Anu Nganjang Ti Peuting

download Anu Nganjang Ti Peuting

If you can't read please download the document

Transcript of Anu Nganjang Ti Peuting

Carpon Dadi Margana1Anu Nganjang Tengah PeutingAnyaran pindah mah, teu wudu ngarasa cuang-cieung asa diteungteuinganan ku milik diri bagja awak. Sapopoe biasa hirup di kota, ruang-riung loba batur. Kalingkungan ku kolot jeung dulur, ayeuna sasat dipiceun di lembur singkur anu hara-haraeun.Lamun teu ras inget kana gurat nasib jeung teu tamaha bongan meunang pamilih sorangan boga salaki ka Adam teh, lain meunang pangreremo batur ! Meureun ti mimiti ngadenge salakina di pindahkeun tugas oge. Bisa wae Wulan mah bahula ka anu jadi salaki. Tapi henteu kitu, mungguhing pikeun Wulan mah. Ceuk pamadeganana salaki teh panutan sajati, carek paribasana rek dibawa ka liang cocopet oge, anu jadi pamajikan mah wajib anut tumutur, tandaning satia satuhu ka anu jadi salaki salaku imam dina rumah tangga.Sabab dibawa iklas jeung sadrah dina ngalakonana, jeung pangpangna mah meureun sasat maksakeun ngabetah-betah maneh. Teu karasa geus ampir tilu taun Adam jeung Wulan bubuara di lembur tempat gawe salakina teh.Ti beurang mah mungguhing matak pikabetaheun lembur teh, pernahna di hiji mumunggang anu katelahna Pasir Embe. Tetempoan watak kelar, matak waas plung-plong kaditu-kadieu. Jalan desa anu ngembat arula-arileu atra katinggali, kaselang ku jumplukan suhunan imah urang dinya anu ayana di tebeh handap. Padumukna lolobana kasab jadi kuli di kontrak enteh anu pernahna tukangeun eta mumunggang.Adam sakulawarga nganjrekna di rumah dinas jatah pagawe Puskesmas anu kabeneran geus lila kosong euweuh anu nempatan. Ngahaja meunang nyieun gotong royong warga di eta wewengkon. Ayana di tungtung jalan buntu, sajajar reujeung sakola inpres anu pahareup-hareup reujeung Bale Desa. Kasebut jalan buntu kusabab pernahna aya di tungtung lembur tapel wates jeung kebon pines bogana Perhutani, kadituna mah teu aya deui imah. Imah di lelewek eta wewengkon ngan ukur aya tilu suhunan, Imah dinas anu dicicingan ku kulawarga Adam, Imah anu dua deui mah, Rumah dinas anu diajangkeuneun keur guru SD Inpres anu aya didinya. Anu hiji dieusian ku kulawarga Guru Hasan, hiji deui mah kosong teu aya anu ngeusian.Pareng ti beurang lembur rame ku sora recetna barudak sakola, jeung haneuteun ku pagawe desa, ku lalar liwatna urang dinya anu kabeneran boga kaperluan ka Bale Desa atawa anu ngadon tatamba ka Puskesmas. Karasa combrekna lamun mangsana ti peuting atawa usum pere barudak sakola. Lembur di eta lelewek teh karasa jiga anu henteu aya dangiangan, mungguh matak teu pikabetaheun pikeun jalma anu nyicinganana. Angot pikeun Wulan mah anu carek tadi oge geus biasa dalit jeung karamean kota. Anu jadi pangbeberah, kasebutna ngan saukur hiburan tina sora radio, puguhing tivi mah teu muntruk-muntruk katangkep aya gambaran, teu kalis make antene panjang awi saleunjeur ge! Rada katulungana meueusan, jaringan listrik mah geus asup ka lembur lebah dinya teh. Kabayang pikakeueungeunana lamun