pendidikan Provinsi Jawa Barat _ v
PANGJAJAP _ vii
BAB I: PITUDUH UMUM
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru ......................................................... 2
B. Padika Make Buku Tuturus Guru ..................................................... 2
C. Tatapakan Formal ........................................................................... 4
D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran ..................................... 4
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL) .................................................. 5
F. Proses Pangajaran ............................................................................ 5
G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD) Kelas X
SMA/MA/SMK/MAK ................................................................... 6
H. Péta Konsép ................................................................................... 8
BAB II: PITUDUH HUSUS
Pangajaran 1: Biantara
A. Maca Téks Biantara ...................................................................... 10
B. Nyangkem Struktur Biantara ....................................................... 12
D. Ngaanalisis Téks Biantara ............................................................. 13
E. Nepikeun Biantara ....................................................................... 14
DAPTAR EUSI
ix
x
Pangajaran 2: Paguneman
A. Maca Paguneman ....................................................................... 16
B. Ngaanalisis Paguneman ............................................................... 17
C. Paguneman dina Karya Sastra ...................................................... 18
D. Nyusun Téks aguneman ............................................................... 20
E. Mintonkeun Paguneman ............................................................. 22
Pangajaran 3: Biografi jeung Autobiografi
A. Maca Téks Biografi ...................................................................... 25
B. Biografi , Autobiografi , jeung Otobiografi ..................................... 25
C. Unsur-unsur Biografi .................................................................. 26
D. Mangpaat Biografi ...................................................................... 26
E. Ngaanalisis Téks Biografi ............................................................. 27
F. Nyusun Téks Biografi .................................................................. 27
Pangajaran 4: Aksara Sunda
A. Maca Téks Aksara Sunda .............................................................. 31
B. Mikawanoh Aksara Sunda ............................................................ 33
C. Paham Sajarah Aksara Sunda ........................................................ 33
D. Nyalin Téks Aksara Sunda ............................................................ 34
E. Ngagunakeun Aksara Sunda ........................................................ 35
Pangajaran 5: Dongéng
A. Maca Téks Dongéng .................................................................... 38
B. Papasingan Dongéng ................................................................... 39
C. Ciri-ciri Dongéng ..................................................................... 39
D. Ngaanalisis Téks Dongéng ........................................................... 40
E. Ngaéksprésikeun Dongéng .......................................................... 41
Pangajaran 6: Carita Wayang
A. Mikawanoh Carita Wayang .......................................................... 43
B. Pedaran Carita Wayang ................................................................ 44
C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng ............................... 45
D. Ngaanalisis Carita Wayang ........................................................... 47
7171Bab IIIPITUDUH MEUNTEUN
71
B. Instrumen Meunteun Umum
Ieu di handap aya sawatara rubrik keur meunteun aspek-aspek pangajaran
nu sipatna umum. Téhnikna bisa tes atawa non tes. Wangunna bisa uraian atawa
observasi. Ieu rubrik peunteun téh keur conto baé. Guru bisa nyieun sorangan,
mekarkeun atawa ngarancang instrumén pikeun meunteun luyu jeung kabutuh
panngajaran.
1. Conto rubrik meunteun spiritual.
NoNama
Siswa
Menyadari
keberadaan
bahasa
Sunda
sebagai
anugrah
dari Tuhan
Yang Maha
Esa
Menyadari
keberadaan
bahasa
Sunda
sebagai alat
komunikasi
Bersyukur
atas
kebesaran
Tuhan
dengan
adanya
keragaman
bahasa
Bersyukur
atas kebe-
saran Tuhan
dengan
adanya
kekhasan
dan keung-
gulan baha-
sa Sunda
Skor
Total
1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1 4 3 2 1
2
3
4
5
Keterangan:
Selalu = 4
Sering = 3
Tidak pernah = 1
Skor minimal = 4
Skor maksimal = 16
Kriteria:
0 – 4 = kurang
5 – 8 = cukup
9 – 12 = baik
13 – 16 = sangat baik
2. Conto rubrik meunteun sosial
NoNama
Siswa
Aspek yang dinilaiJumlah
skor
Nilai
AkhirPercaya
Diri
Tanggung
JawabTeliti Santun
Kerja
samaToleransi
1
2
3
70 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
70 Pamekar DBuku Tut
Dina ieu bab bakal dipedar kumaha cara meunteun unggal kompetensi murid
ku rupa-rupa instrumen penilaian. Cara meunteun téh aya nu sipatna umum,
ogé aya nu sipatna husus. Cara meunteun anu sipatna umum dilarapkeun kana
kagiatan-kagiatan anu lumrah dipigawé dina unggal kagiatan diajar. Upamana
keur meunteun sikep spiritual jeung sosial, meunteun lumangsungna diskusi,
atawa meunteun kompetensi-kompetensi anu umum. Upamana bae meunteun
karangan murid jeung meunteun carana murid nyarita. Cara meunteun anu
sipatna husus dilarapkeun pikeun nguji rupaning kompetensi sakumaha nu
kaunggel dina buku murid, tur mikabutuh instrumen penilaian anu husus.
Utamana dilarapkeun pikeun meunteun tugas-tugas mandiri. Upamana
meunteun biantara murid, meunteun hasil analisis, meunteun karangan guguritan
atawa sisindiran, jeung sajabana.
Pancén-pancén nu nyampak dina buku murid bisa dipeunteun ku rubrik
penilaian anu umum atawa anu husus, luyu jeung kabutuhanana. Upamana,
keur meunteun karangan carita pondok karya siswa, guru bisa ngalarapkeun
instrumen penilaian anu sipatna umum keur meunteun karangan, atawa make
rubrik husus keur meunteun karangan carpon.
A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM)
1. KKM dipeunteun dina unggal ahir pangajaran keur unggal-unggal murid.
2. Jumlah komponén anu dipeunteun béda-béda gumantung kana jumlah
komponén dina unggal pangajaran.
3. Komponén anu dipeunteun dicontréng keur nandaan geus tutas acanna.
4. Conto rubrikna siga ieu di handap:
Kritéria Katutasan Minimal (KKM) Pangajaran 1 (Biantara)
Materi nu dipeunteunKaterangan Tutas
Enggeus Encan
A. Maca teks biantara
B. Nyangkem struktur biantara
C. Neuleuman padika biantara
D. Ngaanalisis téks biantara
E. Nepikeun biantara
Pangajaran 7: Carita Pondok
A. Maca Carita Pondok ................................................................... 50
B. Unsur-unsur Carita Pondok ........................................................ 51
C. Kamekaran Carpon .................................................................... 52
D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng ......................................... 52
E. Fiksimini Sunda .......................................................................... 53
F. Ngaanalisis Carpon ..................................................................... 54
G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini ................................................. 55
Pangajaran 8: Guguritan
A. Maca Teks Guguritan .................................................................. 58
B. Mikawanoh Puisi Guguritan ........................................................ 59
C. Ngaanalisis Puisi Guguritan ......................................................... 60
D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan .................................... 60
Pangajaran 9: Sisindiran
A. Mikawanoh Sisindiran ................................................................. 63
B. Nyangkem Sisindiran .................................................................. 65
C. Ngaanalisis Sisindiran .................................................................. 65
D. Ngarang Sisindiran ...................................................................... 67
BAB III: PITUDUH MEUNTEUN
A. Meunteun Kriteria Ketuntasan Minimal (KKM) ............................... 70
B. Instrumen Meunteun Umum ........................................................... 71
C. Instrumen Meunteun Husus ............................................................ 74
D. Refl eksi ......................................................................................... 77
PABUKON .......................................................................................... 79
69
Bab Bab
I I II I I
Pituduh Meunteun
68 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
68 Pamekar DBuku Tut
19
Klompok murid tuluy ngeusian Pancén5, ku cara diskusi pikeun
nyusun cangkang sisindiran nu eusina geus disadiakeun. Salila prosés
diskusi, guru ngaping murid sarta jadi fasilitsator upama murid
manggih masalah dina diskusi.
20
Sabada pancén dipigawé, guru nugaskeun kelompok sacara acak pikeun
macakeun atawa ngagalantangkeun sisindiran hasil beubeunanganana.
Cara macakeunana bisa ogé ku ditembangkeun ngarah kelas jadi hégar.
Guru méré koméntar atawa ngalelempeng saupama aya sisindiran nu
disusun ku murid kurang merenah strukturna.
21
Sabada éta, nincak kana tahap kadua, nyaéta murid ngarang siisindiran
sorangan anu gembleng cangkang jeung eusina. Ieu pancén bisa ogé
dipigawé dina kelompok nu sarua, minangka prakték tina modél diajar
“kolaboratif ” kalawan catetan sisindiran nu dijieun ku masing-masing
murid ulah aya nu sarua.
22
Guru nugaskeun sawatara murid pikeun ngagalantangkeun atawa
ngawihkeun sisindiran beunangna sorangan sacara bagilir. Guru
ngaaprésiasi ka murid anu karyana pinunjul sarta ngumpulkeun hasil
karya murid minangka portofolio. Sisindiran anu dianggap pinunjul
ogé bisa dipublikasikeun/dipamérkeun ngaliwatan rupa-rupa média.
KAGIATAN PANUTUPDina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran sisindiran? Naon baé kasusah/hahalang dina pangajaran sisindiran?
Naha carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung
kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta.
Guru méré saran sangkan murid mikaresep sisindiran minangka bagian tina
kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina rupa-rupa
sisindiran nu geus diulik. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun
tujuan ngasah rasa kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji
bangsa. Guru ogé perlu ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi
perkara sisindiran dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan
aprésiasi sastra.
Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran
réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara sisindiran, jeung geus bisa ngahasilkeun
karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan),
daya pikir, jeung daya cipta.
1
Bab Bab
II
Pituduh Umum
2 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
2 Pamekar DBuku Tut
A. Ngeunaan Buku Tuturus Guru
Ieu buku disusun sangkan guru meunang gambaran anu écés dina
ngalaksanakeun kagiatan pangajaran basa Sunda. Eusina ngawengku sawatara
hal.
1. Wincikan léngkah-léngkah pangajaran dina raraga méré gambaran ka guru
pikeun ngahontal kompeténsi dasar (KD) jeung indikator.
2. Susunan léngkah-léngkah kagiatan anu ngagambarkeun pangajaran nu
gumulung tur ngamalir.
3. Léngkah pangajaran nu disusun dipiharep bisa ngahontal pangalaman
diajar nu miharti (meaningfullnes) pikeun ngawangun sikep jeung paripolah
hadé, ngawasa konsép, kaparigelan mikir nu ilmiah (saintifi k), kamampuh
ngaréngsékeun masalah, karancagéan, pribadi nu sonagar (répléktif), tur
numuwuhkeun rasa basa Sunda.
4. Dadaran rupining téhnik pikeun meunteun kamampuh murid.
5. Wawaran pikeun calecer (acuan) kagiatan rémédial jeung ngajembaran
pangaweruh murid.
6. Pidangan kagiatan diajar nu silih simbeuh tur silih élédan (sharing).
7. Pituduh ngeunaan cara maké buku babon murid.
Kagiatan dina ieu buku dirarancang pikeun mekarkeun kamampuh
(sikep, kaweruh, jeung kaparigelan) murid kalawan gumulung tur rinéka. Ari
paripolahna ngawengku:
1. Muka pangajaran ku karep murid saperti maca atawa ngaregepkeun téks,
tumanya, ngawih, kaulinan, démonstrasi, pidangan masalah, jsté.
2. Nepikeun tujuan pangajaran nepi ka murid bisa nyangreb wawaran nu
ditepikeun.
3. Ngali kaweruh murid samémehna sangkan bisa ngait jeung kaweruh nu
bakal diulik.
4. Papancén nu malapah gedang sangkan murid kabantu dina nyangkem
konsép.
5. Méré lolongkrang pikeun ngalatih kaparigelan murid.
6. Méré unduring laku (umpan balik) pikeun ngukuhan pamahaman murid.
B. Padika Make Buku Tuturus Guru
Ieu buku Tuturus Guru téh mibanda kagunaan ganda, jaba ti pituduh maké
buku babon murid ogé jadi calecer (acuan) keur kagiatan pangajaran di kelas.
Guru dipiharep niténan heula sawatara hal nu dipidangkeun dina ieu buku.
6767Bab IIPITUDUH HUSUS
16
Tabél wawangsalan:
Wawangsalanan Jawaban tarucing Katerangan
………………….. ………………….. …………………..
………………….. ………………….. …………………..
Kolom katerangan téh dibutuhkeun lantaran sok aya sisindiran anu henteu matok kana aturan anu baku. Upamana jumlah engangna leuwih ti dalapan, sapadana henteu matok opat jajar-opat jajar, atawa sakapeung sok kapanggih wangun sisindiran anu sora tungtungna henteu nyeplés murwakanti. Contona:
Jaksi belang jaksi hideung,
Pandan laut kukuncungan;
Bisi melang bissi nineung,
Imut heula urang di panungtungan.
Kembang eros sisi pilar,
Ngarambat kana jambatan,
Supados dipaké baé;
Ulah rumaos ditilar,
Jaga gé mo burung tepang,
Supados diaku baé.
17
Sabada dipigawé, hasil analisis murid dilaporkeun ka guru sarta guru
ngaévaluasi éta pancén individual tur méré koméntar saperluna upama
dibutuhkeun.
D. Ngarang Sisindiran
No Kagiatan
18
Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok. Anggota kelompokna
bisa dua atawa tilu urang. Ti dinya guru nerangkeun pancén nu kudu
dipigawé ku murid sakumaha anu didadarkeun dina Pancén 5. Tahap
kahiji, murid latihan heula ngalengkepan sisindiran nu eusina geus
disadiakeun, sarta tahap kadua murid kudu ngarang sisindiran kalawaan
gembleng ngawengku cangkang jeung eusina. Minangka catetan,
sisindiran anu kudu dikarang ku murid téh nyaéta wangun paparikan
atawa rarakitan, lain wawangsalan anu tingkat kasulitanana rada luhur.
66 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
66 Pamekar DBuku Tut
11
Sabadana, guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok leutik. Hiji
kelompok anggotana antara 3-4 urang. Guru nerangkeun naon nu
kudu dipigawé ku kelompok sarta méré kasempetan ka murid pikeun
nanyakeun hal-hal anu teu dipikaharti.
12
Tahap mimiti, kelompok murid kudu migawé Pancén 2, nyaéta
ngaanalisis sisindiran dina tabél, utamana kudu manggihan jawaban tina
pertanyaan: kaggolong kana naon wangun jeung eusi éta sisindiran?
Guru ogé nyiapkeun tabel matrikulasi keur ngaragum jawaban murid.
13
Kelompok ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna
dina tabel matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil
analisis, guru ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi
deui ka murid saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna
manggih kacindekan.
14
Tahap kadua, kelompok murid nu sarua dibéré pancén pikeun migawé
soal dina Pancén 3. Prosés diskusina sarua jeung prosés dina tahap mimiti,
nyaéta murid kudu manggihan jawaban: naon eusi tina tarucingan lima
wawangsalan nu aya dina tabél? Sabada bérés ngajawab soal, kelompok
ngalaporkeun hasil analisisna, sarta guru ngaragum hasilna dina tabel
matrikulasi. Sabada sakabéh kelompok ngalaporkeun hasil analisis, guru
ngaévaluasi hasil pagawéan kelompok sarta ngajak diskusi deui ka murid
saupama aya hasil laporan anu béda, nepi ka ahirna manggih kacindekan.
15
Réngsé migawé Pancén 3 jeung pancén 4, murid dibéré pancén
individual pikeun ngaanlisis sisindiran jeung wawangsalan anu séjén.
Sumbernna bisa tina buku, majalah, koran, atawa internét. Éta pancén
bisa mangrupa “tugas mandiri terstruktur”. Upamana baé, murid
ditugakeun ngumpulkeun lima paparikan, lima rarakitan, jeung lima
wawangsalan. Guru tuluy ngadadarkeun naon anu kudu dipigawé ku
murid sakumaha katerangan anu nyampak dina Pancén 4.
Laporan murid bisa mangrupa tabél, nu wangunna siga tabél dina Pancén
2 jeung Pancén 3. Keur ngajawab pertanyaan nomer 3 (Akurkeun
jeung patokan sisindiran anu umum), murid bisa nambahan kolom
katerangan keur eusi éta jawaban. Jadi, tabélna bisa kieu:
Tabél paparikan jeung rarakitan:
Sisindirannana Wangunna Eusina Katerangan
……………….. ……………….. ……………….. ………………..
……………….. ……………….. ……………….. ………………..
33Bab IPITUDUH UMUM
1. Baca heula ieu buku kalawan telik tur imeut unggal kacana.
2. Cangkem heula tiap-tiap KD jeung indikator pangajaran.
3. Tarékahan pikeun ngasupkeun KI-1 jeung KI-2 dina sakumna kagiatan
pangajaran. Guru kudu nguatan jeung ngukuhan tarékah pikeun ngawangun
sikep, kaweruh, katutg paripolah murid anu hadé.
4. Deudeul kahontalna KI-1 jeung KI-2 ku kagiatan “pembiasaan”,
pieunteungeun, pituladeun, jeung kultur di sakola anu hadé.
