Biantara Sunda - Internet

download Biantara Sunda - Internet

of 2

description

Biantara Sunda - Internet

Transcript of Biantara Sunda - Internet

Pangaruh Internet Ka RumajaShakila Nurul Anissa, XII CI 1

Assalamualaikum.wr.wbNu dipikahormat Umi Hj. Entin salaku guru nu ngabimbing Basa Sunda, sareng rerencangan nu abdi kahemanna. Sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidayahna ka urang sadaya.Hadirin nu dipikaasih, Sateuacana simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun watesan masalah nyaeta Pangaruh internet ka rumaja, diantarana: pangaruh internet tina segi positip sareng tina segi negatipInternet kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal henpon anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak. ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut warnet.Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa? Tangtu pohara seueurna hubungannana internet di jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina informasi sareng elmu. Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta: Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs-situs, gambar-gambar, atawa video-video anu teu sawajarna, Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala, Bisa katipu tina iklan-iklan di internet. Tapi aya oge segi positifna : Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun, Bisa nambah rerencangan dina jejaring sosial, jeung sajabarna.Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.Sakitu wae biantara ti simkuring, Mugi mugi naon nu abdi geus sampaikeun bisa berguna ka urang sadayana, hampura lamun aya kalepatan hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap. Wassalamualaikum wr.wb