kaayaan hara-haraeun kitu bari dibarengan ku poek mongklengna peuting di lembur anu can kasaba ku caangna cahaya listrik. Geus dua poe pere semesteran barudak sakola. Kulawarga Guru Hasan mah, geus biasa lamun wancina pakanci budak sakola rada lila, jiga pere semesteran, arinyana sakulawarga sok ngamangpaatkeun pere, ku nyelang balik heula ka lembur-na. Mulangna deui pisapoeeun mangsana pakanci lekasan.Bada Magrib harita teh, Wulan geus ngaringkeb maneh di kamar. Samemeh Magrib ge geus tutulak, Salakina ti Ashar keneh geus papadon, moal bisa balik beurang keneh. Salaku Babinsa di eta Desa, Sersan Adam babarengan jeung Pa Kades boga kawajiban ngaroris kasiapan TPS-TPS anu aya di dinya, pikeun ngalaksanakeun Pemilu poe isukna.Lain sakali dua kali Wulan ditinggalkeun peuting sosoranganan di Imah teh, geus biasa deui ! anu rutinna mah malem Minggu. Adam biasana kabagean piket ngajejeran Hansip di Bale Desa. Tapi tara nepi ka teu balik, sasatna Bale Desa teh henteu pati jauh ti panganjrekanana. Atuh upama sakalieun aya kagiatan Pemilu cara harita atawa keur usum mahabu bangsat domba, salakina katugasan ngaroris kaamanan lembur. Sakalieun teu balik oge lamun keueung teu ieu jadi bangbaluh, sok menta dibaturan we ku Nuning anak cikal Pa Guru Hasan.Bi Entar pamajikana Hansip Ali, anu disasahatan sore keneh maturan manehna can jebul keneh. Tamba keueung lampu nu di tengah imah jeung anu di dapur dicaang-cangkeun, sora radio we kadenge ngear, midangkeun lalaguan pop sunda.Niatna kekedengan bari dibaguded simbut, tayohna ngalenyap kasarean, kira-kira wanci manjing Isa, lilir hudang ! Rek cengkat jadi asa waregah, niat rek abdas pikeun ngalaksanakeun solat Isa jadi kateug. Antukna manehna ngan ukur ngahuleng sisi risbang. Teu ku hanteu eukeur mah kareueung, teu kungsi lila listrik aliran, atuh poek ! Katurug katutuh ku ayana listrik pareum teh pikeun anu borangan mah. Geus jadi kabiasaan di eta lembur mah lamun rek aya hujan mimiti, sanggeus halodo rada lila, listrik sok mindeng pareum teu pupuguh. Da kitu pisan atuh, teu kungsi lila ti harita kadenge ting paralak sora hujan ninggangan kenteng Imah. Beuki lila hujan beuki ngagedean. Nyeueung kaayaan kitu, anggot beuki tambah keueungna pikeun Wulan mah, keur nyinglar kasieun ngan rup we disimbut deui, susuganan bisa sare. Pamikirna sugan ari disarekeun mah kabangbalerekeun kakeueung teh.Tapi gening kituna teh saukur kahayang, mungguhing kanyataanna sanajan dipeureum-peureum oge angger we teu daek reup sare. Pikiran anu geus dirobeda ku kasieun jeung kakeueung ti tadi mula, angot beuki tambah ngalimpudan sirahna.Hawar-hawar kadenge sora anu pupuntenen, uluk salam. Tumibana kanu keur ngemu kakeueung mah lain atoh kalah tambah sieun. Puriding...Puringkak, bulu pundukna cengkat tingsariak. Kira-kira meunang sapanyeupahan, anu diluar haben pupuntenan ngageroan ngaran manehna. Didenge-denge sorana asa wawuh, kawas-kawas sora Bi Entar.Diwuwuh rasa panasaran, Wulan mimiti nguliat hudang bari terus ngadedengekeun sora diluar. Sanggeus yakin kana