5. Luyukeun tiap-tiap léngkah kagiatan dina buku tuturus guru jeung buku
babon murid.
6. Mekarkeun gagasan rancagé dina milih padika pangajaran. Sungsi ogé kagiatan
séjén lamun kaayaan teu luyu jeung naon-naon nu geus dirarancang.
7. Rupining stratégi pangajaran nu rék dimekarkeun (kayaning murid niténan,
nanya, nyaritakeun, metakeun, ngawih, jsté.)kudu ngalibetkeun muridna
sorangan jeung ngalibetkeun warga atawa lingkungan sakola.
8. Guru dipiharep mekarkeun:
a. Métode “pengajaran aktif, inovatif, kréatif, éféktif, dan menyenangkan
(PAIKEM)”;
b. Timbang-timbang ogé maké pamarekan komunikatif jeung kontékstual;
c. Kaparigelan nanya atawa tumanya;
d. Kaparigelan muka jeung mungkas pangajaran;
e. Kaparigelan ngolah kelas jeung pidangan kelas.
9. Gunakeun media jeung sumber diajar nu aya di sabudeureun sakola atawa
patali jeung sosial budaya Sunda.
10. Alokasi waktu nyoko kana struktur kurikulum. Guru bisa nangtukeun
sorangan alokasi waktu luyu jeung minggu éféktif, situasi katut kaayaan di
sakola.
11. Dina sataun ajaran kelas X aya salapan materi anu kudu dibagi ku guru
kalawan proporsional keur dua seméstereun. Kudu ditimbang-timbang ogé
alokasi waktu antara seméster I jeung seméster II sangkan pangajaran bisa
ditepikeun luyu jeung alokasi waktu anu nyampak.
12. Unggal matéri galeuh rata-rata dirarancang keur sabulaneun (4 x
lawungan).
13. Kagiatan dina minggu kahiji dimimitian ku niténan bahan, karep réséptif
(ngaregepkeun jeung maca), minggu kadua mangrupa kagiatan nyoba jeung
ngulik, ari minggu katilu jeung kaopat ngalarapkeun atawa midangkeun
(kagiatan kréatif nulis jeung nyarita) hasil tina minggu kahiji jeung
kadua. Murid digiring sangkan kaasah daya nalar jeung mikirna kalawan
ngaleunjeur. Kagiatan dirarancang pikeun méré lolongkrang tumanya jeung
ngali wawaran nu deukeut jeung murid.
4 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
4 Pamekar DBuku Tut
14. Hasil pagawéan murid jeung bukti peunteun bisa dikumpulkeun dina
portofolio murid.
15. Pikeun tarékah ngoméan diri jeung minggu éféktif, jieun catetan réfl eksi
sanggeus hiji téma atawa bahan réngsé katepikeun.
16. Deudeul murid sina resepeun kana basa Sunda sarta yakinkeun yén manéhna
téh cerdas tur bisa.
17. Sangkan tujuan pangajaran kahontal, guru ogé perlu saregep, enya-enya,
tur sabar dina nyanghareupan murid. Ari sababna, kamampuh murid téh
béda-béda. Katambah-tambah teu sakumna padika pangajaran loyog pikeun
sakumna guru, murid, tempat, waktu, jeung bahan ajar.
C. Tatapakan Formal
Bahan ajar basa Sunda anu dipidangkeun dina ieu buku dumasarkana
Kurikulum 2013, ngawengku kasang tukang, karakteristik, jeung tujuanan.
Kurikulum basa Sunda atawa Kompetensi Inti jeung Kompetensi Dasar (KIKD)
Mata Pelajaran Basa jeung Sastra Sunda disusun jeung dikaluarkeun ku Balai
Pengembangan Bahasa Daerah dan Kesenian (BPBDK), Dinas Pendidikan
Provinsi Jawa Barat. Lamun disusud ka luhurna, ngindungna mah tangtu waé
kana Kurikulum Tingkat Nasional, da nu ieu mah kaasup kana Kurikulum
Daerah (Kurda).
Kurikulum Basa Sunda anu disusun ku BPBDK téh diwincik jadi KIKD, luyu
jeung pola struktur Kurikulum Nasional. KIKD disusun mangrupa struktur anu
maneuh, tur salawasna kudu jadi padoman dina kagiatan diajar-ngajar. Cindekna,
sajeroning guru ngajarkeun basa Sunda, dipahing méngpar tina katangtuan KIKD,
téma, jeung alokasi waktu. Ari dina lebah milih bahan katut ngajarkeunana mah
guru dibéré lolongkrang keur ngembangkeun karancagéanana.
Ieu buku poma ulah dianggap hiji-hijina sumber keur tuturus guru. Ari
sababna, naon-naon nu diperedih ku KIKD téh moal sagemblengna kacumponan
mun ukur ngandelkeun tina hiji sumber. Kudu aya sumber-sumber lianna pikeun
pangrojong kagiatan diajar-ngajar, di antarana média massa, bagbagan paélmuan
lianna, jeung kondisi sosial budaya masarakat Sunda. Nya ka lebah dinya pisan
guru kudu rancingeus pikeun néngan jeung ngungkab bahan pangrojong
sangkan KIKD bisa kahontal jeung kacumponan.
D. Sistim, Prinsip, jeung Pamarekan Pangajaran
Sakabéh matéri dina ieu buku diluyukeun jeung sistem pidangan buku
babon murid, nu dipidangkeun maké sistem spiral; dimitian ti nu babari heula,
6565Bab IIPITUDUH HUSUS
5
Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun
hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung
jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat
kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban
dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun
jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua
atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi).
6Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru
nyindekkeun hasil diskusi.
B. Nyangkem Sisindiran
No Kagiatan
7
Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana
pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana
usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara sisindiran. Dina ieu
bagian, aya hadéna guru mawa conto sisindiran séjénna, boh nu
mangrupa buku, kliping koran, jeung sajabana.
8
Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran
dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero
haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun
pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti.
9Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur
ngajembaran pangaweruhna.
C. Ngaanalisis Sisindiran
No Kagiatan
10
Dina ieu bagian, aya tilu pancén nu kudu dipigawé ku murid, nyaéta
Pancén 2 jeung pancén 3, jeung Pancén 4. Pancén 2 jeung tilu kudu
dipigawé ku kelompok, sedengkeun Pancén 4 kudu dipigawé sacarra
individual.
Guru nugaskeun murid pikeun ngimeutan soal-soal dina Pancén
2 jeung 3. Murid ogé ditugaskeun keur nyirian kekecapan anu teu
dipikaharti, sarta sina disusun jadi glosarium keur ditéangan hartina
ngagunakeun bantuan kamus basa Sunda.
64 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
64 Pamekar DBuku Tut
2
Murid tuluy disina maca éta conto sisindiran di jero haté kalawan
daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu
pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku
murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan
hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur
ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda.
3.
Sabada bérés maca conto sisindiran, murid dibagi jadi sawatara kelompok
pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Jumlah
kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun jadi
8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok
kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi
di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota
kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua,
nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota
kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén
pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di
kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid.
Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap:
KELOMPOK 1 (Ngajawab
pertannyaan nomer 1)
KELOMPOK 2 (Ngajawab
pertannyaan nomer 2)
KELOMPOK 3 (Ngajawab
pertannyaan nomer 3)
KELOMPOK 4 (Ngajawab
pertannyaan nomer 4)
KELOMPOK 5 (Ngajawab
pertannyaan nomer 5)
KELOMPOK 6 (Ngajawab
pertannyaan nomer 6)
KELOMPOK 7 (Ngajawab
pertannyaan nomer 7)
KELOMPOK 8 (Ngajawab
pertannyaan nomer 8)
KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok
nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok
anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1
nepi ka pertanyaan nomer 8)
Tahap I Tahap I
Tahap II
4
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok
anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur
nepikeun jawaban di hareupeun kelas.
55Bab IPITUDUH UMUM
terus ningkat ka nu hésé. Heula pandeurina nyusun bahan anu dumasar kana
babari héséna téh tumerap kana saban pangajaran.
Sistem spiral anu dignakeun dina ieu buku dumasar kana prinsip proporsional,
tur tahapan (gradasina) henteu patarenggang. Hal ieu bisa tumerap dina wangun
lahiriahna (panjang-pondokna, basajan-kompleksna) kecap, kalimah, atawa
wacana, bisa deuih dina eusi atawa substansina (gampang-henteuna).
E. Standar Kompetensi Lulusan (SKL)
Ranah SD/MI SMP/MTsSMA/SMK/
MA/MAK
Sikep Nampa, ngajalankeun, ngajénan, jeung ngamalkeun
Pribadi nu iman, ahlak mulya, percaya diri jeung tanggung jawab
dina patali marga kalawan merenah jeung lingkungan masarakat,
alam sabudeureun, sarta dunya katut adabna.
KaparigelanNampa, nanya, nyoba, ngolah, midangkeun, nalar, jeung
ngalarapkeun
Pribadi nu mampuh mikir jeung lumampah kalawan merenah tur
rancagé dina ranah nyamuni (abstrak) jeung nembrak (konkrit).
Kaweruh Mikanyaho, nyangkem, nerangkeun, ngolah, jeung meunteun.
Pribadi nu ngawasa élmu kaweruh, téhnologi, seni budaya, sarta
wawasan kamunasaan, kabangsaan, kanagaraan, jeung paradaban.
F. Proses Pangajaran
Prosés pangajaran lumangsung maké pamarekan saintifi k, anu léngkah-
léngkahna:
1. Niténan (mengamati), ku cara maca, ngaregepkeun, atawa nongton;
2. Nanya (menanya), ku cara ngayakeun tanya jawab atawa sawala;
3. Nalar (menalar/mengasosiasi), ku cara nambahan kaweruh anu leuwih
jembar;
4. Nyungsi atawa nyoba (eksplorasi/eksperimen);
5. Midangkeun, ngedalkeun, atawa nepikeun (mengkomunikasikan)
6. Ngawangun ramatloka (networking) ku cara néangan bahan tina sumber anu
lian.
6 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
6 Pamekar DBuku Tut
G. Kompetensi Inti (KI) jeung Kompetensi Dasar (KD)
Kelas X SMA/SMK/MA/MAK
KOMPETENSI INTI (KI) KOMPETENSI DASAR (KD)
10.1 Menghayati dan mengamalkan ajaran agama yang dianutnya.
10.1.1 Mensyukuri anugerah Tuhan akan keberadaan bahasa Sunda dan menggunakannnya sesuai dengan kaidah dan konteks sosial budaya sebagai sarana komunikasi melalui teks BIANTARA, PAGUNEMAN, BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI, AKSARA SUNDA, DONGENG, CARITA WAYANG, CARPON, GUGURITAN, DAN SISINDIRAN.
10.2 Menghayati dan mengamalkan perilaku jujur, disiplin, tanggungjawab, peduli (gotong royong, kerjasama, toleran, damai), santun, responsif dan proaktif dan menunjukkan sikap sebagai bagian dari solusi atas berbagai permasalahan dalam berinteraksi secara efektif dengan lingkungan sosial dan alam serta dalam menempatkan diri sebagai cerminan bangsa dalam pergaulan dunia.
10.2.1 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, peduli, santun, dan proaktif dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIANTARA dan PAGUNEMAN.
10.2.2 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan tanggung jawab dalam berbahasa Sunda untuk memahami BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI serta AKSARA SUNDA. 10.2.3 Menunjukkan perilaku jujur, disiplin, dan peduli dalam berbahasa Sunda untuk memahami DONGENG, CARITA WAYANG,CARPON, GUGURITAN, dan SISINDIRAN
10.3 Memahami, menerapkan, menganalisis pengetahuan faktual, konseptual, prosedural berdasarkan rasa ingintahunya tentang ilmu pengetahuan, teknologi, seni, budaya, dan humaniora dengan wawasan kemanusiaan, kebangsaan, kenegaraan, dan peradaban terkait fenomena dan kejadian, serta menerapkan pengetahuan prosedural pada bidang kajian yang spesifi k sesuai dengan bakat dan minatnya untuk memecahkan masalah.
0.3.1 Mengidentifi kasi dan menganalisis teks BIANTARA sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.2 Mengidentifi kasi dan menganalisis teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya.
10.3.3 Mengidentifi kasi dan menganalisisteks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.4 Mengidentifi kasi dan menganalisisteks AKSARA SUNDA sesuai dengan kaidah- kaidahnya.
6363Bab IIPITUDUH HUSUS
P anga j a r a n a nga j a r a n 9SISINDIRAN
KAGIATAN AWALDina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran
sisindiran. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus bisa
deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina
kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis.
Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus
dimangpaatkeun ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana
dipaké keur nepikeun rupaning kabeungharan budaya, upamana dipaké
dina sisindiran. Guru bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid keur ngagali
pangawruh awal murid patali jeung sisindiran. Alus lamun aya conto sisindiran
anu populer keur ngahudang ingetan murid ngeunaan sisindiran. Atawa, bisa
ogé milih hiji lagu anu rumpakana maké sisindiran samodel “Bubuy Bulan”,
“És Lilin”, atawa “Sorban Palid”.
Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri sisindiran
ku cara némbongkeun buku sisindiran atawa gambar/foto nu keur sisindiran
nu sumberna tina koran, majalah, atawa internét. Diterangkeun yén sanajan
sisindiran mangrupa sastra lisan nu geus heubeul pisan ayana, tapi nepi ka
kiwari dipaké kénéh ku masarakat Sunda keur rupa-rupa kaperluan.
Guru nepikeun tujuan pangajaran sisindiran luyu jeung pamaredih Kompeténsi
Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa manggihan ciri-
ciri puisi sisindiran, maham padika puisi sisindiran, nyebutkeun fungsi sisindiran
dina kagiatan komunikasi, sarta bisa ngarang sisindiran ku sorangan.
KAGIATAN INTIA. Mikawanoh Sisindiran
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana sababaraha conto sisindiran di Bagian A.
Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana.
Upamana niténan pada jeung padalisanana, kekecapanana, jeung
sajabana.
KAGIATAN PANUTUPDina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran guguritan? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran? Naha
carana urang salaku guru geus nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti
ku murid? Jeung sajaba ti éta.
Guru méré saran sangkan murid resep maca guguritan minangka bagian
tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta
karangan. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa
kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu
ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara guguritan dina
raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra.
Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran réh
geus meunang rupa-rupa élmu perkara guguritan, jeung geus bisa ngahasilkeun
karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas (karancagéan),
daya pikir, jeung daya cipta.
77Bab IPITUDUH UMUM
110.3.5 Mengidentifi kasi, menganalisis, dan membandingkan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.6 Mengidentifi kasi danmenganalisisCARPONsesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.7 Mengidentifi kasi dan menganalisisGUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.3.8 Mengidentifi kasi dan menganalisisSISINDIRANsesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.4 Mengolah, menalar, dan menyaji dalam ranah konkret dan ranah abstrak terkait dengan pengembangan dari yang dipelajarinya di sekolah secara mandiri, dan mampu menggunakan metoda sesuai kaidah keilmuan.
10.4.1 Menyusun, menanggapi, dan memperagakan teks BIANTARAsesuai dengan kaidah- kaidahnya.
10.4.2 Menyusun,menanggapi, dan memperagakan teks PAGUNEMAN sesuai dengan kaidah- kaidahnya.
10.4.3 Menyusun, menanggapi, dan membandingkan teks BIOGRAFI dan OTOBIOGRAFI sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.4.4 Menyusun dan menyunting teks pendek yang menggunakan AKSARA SUNDA sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.4.5 Menanggapi dan mengekspresikan DONGENG dan CARITA WAYANG sesuai dengan kaidah- kaidahnya.
10.4.6 Menanggapi dan mengekspresikan CARPON sesuai dengan kaidah-kaidahnya.
10.4.7 Menanggapi dan mengekspresikan GUGURITAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.
10.4.8 Menanggapi dan mengekspresikan SISINDIRAN sesuai dengan kaidah-kaidahnya secara lisan dan tulisan.
8 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
8 Pamekar DBuku Tut
H. Péta
Konsé
pp
17
Kagiatanana bisa dimimitian ku méré motivasi ka murid sangkan
murid sumanget migawé tugas. Upamana ku cara nepikeun ieu hal di
handap:
- Ngarang guguritan téh bisa dianggap kagiatan keur miara jeung
ngamumulé kabudayaan sorangan. Mun dibanding jeung sajak,
guguritan leuwih némbongkeun warna kabudayaan lokal.
- Ngaarang guguritan ogé bisa dipaké cara keur ngalatih daya pikir
jeung daya cipta, utamana dina cara néangan kekecapan anu
merenah jeung nyusunna jadi hiji karangan anu mandiri.
- Eusi guguritan bisa ngébréhkeun rasa jeung pikiran, anu bisa
jadi aya mangpaatna keur batur. Bisa keur hiburan, keur babagi
informasi, atawa ngungkab rasa kamanusaan.
- Saupama alus, hasil karangan bisa dipubublikasikeun, boh
ngaliwatan webiste, blog, atawa dina koran jeung majalah. Copelna
bisa ditémpél di majalah dingding sakola.
18
Murid ditugaskeun pikeun ngimeutan léngkah-léngkah Pancén 4,
nepi ka kapaham enya-enya ku murid. Guru ogé méré kasempetan
ka murid pikeun nepikeun pertanyaan upama aya hal-hal anu teu
kaharti.
19
Murid ngarang guguritan luyu jeung tema anu dipilihna sarta
ngéstokeun aturan pupuhna (guru lagu, guru wilangan, jeung watekna).
Dina ieu prosés guru méré kabébasan pikeun murid, utamana dina
néangan insprirasi keur bahan karangan. Guru ogé bisa ngaalarapkeun
modél pembelajaran kolaboratif, ku cara méré saran ka murid pikeun
diajar babarengan, silih bantuan, atawa silih tukuer informasi. Murid
anu boga kamampuan anu punjul bisa méré bantuan ka murid séjénna,
atawa méré bongbolongan ka babaturanana nu nyanghareupan
rupaning masalah sajeroning prosés ngarang.
20Guru ngaping rposés diajar murid, sarta jadi pasilitator atawa sumber
informasi upama diperlukeun.
21
Murid ngumpulkeun karanganana sarta diajén ku guru. Saupama
kapanggih aya karya murid anu punjul, guru bisa méré aprésiasi atawa
méré ‘reward”. Sakabéh karangan murid tuluy disusun jadi portofolio
atau disusun jadi antologi karya murid. Karangan nu punjul téa bisa
dipublikasikeun ku rupa-rupa cara keur ngahudang sumanget murid.
60 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
60 Pamekar DBuku Tut
10Murid ditugaskeun nyatetkeun hal-hal penting tina éta pedaran keur
ngajembaran pangaweruhna.
C. Ngaanalisis Puisi Guguritan
No Kagiatan
11
Sabada diwanohkeun kana conto puisi guguritan jeung mikapaham
pedaranana, murid dibéré tugas pikeun ngaanalisis puisi guguritan anu
béda. Guru
méré pancén ka murid maca guguritan “Nimat Teuing Cai Jamjam”
karangan Yus Rusyana dina Bagian C. Alus lamun aya nu nyontoan
nembangkeun éta guguritan sapada atawa dua pada.
12
Sabadana, murid dibagi jadi 5 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab
pertanyaan dina Pancén 2. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer
1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna.
Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok
néangan batur ti kelompok anu béda nepi ka kawangun kelompok
anyar keur nyusun jawaban anu lengkep ti nomer 1 nepi ka 5. Nepi
ka ahirna sakabéh murid meunang pamahaman anu gembleng kana
sakabéh pertanyaan jeung jawaban sakumaha anu diperedih dina
Pancen 2.
13Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun.
14
Guru nugaskeun ka unggal kelompok pikeun nepikeun hasil laporan
diskusina, anu tuluy disaruakeun jeung jawaban kelompok séjén. Salila
ngabandungan laporan murid, guru ngarangkum unggal jawaban dina
matrik keur jadi dasar dina nyindekkeun hasil diskusi.
15 Guru nyindekkeun hasil diskusi.
D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan
No Kagiatan
16
Dina ieu bagian guru nugaskeun murid sacara individual pikeun
nyobaan ngarang gugritan maké daya ciptana sorangan sarta éta hasil
karanganana dicobaan pikeun ditembangkeun luyu jeung pupuh anu
digunakeunana.
9
Bab Bab
I II I
Pituduh Husus
Dina ieu bab didadarkeun léngkah-léngkah pangajaran anu kudu
dipilampah ku guru dina ngalaksanakeun pangajaran basa Sunda. Perlu
dicatet yén ieu wincikan téh minangka tarékah minimal nu kudu dipilampah
ku guru dina nuyun murid ngahontal kompeténsi nu dipiharep. Dina harti, guru
dipiharep bisa mekarkeun kalawan rancagé ieu wincikan nepi ka kapanggih
léngkah-léngkah anu leuwih masagi. Luyu jeung pamarekan dina Kurikulum
2013, murid diperedih gedé kawanina tur kadaék dina ngoréhan kaweruh
perkara basa jeung sastra Sunda, anu engkéna dipiharep bisa parigel maké basa
Sunda. Dampakna murid boga sikep anu hadé kana basa jeung sastra Sunda
katut hirup kumbuhna, bari teu mopohokeun sikep anu utama. Keur ngahontal
éta tujuan, peran jeung karancagéan guru kacida diperlukeunana.
10 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
10 Pamekar DBuku Tut
KAGIATAN AWALDina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta niténan kasang tukang
jeung kamampuh unggal-unggal muridna dina ngawasa pangajaran basa Sunda.
Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran réh Pangéran geus ngaanugrahkeun
basa Sunda ka urang pikeun alat komunikasi sapopoé jeung papada manusa.
Guru ngajak murid niténan rupa-rupa conto digunakeunana basa dina
komunikasi sapopoé, boh dina situasi formal atawa teu formal. Dina muka
pangajaran guru ngajak murid pikeun narékahan paham kana matéri biantara
ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman biantara, boh nu mangrupa
rekaman CD/Kasét boh nu mangrupa fi le komputer. Guru ogé bisa ngayakeun
tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid perkara biantara dina basa
Sunda.
Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran biantara luyu
jeung pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana
baé murid bisa nyebutkeun struktur teks biantara, bisa ngaidéntifi kasi struktur
teks biantara nu nyampak dina téks, bisa ngaanalisis aspék-aspék kabasaan
nu nyampak dina teks biantara, bisa nyusun téks biantara sorangan kalawan
ngagunakeun basa Sunda anu merenah, mikapaham padika nepikeun biantara,
sarta bisa ngagalantangkeun biantara di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun
sora, lentong, jeung wirahma anu merenah.
KAGIATAN INTIA. Maca Téks Biantara
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana conto téks biantara, tuluy guru nitah maca
éta téks di jero haté bari diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu
kakandung dina éta téks. Upamana strukturna, masalah nu dibiantarakeun,
suasanana, jeung dina acara naon éta biantara ditepikeun.
P anga j a r a n a nga j a r a n 1BIANTARA
5959Bab IIPITUDUH HUSUS
5Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun.
6
Guru nugaskeun murid pikeun nyusun laporan kelompok, nyaéta
nyusun jawaban dina Pancén 1 kalawan tartib ti nomer hiji nepi ka
nomer 8. Sabadana, juru catur ti unggal kelompok nepikeun hasil
laporan kelompokna. Jawaban ti unggal kelompok ku guru dirangkum
dina tabél matrikulasi pikeun jadi dasar dina nyusun kacindekan diskusi.
Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana, kelompok séjén bisa
mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya nu kudu dilelempeng
(dikoréksi).
7
Guru nyindekkeun hasil diskusi. Hasil kacindekan kudu difokuskeun
kana hal-hal ieu di handap:
- Puisi guguritan boga patokan anu mandiri, luyu jeung patokan
pupuh nu digunakeunana. Ngawengku patokan pada jeung
padalisan (guru wilangan), patokan sora tungtung padalisan (guru
lagu), jeung patokan sipat pupuh nu digunakeun.
- Hiji guguritan biasana dikarang dina hiji pupuh, henteu dina
rupa-rupa pupuh siga dina wawacan.
- Eusi puisi guguritan biasana nepikeun gagasan, pikiran, atawa rasa,
ti batan ngadadarkeun hiji perkara nu sipatna prosais.
- Minangka puisi heubeul, guguritan biasana dikarang keur
ditembangkeun, lain bacaeun di jero haté. Munasabah lamun réa
guguritan ngahaja dikarang keur kaperluan pagelaran tembang
(Cianjuran). Sanajan kitu, réa ogé kiwari guguritan ngahaja
dikarang keur muatkeuneun di media massa atawa diterbitkeun
mangrupa buku.
B. Mikawanoh Puisi Guguritan
No Kagiatan
8
Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana
pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana
usaha ngajembaran pangaweruh murid perkara guguritan. Dina ieu
bagian, aya hadéna guru mawa réa conto guguritan, boh nu mangrupa
rekaman, buku, kliping koran, jeung sajabana.
9
Kagiatanana bisa dimimitian ku nugaskeun murid maca pedaran
dina bagian B (Mikawanoh Puisi Guguritan) kalawan gemet di jero
haté. Sabadana guru muka kasempetan ka murid pikeun nepikeun
pertanyaan atawa ngadiskusikeun hal-hal nu kurang dipikaharti.
58 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
58 Pamekar DBuku Tut
KAGIATAN INTIA. Maca Teks Guguritan
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana conto karangan guguritan nu judulna “Asih Indung” karangan Resmiati. Saméméh dibaca alusna murid sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan pada jeung padalisanana, kumaha basana, judulna, jeung sajabana
2
Murid tuluy disina maca éta guguritan di jero haté kalawan daria. Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engkéna kudu ditéangan hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda.
3Sabada bérés maca guguritan “Asih Indung” di jero haté, guru nyontoan atawa nugaskeun salah saurang murid nembangkeun éta guguritan ku pupuh Kinanti.
4.
Sabadana, murid dibagi jadi 8 kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua, nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid.
Mun digambarkeun posésna siga ieu di handap:
KELOMPOK 1 (Ngajawab
pertannyaan nomer 1)
KELOMPOK 2 (Ngajawab
pertannyaan nomer 2)
KELOMPOK 3 (Ngajawab
pertannyaan nomer 3)
KELOMPOK 4 (Ngajawab
pertannyaan nomer 4)
KELOMPOK 5 (Ngajawab
pertannyaan nomer 5)
KELOMPOK 6 (Ngajawab
pertannyaan nomer 6)
KELOMPOK 7 (Ngajawab
pertannyaan nomer 7)
KELOMPOK 8 (Ngajawab
pertannyaan nomer 8)
KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok
nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok
anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1
nepi ka pertanyaan nomer 8)
Tahap I Tahap I
Tahap II
1111Bab IIPITUDUH HUSUS
2
Guru ngabagi murid jadi opat kelompok pikeun ngadiskusikeun téks
biantara. Tugasna:
1) Kelompok I ngaanalisis struktur téks biantara ka-1.
Alat analisisna bisa ditingali dina pertanyaan nomer hiji dina
pancén ka-1 buku murid. Contona:
Bagian Bubuka
Paragraf ka ….
Paragraf ka ….
Jst
Bagian Eusi
Paragraf ka ….
Paragraf ka ….
Jst
Bagian panutup
Paragraf ka ….
Paragraf ka ….
Jst
2) Kelompok II ngaanalisis masalah nu ditepikeun ku nu biantara.
Dina ngaanalisis masalah nu kakandung dina biantara, murid
kudu nandaan (nyirian) kalimah-kalimah konci anu ngadeudeul
kana masalah nu ditepikeun ku nu biantara. Kelompok tuluy
nyusun laporan diskusina ku cara nyusun karangan pondok anu
ngadadarkeun “masalah poko” nu jadi bukur catur nu biantara.
3) Kelompok III ngaanalisis biantara tina jihad suasana anu mungkin
timbul waktu éta biantara ditepikeun. Upamana, tina masalah nu
ditepikeun ku nu biantara, katémbong sumanget nu biantara nu
hayang ngagedurkeun sumanget hadirin keur merangan narkoba.
Minangka laporan kelompok, murid kudu nyusun karangan
pondok anu ngadadarkeun “suasana” nu bisa dittimbulkeun waktu
éta biantara ditepikeun.
4) Kelompok IV ngaanalisis biantara tina jihad ka saha éta biantara
pantesna ditepikeun. Upamana baé ka murid, ka para pamuda,
ka masarakat réa, atawa ka kelompok-kelompok anu tangtu.
Dina nangtukeun saha-sahana anu bisa jadi “obyék” éta biantara,
kelompok kudu nepikeun ogé alesan-alesan ku naon éta “obyek”
merenah keur ngabandungan éta biantara.
12 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
12 Pamekar DBuku Tut
Sabada réngsé migawé tugasna séwang-séwangan, unggal kelompok
ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna di hareupeun balaréa. Nalika
hiji kelompok ngalapokeun hasil analisisna, kelompok séjénna bisa
mairan.
4 Guru nyindekkeun hasil diskusi kelompok.
B. Nyangkem Struktur Biantara
No Kagiatan
5
Sabada ngalaksanakeun kagiatan maca téks jeung ngadiskusikeun téks
biantara jeung rupaning aspékna. Guru méré pancén ka murid pikeun
neuleuman pedaran nu aya dina bagian B (Nyangkem Struktur Biantara).
Sacara individual murid dibéré pancén ngaasosiasikeun atawa nganalar
rupaning pangaweruh nu kacangkem dina kagiatan diskusi kelompok
jeung pangaweruh ngeunaan struktur biantara dina bagian pedaran.
C. Neuleuman Padika Biantara
No Kagiatan
6
Guru ogé méré pancén ka murid pikeun neuleuman pedaran dina
bagian C (Neuleuman Padika Biantara). Dina ieu bagian, guru leuwih
museurkeun panitén murid kana kumaha cara nepikeun biantara anu
hadé. Hal ieu dilakonan pikeun méré pangaweruh ka murid ngeunaan
téhnik biantara anu hadé.
7
Saméméh nepikeun padika “TAMAN” sakumaha anu dipedar dina
bagian C, aya hadéna guru méré conto biantara mangrupa rekaman
atawa vidéo. Upamana biantara salah saurang inohong anu kawentar
alus dina nepikeun biantara di hareupeun balaréa (publik), boh dina
basa Sunda boh dina basa séjén.
8
Sabada rekaman atawa conto biantara diwanohkeun ka murid, guru
tuluy ngajak murid ngaanalisis éta biantara maké unsur “TAMAN”
(tatag henteu nyaritana, aktual henteu témana, munel henteu eusina,
alus henteu basana, jeung naha biantarana téh ngandung wirahma atawa
henteu). Dina ieu kagiatan, murid bisa dibagi jadi lima kelompok anu
masing-masingna ngaanalisis salah sahiji unsur “TAMAN”. Leuwih
réa conto anu diwanohkeun bakal leuwih variatif jeung leuwih hadé.
5757Bab IIPITUDUH HUSUS
P anga j a r a n a nga j a r a n 8GUGURITAN
KAGIATAN AWALDina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu
patali jeung guguritan. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh
geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa
dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis. Dina wangun tinulis,
basa Sunda dimangpaatkeun ku para bujangga atawa pangarang keur ngarang
guguritan, nu geus lumangsung ti abad ka-19 kénéh.
Di awal pangajaran guru ngayakeun apersepsi atawa ngagali kamampuh awal
murid patali jeung guguritan. Upamana ku nembangkeun sawatara guguritan nu
maké pupuh anu populér. Upamana Kinanti, Sinom, Asmarandana, atawa Pucung.
Contona baé guguritan “Éling-éling mangka éling”, atawa “Budak Leutik bisa
ngapung”. Tuluy diayakeun tanya jawab, contona: “naha hidep kungsi ngadéngé
éta guguritan? Di mana? Jeung sajabana. Alus upama tuluy nugaskaeun ka salah
saurang murid pikeun nembangkeun éta guguritan di hareupeun kelas.
Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri guguritan
ku cara némbongkeun sawatara rekaman, buku, atawa kliping koran/majalah
nu kungsi wangun guguritan. Ditarékahan sangkan minat murid keur ngulik
guguritan leuwih gedé tur timbul kapanasaranana pikeun hayang nyaho leuwih
jero.
Guru nepikeun tujuan pangajaran guguritan luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa
nyebutkeun ciri-ciri wangun puisi guguritan, bisa nataan pupuh nu dipaké keur
nuliskeun guguitan sarta padika-padikana, bisa nembangkeun conto guguritan
nu ngagunakeun pupuh nu populér, sarta bisa ngarang puisi guguritan dina
wangun nu basajaran luyu jeung padika pupuh nu dipakéna.
56 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
56 Pamekar DBuku Tut
37
Guru ogé bisa ngembangkeun modél pangajaran kolaboratif, nyaéta
murid bisa silih babagi informasi, silih koréksi, atawa silih bantuan
dina ngembangkeun hiji carita.
38Hasil pagawéan murid tuluy dikoréksi sarta dipeunteun ku guru, anu
tuluy disusun jadi portofolio.
39
Karya murid anu dianggap punjul bisa dipamérkeun ku guru, atawa
di salurkeun pikeun bisa dimuat di média massa, dina raraga méré
motivasi ka murid sangkan leuwih sumanget diajar.
KAGIATAN PANUTUPDina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran carita pondok? Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran?
Naha carana urang salaku guru geuss nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung
kaharti ku murid? Jeung sajaba ti éta.
Guru méré saran sangkan murid resep maca carita pondok minangka bagian
tina kagiatan aprésiasi sastra, sarta manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta
carita. Kagiatan aprésiasi sastra perlu dimekarkeun pikeun tujuan ngasah rasa
kamanusaan jeung ningkatkeun darajat kabudayaan hiji bangsa. Guru ogé perlu
ngadorong murid sangkan macaan rupa-rupa référénsi perkara carita pondok
dina raraga ngajembaran pangaweruh nu patali jeung kagiatan aprésiasi sastra.
Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran
réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara carita pondok Sunda, jeung geus
bisa ngahasilkeun karya kréatif anu tangtu gedé gunana keur ngalatih kréativitas
(karancagéan), daya pikir, jeung daya cipta.
1313Bab IIPITUDUH HUSUS
9
Sabada ngaanalisis conto biantara ku unsur “TAMAN”, guru méré
pancén ka salah sahiji atawa dua urang murid pikeun ngagalantangkeun
conto téks biantara nu aya dina bagian A. Dina ngagalantangkeun
biantara, murid diperedih ngagunakeun unsur “TAMAN” téa sacara
kréatif. Téks nu dibacakeunana teu kudu kabéh, tapi bisa dicokot
lebah bagian-bagian anu pentingna baé. Ka murid anu geus nyobaan
ngagalantangkeun éta biantara, guru méré aprésiasi anu hadé.
D. Ngaanalisis Téks Biantara
No Kagiatan
10
Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham perkara
struktur jeung padika biantara. Sabada ngaanalisis struktur biantara
dina Bagian B jeung ngaanalisis padika biantara dina bagian C, dina
ieu sub-bab guru ngajak murid ngaanalisis hiji téks biantara kalawan
kompréhénsip minangka latihan pikeun leuwih mikapaham dua aspék
di luhur. Téks nu aya dina ieu sub-bab ngan keur conto baé. Guru
atawa murid bisa néangan téks séjén nu sumberna tina réferénsi séjén
(buku atawa internét) keur bahan analisis.
11
Guru ngabagi murid jadi opat atawa lima kelompok. Unggal kelompok
dibéré tugas nu sarua, nyaéta nganalisis téks biantara ku cara ngajawab
pertanyaan-pertanyaan nu aya dina buku murid (pancén 3 jeung
pancén 4).
12Guru méré kasempetan ka murid pikeun nanyakeun hal-hal anu
kurang kaharti.
13
Hasil analisis kelompok dilaporkeun kalawan susunan anu tartib,
ngawengku:
a. Téks biantarana atawa rekaman CD/Kasét.
b. Jawaban pertanyaan kahiji ngeunaan struktur biantara. Dina
ngajawab pertanyaan kahiji, murid bisa ngagunakeun tabel:
Bubuka
• Conto téks …………………………………........
• Conto paragraf ………………………………….
• Conto omongan ………………………………....
14 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
14 Pamekar DBuku Tut
Eusi
• Conto téks ………………………………………
• Conto paragraf …………………………………
• Conto omongan ………………………………..
Panutup
• Conto téks ………………………………………
• Conto paragraf …………………………………
• Conto omongan ………………………………..
c. Jawaban pertannyaan kadua nu mangrupa glosarium (daftar kecap
jeung hartina).
d. Jawaban pertanyaan katilu ngeunaan cara ngagalantangkeun éta
biantara. Eusina nyaéta hasil tafsiran murid kumaha hadéna éta
biantara ditepikeun.
14
Hasil analisis murid ku masing-masing kelompok dilaporkeun ka guru
sarta ku guru dipeunteun maké rubrik évaluasi anu merenah. Hasil
évaluasina dilaporkeun deui ka murid sarta guru ngayakeun réfl éksi
patali jeung hasil analisis murid.
E. Nepikeun Biantara
No Kagiatan
15
Dina ieu kagiatan murid latihan biantara anu prosésna dimimitian
ku nyusun téks biantara sorangan nepi ka ngagalantangkeunana di
hareupeun kelas.
16
Guru méré apersépsi ku cara ngélingan murid kana pangajaran nu geus
ditepikeun saméméhna, utamana perkara kumaha nepikeun biantara
anu hadé nu geus dibahas dina sub-bab “Padika Biantara” (bagian C).
Guru ogé bisa méré deui conto rékaman CD atawa kasét nu biantara
keur méré wawasan ka murid dina nepikeun biantarana.
17Guru muka kasempetan ka murid pikeun ngayakeun tanya jawab patali
jeung hal-hal nu can ngarti atawa can dipikapaham.
18
Guru méré pancén ka murid (Pancén 5) ngeunaan léngkah-léngkah
nepikeun biantara, nyaéta:
a. Milih topik.
b. Nyusun téks jeung ngapalkeun téks.
c. Ngéstokeun unsur-unsur TAMAN.
d. Nepikeun biantara di hareupeunn kelas.
5555Bab IIPITUDUH HUSUS
27
Hasil analisis bisa didadarkeun mangrupa éséy pondok. Anu susunanana
bisa kieu:
Paragraf 1 nerangkeun téma carpon.
Paragraf 2 ngadadarkeun para palaku jeung pasipatanana.
Paragraf 3 ngadadarkeun latarna, jeung saterusna.
28
Murid tuluy maca carpon “Ada Main” karangan Darpan kalawan gemet
di jero haté. Upama aya kekecapan nu kurang kaharti, murid dititah
nyusun éta kekecapan nepi ka jadi glosarium, anu tuluy ditéangan
hartina dina kamus.
29Murid tuluy ngajawab pertanyaan nu patali jeung unsur carita
minangka bahan keur nyusun éséy.
30
Murid sacara individual nyusun éséy dumasar kana jawaban atawa hasil
analisisna. Dina nyusun éséy, murid diwawadian pikeun ngagunakeun
basa Sunda anu merenah sarta ngéstokeun cara ngagunakeun éjahan
jeung tanda baca anu bener.
31Murid ngumpulkeun pancaénna sarta guru nyusun éta pancén jadi
portofolio.
G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini
No Kagiatan
32Dina ieu bagian, murid ditugaskeun pikeun ngarang carpon atawa
fi ksimini kalawan ngagunakeun daya ciptana sorangan.
34
Saméméhna guru méré bekel aprésiasi ku cara mulangkeun deui
ingetan murid kana carpon nu kungsi dibaca dina bagian saméméhna,
jeung rupaning pangaweruh ngeunaan carpon atawa fi ksimini tina
hasil diskusi.
35
Guru tuluy nugaskeun murid pikeun maca kalawan gemet dadaran
dina Pancén 5. Guru ogé méré kasempetan ka murid pikeun nepikeun
pertanyaan saupama aya hal-hal anu kurang kaharti.
36
Murid sacara individual dibéré kasempetan jeung kabbébéasan pikeun
ngarang hiji carita pondok atawa fi ksimini sakumaha pamaredih Pancén
5. Aya hadéna lamun guru ngabébaskeun muridna pikeun néangan
inspirasi sacara laluasa, upamana nitah murid kaluar ti kelas sarta
niténan alam sabudeureun. Ti dinya, bisa jadi aya bahan anu katangkep
ku pancaindra murid pikeun ditimbang-timbang jadi bahan carita.
54 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
54 Pamekar DBuku Tut
22
Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap:
KELOMPOK 1 (Ngajawab
pertannyaan nomer 1)
KELOMPOK 2 (Ngajawab
pertannyaan nomer 2)
KELOMPOK 3 (Ngajawab
pertannyaan nomer 3)
KELOMPOK 4 (Ngajawab
pertannyaan nomer 4)
KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok
nu opat ngahiji ngawangun kelompok
anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1
nepi ka pertanyaan nomer 4)
23
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok
anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur
nepikeun jawaban di hareupeun kelas.
24
Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun
hasil diskusi kelompokna. Waktu hiji kelompok nepikeun jawabanana,
kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua atawa aya
nu kudu dilelempeng (dikoréksi).
25Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru
nyindekkeun hasil diskusi.
F. Ngaanalisis Carpon
No Kagiatan
26Guru nerangkeun heula pancén naon nu kudu dipigawé ku murid
sacara individual dina sub-bab F (Ngaanalisis Carpon).
Murid disina maca carpon “Ada Main” dijero haté kalawan gemet,
sarta tuluy dititah ngaanlasis unsur-unsur caritana. Cara ngaanalisisna
bisa ngagunakeun analisis carpon “Kuburan” di bagian awal bab.
Nyaéta, murid nyusun pertanyaan-pertanyaan nu patali jeung unsur
carita. Upamana:
- Naon téma caritana?
- Saha waé palaku nu kacatur dina éta carita jeung kumaha
pasipatanana?
- Di mana latar tempatna jeung iraha latar waktuna?
- Maké tilikan (point of view) saha éta carita dilalakonkeunana?
- Kumaga galur caritana?
- Naon amanat nu bisa kapetik sabada urang maca éta carita?
1515Bab IIPITUDUH HUSUS
19
Sangkan sakabéh murid kabagéan nepikeun biantara di kelas, aya hal-
hal anu kudu dititénan ku guru. Di antarana baé:
a. Téks biantara murid kudu difokuskeun kana eusina, sedengkeun
bubuka (mukadimah) jeung panutupna bisa saperluna baé.
b. Durasi biantara murid ulah lila teuing (cukup 2-3 menit).
c. Lantaran biantara téh “art of speech”, kalimah-kalimah biantara
nu disusun ku murid kudu réa direumbeuy ku mamanis basa
(upamana diselapan ku sisindiran, kalimah-kalimah pinilih/”kata-
kata mutiara”, babasan jeung paribasa, jsb.).
Dina ieu prosés guru sacara aktif jadi fasilitator ku cara méré bahan,
méré référénsi, atawa méré saran sangkan téks biantara nu dikarang ku
murid munel eusina.
20
Guru ngadesain ruangan kelas sangkan waktuna murid biantara
enya-enya siga nyanghareupan publik/jalma réa. Upamana ku cara
nempatkeun podium di hareupeun kelas keur tempat biantara murid.
Podium bisa dijieun atawa dirékayasa tina barang-barang anu basajan.
Bisa ogé nyadiakeun mic (boh enyaan lengkep jeung spikerna, boh
ukur bobohongan).
21
Murid nepikeun biantarana saurang-saurang kalawan ngéstokeun
unsur “TAMAN” sarta nitah murid nu ngabandungan méré réspon
anu positif, upamana ku cara méré keprok. Dina ieu prosés Guru méré
peunteun maké rubrik évaluasi anu merenah.
KAGIATAN PANUTUPDina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran biantara, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung
sajabana.
Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikapaham
perkara biantara. Contona nitenan rupa-rupa cara tokoh biantara, siga nu sok
katongton dina televisi atawa kasaksian dina hiji acara/kagiatan, tuluy dibanding-
banding jeung pangaweruh nu geus kacangkem ku dirina.
Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh
geus meunang rupa-rupa élmu perkara biantara dina basa Sunda.
16 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
16 Pamekar DBuku Tut
KAGIATAN AWALDina awal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran
paguneman. Guru ogé bisa ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh geus
bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa dina
kahirupan sapopoé. Guru umajak sangkan dina ngayakeun komunikasi téh ulah
urang poho kana tatakrama minangka wujud tina silih hargaan papada jalma.
Dina lawungan mimiti guru ngajak murid paguneman ngeunaan hiji perkara
anu keur aktual sarta paguneman dipungkas ku guru ku nepikeun “pernyataan”
yén éta téh conto paguneman nu biasa dilakonan ku urang dina kahirupan
sapopoé. Ti dinya guru ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri
paguneman ku cara némbongkeun gambar atawa muter rékaman paguneman.
Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid
perkara paguneman dina basa Sunda.
Guru nepikeun tujuan pangajaran paguneman luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid
mikawanoh wangun-wangun téks paguneman, bisa ngaanalsis aspék-aspék
kabasaan paguneman dina rupa-rupa situasi, bisa mikapaham aspék-aspék undak-
usuk basa Sunda nu nyampak dina paguneman, bisa nyusun téks paguneman
sorangan kalawan ngagunakeun basa Sunda anu merenah, sarta bisa mintonkeun
paguneman di hareupeun kelas.
KAGIATAN INTIA. Maca Téks Paguneman
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana dua conto téks paguneman. Murid
dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina
ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa
nu digunakeunana, bentuk pagunemanana, para palaku pagunemanana,
jeung sajaba ti éta.
P anga j a r a n a nga j a r a n 2PAGUNEMAN
5353Bab IIPITUDUH HUSUS
16
Dina proses diskusi guru nyadiakeun tabél matrikulasi (bisa digambar
dina bor atawa dina média séjén). Guru tuluy nanya atawa nunjuk
sacara acak murid ti unggal kelompok pikeun nepikeun hasil
pagawéanana. Jawaban ti murid bisa didiskusikeun deui jeung nu séjén
nepi ka kapanggih jawaban nu leuwih lengkep (sampurna). Guru
bisa ngalelempeng mun aya nu kudu dikoréksi. Hasil jawaban murid
diasupkeun kana tabél matrikulasi keur dipaké dasar dina nyieun
kacindekan diskusi.
17 Guru nyindekkeun hasil diskusi.
E. Fiksimini Sunda
No Kagiatan
18
Guru nitah murid maca pedaran awal bagian E (Fiksimini Sunda)
kalawan gemet, sarta maca conto-conto fi ksimini Sunda karangan
Hadi AKS nu judulna “Lebaran Ahéng”. Guru bisa ogé néangan conto
fi ksimini séjén anu dianggap leuwih luyu jeung kaayaan lingkungan
murid. Hadéna disadiakeun kamus Basa Sunda bisi aya kekecapan nu
kurang kaharti ku murid.
19
Guru bisa ogé nyontokeun cara maca fi ksimini bari digalantangkeun,
atawa nitah murid nu boga kamampuh maca bedas anu alus. Ieu
tarékah téh keur ngahégar-hégar suasana pangajaran, atawa minangka
selingan sangkan kagiatan diajar leuwih dinamis.
20
Sabadana, murid dibagi jadi 4 kelompok sarta unggal kelompok murid
disina néangan jawaban tina 4 pertanyaan nu nyampak dina Pancén
3. Hiji kelompok kudu ngajawab hiji pertanyaan kalawan daria
ngaliwatan prosés diskusi.
21Murid migawé pancén sarta guru jadi fasilitator atawa jadi sumber
informasi upama dibutuhkeun.
Guru bisa ngagunakeun model pangajaran anu dinamis. Upamana,
sabada diskusi di kelompokna séwang-séwangan, anggota kelompok
néangan batur ti kelompok anu béda, nepi ka kawangun kelompok
anyar nu anggotana ngawengku anggota kelompok 1nepi ka kelompok
4. Di kelompok anyar bakal nyampak opat jawaban murid.
52 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
52 Pamekar DBuku Tut
C. Kamekaran Carpon
No Kagiatan
11
Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian C (sub-bab
Kamekaran Carpon) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian
kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta
kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan
hartina dina kamus.
12
Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupaning pangaweruh nu nyampak
dina bagian C jeung pangalaman sarta pangaweruh anu kacangking
dina diskusi saméméhna. Sacara Individual, murid ogé bisa ditugaskeun
néangan informasi perkara buku-buku kumpulan carpon Sunda,
pangarangna, sarta taun terbitna, dina raraga ngajembaran pangaweruh
ngeunaan kamekaran carpon Sunda.
13
Minangka alternatif, murid ditugaskeun keur néangan hiji carita
pondok anu alus ajénna, néangan biografi jeung poto pangarangna,
sarta didesain sangkan bisa ditémpélkeun atawa diwanohkeun ka nu
lian. Alusna mah dipilih pangarang anu mémang geus moyan sarta
karyana pinunjul. Guru tuluy milih sawatara hasil pagawéan muridd
pikeun “dipamérkeun” di ruang kelas, minangka tarékah ngawanohkeun
karya sastra Sunda jeung pangarangna.
D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng
No Kagiatan
14
Guru ngabagi murid jadi genep atawa tujuh dalapan pikeun migawé
pancen 2 dina bagian D, nyaéta néangan bébédaan antara carita pondok
jeung carita dongéng. Murid diaping ku guru pikeun manggihan éta
bébédaan dina prosés diskusi.
15
Guru nerangkeun tugas masing-masing kelompok. Unggal kelompok
ditugaskeun keur néangan bebedaan antara carita pondok jeung carita
dongéng. Lembar kerjana bisa ngagunakeun tabél dina Pancen 2.
Dina ieu diskusi, murid ngalengkepan titik-titik dina tabél. Sabada
réngsé diskusi di kelompokna, murid néangan pasangan kelompok
séjén pikeun ngabanding-banding hasil diskusina, nepi ka kawangun
kelompok-kelompok anyar nu mangrupa gabungan tina kelompok
awal (3 atawa 4 kelompok).
1717Bab IIPITUDUH HUSUS
2 Murid ngabanding-banding téks paguneman kahiji jeung kadua.
3Murid dibagi kana opat atawa lima kelompok, anu tugas unggal
kelompokna nyaéta ngajawab pertanyaan nu aya dina pancen 1.
4Murid ngayakeun diskusi kelompok keur ngajawab pertanyaan dina
pancen 1.
5
Sabada diskusi, unggal kelompok nu diwakilan ku juru caturna
séwang-sewangan nepikeun laporan hasil diskusi. Guru nyindekkeun
unggal jawaban kelompok nomer per nomer nepi ka aya jawaban anu
pertéla tina unggal pertanyaan. Hadéna guru geus nyadiakeun tabel
pancén 1 ti anggalna dina fi le komputer atawa dina bor sangkan
unggal jawaban kelompok langsung katémbong sarta langsung bisa
dibanding-banding.