dedengeanna, bari neger-neger maneh, mimiti ngadeukeutan lawang panto.Saha di luar ? Abdi Bu Binsa, Entar !Bi Entar, kutan eta teh ? ke antosan urang buka pantona Jiga anu can yakin kituna teh.Kulutrak...kadenge sora panto dibuka.Sok Bi, kalebet ! Bari nelek-nelek beungeut anu anyar datang, kacaangan cahaya oncor bawana, Wulan nitah asup ka semahna. Parantos kulem panginten nya ! hapunten bae Ibu, nembe tiasa kadieu ayeuna. Nyaeta ngadagoan heula Si Opik, dasar budak caliweura, disasahatan ulah udar-ador teh, kalah kamalinaan, muncengis-muncengis rek waktuna Isa. Tembal Bi Entar teu poho mareman heula oncor jeung mernahkeun payung bawana, samemeh asup ka imah teh ! Keun bae atuh Ibi, keur resep ulin budak sagede kitu mahEnya..meureun Ibu, keur murag bulu bitis.Naha mani paroek kieu ? Henteu ngahurungkeun lilin, Ibu ? Ceuk Bi Entar kituna teh bari ngecagkeun budak bungsuna tina aisana, anu hudang kagareuwahkeun ku paguneman Indungna bieu.Encan kungsi Ibi, puguh kasarean Wulan ngabohong ! Era ari rek disebutkeun anu sajalantrahna mah.Panginten ari kitu mah, kahoyong mah ti bada Magrib keneh kadieu teh !Keun bae atuh Ibi, apanan ayeuna tos kadieu. Pek atuh bisi rek bebenah heula, di kamar tengah we tah mondokna. Bisi rek dahar, nyokot we ku sorangan da ngajalagrag keneh. Abdi rek nyeungeut heula lilin ! Wulan paparentah mernahkeun Bi Entar.Muhun Ibu, ieu Si Sujang geningan nyaring. Bade marende heula atuh Kituna bari capa-cipi kana saku baju neangan korek urut ngahurungkeun oncor tadi.Enya Bi, lilin na mah aya na luhureun risbang Wulan nembalan ti jero kamar.Muhun Ibu Beres salat Isa, Wulan teu kungsi ngobrol deui jeung Bi Entar. Kungsi diroris ka tempat sarena. Kasampak geus ngageubra sare, teu wasa rek digeuingkeun teh ! pamikirna capeeun meuren, malum jalma kuli. Ti isuk nepi ka beurang buburuh metik enteh. Encan isukna kudu deui gawe. Sanajan keur Pemilu, da teu parere anu kuli metik mah, beres nyolok teh terus digarawe deui. Kakeueung jeung kasieun nu tadi ngarobeda hate jeung pikiran Wulan ngadadak lus...les laleungitan, hatena teteg deui ari aya anu maturan mah. Bisa sare sagala meunang sareureuhan mah. Meneran tengah peuting. Keur sumedeng jemplang-jempling, ceuk paribasana teu kadenge sora gaang-gaang acan. Wulan lilir, kagareuwahkeun ku dedengean anu pupuntenan. Sorana henteu pati tarik, tapi atra kadengena.Kajurung ku panasaran jeung dadakuna bisi salakina, lulungu keneh oge manehna rumpu-rampa kana luhureun hulu risbang, leungeuna ngayap neangan sirit konci. Sanggeus kapanggih, manehna maksakeun leumpang rumanggieung ngadeukeutan panto.Samemeh muka panto, Wulan noong heula tina kaca anu aya hordengan. Katinggali sareretan aya lalaki kolot di kopeah ngajanteng hareupeun panto.Jiga anu ditenung manehna hideng nyetrekeun sirit konci, saterusna muka panto. Lalaki kolot anu dikopeah tea teu kudu dimanggakeun titah asup, manehna hideng sorangan asup ka ruang tamu. Bangun henteu tumamu, rugagregog kumaha jalma anyar pinanggih, kawas anu geus lila loma jeung anu boga imah ! Manehna merenahkeun maneh diuk di korsi beulah juru. Beungeutna teu pati jelas katinggalina, puguh kaayaannana oge ngan ukur reyem-reyem, ngandelkeun sacaangna cahaya lilin anu dihurungkeun di tengah imah.Nempo peta semahna kawas kitu, teu wudu nimbulkeun kahemeng pikeun diri Wulan mah. Ngan anehna manehna henteu ngarasa sieun atawa gimir saeutik ge, duka pedah aya Bi Entar mereun kitu na teh. Pamikirna aya nanaon mah tinggal ngageuingkeun !Meunang sareureuhan mah jempling kaayaan teh, itu ieu pada ngabetem henteu aya anu nyoara. Ngan teu lila ti harita. Semah lalaki kolot anu dikopeah tea menerkeun diukna, jadi rada ajeg jiga anu kesel diantepkeun wae ku anu boga imah. Pok manehna cacarita.Tong reuwas, tong hariwang Bu Binsa, Kuring mah ngahaja nepungan teh lain rek niat jahat culika, tapi ngahaja we hayang ngobrol, geus lila hirup nunggelis teu aya batur ! Ngadenge caritaan semahna bieu, kekecapanna jiga anu sareh, pikeun Wulan mah ngajadikeun hatena leuwih teteg, mimiti timbul kawani pikeun dirina tumanya, hayang nyaho leuwih jauh ngeunaan semah aneh anyar pinanggih !Muhun ! Maksadna ngan saukur kitu mah, henteu matak reuwas hariwang pikeun abdi mah. Mung anu janten patarosan teh, naha saha sepuh teh ? asa nembean tepang raraosan mah ! Wulan mimiti nalengteng ka semahna.Tangtos moal uninga Ibu Binsa mah ka bapa, da jalmi ngumbara ayana di dieu teh, namung samulihna pikeun urang dieu mah sadayana oge kenal miconggah ka salira. Cobi saha atuh urang dieu anu henteu kenal, anu bireuk ka Pa Binsa sakulawarga ? sadayana tangtos kenal.Leres dina kituna mah, namung abdi mah tetep panasaran, naha saha Bapa teh atuh ?!. Wulan bangun anu teu sabar, hayang geura nyaho na saha atuh lalaki kolot tengah peuting anu teu nyaho dicedo, nganjang lain wayah teh. Teu ngaraskeun boa anu boga imah teh hayang sare, da waktuna kerek nyegrek atuh wayah kitu mah! Kitu ceuk gerentes hatena.Aduh punten, neda tawakufna wae Ibu ! Sakali deui nyuhunkeun dihapunten bapa tumorojog nganjang teh lain wayah, sakedahna mah Ibu teh nuju raos kulem panginten, saur tadi oge kajurung ku hoyong ngobrol, tos lami teu papanggih sareng jalmi !Gebeg ! hatena ngagebeg, semah nyarita kitu teh kacida reuwasna pikeun diri Wulan mah. Naha manehna bet apal kana naon anu di gerenteskeun dina jero hatena. Leng manehna ngahuleng sakedapan mah .Ibu teu kedah helok, teu kedah hemeng lamun bapa tiasa neguh naon anu aya dina salebeting manah, sareng poma eta hal ulah janten patarosan. Puluhan taun Bapa nganti-nganti jalmi anu ludeungan kawas Ibu, biasana jalma sejen mah sakalieun kawenehan panggih oge jeung bapa, duka kunaon jiga anu sieun, bororaah bisa ngobrol kieu. Bapa ayeuna tos meujeuhna balaka ka anu janten Ibu. Ngaran pamere kolot mah bapa teh Sunarta, pamatuhan mah di dapur imah ieu beulah tukang. Geus marudah cicing didinya teh, asa areungap. Sakinten ayeuna sagulung-sagalang sareng kulawarga Ibu Binsa mah henteu matak baribin teuing da teu aya murangkalih. Ninggang basa sareng kulawarga Mantri Puskesmas, anu ngalebetan