B. Ngaanalisis Paguneman
No Kagiatan
6
Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab
nganalisis paguneman). Murid ngaasosiasikeun jawaban dina diskusi
kelompok nu geus dibahas ku guru jeung rupaning informasi nu
nyampak dina bagian B.
7
Sabadana, guru méré pedaran singket ngeunaan paguneman ku cara
museurkeun pedaran kana dua masalah inti, nyaéta situasi resmi
jeung teu resmi dina paguneman sarta undak-usuk basa dina
paguneman. Éta dua masalah dina paguneman téh boga implikasi
séwang-séwangan tur kudu jadi perhatian keur nu ngalaksanakeun
paguneman.
8
Patali jeung undak-usuk basa dina paguneman – anu ogé disebut
tatakrama basa – guru méré pancén ka murid pikeun ngimeutan
kecap-kecap loma jeung lemes dina téks paguneman kahiji, lantaran
di dinya nyampak kecap-kecap lemes (boh lemes keur sorangan boh
lemes keur ka batur) nu dipaké ku palaku paguneman. Sacara individual
murid sina maluruh kekecapan lemes dina éta paguneman, tur hasilna
didiskusikeun (diakurkeun) jeung hasil analisis babaturanana (tingali
Pancén 2).
18 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
18 Pamekar DBuku Tut
9
Guru nyindekkeun pedaran yén saéstuna paguneman urang sapopoé
téh henteu leupas tina dua aspék, nyaéta aspék formal henteuna, jeung
aspék tatakrama.
C. Paguneman dina Karya Sastra
No Kagiatan
10
Saéstuna sub-bab C leuwih neueulkeun dadaran paguneman nu aya
patalina jeung aprésiasi karya sastra, boh prosa, puisi, jeung drama. Ku
hal, éta pedaran paguneman dina ieu bagian mah ngala wangunna
wungkul, sedengkeun pedaranana bisa dipatalikeun atawa dijembaran
kana soal-soal aprésiasi sastra.
11
Aya tilu paguneman dina ieu bagian, nyaéta paguneman dina prosa, dina
puisi, jeung dina drama, lengkep jeung pancénna séwang-séwangan.
Éta tilu bahan téh keur diskusikeuneun murid.
12
Guru ngadadarkeun pancén anu kudu dipigawé ku murid. Saméméhna,
sakabéh murid kudu maca heula tilu conto paguneman nu nyampak
dina buku.
13
Dina prakna ngaanalisis paguneman dina karya sastra, guru ngabagi
kelompok murid jadi genep kelompok. Dua kelompok ngadiskusikeun
paguneman dina prosa, dua kelompok ngadiskusikeun paguneman
dina puisi, sarta dua kelompok deui ngadiskusikeun paguneman dina
drama. Dua kelompok anu bahan diskusina sarua sina diskusi séwang-
séwangan heula dina kelompokna masing-masing. Alat analisisna
nyaéta pancen 3, pancén 4, jeung pancén 5.
a. Pancén 3 (keur kelompok 1 jeung 2) ngarobah kalimah-kalimah
langsung dina téks jadi bentuk paguneman tanya jawab.
b. Pancén 4 (keur kelompok 3 jeung 4) nyieun parafrase tina puisi
kana bentuk prosa.
c. Ngaanalsis onjoyna (atawa kaunikanana) paguneman dina drama
jeung nangtukeun tujuan ditulisna téks drama.
14
Sabada unggal kelompok réngsé migawé pancénna, kelompok 1 jeung
2 ngagabung keur ngabanding-banding hasil pagawéanana séwang-
séwangan nepi ka aya persépsi anu sarua. Dina ieu rposés, lumangsung
deui diskusi dua kelompok. Kitu deui kelompok 3 jeung 4, sarta
kelompok 5 jeung 6, migawé diskusi anu sarua keur nyaruakeun
persépsi.
5151Bab IIPITUDUH HUSUS
4
Kelompok anyar kudu ngabahas deui jawaban nu dibawa ku anggota
kelompokna bisi aya nu kudu disampurnakeun. Lian ti éta kelompok
anyar kudu milih salah sahiji anggotana pikeun jadi juru catur keur
nepikeun jawaban di hareupeun kelas.
5
Guru nitah juru catur ti unggal kelompok anyar pikeun nepikeun
hasil diskusi kelompokna. Cara ngabagi peresentasi diluyukeun jeung
jumlah kelompok. Upamana, mun kelompok anyar téh aya opat
kelompok, unggal kelompok kabagéan pikeun nepikeun jawaban
dua jawaban séwang sacara bagilir. Waktu hiji kelompok nepikeun
jawabanana, kelompok séjén bisa mairan bisi aya jawaban anu teu sarua
atawa aya nu kudu dilelempeng (dikoréksi).
6Sabada juru catur unggal kelompok nepikeun jawabanan, guru
nyindekkeun hasil diskusi.
B. Unsur-unsur Carita Pondok
No Kagiatan
7
Dina ieu bagian, guru ngaasosiasikeun hasil diskusi kelompok kana
pedaran nu aya dina Bagian B. Pedaran utamana difokuskeun kana
struktur carita pondok nu ngawengku Jejer (téma), palaku, latar
(setting), puseur sawangan (point of view), galur carita (plot), jeung
amanat carita.
8
Sangkan aya dinamika, guru bisa ngabagi-bagi deui pedaran dina bagian
B luyu jeung kelompok-kelompok diskusi saméméhna. Upamana
kelompok 1 nu ngajawab pertanyaan nomer 1 sina ngaderes pedaran
bagian (a), kelompok 2 ngaderes bagian (b), jeung saterusna.
9
Sabada ngaderes pedaran, unggal kelompok nepikeun pamadeganana
atawa kacindekan kelompokna ngeunaan bagian-bagian struktur
carpon. Waktu hiji kelompok nepikeun pamadeganana, kelompok
séjén bisa mairan. Bisa ngalelempeng, nambahan, atawa nepikeun
pertanyaan.
10
Upama diperlukeun, guru méré apingan atawa nambahan katerangan
tina hasil diskusi murid, sarta antukna nyindekkeun hasil diskusi sacara
umum.
50 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
50 Pamekar DBuku Tut
KAGIATAN INTIA. Maca Carita Pondok
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana conto karangan carita pondok nu judulna
“Kuburan” karangan Trisna Mansur. Saméméh dibaca alusna murid
sina niténan heula wangun karanganana. Upamana niténan panjang
pondokna karangan. Kumaha kalimah mimitina, kumaha judulna,
jeung sajabana
2
Murid tuluy disina maca éta carpon di jero haté kalawan daria.
Salila maca murid dititah nyirian kekecapan anu teu hartina teu
pati dipikapaham. Upamana aya sawatara kecap anu teu kaharti, ku
murid kudu disusun mangrupa glosarium anu engké kudu ditéangan
hartina dina kamus basa Sunda. Ieu tarékah téh minangka cara keur
ngajembaran kabeungharan kecap basa Sunda.
3
Sabada bérés maca carpon “Kuburan”, murid dibagi jadi sawatara
kelompok pikeun diskusi jeung ngajawab pertanyaan dina Pancén 1.
Jumlah kelompokna diluyukeun jeung kabutuhan. Upamana diwangun
jadi 8 kelompok. Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1, kelompok
kadua ngajawab pertanyaan nomer 2, jeung saterusna. Sabada diskusi
di kelompokna séwang-séwangan minangka tahap kahiji, anggota
kelompok néangan batur ti kelompok anu béda minangka tahap kadua,
nepi ka kawangun kelompok anyar nu anggotana ngawengku anggota
kelompok 1nepi ka kelompok 8. Kelompok anyar dibéré pancén
pikeun nyusun jawaban pertanyaan ti nomer 1 nepi ka 8. Hartina, di
kelompok anyar bakal nyampak dalapan jawaban murid.
Mun digambarkeun rposésna siga ieu di handap:
KELOMPOK 1 (Ngajawab
pertannyaan nomer 1)
KELOMPOK 2 (Ngajawab
pertannyaan nomer 2)
KELOMPOK 3 (Ngajawab
pertannyaan nomer 3)
KELOMPOK 4 (Ngajawab
pertannyaan nomer 4)
KELOMPOK 5 (Ngajawab
pertannyaan nomer 5)
KELOMPOK 6 (Ngajawab
pertannyaan nomer 6)
KELOMPOK 7 (Ngajawab
pertannyaan nomer 7)
KELOMPOK 8 (Ngajawab
pertannyaan nomer 8)
KELOMPOK ANYAR (Hiji wakil ti kelompok
nu dalapan ngahiji ngawangun kelompok
anyar keur nyusun jawaban pertanyaan 1
nepi ka pertanyaan nomer 8)
Tahap I Tahap I
Tahap II
1919Bab IIPITUDUH HUSUS
Sabadana, guru nunjuk wawakil ti kelompok 1 jeung 2, 3 jeung 4, sarta
5 jeung 6 pikeun nepikeun présentasi hasil diskusi. Unggal kelompok
bisa silih pairan.
Hasil diskusi anu dipiharep kira-kira kieu:
a. Prosa:
Édo : Ih geuning Ujang! Kang Encu ieu Jang Ganda!:
Samsu : Iraha ka dieu, Jang?
Suganda : Tadi, nyubuh.
Samsu : Geuning kamari teu béja-béja?
(Suganda teu némbal)
Samsu : Teu ka sakola?
Suganda : Permios sadinten ieu.
Samsu : Aya naon?
Suganda : Badé diparios dokter.
Samsu : Ku naon, gering?
Suganda : Badé diala getih.
Samsu : Diala getih? Naha?
Suganda : Kanggo ....
Samsu : Keur Enéng?
(Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkeun, nyekel taktak
Suganda. Teu lemek teu nyarék. Ngan socana baé baseuh)
Édo : Teu nyeri Jang, diala getih téh?
Suganda : Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa.
Édo : Naha nya, maké dipariksa heula sagala...?
Suganda : Bisi teu aakur kapan?
Édo : Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua
getih jelema téh? (bari ngarérét ka Bapa Naib).
Suganda : Bisi teu akur golonganana... Pan aya golongan A,
golongan B, golongan... naon deui.
b. Puisi:
Aya budak nanya ka indungna perkara eusi langit, di mana
tungtung langit, jeung nanya soal béntang anu baranang. Ari
dijawab ku indungna majar téh cenah langit téh teu jauh ti dada
ema, eusina napas jeung getih. Ari bentang pajarkeun téh teu jauh
ti Si Ujang.
Budak téh nanya deui, cenah ari nu boga langit téh saha, kitu
deui béntang anu baranang, bulan, beurang jeung peutingna, éta téh
saha nu bogana? Ari jawab indungna, cenah éta kabéh ogé bogana
Si Ujang, paéhna, hirupna, kabéhanana ogé bogana Si Ujang.
20 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
20 Pamekar DBuku Tut
15
Lamun dihartikeun mah éta puisi téh ngagambarkeun kanyaah
indung ka budakna. Indungna nganggap sagala nu aya di ieu alam
dunya téh saolah-olah milik SI Ujang, budak nu dipikanyaahna.
c. Drama:
Onjoyna atawa kaunikan éta naskah drama téh di antarana:
1) Paguneman dibarengan ku rupa-rupa pituduh. Upamana
pituduh ngeunaan paripolaah palaku. Pituduh keur nyiptakeun
adegan di panggung, pituduh ka saha omongan ditujulkeun,
jeung sajabana.
2) Basa nu digunakeun dina paguneman drama mah diréka, henteu
sahinasna siga paguneman biasa. Malah sok diciptakeun adegan
anu dramatis. Contona omongan Tanuwijaya ieu di handap!
TANUWIJAYA : (KA PURAGABAYA jeung PANATAYUDA)
Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh.
Musuh keur kadieukeun.
3) Para palaku jeung sawatara pituduh dittulis maké hurup
kapital kabéh. Saolah-olah hayang tétéla jeung méré akséntuasi
(penegasan).
Biasana téks drama mah ditulis keur dipanggungkeun. Ku sabab éta,
pagunemana ditulis kalawan diréka sangkan engké mun dipanggungkeun
matak kataji anu nongton.
16
Guru nyindekkeun pangajaran yén wangun-wangun paguneman téh bisa
kapanggih dina rupa-rupa bentuk jeung keur rupa-rupa kaperluan. Dina
karya sastra bentuk-bentuk paguneman téh bisa kapanggih dina prosa,
puisi, jeung drama, anu ditulis ku pangarang keur rupa-rupa tujuan.
17
Guru méré saran ka murid sangkan macaan deui paguneman dina
karya sastra anu nyampak dina buku atawa karya sastra séjén di luar
conto buku téks. Tujuanana, sangkan murid leuwih paham kana
wangun paguneman dina karya sastra sarta pikeun milu ngaaprésiasi
karya sastra Sunda nu winangun prosa, puisi, jeung drama.
D. Nyusun Téks aguneman
No Kagiatan
18
Dina ieu kagiatan guru ngajak murid sangkan leuwih paham kumaha
nyusun dialog atawa paguneman dina wangun tinulis. Wangun paguneman
siga kitu téh sok kapanggih dina karangan-karangan prosa, upamana
dina dongéng, carpon, atawa novel. Nyusun paguneman sarupa kitu téh
mangpaat pisan lamun urang keur diajar ngarang. Tapi téhnik nyusun
dialog sarupa kitu téh henteu babari. Butuh latihan anu daria.
4949Bab IIPITUDUH HUSUS
P anga j a r a n a nga j a r a n 7WAWANCARA
KAGIATAN AWALDina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu
patali jeung carita pondok (carpon). Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran
ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung
papada manusa dina kahirupan sapopoé, boh sacara lisan boh sacara tinulis.
Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén basa Sunda geus dimangpaatkeun
ti baheula keur nuliskeun rupa-rupa masalah. Di antarana dipaké keur nuliskeun
karya sastra samodél wawacan, novel, sajak, atawa carita pondok. Ti dinya guru
bisa ngayakeun tanya jawab jeung murid, upamana karangan naon baé nu kungsi
di bacana, ti mana sumberna, iraha macana, jeung sajabana. Pertanyaan tuluy
leuwih difokuskeun kana hal-hal nu patali jeung carita pondok. Upamana
naha kungsi maca carpon, naon judulna, saha pangarangna, ti mana sumberna,
jeung sajabana. Éta kabéh pertanyaan téh bisa dianggap apersépsi keur ngagali
kamampuh jeung pangaweruh awal murid ngeunaan wanda karangan carita
pondok.
Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri carita pondok
ku cara némbongkeun buku atawa karangan carpon nu kungsi dimuat di rupa-
rupa média, upamana tina koran, majalah, atawa internét.
Guru nepikeun tujuan pangajaran carita pondok luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa
ngabédakeun wangun carpon jeung dongéng atawa carita wayang nu geus diulik
di bab saméméhna, bisa ngaanalisis struktur carita carpon, mikapaham sajarah
kamekaran carita pondok Sunda, sarta bisa ngarang carita pondok Sunda dina
wangun nu basajan.
48 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
48 Pamekar DBuku Tut
Guru bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikaresep carita
wayang minangka bagian tina warisan budaya karuhun urang nu loba ngandung
amanat hadé. Tugas tambahan ogé dipiharep bisa ngajembaran wawasan jeung
pangaweruh murid ngeuaan rupaning aspék carita wayang, boh nu umum boh
nu nyampak di masarakat lokal.
Dina nutup pangajaran guru ngajak murid sukuran ka Pangéran réh geus
meunang rupa-rupa élmu perkara carita wayang jeung rupa-rupa hikmah atawa
hal-hal anu hadé di jerona.
2121Bab IIPITUDUH HUSUS
19
Guru méré pituduh cara nyusun téks paguneman dina karangan. Di
antarana kudu niténan hal-hal ieu di handap:
a. Kalimah paguneman kudu disusun mangrupa kalimah langsung.
b. Ciri kalimah langsung dina tulisan sok dicirian ku dua tanda
kekenteng (“...”) di awal jeung di ahir omongan nu dikutip.
c. Sabada kutipan langsung bisa ditambahan ku katerangan saha nu
nyaritana atawa bari kumaha nyaritana. Contona:
“Keur naon di dinya?” ceuk Ahmad.
“Gancang atuh leumpangna!” pokna bari rada nyentak.
d. Unggal kutipan langsung hurup mimitina kudu maké aksara
gedé.
e. Keur ngabédakeun paguneman hiji tokoh jeung tokoh séjénna
kudu dibédakeun ku alinéa anyar.
f. Tanda baca di ahir omongan kutipan langsung kudu diluyukeun
jeung kalimahna. Upama, kalimah parentah ditungtungan ku tanda
panyeluk (!), kalimah pananya ku tanda tanya (?), atawa tanda koma
(,) keur kalimah wawaran. Contona:
1) “Tutupkeun pantona!” ceuk Ahmad.
2) “Saha nu nutupkeun panto?” ceuk Ahmad.
3) “Pantona geus nutup,” ceuk Ahmad.
Upama katerangan saha nu nyaritana aya di hareup, dina ahir
kutipan langsung dipungkas ku titik (.). Contona:
4) Ahmad nyarita, “Pantona geus nutup.”
20Guru ngawanohkeun conto téks paguneman anu can anggeus dina
bagian D sarta ngajelaskeun kudu dikumahakeun éta téks.
21
Guru ngabagi murid jadi sawatara kelompok sarta méré pancén ka
unggal kelompok pikeun ngaréngsékeun éta paguneman nepi ka
tamat luyu jeung paréntah dina buku téks. Murid dibéré kabébasan
pikeun mekarkeun éta paguneman naratif luyu jeung pikiran sarta
kréativitasna séwang-séwangan.
22
Hasil tina pancén kelompok diprésentasikeun di hareupeun kelas
ku masing-masing kelompok, sarta guru mairan saperluna. Guru
ogé ngoérkasi paguneman hasil karya kelompok, utamana dina soal
nuliskeun éjahan, bisi kapanggih kasalahan-kasalahan téknis dina soal
ngalarapkeun éjahan basa Sunda.
23
Sabadana, guru méré pancén individual (bisa baé di-PR-keun) ka
murid pikeun nyusun paguneman naratif kalawan masalah jeung
tokoh anu béda.
22 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
22 Pamekar DBuku Tut
E. Mintonkeun Paguneman
No Kagiatan
24
Guru nerangkeun yén dina ieu bagian murid rék dibéré pancén pikeun
mintonkeun paguneman di hareupeun kelas kalawan ngagunakeun
basa Sunda anu merenah jeung bari niténan soal-soal tatakrama dina
paguneman.
25
Guru ngabagi murid jadi sababaraha kelompok. Sakelompokna dua
atawa tilu urang. Unggal kelompok ditugaskeun nyusun heula téks
paguneman anu engkéna bakal dipintionkeun di hareupeun kelas.
Bubuka pagunemanana maké pola nu disadiakeun dina buku téks,
murid tinggal neruskeun.
26
Téma paguneman unggal kelompok kudu béda-béda. Guru saméméhna
nyadiakeun rupa-rupa téma/topik paguneman bagikeuneun ka murid.
Éta téma/topik téh bisa ditulis atawa ditémbongkeun mangrupa
gambar/foto. Upamana, guru mintonkeun gambar wangunan kuno,
anu hartina kelompok nu kabagéan éta gambar kudu ngobrolkeun
wangunan kuno minangka topik/téma pagunemanana.
27
Unggal kelompok dibagi topik/téma paguneman keur dimekarkeun
dina téks paguneman nu bakal disusun. Salian ti éta, dina téks
pagunemman kudu kaasupkeun cara-cara ngalarapkeun undak-usuk
basa Sunda.
28
Kelompok nyusun téks paguneman luyu jeung topik/témana séwang-
séwangan. Guru ngawadianan sangkan téks paguneman nu disusun ku
murid mun dipintonkeun durasina cukup 3-5 menit, sangkan unggal
kelompok bisa kagiliran dina sakali lawungan pangajaran.
29 Salila kelompok murid nyusun téks paguneman guru jadi fasilitator.
30Sabada téks paguneman réngsé disusun ku murid, guru méré pancén
ka kelompok keur latihan paguneman luyu jeung téks anu disusun.
31
Unggal kelompok mintonkeun pagunemanana di hareupeun kelas.
Heula pandeurina kelompok anu minton gumantung kaparigelan
guru. Guru ngawanti-wanti yén dina paguneman téh kudu niténan:
a. Kumaha cara muka paguneman anu hadé bari dibarengan ku
sasalaman kalawan rengkuh anu hadé luyu jeung kabiasaan urang
Sunda
b. Nalika paguneman murid kudu maké lentong anu merenah,
volume sora anu hadé, sarta wirahma anu ogé merenah.
c. Paguneman ulah méngpar teuing tina téks nu geus disusun.
4747Bab IIPITUDUH HUSUS
D. Ngaanalisis Carita Wayang
No Kagiatan
15
Dina ieu bagian, guru méré pancén ka murid sacara individual.
Pancénna aya dua rupa, anu bisa dipigawé ku murid sacara “madiri
terstruktur”. Kahiji ngaanalisis carita wayang dina bagian D. Kadua
nyieun éséy pondok tina hasil analisis ngabandungan carita wayang
tina rekaman atawa langsung, sakumaha anu diterangkeun dina
Pancén 5.
16
Pancén kahiji, murid kudu maca sempalan carita wayang “Antara
Asih jeung Adil” dina bagian D, sarta ngajawab lima pertanyaan nu
disadiakeun. Éta pertanyaan kudu dijawab sabada murid mikapaham
bab-bab saméméhna, lantaran aya proses ngaasosiasikeun pahaman
saméméhna jeung carita sarta pertanyaan dina bagian D. Jumlah jeung
eusi pertanyaan bisa dijembaran atawa dirobah ku guru, diluyukeun
jeung kabutuhan.
17
Pancén kadua, murid disina néangan bahan lalajoaneun mangrupa
rekaman wayang golék, anu tuluy kudu dianalisis eusina. hasil analisisna
kudu dijieun éséy pondok sakumaha nu diterangkeun dina pancén 5.
Dina migawé ieu pancén, murid diwawadian sangkan ngagunakeun
basa Sunda anu merenah dina karangan, sarta ngéstokeun cara
ngagunakeun éjahan anu bener.
18
Sabada pancén dipigawé jeung dikumpulkeun, aya hadéna guru milih
sawatara karangan anu dianggap punjul, pikeun dibacakeun ku murid
anu ngarangna di hareupeun babaturanana. Ieu tahap minangka aprésiasi
guru kana hasil gawé murid anu rancagé jeung nuduhkeun kapunjulan
gawé, boh tina jihad analisis, boh tina jihad struktur karangan.
KAGIATAN PANUTUPDina unggal lawungan guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran ngeunaan carita wayang. Contona ku cara nepikeun
pertanyaan: naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran carita wayang, naon
baé kasusah/hahalang dina éta pangajaran, jeung sajabana.
46 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
46 Pamekar DBuku Tut
12
Dina ngaanalisis atawa ngabanding-banding, kelompok murid
bisa ngagunakeun tabel dina pancén 2 atawa pancén 4, atawa mun
diperlukeun guru bisa nyieun instrumén sorangan (mangrupa tabél
atawa wangun séjén) anu kudu dieusian ku murid. Upamana maké
tabel siga ieu di handap minangka lembar kerja murid:
Sasaruaan
Dongéng Carita Wayang
1. ......................
2. ......................
3. ......................
4. ......................
5. ...................... jst
1. ......................
2. ......................
3. ......................
4. ......................
5. ...................... jst.
Bébédaan
Dongéng Carita Wayang
1. ......................
2. ......................
3. ......................
4. ......................
5. ...................... jst
1. ......................
2. ......................
3. ......................
4. ......................
5. ...................... jst
Dina ieu diskusi, guru bisa ngamangpaatkeun modél pangajaran
“éigsaw”. Prosésna, sabada ngeusian tabél di luhur kelompok jangkep
jeung kelompok ganjil, boh antar kelompok boh individual, ngayakeun
komunikasi keur ngalengkepan tabél di luhur nepi ka meunang
gambaran naon baé sasaruaan jeung bébédaan antara carita wayang
jeung dongéng téh.
13
Dina proses diskusi guru nyadiakeun tabél matrikulasi (bisa digambar
dina bor atawa dina média séjén) keur ngarangkum jawaban murid
sarta ngalelempeng mun aya nu kudu dikoréksi. Hasil matrikulasi
dipaké dasar pikeun nyieun kacindekan diskusi.
14 Guru nyindekkeun hasil diskusi.
Dieusian ku kelompok jangkep
Dieusian ku kelompok
ganjil
2323Bab IIPITUDUH HUSUS
KAGIATAN PANUTUPDi ahir pangajaran guru méré kasempetan ka murid pikeun ngaréfl éksikeun
pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina pangajaran paguneman,
naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung sajabana.
Keur nambahan pangaweruh murid, guru bisa méré tugas tambahan sangkan
murid leuwih mikapaham perkara paguneman. Contona nitenan rupa-rupa téks
paguneman dina rupa-rupa wangun, niténan basana, situasina, jeung sajaba ti
éta.
Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh
geus meunang rupa-rupa élmu perkara paguneman dina basa Sunda.
24 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
24 Pamekar DBuku Tut
KAGIATAN AWAL
Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu
patali jeung biografi . Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh
geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa
dina kahirupan sapopoé.
Di awal pangajaran guru ogé nerangkeun yén komunikasi papada jalma téh
bisa sacara tinulis ku cara nuliskeun rupa-rupa pangalaman hirup anu mangpaat
keur bagikeuneun atawa bacaeun batur. Guru ngayakeun tanya jawab jeung
murid, upamana nanyakeun saha ngaran lengkep murid, di mana lahir, saha
indung bapana, di mana alamatna, préstasin naon nu kungsi kahontal, jeung
sajaba ti éta. Kabéh pertanyaan di luhur minangka apersepsi nu diayakeun ku
guru méméh asup kana pangajaran biografi .
Guru ogé ngajak murid pikeun aub leuwih daria kana matéri biografi ku
cara némbongkeun buku atawa gambar jilid buku biografi dina basa Sunda.
Sabadana guru ngayakeun tanya jawab keur ngagali pangaweruh awal murid
perkara biografi .
Guru nepikeun tujuan pangajaran biografi luyu jeung pamaredih Kompeténsi
Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid bisa nyebutkeun
jenis-jenis (wanda) téks biografi , paham kana unsur-unsuur nu aya dina téks
biografi , bisa ngaanalsis unsur biografi tina téks nu dibaca, bisa nyebutkeun
mangpaat biografi , sarta bisa nyusun téks biografi /autobiografi kalawan singget
maké basa Sunda anu merenah.
P anga j a r a n a nga j a r a n 3BIOGRAFI JEUNGAUTOBIOGRAFI
4545Bab IIPITUDUH HUSUS
9
Sabadana, guru ngajak murid ngaasosiasikeun (menalar) informasi-
informasi nu nyampak pedaran jeung pangaweruh anu mungkin baé
geus kacangkem ku murid. Dina ieu tahap, murid boga pamahaman
ngeunaan:
a. Rupa-rupa carita wayang, utamana anu babonna tina carita
Mahabarata (karangan Vyasa) jeung Ramayana (karangan
Walmiki).
b. Bébédaan carita wayang nu cere ti India jeung carita wayang
nu nyampak dina hasanah kabudayaan Sunda, utamana anu sok
dipagelarkeun dina wayang golek.
c. Nyangkem rupa-rupa informasi ngeunaan sumber-sumber carita
wayang nu nyampak dina kabudayaan Sunda. Upamana baé tina
novel, carita pondok, wawacan, sempalan carita wayang, pagelaran
wayang golek (langsung atawa rekaman), jeung sajaba ti éta.
10
Murid bisa ogé dipapancénan pikeun néangan sumber informasi séjén
ngeunaan carita wayang, upamana tina internét, buku, kliping koran,
atawa sumber séjénna. Alus deuih upama aya diskusi terbuka atawa
taanya jawab pikeun ngajembaran pangaweruh murid ngeunaan unak-
anik carita wayang.
C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng
No Kagiatan
11
Guru ngabagi murid jadi opat nepi ka genep kelompok (alusna jangkep)
pikeun migawé pancen 2 dina bagian C, nyaéta néangan sasaruaan
jeung bébédaan antara carita wayang jeung carita dongéng. Minangka
sastra heubeul, tangtu antara carita wayang jeung carita dongéng téh
aya sasaruaanana. Tapi minangka carita anu boga kaunikan séwang-
séwangan, duanana boga bébédaan. Murid diaping ku guru pikeun
manggihan éta sasaruaan jeung bébédaan dina prosés diskusi.
Guru nerangkeun tugas masing-masing kelompok. Kelompok jangkep
ditugaskeun keur néangan sasaruaan antara carita wayang jeung carita
dongéng. Sedengkeun kelompok ganjil ditugaskeun keur néangan
bébédaanana. Bahan keur babandinganana bisa mukaan deui carita
dongéng dina bab saméméhna, anu tuluy disandingkeun jeung carita
wayang nu nyampak dina bab 6.
44 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
44 Pamekar DBuku Tut
2
Murid dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian
sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana
basa nu digunakeunana, struktur caritana, jeung sajaba ti éta.
3
Murid nandaan jeung nyusun kekecapan anu kurang kaharti sarta
disusun mangrupa glasorium tur ditéangan hartina dina kamus basa
Sunda. Ieu usaha téh minangka bagian keur ngajembaran kabeungharan
kecap basa Sunda nu kudu kacangkem ku murid.
4
Guru ngabagi murid jadi opat kelompok keur ngajawab rupaning
pertanyaan dina pancén 1 bagian A. Dijelaskeun yén tugas ngajawab
pertanyaan dina pancén 1 téh tujuanana sangkan murid leuwih paham
kana carita wayang anu nyampak dina téks.
5
Guru nerangkeun pancén keur unggal kelompok. Minangka alternatif,
pertanyaan dina Pancén 1 bisa dibagi-bagi ka opat kelompok, luyu
jeung hésé babarina pertanyaan. Upamana baé:
- Kelompok 1 ngajawab pertanyaan nomer 1 jeung 2.
- Kelompok 2 ngajawab pertanyaan nomer 3, 4, jeung 5.
- Kelompok 3 ngajawab pertanyaan nomer 6.
- Kelompok 4 ngajawab pertanyaan nomer 7
5
Unggal kelompok nunjuk salah saurang anggota pikeun jadi juru
catur keur midangkeun (ngaprésentasikeun) hasil diskusi kelompokna
di hareupeun kelas.
6
Sabada unggal kelompok bérés ngajawab pertanyaan, juru catur
kelompok sacara bagulir nepikeun hasil analisis. Waktu juru catur hiji
kelompok midangkeun jawabanana, kelompok séjén bisa mairan atawa
nanya upama aya hal-hal nu perlu dipadungdengkeun, nepi ka timbul
diskusi kelompok nu leuwih lega. Dina ieu prosés guru ngabingbing
jeung nuyun jalanna diskusi nepi ka murid meunang pangaweruh
anu kompréhénsif ngeunaan carita wayang nu dibaca sarta meunang
pangalaman padungdengan dina diskusi.
7 Guru nyindekkeun hasil diskusi.
B. Pedaran Carita Wayang
No Kagiatan
8Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B ngeunaan
carita wayang kalawan gemet.
2525Bab IIPITUDUH HUSUS
KAGIATAN INTIA. Maca Téks Biografi
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana dua conto téks biografi : “Ti Kebon kana
Carpon” jeung “Antara Karir jeung Rumah Tangga”. Unggal murid
sacara individual dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari
diwawadian sina ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta
téks. Upamana kecap gaganti ngaran nu digunakeun dina éta téks, soal
atawa masalah naon baé nu ditulis dina éta téks, lengkep henteuna
informasi anu ditulis, jeung sajaba ti éta.
2
Murid ogé dibéré pancén pikeun nyirian kekecapan anu teu pati
dipikapaham hartina sarta dicatetkeun dina buku catetan minangka
glosarium. Murid tuluy dititah néangan harti éta kekecapan dina
kamus.
3 Murid ngabanding-banding téks biografi kahiji jeung kadua.
4
Guru méré pancén sangkan murid ngajawab pertanyaan pancén 1 dina
bagian A. Guru ngabagi murid jadi genep kelompok. Unggal kelompok
murid dibéré pancén ngajawab pertanyaan dina hiji kotak tabél.
5
Unggal kelompok murid ngalaporkeun hasil jawabanana séwang-
séwangan. Sabada hiji kelompok ngalaporkeun jawaban, kelompok
séjén dibéré kasempetan pikeun mairan, nanya, atawa méré saran.
6Unggal jawaban kelompok murid ku guru dikatégorisasikeun sarta
dipuseurkeun kana masalah nu baris dipedar dina bagian B.
B. Biografi, Autobiografi, jeung Otobiografi
No Kagiatan
5Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B kalawan
gemet.
6
Sabadana, guru ngajak murid ngaasosiasikeun (menalar) informasi-
informasi nu saméméhna kapanggih waktu ngajawab pertanyaan dina
Bagian A jeung rupa-rupa informasi dina pedaran Bagian B. Dina ieu
tahap, murid boga pamahaman ngeunaan:
a. Bédana biografi jeung autobiografi /otobiografi .
b. Conto-conto biografi jeung autobiografi tokoh nu kungsi ditulis
mangrupa buku sarta disusun maké basa Sunda.
c. Rupa-rupa téks biografi anu ditulis keur rupa-rupa kaperluan.
26 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
26 Pamekar DBuku Tut
C. Unsur-unsur Biografi
No Kagiatan
7
Dina bagian C, guru museurkeun pangajaran ngeunaan rupa-rupa
informasi nu sok kapanggih dina téks biografi . Dipiharep murid
ngaanalisis jeung bisa manggihan éta infromasi minangka bagian tina
unsur-unsur biografi . Pangaweruh nu kacangkem ku murid dina ieu
bagian jadi penting pikeun latihan nyusun téks biografi .