ieu bumi sateuacan kulawarga ibu mah, nya budakna rea jeung balangor deui. Angot nambah teu betah pikeun bapa mah, gandeng ku sora reangna budak, mindeng kaseblok cai, kasepak, kadupak, sagala kagiridig. Sok disingsieunan we ku bapa teh, meh teu betaheun cicing di dieu ! Tah..Kitu eta mah ibu, ulah disaha-saha lamun isuk pageto nganjang deui ka dieu lain wayah, da urang teh sabumi keneh kasebatna, tatangga pangcaketna!. Semah anyar pinanggih teh nyarita panjang lebar, jiga anu mudalkeun katugenah hate, anu geus lila nyangkarukna !Ngadenge caritaan lalaki kolot anyar pinanggih bieu, pikeun Wulan mah ngajadikeun kaheran luar biasa, kakara saumur dumelah dirina pinanggih jeung jalma aneh bin ajaib kawas kitu. Make jeung nyebutkeun saimah sagulung-sagalang, ngaku-ngaku tatangga pangdeukeutna sagala rupa. Rek tumanya ngeunaan eta jadi asa-asa, sabab tadi oge semah teh sasahat ka dirina ulah loba tatanya kana sagala kaheran ngeunaan semahna. Emprona dina obrolan saterusna, Wulan mah teu pati kadenge loba ngomong, lalaki kolot tea we anu terus ngabuih cacarita mah. Ngan lamun dibandungan caritaan lalaki kolot teh asa bulak-balik, boh dina jejer carita atawa dina ngucapkeun kalimahna. kadinya deui kadinya deui.Ngabandungan peta lalaki kolot anu terus wae ngabuih cacarita taya kacape, lila-lila ngajadikeun bosen jeung tunduh pikeun anu ngadengena. Teu kawawa ku perbawa tunduh anu kacida. Mimitina lelenggutan, tungtungna laun-laun teu lila ti harita jadi tibra ngageubra, nyangsaya dina korsi anu didiukanana. Ngan samemeh kapulesan sare. Antara sadar jeung teu sadar, rarasaanna asa dina pangimpian. Semah lalaki kolot anyar pinanggih teh pamitan kadirina. Manehna indit ngaleos ka palebah dapur, samar-samar kaciri manehna ngaleungit persis hareupeun lawang panto ka dapur.Tayohna sarena kajongjonan, meneran meletek panon poe, Wulan kakara nguliat hudang. Kituna teh kawasna moal waka hudang lamun teu kabiribinan ku sora ceurik budakna Bi Entar ti kamar tengah mah.Wulan kitu deui Bi Entar meh ampir bareng hudangna, kagareuwahkeun ku ngearna sora budak ceurik !Aduh...punten Bu Binsa kapulesan mondok teh, duka kunaon meni asa tunduh-tunduh teuing wengi tadi mah, kawas anu di sirep wae ! Bi Entar bari uluman-alimen, dilimpudan rasa era, sanduk-sanduk menta hampura ka nu boga imah.Lain ngalelewe Ibi, duka kunaon kuring ge ngarasakeun kitu, na meni asa tunduh-tunduh teuing ! Wulan nyarita satarabasna, ngan ari perkara nganjangna semah lalaki kolot anu ngaku ngarana Sunarta mah, dirusiahkeun teu dicaritakeun ka Bi Entar.Kaheran anu tadi peuting nyangkaruk ngalimpudan pikiran Wulan, nambahan deui. Angot basa Bi Entar pamitan rek balik mah. Kaheranna nambahan deui ! Panto hareup anu sidik kungsi di buka, bari jeung teu kaburu disosi deui, kanyataanana ditulakan keneh. Nepi ka ngojengkang nyokot heula sirit konci anu biasa diteundeun luhureun risbang tempat sarena. Sajungna Bi Entar balik, Wulan mah masih keneh cunggelik diuk sorangan dina korsi tamu anu dipake sarena. Pikirana jadi malaweung, cus-cos kaditu kadieu, manehna ngira-ngira kajadian anu tumiba tadi peuting, naha nyata atawa saukur impian wungkul. Disebut ngimpi apanan sidik peuting teh kungsi hudang ngobrol jeung semah anyar pinanggih, lamun disebut nyata asa pamohalan, apanan jelas pisan panto hareup masih ditulakan persis kawas samemeh kadatangan Pa Sunarta tea. Teu lila Manehna inget deui yen panto hareup mah kungsi dibuka bari teu dikonci deui, kituna basa semah aneh tea nganjang tengah peuting. Pikirana mimiti teteg deui basa Adam mulang mancen tugas, aya salakina mah jadi kabangbalerkeun. Pikirana henteu ngemu kaheran jeung kabingung kawas tadi, ahirna manehna nepi ka boga kacindekan nyieun kasimpulan, yen kajadian tadi peuting teh saukur impian kembang sare, perbawa tunduh anu kacida !***Ti saprak kajadian peuting harita, teu aya hal-hal aneh anu munasabah kahontal ku akal sehat tumiba ka kulawarga Sersan Adam. Dina nyanghareupan kahirupan rumah tangga estuning ayem tengtrem kawas bihari bae. Ngan kituna henteu lila, ukur kaselang ku itungan mimingguan ! Harita cara sasari Adam katugasan piket malem mingguan nu geus maneuh jadi pancen salaku Babinsa di eta wewengkon. Peutingna Wulan jiga biasa ditinggalkeun deui.Tengah peuting, Wulan kahudangkeun ku sora anu pupuntenan. Hulang-huleng dina tungtung risbang bari ngumpulkeun heula pangacian, manehna ngadedengekeun sora ti luar. Sanggeus jelas atra ngadenge kana sora nu pupuntenan. Ter....jajantungna ngadak-ngadak ngageter. Sidik lain sora Adam salakina, tapi sora lalaki tengah tuwuh anu kungsi nyemah tea. Ret ka Nuning anu ngahaja dititah maturan sare peuting eta. Kaciri sarena tibra ngagebra kawas anu teu kaganggu ku sora dedengean ti luareun imah.Ning-ning, gugah bageur ! Wulan ngaguyah-guyah awakna, sangkan Nuning hudang. Anu sare mimiti ngulisik.Aya naon Bu ? Nuning heraneun digeuingkeun lain wayah.Eta ngadangu sora anu pupuntenan henteuMuhun nguping Ibu, naha saha atuh nya ? Budak ngadon malik nanya.Encan oge anu duaan teh leler tina kaheran jeung kasieuna. Teuing ti mana asupna, nyaho-nyaho ti tengah imah kadenge sora lalaki kolot anu kungsi nyemah tea nyarita ancad laer, tapi atra kadengena.Panungtung ayeuna mah bapa nganjang ka dieu teh, hampura salila ieu tos ngabaribinan Ibu sakulawarga. Ngan saencana aya pamenta bapa teh. Pangmindahkeun ti ieu imah, geus teu betah katindihan imah teh, asa areungap jeung teu bisa reureuh istirahat, unggal waktu kagandengan. Hayang dipernahkeun jeung dipulasara sakumaha mistina wae !Ngadenge caritaan semahna jiga kitu, pikeun Wulan mah bororaah bisa nembalan. Manehna ngayekyek nyempod di juru kamar. Ngan Nuning budak SD kelas lima anu rada teteg teh, kajurung ku panasaran Nuning cengkat tina pangsarean. Manehna nogel, noong tina lawang konci. Ngayakinkeun naha saha anu di tengah imah teh. Barang atra kana tetempoana. Ngan jerit..Manehna ngajerit tarik pisan, kawas ninggali anu pikasieueun. Pikeun Wulan mah tambah geumpeur wae. Manehna rikat cengkat, ngagabrug Nuning anu jejeritan saterusna les-lesan