8
Murid dipapancénan pikeun ngimeutan deui conto biografi nu geus
ditandaan unsur-unsurna, ngawengku:
a. Ngaran, lalandian, atawa jujulukna.
b. Kalahiran jeung asal-usul kulawargana.
c. Bentuk fi sik jeung pasipatanana.
d. Riwayat pendidikan jeung pagawéanana.
e. Pikiran atawa gagasanana.
f. Karya atawa hasil gawé.
g. Préstasi jeung pangajén (penghargaan) nu kungsi katarima.
Éta unsur téh henteu sakabehna nyampak dina téks. Ku sabab kitu,
éta unsur téh minangka calecer (patokan) baé dina ngaanalisis téks
biografi , atawa ukur jadi alat analisis.
9
Guru tuluy méré pancén ka murid ngaanalisis téks biografi “Bapana
Si Mamih” dina Bagian C. Pancén dipigawé sacara individual atawa
kelompok (2-3 urang). Cara nganalisisna ditandaan saperti conto dina
Bagian C. Sabada pancén bérés dipigawé, murid ngabandingkeun
hasil analisisna jeung babaturanana atawa jeung kelompok anu séjén.
Upama aya bébédaan hasil analisis, guru bisa méré komentar saperluna
atawa ngalelempeng.
10Murid jeung guru nyindekkeun unsur naon baé nu kapanggih dina
téks biografi “Bapana Si Mamih”.
D. Mangpaat Biografi
No Kagiatan
11Guru méré pancén ka murid pikeun maca kalawan gemet dadaran
“Mangpaat Biografi ” dina Bagian D.
4343Bab IIPITUDUH HUSUS
KAGIATAN AWALDina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta ngajak murid pikeun sukuran
ka Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung
papada manusa dina kahirupan sapopoé. Guru ogé nerangkeun yén basa Sunda
téh basa nu diwariskeun ku karuhun urang ku rupa-rupa cara. Di antarana basa
Sunda diwariskeun ngaliwatan carita wayang nu leubeut ku siloka kahirupan.
Ku hal éta, miara basa Sunda ngaliwatan carita wayang hartina nyalametkeun
rupaning siloka hirup, boh nu alusna boh nu goréngna, keur pieunteuengeun.
Carita wayang ogé bisa méré hiburan ngaliwatan pagelaran wayang golék nu
biasa kapanggih di lingkungan masarakat.
Di lawungan awal guru bisa ngagali pangaweruh murid ngeunaan carita
wayang dina raraga ngayakeun apersepsi. Upmana ku nepikeun pertanyaan: naha
kungsi lalajo wayang? Naon caritana? Mun teu kungsi lalajo sacara langsung,
tina naon ngabandunganana, naha tina CD, acara televisi atawa radio, atawa tina
media séjén? Jeung sajabana ti éta. Guru tuluy museurkeun perhatian murid
kana matéri carita wayang nu rék diguar.
Di awal pangajaran guru ogé nepikeun tujuan pangajaran luyu jeung
kompetensi dasar sarta indikator nu hayang dihontal. Di antarana baé murid bisa
ngabédakeun carita wayang jeung carita-carita séjénna, upamana jeung carita
dongeng atawa carita pondok. Murid ogé bisa ngaanalisis carita wayang, boh
strukturna boh mana caritana. Murid ogé
KAGIATAN INTIA. Mikawanoh Carita Wayang
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana carita wayang nu mangrupa teks carpon
karangan Saléh Danasasmita, nu judlna “Kumbakarna”. Dijelaskeun
yén salian ti nyebar dina pagelaran wayang golek, carita wayang ogé
nyebar ngaliwatan carita lisan, wawacan, atawa ngaliwatan teks-teks
samodél novel jeung carita pondok.
P anga j a r a n a nga j a r a n 6
CARITA WAYANG
42 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
42 Pamekar DBuku Tut
25
c. Dina ngadongéng kudu niténan lentong, wirahma, bedasna sora,
jeung rigig atawa peta nu merenah.
d. Alusna mah dongéngna diapalkeun, tapi lamun tacan apal bisa bari
mawa téks. Bisa baé dicatetkeun point-point caritana wungkul.
26Guru méré kasempetan ka murid pikeun milih dongéng jeung
latihan.
27
Guru tuluy nitah murid ngadongéng saurang-saurang di hareupeun
kelas. Giliranana mah bisa diacak baé ngarang murid siap nepikeun
dongéngna. Salila murid ngadongéng, guru meunteun maké rubrik
peunteun ngadongéng.
28
Sabada murid kabéh kagiliran ngadongéng, guru méré évaluasi,
jeung nepikeun pujian ka murid-murid anu dina carana ngadongéng
dianggap pangalusna.
KAGIATAN PANUTUPDina nutup unggal lawungan guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran dongéng, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung
sajabana. Guru ogé bisa méré tugas tambahan sangkan murid leuwih mikaresep
dongéng minangka bagian tina warisan karuhun nu loba ngandung amanat
(naséhat) hadé.
Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh
geus meunang rupa-rupa élmu perkara dongéng dina basa Sunda.
2727Bab IIPITUDUH HUSUS
12
Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupa-rupa pangaweruh nu
kapanggih dina Bagian D jeung téks-téks biografi anu kungsi kabaca
saméméhna. Nepi ka murid boga pamahaman yén mangpaat biografi
enya-enya karasa ku dirina sabada maca téks biografi hiji tokoh.
13
Murid tulu dibéré pancén sacara individual pikeun maca téks biografi
dina tabel pancen 3 sarta ngajawab pertanyaanana ku cara ngeusian
titik-titik dina kolom tabél. Utamana, murid disina museurkeun
jawabanana kana pieunteungeun (teladan) nu kapetik tina téks biografi
“Diajar Ngaji”.
E. Ngaanalisis Téks Biografi
No Kagiatan
14
Sabada maca pedaran jeung ngajawab soal latihan dina bagian D, guru
méré pancén ka kelompok murid pikeun ngaanalsis téks biografi sacara
mandiri.
15
Téks biografi nu bakal dianalisis ku murid bisa ditéangan dina koran/
majalah, buku, atawa tina internét. Bisa baé éta téks téh disadiakeun ku
guru, anu penting téks nu bakal dianalisis ku murid henteu sarua.
16
Murid dibagi jadi sawatara kelompok (sakelompokna 4-5 urang) sarta
unggal kelompok murid disina ngaanalisis téks nu béda-béda. Alat
analisisna nyaéta pertanyaan nu aya dina pancén 4.
17 Murid migawé pancén sarta guru jadi fasilitator.
18
Sabadana, unggal kelompok murid disina nepikeun hasil diskusi
kelompokna sacara bagilir di hareupeun kelas. Dina éta présentasi,
unggal kelompok bisa silih pairan.
F. Nyusun Téks Biografi
No Kagiatan
19
Guru nerangkeun yén dina ieu bagian murid bakal dibéré pancén
pikeun nyusun téks biografi singget. Dijelaskeun yén biografi singget
téh kadang-kadang perlu ditulis ku hiji jalma pikeun rupa-rupa
kaperluan. Upamana keur buku memori sakola, buku karya sorangan,
keur skripsi, jeung sajaba ti éta.
28 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
28 Pamekar DBuku Tut
20
Guru ngajelaskeun tugas nu kudu dipigawé ku murid sacara individual.
Tugasna nyusun biografi babaturan. Ari babaturan nu kudu ditulis
biografi na bisa diluyukeun jeung daftar absén. Upamana absén kahiji
nyusun biografi absén kadua, absén kadua nyusun biografi absén katilu
jeung saterusna, nepi ka absén paangahirna kudu nyusun biografi
murid absén kahiji.
21
Biografi anu disusun kudu singget, cukup sakaca kertas ukuran A4.
Dina éta biografi kudu kakandung unsur-unsur biografi saperti anu
geus dijelaskeun dina bagian C, judulna kudu narik, sarta sangkan narik
rupana alus lamun diémbohan ku foto murid nu ditulis biografi na.
22
Tahap-tahap migawé tugas nyaéta:
a. Wawancara heula babaturan nu rék ditulis biografi na.
b. Pertanyaan wawancara dimekarkeun tina tujuh unsur biografi nu
geus diterangkeun dina bagian C.
c. Sanggeus datana kakumpulkeun tuluy disusun jadi karangan
biografi nu ditulis maké susunan paragraf naratif.
d. Dina nuliskeun karangan biografi kudu ngéstokeun ejahan anu
bener sarta ngagunakeun basa Sunda anu merenah.
e. Judulan éta karangan biografi maké judul anu matak kataji nu
maca sarta diémbohan ku foto. Judulna upamana: “Aldi Si Jago
Baskét”, “Néni Juara Kelas”, jeung sajaba ti éta.
f. Sabada sakabéh biografi bérés disusun, hijikeun sarta dijilid jadi
buku kumpulan biografi murid sakelas.
23
Salila murid nyusun karangan biografi , guru ngabingbing jeung jadi
fasilitator, sarta mantuan rupa-rupa kasulitan nu kapanggih ku murid
salila migawé pancén.
KAGIATAN PANUTUPDina kagiatan panutup guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran biografi ?; Naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran?; Naha
carana urang salaku guru geuss nepikeun pangajaran kalawan hadé jeung kaharti
ku murid?; jeung sajaba ti éta.
Guru méré saran sangkan murid resep maca biografi hiji tokoh sarta
manggihan mangpaat atawa hikmah tina éta biografi . Kadang-kadang urang
4141Bab IIPITUDUH HUSUS
2 …… …… …… …… ……3 …… …… …… …… ……4 …… …… …… …… ……
Jst.
18
Guru nyindekkeun hasil diskusi jeung ngaasosiasikeun pangaweruh
jeung pangalaman murid dina ngaanalisis dongéng jeung pedaran-
pedaran saméméhna.
19Sabadana, guru méré “tugas mandiri terstruktur” (TMT) ka murid.
Tugasna nyaéta pancén 4 dina bagian D.
E. Ngaéksprésikeun Dongéng
No Kagiatan
20
Dina bagian E, guru ngalatih murid pikeun bisa ngadongéng (nepikeun
atawa ngaéksprésikeun dongéng). Saméméhna guru nerangkeun
heula kumaha téhnik ngadongéng anu hadé, dumasar kana référénsi-
référénsi anu aya. Contona anu kungsi ditepikeun ku Elin Syamsuri,
salah sahiji ahli ngadongéng.
21
Guru tuluy méré conto ngadongéng anu hadé. Bisa dicontoan ku
sorangan, atawa ngamangpaatkeun media, upamana rekaman CD
atawa vidio meunang nyokot ti internét.
22
Guru tuluy ngawanohkeun téks dongéng “Irtasan Meunang Kuntul”
nu aya dina bagian E, sarta nitah murid maca heula éta téks di jero
haté.
23
Guru ngayakeun diskusi singget jeung murid perkara kumaha téhnik
nu alus keur ngadongéngkeun carita “Irtasan Meunang Kuntul”. Alus
lamun dicontoan heula ku guru.
24
Guru tuluy nitah hiji murid pikeun ngaéksprésikeun atawa
ngadongéngkeun deui carita “Irtasan Meunang Kuntul” di hareupeun
kelas. Sabadana guru ngayakeun deui diskusi jeung murid dina raraga
ngaévaluasi cara murid ngadongéng.
Guru tuluy méré pancén ka murid pikeun ngadongéng hareupeun
kelas kalawan katangtuan ieu di handap:
a. Unggal murid kudu ngadongéng di hareupeun kelas.
b. Dongéngna pilih anu pondok sarta bisa didongéngkeun kalawan
durasi waktu antara 3-4 menit.
40 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
40 Pamekar DBuku Tut
D. Ngaanalisis Téks Dongéng
No Kagiatan
13
Pikeun ngalatih jeung nguji pamahaman murid ngeunaan papasingan
jeung ciri-ciri dongéng sakumaha anu geus dipedar dina bagian
saméméhna, guru méré pancén ka murid ngaanlisis dongéng “Putri
Uyah”. Alat analisisna nyaéta pertanyaan-pertanyaan dina pancén 3.
14
Guru ngawanohkeun heula dadaran pancén 3 jeung téks dongéng
“Putri Uyah” nu aya dina bagian D. Sacara individual murid dititah
maca kalawan gemet dadaran pancén. Sabadana murid dititah maca di
jero haté dongéng “Putri Uyah”.
15
Guru tuluy nerangkeun léngkah-léngkah migawé pancén. Anu tahap-
tahapna kieu:
a. Murid dibagi jadi sawatara kelompok diskusi (sakelompokna 4-5)
urang.
b. Unggal-unggal kelompok kudu migawé pancén 3.
c. Di unggal kelompok kudu aya juru catur anu engké baris
kapapancénan ngalaporkeun hasil gawé kelompok. Bisa ogé
laporan dilaporkeun sacara bagilir ku anggota kelompok.
d. Murid tuluy diskusi keur ngajawab pertanyaan pancén 3.
e. Sabada bérés ngajawab pertanyaan, unggal kelompok diskusi
ngalaporkeun hasil diskusi kelompokna sacara bagilir.
16 Murid ngalaksanakeun diskusi kelompok.
17
Guru tuluy nitah wawakil kelompok ngaprésentasikeun laporann
hasil diskusi. Unggal laporan kelompok ku guru dicatét dina tabél di
bor atawa dina komputer anu ditayangkeun maké proyéktor pikeun
ngagambarkeun sasaruaan jeung bébédaan hasil diskusi kelompok.
Contona:
KelompokJenis
dongéngBagian nu pamohalan
Struktur carita
Naséhat dongéng
Babandingan dongéng
1 Parabel
Maenya aya kolot telenges-telenges teuing ngusir anakna sorangan ka leuweung.
Palaku: Raja, anak-anakna, pangéran.Galurna: maju.Latar tempat: di karajaan.Latar waktu: jaman baheula.
Ulah sok salah sangka. Alusna lamun rék méré tindakan téh dipikiran heula. Atawa, ulah ngagap réméh kana hal-hal nu laleutik.
…….........
................
2929Bab IIPITUDUH HUSUS
meunang informasi anu hadé, upamana yén katekunan jeung gawé rancagé téh
hasilna sok ngabuhakeun kasuksésan hirup. Atawa, hirup téh butuh perjuangan
jeung gawé anu toh-tohan (kerja keras). Dina basa Sunda aya paribasa “manuk
hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna”. Éta kabéh téh sok kapanggih ku
urang dina biografi hiji tokoh atawa inohing anu sohor. Ku hal éta, guru perlu
méré saran sangkan murid rajin macaan biografi , boh nu mangrupa buku, boh
nu ditulis dina majalah/koran, atawa nu kapanggih dina internét.
Dina nutup pangajaran guru umajak ka murid pikeun sukuran ka Pangéran
réh geus meunang rupa-rupa élmu perkara biografi , utamana nu ditulis dina
basa Sunda.
30 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
30 Pamekar DBuku Tut
KAGIATAN AWALDina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran
nu patali jeung aksarra Sunda. Guru ogé umajak ka murid pikeun sukuran ka
Pangéran réh geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung
papada manusa dina kahirupan sapopoé. Lian ti éta perlu sukuran ka Gusti
lamun urang dipaparinan anugrah basa anu unik, nu némbongkeun jati diri
urang Sunda, sarta bisa dimangpaatkeun keur rupa-rupa kaperluan.
Dina lawungan awal guru nerangkeun yén pangajaran anu rék ditepikeun
téh perkara aksara Sunda sarta naon pentingna aksara Sunda kudu diulik. Guru
némbongkeun rupa-rupa média (gambar atawa rékaman vidio) anu ngébréhkeun
kumaha aksara Sunda dimangpaatkeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana baé
gambar/foto plang ngaran jalan nu maké aksara Sunda, beus nu desain warugana
maké aksara Sunda, desain kaos nu ngamangpaatkeun aksara Sunda, lukisan
atawa ukiran aksara Sunda.
Diterangkeun ogé ku Guru mun kiwari geus réa jalma anu katarik pikeun
mikawanoh sarta diajar nulis jeung maca aksara Sunda. Sosialisasi ngagunakeun
aksara Sunda ogé geus réa diayakeun, boh ku pamaréntah daérah boh ku
masarakat sacara mandiri.
Guru ogé nepikeun tujuan pangajaran aksara Sunda luyu jeung pamaredih
Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé murid
bisa nyebutkeun katégorisasi aksara Sunda kaganga (aksara ngalagena, aksara
swara, rarangkén, jeung angka), bisa nulis kecap jeung kalimah ngagunakeun
aksara Sunda kalawan ngéstokeun tata tulisna anu bener jeung merenah, bisa
maca téks pondok nu ditulis maké aksara Sunda, bisa nyieun kréasi basajan
nu ngamangpaatkeun aksara Sunda, sarta bisa mintonkeun hasil kréasina di
lingkungan sakola.
P anga j a r a n a nga j a r a n 4AKSARA SUNDA
3939Bab IIPITUDUH HUSUS
B. Papasingan Dongéng
No Kagiatan
8
Guru méré pancén ka murid maca pedaran dina bagian B (sub-bab
papasingan dongéng) kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian
kekecapan anu kurang dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta
kekecapan dina buku catetan nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan
hartina dina kamus.
9
Guru ngajak murid ngaasosiasikeun rupaning pangaweruh nu nyampak
dina bagian C jeung pangalaman sarta pangaweruh anu kacangking
dina diskusi saméméhna. Sacara individual murid tuluy disina migawé
pancén 2, nepi ka murid jadi paham kagolong kana jenis naon dongéng
kahiji jeung kadua téh. Jawaban murid téh kira-kira kieu:
Téks Dongéng Golongan Dongéng Alesanana
Dongéng ka-1
Paménta Tilu RupaDongéng Parabel
Sabab palakuna jalma biasa, atawa nyaritakeun kahirupan jalma di masarakatna.
Dongéng ka-2
Manuk Titiran jeung Nyiruan
Dongéng Fabel
Sabab palakuna di dinya mah lain baé jalma, tapi ogé nyiruan jeung manuk titiran (sato).
10 Guru nyindekkeun hasil diskusi.
C. Ciri-ciri Dongéng
No Kagiatan
11
Guru nitah murid maca pedaran dina bagian C (ciri-ciri dongéng)
kalawan gemet. Guru ogé nitah murid nyirian kekecapan anu kurang
dipikapaham hartina, sarta nyatetkeun éta kekecapan dina buku catetan
nepi ka jadi glosarium sarta ditéangan hartina dina kamus.
12
Guru ngajak murid ngaasosiasikeun pangaweruh jeung pangalaman
diajar dongéng anu geus nyampak saméméhna jeung pangaweruh anyar
nu didadarkeun dina bagian C. Utamana, guru museurkeun panitén
murid kana ciri-ciri dongéng anu umum kapanggih dina téks-téks
dongéng nu geus dibaca saméméhna.
38 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
38 Pamekar DBuku Tut
KAGIATAN INTIA. Maca Téks Dongéng
No Kagiatan
1
Murid diwanohkeun kana dua conto téks dongéng. Murid
dipapancénan pikeun maca éta téks di jero haté bari diwawadian sina
ngimeutan rupaning aspék nu kakandung dina éta téks. Upamana basa
nu digunakeunana, struktur caritana, jeung sajaba ti éta.
2 Murid ngabanding-banding téks dongéng kahiji jeung kadua.
3
Guru ngabagi murid jadi opat kelompok keur migawé pancén
1 bagian A. Dijelaskeun ogé yén tugas analisis dina pancén 1 téh
tujuanana sangkan murid leuwih paham kana papasingan jeung ciri-
ciri dongéng.
4
Guru nerangkeun pancén keur unggal kelompok. Kelompok kahiji
nganalisis aspék kahiji (palaku dongéng) nu nyampak dina dongéng
ka-1 jeung ka-2. Kelompok kadua nganalissis aspék kadua, jeung
saterusna. Upama dibagankeun mah tugas kelmpok téh kieu:
5
Unggal kelompok nunjuk salah saurang anggota pikeun jadi juru
catur keur midangkeun (ngaprésentasikeun) hasil diskusi kelompokna
di hareupeun kelas.
6
Sabada unggal kelompok bérés ngaanalisis, juru catur kelompok
sacara bagulir neikeun hasil analisis. Waktu juru catur hiji kelompok
midangkeun hasil diskusi, kelompok séjén bisa mairan atawa nanya,
nepi ka timbul diskusi kelompok nu leuwih lega. Dina ieu prosés guru
ngabingbing jeung nuyun jalanna diskusi nepi ka murid meunang
pangaweruh anu kompréhénsif ngeunaan dongéng sarta meunang
pangalaman padungdengan dina diskusi.
7 Guru nyindekkeun hasil diskusi.
3131Bab IIPITUDUH HUSUS
KAGIATAN INTIA. Maca Téks Aksara Sunda
No Kagiatan
1
Guru ngawanohkeun dua wacana nu ditulis ku aksara Sunda anu
kudu dibaca ku murid. Guru ngélingan deui yén di kelas IV (SD)
jeung di kelas VII (SMP) murid kungsi diajar ngeunaan aksara Sunda.
Pangajaran aksara Sunda di SMA ngan ukur nuluykeun atawa ukur
ngajembaran pangajaran aksara Sunda anu ti heula. Ku hal éta, murid
dianggap geus mikawanoh pangaweruh jeung téhnik dasar tata tulis
sarta cara maca aksara Sunda kaganga.
2
Murid ngawangun kelompok (4-5 urang) sarta babarengan jeung
kelompokna migawé pancen 1. Dina migawé pancén murid dibantuan
ku guru nginget-nginget deui tata-tulis aksara Sunda kaganga. Saupama
perlu, guru nerangkeun deui aturan tata-tulis aksara Sunda kaganga,
malikan pangajaran di SD jeung SMP.
Sabadana, murid midangkeun hasil gawé kelompokna ku cara diprésen-
tasikeun ku juru catur kelompok. Salila présentasi guru jadi fasilitator
keur ngalelempeng atawa nyimpulkeun hasil gawé kelompok.
Jawaban pancén 1 téh kira-kira kieu:
a. Transliterasi
Tukeuran Ieu Sajak
Karya Yus Rusyana
Tukeuran ieu sajak
Ku salambar simbut atawa samak saheulay
Heug rungkupkeun ka barudak nu teu kaburu heuay
Patinggolépak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak ku béas wuluh atawa heucak
Heug sidkahkeun ka nu haropak
Nu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
Ku sababaraha siki pélor
Heug témbakkeun ka genggerong koruptor manipulator
Sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
Ku beubeutian tina kolbu anu rido
Keur nyébor anu balangsak
(mun teu kitu sasaak)
32 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
32 Pamekar DBuku Tut
3
b. Jenis wacana
Éta téks téh wacana puisi atawa sajak
c. Eusi
Eusina nyaritakeun kateuadilan anu kasaksian ku panngarang. Di
hiji pihak aya nu sangsara jeung balangsak hirupna, sedengkeun
di hiji pihak deui aya koruptor jeung manipulator anu
ngagalaksak duit jeung hak rayat. Panyajak nawarkeun sajakna
keur ditukeurkeun ka beubeutian, beas, simbut jueng rupa-
rupa barang séjénna anu bisa disumbangkeun ka nu balangsak.
Panyajak ogé hayang nukeurkeun sajakna jeung sababaraha
siki pélor keur ditémbakkeun ka koruptor jeung manipulator.
Lamun sajakna teu bisa ditukeurkeun, cenah leuwih hadé éta
sajak téh sasaak baé.
Jawaban pancén 2 téh kira-kira kieu:
a. Transliterasi
Cara nyieun Langlayangan
Nyieun langlayangan téh henteu hésé, asal urang leukeun
jeung daék baé. Teu kudu meuli ka warung saenyana mah,
da bahan-bahan keur nyieun langlayangan téh nyampak di
sabudeureun urang. Mimitina nyieun raragana heula. Bahanna
tina awi atawa nyéré. Palangkeun éta awi atawa nyéré téh sarta
talian ku benang. Geus kitu tungtung-tungtungna sambungkeun
ku benang nu dipanteng.
Léngkah satuluyna nyaéta masangkeun keretas keur awak
langlayangan. Ukur keretasna luyu jeung ukuran raragana
téa. Gunting sisi-sisina sésakeun kira-kira sasénti legana keur
dilipetkeun kana benang raraga. Geus kitu mah kari dielém
kana benang téa nepi ka jadi langlayangan nu siap diapungkeun.
Urang kari nambahan benang kakamahna jeung kenur keur
ngapungkeunana.
b. Jenis Wacana
Karangan éksposisi (pedaran) nu nerangkeun kumaha nyieun
langlayangan ku sorangan.
c. Eusi
Nerangkeun léngkah-léngkah (tahap-tahap) nyieun
langlayangan, ti mimiti nyieun raragana, ngelém keretasna, jeung
ngenuranana.
3737Bab IIPITUDUH HUSUS
KAGIATAN AWAL
Dina unggal lawungan guru ngabsén murid sarta nyiapkeun pangajaran nu
patali jeung dongéng. Guru ogé ngajak murid pikeun sukuran ka Pangéran réh
geus bisa deui diajar basa Sunda pikeun alat komunikasi jeung papada manusa
dina kahirupan sapopoé. Guru ogé nerangkeun yén basa Sunda téh basa nu
diwariskeun ku karuhun urang ku rupa-rupa cara. Di antarana basa Sunda
diwariskeun ngaliwatan dongéng-dongéng nu leubeut ku piwuruk. Ku hal éta,
miara basa Sunda hartina nyalametkeun rupaning piwuruk jeung kaarifan lokal
nu diwariskeun ku karuhun urang.
Dina lawungan awal guru ngagali pangaweruh murid ku cara ngayakeun
tanya jawab sabudeureun dongéng. Upamana ditanyakeun dongéng naon baé nu
apal kénéh? Ti saha éta dongéng sumberna jeung iraha meunangna? Meunang
pangajaran naon urang tina éta dongéng? Jeung sajaba ti éta. Guru ogé ngajak
murid pikeun aub leuwih daria kana matéri dongéng ku cara nyebutan sawatara
dongéng nu kasohor. Upamana dongéng Si Kabayan, Dongeng Sasakala
Tangkuban Parahu, atawa dongéng lokal nu murid apal.
Di awal lawuungan guru nepikeun tujuan pangajaran dongéng luyu jeung
pamaredih Kompeténsi Dasar jeung indikator nu dipiharep. Di antarana baé
murid bisa nyebutkeun katégorisasi (jenis-jenis) dongéng, bisa paham ciri-ciri
jeung struktur carita dongéng, bisa ngaanalisis ciri-ciri dongéng nu nyampak dina
conto dongéng, bisa nangtukeun jenis dongéng dumasar kana papasinganana, bisa
nganalisis struktur carita dongéng nu dibacana, sarta ngaéksprésikeun dongéng
pondok di hareupeun kelas.
P anga j a r a n a nga j a r a n 5DONGÉNG
36 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
36 Pamekar DBuku Tut
21
Hasil pagawéan kelompok murid tuluy dipamérkeun di kelas atawa di
luar kelas sangkan diaprésiasi ku warga sakola. Upama hasilna mangrupa
plang bisa langsung ditémpélkeun di tempat-tempat anu merenah.
KAGIATAN PANUTUPDina nutup unggal lawungan guru méré kasempetan ka murid pikeun
ngaréfl éksikeun pangajaran. Contona, naon baé mangpaat nu kapetik tina
pangajaran aksara Sunda, naon baé kasusah/hahalang dina ieu pangajaran, jeung
sajabana. Guru ogé bisa méré tugas mandiri sangkan murid getol latihan maca
jeung nulis aksara Sunda, atawa ngagunakeun aksara Sunda keur rupa-rupa
kaperluan.
Guru nutup pangajaran kalawan ngajak murid sukuran ka Pangéran réh
geus meunang rupa-rupa élmu perkara aksara Sunda anu unik sarta jadi jati diri
jeung kabeungharan kabudayaan Sunda.
3333Bab IIPITUDUH HUSUS
4
Keur ngasah kamampuh maca aksara Sunda kaganga, murid dibéré
tugas tambahan keur mikapaham eusi poster dina pancen 2. Sabadana
unggal kelompok midangkeun pamanggihna ngeunaan eusi éta
poster.
Jawaban pancén 2 téh kira-kira kieu:
a. Éta téh poster pariwara (iklan) anu nawarkeun produk otomotif
mangrupa motor bak mérek “Kancil”.
b. Déskripsina:
Kancil, motor bak buatan urang Garut. Tepangan déler nu pangcaketna
di kota sadérék atawa tepangan Galura Motor, Jl. Papandayan Nomer 43
Garut telepon 0262-112235.
Mirah pangaosna ageung gunana, motor bak pangénggalna, sanés alat
transportasi biasa. Spésifi kasina: mesin 4 tax, rubak bak 1,5 x 2 m,
rém cakram, pélk racing, kapasitas angkut 200 kg.
5
Guru nyindekkeun rupaning hal tina hasil diskusi kelompok, upamana
nyindekkeun kumaha bédana tata-tulis aksara Sunda kaganga jeung
tata-tulis aksara Latén.
B. Mikawanoh Aksara Sunda
No Kagiatan
6
Guru némbongkeun deui rupa-rupa conto gambar, foto, atawa
rékaman anu ngamangpaatkeun aksara Sunda minangka média grafi s
atawa tulisan.
7
Guru jeung murid ngayakeun tanya jawab perkara rupaning hal patali
jeung aksara Sunda nu aya dina gambar, foto, atawa rékaman. Guru ogé
nitah murid nyobaan maca aksara Sunda nu aya dina éta média.
8
Guru nitah murid ngaasosiakeun rupaning hal nu aya dina gambar,
foto, atawa rékaman jeung kaayaan di lingkungan sabudeureunana.
Dina tahap ngaasosiasikeun, bisa baé timbul tanya jawab deui jeung
murid.
C. Paham Sajarah Aksara Sunda
No Kagiatan
9Guru méré pancén ka murid maca kalawan gemet pedaran dina bagian
B (sub-bab “Paham Sajarah Aksara Sunda”).
34 Pamekar Diajar B A S A S U N D A Buku Tuturus Guru SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
34 Pamekar DBuku Tut
10
Salila maca murid nyirian kekecapan anu kurang dipikaharti sarta
éta kekecapan kudu dicatet deui jeung disusun dina buku catetan
mangrupa glosarium. Guru méré pancén ka murid pikeun néangan
harti éta kekecapan dina Kamus Basa Sunda atawa kamus online di
internét.
11
Murid nyindekkeu pedaran dina bagian B ku cara nuliskeun pointer-
pointer ngeunaan hal-hal penting patali jeung sajarah aksara Sunda.
Bisa ogé guru méré pancén ka murid nyieun time-line (garis waktu)
keur ngagambarkeun sajarah aksara Sunda nepi ka kagambarkeun
sajarahna kalawan tétéla. Contona:
12Murid dibéré kasempetan keur ngayakeun tanya jawab perkara hal-hal
nu tacan kaharti patali jeung sajarah aksara Sunda.
D. Nyalin Téks Aksara Sunda
No Kagiatan
13
Guru méré katerangan singget ngeunaan hal-hal penting dina nyalin
aksara Latén kana aksara Sunda. Utamana opat pituduh penting dina
bagian D (variasi aksara, ngaéféktifkeun rarangkén, cara nulis angka,
jeung cara ngatur anggang spasi).
14
Guru méré pancén individual ka murid. Saméméhna murid dibagi
jadi dua kelompok gedé. Kelompok kahiji nyalin téks bagian (a) jeung
kelompok kadua nyalin téks bagian (b). Sabada réngsé nyalin téksna
masing-masing, murid disina ngakurkeun hasil pagawéanana sorangan
jeung batur sakelompokna. Nepi ka lamun aya kasalahan-kasalahan
dina nyalin téks bisa dikoréksi ku babarengan.
3535Bab IIPITUDUH HUSUS
15
Murid masrahkeun hasil pagawéanana ka guru sarta guru méré
koméntar saperluna kana hasil pagawéan murid. Upamana perkarasa
akurasi milih aksara jeung rarangkén, ukuran aksara, spasi, jeung aspék-
aspék tata-tulis séjénna.
16
Guru méré aprésiasi ka murid anu pagawéanana dina nyalin aksara
Latén kana aksara Sunda dianggap hadé atawa leuwih punjul ti
pagawéan babaturanana anu séjén.
E. Ngagunakeun Aksara Sunda
No Kagiatan
17
Guru nerangkeun heula yén aksara Sunda ogé bisa dimangpaatkeun
keur nyiptakeun rupa-rupa kréasi. Wangunnna kréasina bisa desain
produk, lukisan, plang ngaran jalan atawa tempat, jeung sajaba ti éta.
Atuh bentuk tulisanana bisa dikréasikeun mangrupa kaligrafi atawa
wordart.
18
Guru tuluy ngabagi murid jadi sawatara keelompok. Unggal kelompok
anggotana 3-4 urang murid. Pancén kelompok diterangkeun dina
pancén 4 bagian E, nyaéta nyieun rupa-rupa kréasi maké aksara Sunda.
unggal kelompok nyieun produk anu béda-béda, upamana:
- Kelompok I : nyieun desain kaos.
- Kelompok II : nyieun desain cangkir, gelas, atawa piring.
- Kelompok III : nyieun desain poster. Upamana poster miara
lingkungan, poster anti narkoba, poster pestival budaya Sunda,
jsb.
- Kelompok IV : nyieun plang ngaran jalan, ngaran gedong, atawa
ngaran-ngaran tatangkalan.
Médiana bisa kaos, piring, gelas, kertas karton, duplék, triplék, spidol,
cat poster, cat air, jeung sajabana. Hadéna kaperluan bahan atawa média
dibéwarakeun ku guru saméméhna sangkan dina prakna migawé
pancén murid kari ngalaksanakeun.
19
Murid migawé pancénna séwang-séwangan. Dina ieu prosés guru jadi
fasilitator atawa ngabingbing bisi murid manggihan kasulitan atawa
aya hal-hal anu perlu ditanyakeun/dikonsultasikeun.
20
Sanggeus pagawéan unggal kelompok bérés ku guru langsung
dipeunteun langsung sarta murid dibéré pamuji luyu jeung hasil
pagawéanana séwang-séwangan.