kapiuhan.Kagareuwahkeun ku sora anu ngajerit tarik pisan. Teu wudu ngajadikeun kareuwas anu lain meumeueusan pikeun urang lembur anu ngadengena. Guru Hasan anu imahna pangdeukeutna, oge Adam jeung anu keur piket di Bale Desa pahibut lalumpatan muru datangna sora tadi.Di luareun imah jadi pahibut saheng ku sora jelema anu ngemu kahariwang jeung kapanasaran.Ibuna..Ibuna, buka panto ieu ?! Adam jojorowokan diluareun imah kadenge pangtarikna nyilep sora-sora jelema sejena.Meunang sajongjonan, panto henteu dibuka keneh, ngajadikeun kahariwang anu kacida bangetna pikeun anu di luar mah. Dijurung ku rasa kamelang. Adam nyeundak panto tarik pisan. Selotna racleng amuratel, blak panto muka. Teu kudu dikomando anu diluar rajleng asup ka jero imah. Kabeh jelema muru panto kamar anu nutup keneh.Ku recetna sora jelema di tengah imah, pangpangna mah ngadenge sora Adam salakina. Tumerapna ngajurung ludeng oge ka diri Wulan pikeun ngojengkang muka panto kamar.Aya naon atuh, mani ngareureuwas ! Sagogna na lawang panto Adam nanya hariweusweus bari ngageubig-geubig awak pamajikana. Sabab pangacianna can kumpul saratus persen, bororaah nembalan, Wulan kalah nyegruk ceurik, pageuh tipepereket nangkeup salakina.Ke...ke heula, lantip Pa Binsa ! saena mah ulah wara ditaros. Angguran mah sina calik heula. Nyokot cai kaditu kana gelas Li Kapirengna mah sora Pa Kades. Henteu kungsi diparentah dua kali, Hansip Ali gasik mangnyokotkeun cai dina gelas. Sanggeus diinuman, mimiti leler lelembutan kumpul deui sabihari. Wulan kitu deui Nuning sadar tina naon-naon nu kungsi tumiba ka dirina.Sanggeus kitu mah, derekdek naon-naon anu kungsi karandapan ku dirina, ti mimiti kadatangan semah tengah peuting anu munggaran nepi ka datangna deui poe harita, imeut dicaritakeun ka anu aya di dinya taya anu kaliwat hiji oge.Sunarta...ngakuna teh nya. Asa teu aya ngarana model kitu dilembur ieu mah ! Sarengsena Wulan cacarita, kadenge Adam ngagerendeng sorangan.Ina lillahi wainalillahi rojiun, deudeuh teuing Uwa, dugi ka kituna nanasiban ! Pa Kades midangdam kalawan sora anu dareuda.Maksad Pa Kades, Kuwu sepuh kitu ? Hansip Ali nyelengkeung.Enya, sangkaan mah kitu pisan Li !Nu katelah Kuwu sepuh teh Almarhum Pa Sunarta, barayana keneh Pa Kades ayeuna ! Inyana dina mangsa mahabuna gorombolan kungsi jadi Kuwu di eta Desa. Kabejakeun kungsi diculik ku urang leuweung, saterusna ditelasan bari jeung teu kungsi kapaluruh dimana dikuburna.Isukna, sakumaha panuduhan Wulan. Tempat dimana ngilesna jirim semah anu nganjang tengah peuting tea, nyatana deukeut lawang panto ka dapur ! Taneuh sabudeureuna kalayan disaksian ku Pa Kades jeung kulawadet kulawarga Pa Sunarta, dikali ku masarakat urang dinya. Kira-kira salaput pacul, kapanggih aya rorongkong jelema. Harita keneh diakut, imeut dikumpulkeun taya anu kaliwat. Saterusna dirasanan sakumaha mistina, ilahar kawas ka jelema anu anyaran ninggalkeun alam kalanggengan.Cimahi, Juni 2010 Identitas Pangarang :Dadi MarganaAlamat: SMKN 3 Cimahi Jl. Sukarasa No. 136 Citeureup Cimahi Utara 405